Professional Documents
Culture Documents
Drama Basa Sunda
Drama Basa Sunda
Kacaritakeun, dina waktu sore di hiji lembur anu jauh ka kota, Ceu Mimin jeung salakina Mang
Dadang keur nariis we di golodog imahna. Kasampak mang Dadang keur diuk bari alangah-
elengeh sorangan.
Ceu Mimin: “Bapana … heh Bapana, keur ngalamun naon atuh, meni anteng-anteng teuing?”
(Bari ngasorkeun Cai Enteh saemuk, laju Ceu Mimin mawa sapu, tuluy we Ceu Mimin sasapu)
Mang Dadang: “Lain, ieu Bapa mah keur mikir, lamun urang beunghar, mending meuli naon
nya? Asana mah alusna meuli domba nya 20 siki wae mah meujeuh nya”
Ce Mimin: “Har, ari Bapana, nya mending oge meuli kebon atuh, ke kebonna urang pelakan,
pepelakanna dijual, tuh pan bakal tuluy ngahasilkeun. Domba mah Pa, riweuh ngaritna, hoream
dina usum hujannna, acan lamun domba paeh pan rugi”
Mang Dadang: “Hih, nya mending domba atuh, yeuh nya lamun domba baranahan, domba bakal
jadi loba, geus gede bisa dijual, euh bakal gede tah untungna1 Peun, pokona Bapa mah rek meuli
domba”
Ceu Mimin: “Ke..ke.. lamun Bapana keukeuh rek meuli domba, ke bisa-bisa dombana bakal
ngaranjah ka kebon Ema, tuluy ngaruksak pepelakan Ema1 ah teu bisa, teu bisa, pokona ulah
meuli domba, kudu meuli kebon1”
Keur getreng kitu, torojol Jang Dudung, beungeutna sepa, leumpangna semu gagaleyongan.
Jang Dudung: “Ema, Bapa, ieu sirah meni asa beurat, awak asa panas1 Ema…. (golepak we di
hareupeun indung bapana)
Ceu Mimin: allohu akbar, Jang Dudung… Jang Dudung… kunaon.. ieu teh kunaon? Bapana…
Bapana… kumaha atuh ieu budak urang1
Mang Tata, Mang Didi: “aya naon, ieu the aya naon?”
Ceu Mimin: “Ieu tulungan anak Ema Mang, tulungan…huhu1”
Mang Tata: “Nu kieu mah sigana aya nu ngaheureuykeun Ceu, geus we lah urang neang nu
bisa1”
Mang Didi: ‘Moal dibawa ka dayeuh wae ieu teh? Ka rumah sakit1’
Mang Tata: “Moal bener, moal nyahoeun dokter ge urusan nu kieu mah,
Mang Dadang: “heueuh jig atuh mang pangneangkeun nu bisa, karunya ieu si Ujang1
Mang Tata jeung Mang Didi arindit, teu lila dating deui jeung dukun nu kawentar sakti, nyaeta
Ki asnawi.
Ki asnawi: “Keun gampang nu kieu mah, mana dieukeun sasajenna, tong poho seungeut
menyanna kadinyah1”
Mang Dadang buru-buru nyayagikeun sajen, nyaeta kalapa, kekembangan jeung kopi hideung.
Ki asnawi sila bari leungeunna ranggah.
Ki asnawi: hm….hm … cingcangkeling manuk cingkleng cineten, plos ka kolong bapa satar
buleneng, puahhh…saha maneh?
Mang Dadang: “Leres da ki, ngaran budak abi teh Jang Dudung1”
Jang Dudung: “Di jero cai, tulung ieu the di jero cai, dilegleg oray koneng1”
Mang Didi, mang tata: “siga mang yana cadas pangeran nya?”
Ki asnawi: “Geus-geus ieu mah, ceuk mata batin aki mah ieu teh kabadi, gara-gara sok sering
teuing nguseup di walungan. Gampang nu kieu mah, ke tengah peuting mandian ku kembang
tujuh rupa, tong poho kudu meuncit hayam camani1”
Ray poe, panyakit Jang Dudung kacaritakeun malah tambah kanceuh, komo geus dimandian ku
kembang 7 rupa tengah peuting mah, boro-boro jadi cageur, awak Jang Dudung kalah
ngahodhod, panasna beuki nyebret. Jang Dudung dirariung ku sarerea. Ceu Mimin kalah nyegruk
we deukeut Jang Dudung.
Mang Didi: “Geus lah, ayeuna mah daripada teu diubaran pisan mah, urang cobaan we bawa ka
rumah sakit”
Rombongan Jang Dudung nepi di rumah sakit. Mang Didi manggul cau jeung sampeu atah,
Mang Tata mawa nyalindangkeun anduk jeung mawa ember sabun. Jang Dudung dibeyeng ku
Mang Dadang jeung Ceu Mimin.
Mang Didi: “Cenah, ceuk Mang awan nu kungsi ka rumah sakit, jalema nu geringna geus
katingali ripuh mah kudu ka IGD, ieu aya tulisan IGD, berarti urang kadieu1”
Mang Dadang: “Nya hayu atuh, eh ke… ke… keheula, ari Mang Didi naha mawa sampeu jeung
cau sagala, ari eta deuih Mang Tata naha mamawa anduk jeung sabun siga rek mandi wae.”
Mang Didi: “Ih ari Mang Dadang, peujeuh ieu teh keur bekel si Jang Dudung, bisi euweuh
dahareun didieu, bisi Jang Dudung lapareun, urang meuleum-meuleum sampeu atuh.”
Mang Tata: “ari kuring mah, rek milu mandi di rumah sakit, cenah ceuk beja jamban di rumah
sakit mah alus cenah, miceun oge bisa bari diuk, aduh teu kacipta ku kuring mah, nu matak
hayang nyobaan mandi di rumah sakit1”
Mang Tata: “Hih ari pa dokter, teu ningali abdi tos nyandak anduk? Puguh ieu teh rek ibak Pa1”
Pa Dokter: “Mangga teras we ka palih ditu1, Ke nya urang parios heula pasienna1”
Pa Dokter: “Oh ieu mah sapertosna panyawat types, kanggo pastina urang antosan hasil cek lab
na, samentawis te kenging nuang nu haseum, nu lada, tuangna bubur heula, teu kenging nu
tarareuas. Obatna tong hilap dileueut, wayahna ayeuna kedah dirawat heula teu tiasa waka uih1”
Pa Dokter: “Mangga dikantun heula, ke enjing abdi kadieu deui kanggo observasi, pami aya
nanaon mah tiasa nyarios ka suster jaga.”
Ceu Mimin: “alhamdulillah gusti, Jang Dudung anak Ema, geus cageur1”
Mang Dadang: sakitu pintonan drama ti simkuring sareng saparakanca, hatur nuhun,
assalamualaikum wr wb.