Sakumaha nu geus ditétélakeun ku Bruvan (dina Danandjaja, 1991:21) yén folklor dikelompokeun jadi tilu wangun kelompok, aya folklor wangun lisan, satengah lisan, non lisan. Nu kaasup kana kepercayaan masyarakat nya éta folklor satengah lisan, lantaran wangunna nu mangrupa campuran tina unsur lisan jeung unsur non lisan. Koenjoroningrat (dina Pabbajah, 2012:399) nétélakeun yén sistem kapercayaan rakyat nya éta bayangan manusa kana rupa-rupa jirimna nu aya diluar kakawasaan akal jeung pikiran manusa. Éta jirim teu ka hontal ku kamampuh akal jeung pikiran sahingga éta jirim kudu dipercaya jeung ditarima minangka dogma, nu museur kana kayakinan jeung kapercayaan. Éta bayangan jeung gambaran diantarana ngeunaan alam goib nu ngawengku sajumlahing jirim saperti dewa-dewa, makhluk astral, roh-roh, jeung sajumlahing jirim séjénna nu ngandung kasaktian. Anapon kapercayaan rakyat nu biasa disebut takhayul, ngawengku kana caritaan nu sipatna lisan jeung ditambahan ku gerak isyarat nu dianggap mibanda ma’na gaib saperti percaya kana hal-hal material nu dianggap mibanda khasiat pikeun méré panyalindungan diri atawa bisa mawa rijki kana batu-batu nu tangtu. Wangun-wangun folklor nu kaasup kana ieu kelompok salian ti kapercayaan rakyat nya éta kaulinan ra’yat, teater rakyat, adat istiadat, tari rakyat, upacara, pesta rakyat, jste. Danandjaja (dina Purnama Sari, Spk. 2014:05) nétélakeun yén takhayul miboga pakaitna antara kapercayaan jeung praktek (kabiasaan), umumna diwariskeun ngaliwatan media tutur kecap. Ieu tutur kecap dijelaskeun ku syarat- syarat nu ngawengku tanda-tanda (signs) atawa sabab-sabab (causes) jeung balukarna (result). Ku kituna masarakat hususna dipadésaan atawa anu masih nganut kana kapercayaan karuhun-karuhunna tangtu masih percaya kana takhayul lantaran nurutkeun éta masarakat nu disebut takhayul ku urang deungeun téh nu teu asup kana akal, tapi ceuk masarakat nu tangtu éta takahyul miboga ma’na jeung maksudna sorangan. Ayana hiji sistem kapercayaan dina hiji masyarakat, bisa disebut sederhana. Nalika manusa pagedrug jeung alam semesta, diidnya manus gé gancang merhatikeun kaayaan dirina jeung éta alam. Manusa teu bisa leupas kana kaayaan alam semesta, sahingga konsep ngeunaan sistem kapercayaan tumuwuh dina ayana pamahaman manusa kana alam semesta (Deni Miharja, 2015: 20). Ma’na tina ungkapan kapercayaan masarakat ditepikeun bisa sacara tersirat atawa kiasan nu biasan maké gaya basa sangkan naon nu ditepikeun bisa katarima sacara genah euweuh nu kanyeri hatékeun. Masarakat baheula biasana teu méré nyaho sacara togmol naon nu dimaksud tina éta ungkapan téh, malah mandar omongan kolot ngeunaan takhayul teu dibéré nyaho naon maksudna, sangkan urang bisa néangan sorangan naon maksud tina éta ungkapan sacara logikana. Folklor dina sistem kapercayaan masarakat gé teu salilana ngeunaan takhayul, sakumaha nu geus ditétélakeun saacanna, wangun folklor satengah lisan gé salasahijina ngeunaan ritual saperti upacara tradisional. Upacara tradisional mangrupa bagéan integral tina kabudayaan masarakat nu ngarojongna jeung kelestarian hirupna gé miboga fungsi pikeun masarakat nu ngarojongna, sarta ieu hal penting pisan pikeun pembinaan sosial budaya masarakat nu tangtu. Salasahiji tina fungsi sosial tina upacara tradisional nya éta nu nguatkeun norma-norma, sarta ajén-ajén budaya nu lumaku, nu sacara simbolis ditémbongkeun ngaliwatan peragaan dina wangun upacara nu dilakonan ku warga masarakat nu ngarojongna. Lantaran ayana éta upacara tradisional bisa mangaruhan kana rasa aman nu ngaronjat pikeun warga masarakat disabudeureunana, jeung bisa dijadikeun pamuntangan pikeun maranéhna nu nangtukeun sikep jeung paripolahna dina kahirupan sapopoéna. (Sriwardhani, 2007:02). Supanto (dina Sriwardhani, 2007:02) nétélakeun yén nu dumaksud ku ayana kapercayaan kana kakuatan di luar kamampuh manusa nya éta Gusti Allah, bisa ogé diartikeun minangka kakuatan supranatural saperti karuhun nu ngadegkeun hiji désa. Maranéhna percaya yén teu sakabéh usaha manusa bisa dihontal sacara lancar, pasti mindeng ngalaman keuna ku hahalang nu teu bisa dipatotoskeun, nu nyababkeun dipatotoskeunna ngaliwatan sacara reliji. Masarakat ngalakonan kana ieu upacara biasana leuwih kana ngahargaan kana akar tradisi dina éta tempatna sorangan jeung nilik kana sakumaha gedé porsi éta tradisi di éta tempat, lain nyoko kana pelestarian budayana. Tapi éta dua hal silih pakait lantaran saupama éta tradisi tuluy tumuluy dilakonan bisa mangaruhan kana éksisténsi budaya éta sorangan jeung sacara teu sadar pelestarian budaya gé geus dijalanan ku masarakat éta sorangan. Conto séjén ngeunaan folklor dina sistem kapercayaan masarakat nya éta kana ungkapan nu dipahing. Ungkapan nu dipahing nyaéta salasahiji wangun kapercayaan masarakat nu bisa dipakaitkeun jeung alam gaib atawa takhayul. Ungkapan nu dipahing gé miboga maksud sangkan jalma-jalma leuwih ati-ati dina milampah hiji hal atawa totondén yén ulah ngalaksanakeun éta hal lantaran mangrupa hal nu goréng saupama dilakonan. Tina ayana ungkapan nu dipahing gé bisa méré pangaruh ka masarakat sangkan bisa hirup tuluy nyoko kana aturan jeung norma nu geus lumaku. Ungkapan nu dipahing gé kabagi jadi sababaraha wangun nu mangrupa lelucon nu digunakeun pikeun hiburan. Kapercayaan rakyat ungkapan nu dipahing bisa digolongkeun jadi opat golongan badag, nya éta: (1) kapercayaan rakyat ungkapan nu dipahing disabudeureun lingkungan hirup manusa; (2) kapercayaan rakyat ungkapan nu dipahing negunaan alam gaib; (3) kapercayaan rakyat ungkapan nu dipahing ngeunaan kaciptana alam semesta jeung dunya; (4) jenis kapercayaan rakyat ungkapan nu dipahing séjénna. (Fitri, Spk. 2018:04). 2.3 Peran Dewa-Dewi Dewa asalna tina basa sansekerta Dev nu artina caang atawa cahaya. Ieu hal disebutkeun dina salasahiji kitab ajaran weda nya éta kitab Nirukta. Kecap dewa mangrupa salasahiji wangun pangaruh tina agama Hindu-Budha. Dewa mangrupa makhluk gaib atawa roh nu miboga kapribadian jeung fungsi nu tangtu. Sacara gurat badagna fungsi dewa pikeun ngabantu manusa. Nurutkeun KBBI déwa mangrupa (1) roh nu dianggap atawa dipercaya minangka makhluk astral nu ngawasa kana alam jeung manusa (2) jelema atawa hiji hal nu dipupusti pisan (3) gelar kasta (golongan) Brahmana. Béda jeung téori ka Tuhanan nu dianggap minangka hiji entitas nu ngawasaan kana sagala hal didunya, biasana déwa saukur bakal miboga kakuatan istiméwa nu tangtu nu bisa ngendalikeun kondisi alam semseta ngaleuwihan manusa biasa (Rimbawati, 15). Dina Énsiklopédi Sunda (2000), wagenan masarakat Sunda ngeunaan ayana dewa jeung dewi mangrupa bagéan tina sahandapeun Guti atawa sSanghyang Tunggal. Ieu konsép nu jadi wangun sikrétis atawa hybrid kakawasaan Sanghyang Tunggal jeung wangun pitulung ti anjeunna pikeun umat manusa. Di masarakat Sunda ayana déwa-déwi beuki diluhungkeun ku cara méré sasaji pikeun karuhun atawa déwa déwi. Salian ti éta aya ogé upacara pikeun mitembeyan sesembah pikeun kapercayaan nu tangtu di suku Sunda. Dimasarakat Sunda kakuatan Déwa-déwi lain saukur diucapkeun sacara tuluy tumuluy ti unggal mangsa, tapi di Suku Sunda geus kacaturkeun dina naskah-naskah kuno Sunda. Boh éta ngeunaan kaayaan Déwa-déwi nu aya hubunganna jeung manusa dimangsa bihari atawa cara-cara nu aya pakaitna jeung kahirupan manusa, saperti cara tatanén, strategi perang, jsté. Dina naskah kuno Sunda gé dicaritakeun dina unggal kisah ngeunaan pohaci atawa batarana séwang- séwangan. Ku kituna kaayaan déwa-déwi Sunda mangaruhan pisan kana kalumangsungan kahirupan manusa, tina sakitu lobana déwa-déwi Sunda nu teu bisa satuluyna dicaritakeun dina jumlah nu tangtu. Salian ti éta ku ayana Hindu-Budha mangaruhan pisan kana kalumangsungan agama di Sunda dina mangsa harita. Nu bisa datang sababaraha makhluk nu dianggap minangka Pangéran. Ieu hal dipangaruhan ku kapercayaan ka karuhun nu kuat nu ngabalukarkeun kuat ogé peran tina éta makhluk. Saperti hyang anu bisa diartikeun sajajar jeung déwa. Dina naskah kuno sababaraha kali dicaritakeun ngeunaan hyang atawa guriang, sabenerna éta konsep hampir sarua jeung konsépan kapercayaan dina Islam. Tapi lantaran dina mangsa harita ayana naskah kuno nu mangaruhan kuat kana sipat relijiuitas masarakat nu mampuh nyieun kapercayaan nu leuwih ka makhluk nu biasa disebut hyang atawa guriang éta. Dina kahirupan masarakat Sunda lain ukur percaya kana naskah kuno nu geus mangaruhan pisan kana kahirupanana tapi percaya ogé kana hal-hal nu saperti carita pantun. Dina carita pantu gé dicaritakeun sababaraha Hyang anu kawéntar 4 Batara nya éta Sang Hyang Kala, Sang Hyang Guriang Tunggal, Sang Hyang Wenang, jeung Sang Hyang Wening. Hal-hal nu mercayakeun kana ayana Sanghyang éta leuwih mindeng dibahas dina naskah-naskah saperti Siksa Kandang Karesian daripada carita pantun. Naskah-naskah atawa carita pantun mangrupa gambaran kahirupan masarakat dina mangsa bihari nu nepi ka ayeuna bisa kénéh dilarapkeun dina kahirupan sapopoé saupamana masih aya nu manut kana kapercayaan karuhunna nu kuat. Dina suku Sunda nu masih manut kana sistem kapercayaan ka Dewa dewi bisa disebut kapercayaan Sunda Wiwitan. Sunda Wiwitan mangrupa hiji aliran kapercayaan jalma-jalma Sunda bihari. Maranéhna ngayakinan éta kapercayaan minangka kapercayaan Sunda asli atawa kapercayaan masyarakat asli Sunda. Aliran kapercayaan Sunda Wiwitan dina kontéks kapercayaan gé nganut kana monoteis nyaéta ajaran agama nu percaya ayana hiji Pangéran; kapercayaan kana hiji Pangéran (Kamus Besar Bahasa Indonesia:Online). Dina monografna, Robert Wessing nyutat sababaraha sumber nu nuduhkeun suku Sunda sacara umum, “The Indian belief system did not totally displace the indigenous beliefs, even at the court centers” nu artina sistem kapercayaan India teu sakabéhna ngagantikeun kapercayaan masarakat asli, boh éta dipuseur pangadilan, maksudna kapercayaan Hindu Budha teu salilana ngagantikeun kapercayaan nu bihari, jadi sakumaha gedéna pangaruh ti kapercayaan nu anyar tapi dina lingkup masarakat nu tangtu éta hal bisa waé teu dileungitkeun, malah mandar dipupusti pisan. Nyembahna éta masarakat Sunda Wiwitan dituduhkeun ka Sang Hyang Keresa (Nu Maha Kawasa) nu disebut minangka Batara Tunggal, Batara Jagat jeung Batara Seda Niskala. Nu ngagem ka Sunda Wiwitan percaya yén ayana pangéran aranjeuna nya éta di Buwana Nyungcung (Buana luhur), cicing didinya. Aranjeunna ngayakinkeun yén ku percaya sakuatna Sang Hyang Keresa, mangka karaharjaan bakal kahontal (Ira Indrawardana, 2011:7). Nurutkeun Gungung Seonaji (dina Ali Thaufan, 2017: 129) disagédéngeun kayakinan ka Hyang Keresa, aranjeunna ogé yakin yén aya kakuatan gaib nu ngajaga lemahna, nyaéta karuhun. Masyarakat Badui nu ngagem Sunda Wiwitan nganggep yén Nabi aranjeuna nya éta Nabi Adam. Tina caritaan diluhur katitén yén Sunda Wiwitan jeung Agama Islam hampir aya pakaitna dina kapercayaan masarakat Sunda jaman bihari. Sanajan aya pangaruh-pangaruh Hindu Budha nu nyangkaruk dina éta agemanana. Salian ti masarakat Sunda nu miboga kapercayaan masarakat nu kuat nya éta masarakat Bali. Masarakat Bali geus katelah kana kuatna pangaruh dewa-dewi dina kahirupan sapopoéna. Ritual jeung upacara adat nu sakitu rupa-rupa na tur miboga filosofis nu gedé keur umatna ogé masih kuat nyekel kana éta kapercayaan nepi ka ayeuna. Upamana Sunda Wiwitan saukur diagem ku masarakat Baduy di Kanékés, kapercayaan Bali hampir diagem ku kabéh masarakat Bali asli. Sanajan kitu upamana aya masarakat nu anyar di Bali sok sarua merhatikeun kana kapercayaan masarakat saacanna, lantaran éta salasahiji sikep toléransi pikeun umat beragama. Saperti upacara-upacara adat nu dilakonan ku masarakat bali atawa nu séjénna nu ngandung kapercayaan nu kuat ka dewa dewi atawa karuhunna séwang-séwangan. Éta hal pungsina pikeun méré atawa ngahargaan ka nu jadi karuhun atawa déw-déwi nu geus méré kabagjaan dina hirup masarakat didinya. Umat Hindu sacara inténsif muja atawa ngagem ka para déwa (manifestasi Pangéran) jeung Shakti-na pikeun méta kasalametan jeung karaharjaan boh lahir atawa batin. Ageman ka Pangeran atawa wangun manifestasi-Na nu disebut Dewa jeung nu disebut Dewi dilegitimasina ku mitos-mitos atawa takhayul-takhayulna (I Wayan Suwena, 2018: 59). Salian ti pangaruh nu dimeunangkeun tina agama Hindu-Budha aya ogé pangaruh karuhun anu kuat di salasahiji daerah nya éta di Tengger. Di ieu tempat nu teu kawentar pisan nyimpen aspék budaya jeung kapercayaan masarakatna nu kuat. Buktina bisa ditilik tina kaayaan upacara tradisional nu dilakonan hampir unggal poé ku masarakat didinya, saperti upacara tradisional Kasada. Tina sababaraha conto nu didadarkeun geus katitén yén Déwa-Déwi mangaruhan pisan kana kapercayaan masarakat nu masih ngagem kana budaya jeung karuhunna. Masarakat percaya yén Déwa-Déwi bakal méré kaalusan pikeun kalumangsungan kahirupan masarakat nu ngagem ka dirina. DAFTAR PUSTAKA Dixon, R. L. (2000). Sejarah Suku Sunda. Fitri, R. Y., Juita, N., & Nst, M. I. (2018). STRUKTUR DAN FUNGSI SOSIAL KEPERCAYAAN RAKYAT UNGKAPAN LARANGAN MENGENAI TUBUH MANUSIA DAN OBAT-OBATAN MASYARAKAT KENAGARIAN TANJUANG ALAM KECAMATAN TANJUANG BARU KABUPATEN TANAH DATAR. Bahasa dan Sastra, 5(2), 107-119. Miharja, D. (2015). Sistem Kepercayaan Awal Masyarakat Sunda. Al- Adyan: Jurnal Studi Lintas Agama, 10(1), 19-36. Pabbajah, M. (2012). Religiusitas dan kepercayaan masyarakat Bugis- Makassar. Al-Ulum, 12(2), 397-418. Saputra, A. T. D. (2017). Menyelisik Kepercayaan Masyarakat Sunda Wiwitan Badui Dalam di Kanekes Lebak Banten. Ushuluna: Jurnal Ilmu Ushuluddin, 3(2), 123-138. Sari, R. P., Juita, N., & Zulfadhli, Z. (2014). Ungkapan Kepercayaan Rakyat Dalam Upacara Penyelengaraan Jenazah Di Kenagarian Selayo Kecamatan Kubung Kabupaten Solok. Bahasa dan Sastra, 2(2), 16-29. Sriwardhani, T. (2007). Aspek Ritual dan maknanya dalam peringatan Kasada pada masyarakat Tengger Jawa Timur. Imajinasi, 3(2). Suwena, I. W. Makna Mitos Dewi Saraswati dan Mitos Dewi Durga: Suatu Analisis Struktural. Sunari Penjor: Journal of Anthropology, 58-73. REFERENSI Cosmology and Social Behavior in a West Java Settlement (Ohio University Center for International Studies, 1978).16