You are on page 1of 2

DURIAT AING

HIJI AWEWE KEUR NGEKEWEUK NGUSAP NGAGUPAY HIJI POTRET LALAKI NU


DIPIKACINTANA BANGUN NU BINGUNG TULUY NGARENGHAP PANJANG

(Ngahuleng sakedapan tuluy ngusap potrét lalaki)….Emh… Akang, ieu néng nu salila ieu
mikatrésna salira… Hmm néng apal najan akang teu boga nanaon tapi akang kudu yakin! Neng
boga rasa nu teu biasa ka salira. Kang, ti poé ka poé beuki gedé kanyaah néng keur akang téh,
enya najan néng apal hirup akang sakasampeurna, tapi kuring mah teu mandang harta kang.
Ibarat langit jeung bumi lalakon urang duaan téh, néng ukur bisa nyingleuman kanyaah néng ka
salira. (Ngagidig leumpang ka pipir bari nineung nyapertikeun kajadian manéhna jeung Akang
baheula) duh Kang asa inget harita basa néng datang ka tepas imah akang baru ngambek risi ka
akang pédah akang taya kawani pikeun ngedalkeun rasa ka néng.

“Ang ari nyaah mah kedalkeun ku diri nyalira, kedalkeun kecap cinta ka hareupeun abdi ari
rumasa lalaki mah!”

” Muhun neng…eu….eu...sabenerna…eu..eu..”témbal akang “Naha jiga nu panggih jeung jurig


némbal téh Ang, , pék gera balaka ayeuna kumaha sabenerna ulah ukur dina tulisan nu nyastra !”
Akang ukur nyarios “Sanés kitu Néng, saleresna hoyong sabalakana ngedalkeun rasa kanggo
salira téh tapi...” Harita omongan akang ku nèng dipotong sabab nèng tèh risi ngabandungan
akang! “Tapi kumaha ? can boga kawani ? ulah loba ceta ari enya ayana rasa mah pék geura
balaka” Harita Néng indit bakat ku risi ka akang da geuning teu maliré omongan Neng, teu
maliré rasa paduli ka. Apan akang apal Nèng mah jalmina neugtreug bisa leuleuy sotéh lamun
haténa geus kaala. Teu salah sabenerna mah nalika aya awéwé nu kitu da geus sakuduna kitu,
mun aya rasa mah lain sakur ku basa. Dikitukeun ku Néng teh lainna mikir jeung wani dina
ngedalkeun rasa! (Leumpang ka tengah tuluy ngarérét deui potrét manéhna) Hmm deudeuh
teuing ku deudeuh kang.. Kolébat angin ngahiliwirkeun rasa, daun-daun ngagupayan katresna,
cihujan teu weléh ngaragragkeun kendatna rasa na jero dada. Béntar beuki atra di langit cedeum
halengheum hieum lir hieumna hirup neng. Kang ayeuna geus aya nu bakal mileuleuheungkeun
neng. Enya si Ujang, kuring leuwih milih si Ujang. Lain sabab kuring teu nyaah ka salira, tapi si
Ujang leuwih tiheula ngedalkeun cintana ka neng.
(Cicing tuluy bari mencrong ka hareup) Neng nyaho akang geus moal réa catur ka urang duaan.
Sanajan kitu jaga kanyaah Neng, kitu deui pangnalingakeun. Hampura Neng moal aya deui dina
kahirupan Akang, najan ké bakal paamprok dina saban panglawungan. Raga kuringaya tapi jiwa
kuring lain didinya.

NENG YANI TULUY NGALUARKEUN POTRET AKANG TULUY DI DIURUK KU


MANEHNA

“Duh, Duriat ABDI !”

You might also like