You are on page 1of 41

BABAD ALAM JAGA

(Lain Dongéng Kiwari)


Karya: Yusef Muldiyana Subandi

BABAK I

ADEGAN 1
DUNYA PETENG. TEU TÉMBONG NANAON. KADÉNGÉ AYA NU NGAHARÉWOS. TEUING SAHA.

Tangkal téh déngdék ka kénca. Umurna geus leuwih ti sarébu abad. Ngaranna tangkal Ahéng. Daunna
galaredé; leuwih gedé ti awak jelema. Tihang listrik “jaman néxt” nu tempatna rada jauh ti tangkal
sarua déngdék ka kénca. Handapeun tangkal jeung tihang narumpuk dangdaunnan minuhan taneuh.
Daun bareulah tur garing nu geus mangrébu abad teu disapu. Tangkal, tihang jeung dangdaunnan
katémbong caang. Duméh disebrot ku srangéngé anu songhék. Geus teu buleud.

KADÉNGÉ SORA KOOR NYANYI (KOOR CAI). SYAIRNA UKUR CAI JEUNG CAI. DINA
PETENG JLEG SI BOHÉNG AWAKNA HURUNG. KATEMPO DI NU POÉK.

BOHÉNG
Pajar tangkal téh déwa. (SIMPÉ) Aduh cai can datang kénéh waé. Telat di jalan. Karunya jelema, hayang
nginum, hayang mandi, hayang ngisang, euweuh cai. Caiiiiii….!! Di mana anjeun caiiiiiii….? (LAJU
KADÉNGÉ AYA SORA NU NGAWANKONG TAPI TEU KACIRI JINISNA. KUSABAB POÉK).

TRAGIWUL
Éta bonéka bacéo kénéh wayah kiwari.

JURIMBLA
Pareuman geura ngarah teu gandéng waé!

TRAGIWUL
Heug.

BOHÉNG
Caiiiiiiiiii…..! Caiiiiiii…..!! Caiiiiiiiiiiiiiii……! Joool atuh Caiiiiiiiiiiii…! (PAREUM)

ADEGAN 2

JUL JOL NU DAGANG CAI. NANAWARKEUN DAGANGAN KA SAHA WAÉ JALMA.

TUKANG CAI
Caaaaiiiiii….! Caaaiiiiii…..! Caaaiiiiii…..! Bararadé caaiiii.

1
TUKANG CAI
Sumangga dipilih rupi-rupi cai macem-macem rasana, macem-nacem corak jeung warnana.
Mérek bisa dipilih… Mérek bisa dipilih…. Sayogi cai ti sagala mérek. Manga dipésér, manga digaleuh.

TUKANG CAI
Sok kadarieu nu rék mareuli cai. Cai kuring kualitas panghadéna. Kakara datang ti planét
Mauroxmoxdrosengtrox. Sok kadarieu… kadarieu dulur-duluuuur….! Moal aya deui kualitas cai nu
leuwih patén alah batan cai kuring. Sanajan hargana mahal tapi kaséhatanna terjamin.

TUKANG CAI
Cai hébring! Cai hébring! Sumangga digaraleuh cai hébringna. Haneut kénéh pisan. Didambel dadakan.

SI OWAH
Ménta caiiiii…! (CEURIK) Ménta caiiiii…! (AMBEK) Ménta caiiiii…! (CEURIK)

TUKANG CAI
Caiii…! Caiii…! Diical cai kualitas nomer hiji! Sing saha Waé nu nginum cai nomer hiji tangtu bakal
awét ngora, bakal panjang umur bakal dilancarkeun usahana, bakal lébér rejekina.

TUKANG CAI
Caiii…! Caiii…! Diical cai kualitas nomer dua! Sing saha waé nu ngaku cai nomer hiji, manéhna pasti
dagang cai palsu. Caiii…! Caiii…! Diical cai kualitas nomer dua! Nu ngaku nomer hiji, éta cai palsu!

TUKANG CAI BEUKI LOBA. RUPA-RUPA CARA MARANÉHNA DAGANG. AYA NU MAKÉ
KANDARAAN LOBA OGÉ NU LEUMPANG. IEU LAIN DONGÉNG JAMAN AYEUNA-AYEUNA
TAPI IEU MAH CARITA JAMAN ENGKÉ. ARANÉH BAJU JEUNG MODÉL BUUKNA.

TUKANG CAI
Cai saé, cai saé, racikan Bu Marlidah. Mangga geura digaleuh.

TUKANG CAI
Cai raos, cai raos, oplosan Pak Su’éb Osmond. Sumangga dipésér.

TUKANG CAI
Moal hanjakal-hanjakal. Cai jaman now racikan Bu Jéngjrét rasana top markotop. Moal hanjakal. Moal.

TUKANG CAI
Moal kaduhung. Cai jaman next. Racikan Ultramén. Pangaos mirah rasana édun. Moal kaduhung.

TUKANG CAI
Cai hébring! Cai hébring! Sumangga digaraleuh cai hébringna. Haneut kénéh pisan. Didambel dadakan.

SI OWAH
Ménta caiiiii…! (CEURIK) Ménta caiiiii…! (AMBEK) Ménta caiiiii…! (CEURIK)

TUKANG CAI
Cai seger. Cai seger. Matak jagjag kana awak. Obat haus, obat haus. Ubar baeud. Landong jamedud.

2
JOL TUKANG CA PÉGO. JOL JAJAKA JEUNG WANOJA JAMAN NÉXT.

WANOJA
Aya cai nu mirah bro?

TUKANG CAI
Anu bungkusan, anu dikapsul, anu leteran?

WANOJA
Salegukna sabaraha?

TUKANG CAI
Sajuta satengah Néng.

WANOJA
Unch! Geuning awis? Wadaw!

JAJAKA
Geus naék deui harga cai ? Kamari ngan sajuta saleguk. Bisa ditawar teu? Sajuta wé nya?

TUKANG CAI
Teu tiasa. Harga pas.

WANOJA
Sanés artos kakanda mung sajuta? Mung Cekap salegukeun. Kanggo dinda, kanggo kanda?

JAJAKA
Urang saleguk ku duaan waé dinda. Satengah leguk séwang.

TUKANG CAI
Tong mésér cai di si éta, akang, tétéh. Pésér mah cai di abdi. Cai abdi mah lian ti sareungit, rasana gé
pédo tur odép deuih. Tiasa dipesen onlén.

TUKANG CAI
Jadi ilaing nya tukang cai onlén téh? Kaperego siah ku uing! Ilaing geus nyapluk rejeki kuring
jeung batur-batur kuring tukang cai konvénsional. Batur-batuuur ieu aya tukang cai onlén, hayu urang
gulung ku saréréaaa….
ÉTA JELEMA DIREMPUG. TUKANG CAI ONLÉN DARATANG NGABÉLA BABATURANA LAJU
TAWURAN JEUNG TUKANG CAI KONVÉNSIONAL. MARAWA PAKARANG. LAMPU PAREUM.

ADEGAN 3 (DIKAWITAN KU KOOR CAI) (LALAKON BISA DIMIMITIAN TI DIEU


A-AYUNAN NGAGANTUNG DINA DAHAN TANGKAL AHÉNG ANU DÉNGDÉK. TALINA
DIRARANGKÉN KU SARUPANING KEMBANG GEDÉ. DINU HIJI DAHANNA, AYA NINI-NINI
NGARANNA JURIMBLA; AWÉWÉ NU KACIDA KOLOTNA, UMUR GEUS LEUWIH TI SARÉBU
TAUN TAPI KATÉMBONG SIGA NINI-NINI NU KAKARA BOGA UMUR SARATUS TAUN.
AWÉT NGORA. MODÉL BUUK JEUNG RAKSUKANA LAIN MODÉL “JAMAN NOW” LAIN
MODÉL “JAMAN OLD” TAPI MODÉL “JAMAN NEXT”. KADÉNGÉ AYA SORA MUSIK ANU

3
KALINTANG AHÉNGNA. MUSIK ILUSTRASI PIKEUN IEU LALAKON. TEU LILA SI NINI
NEMBANGKEUN LAGU DI”RÉFF”KEUN SIGA “AW KARIN”, SABARI UCANG ANGGÉ DINA
TANGKAL CAANG, KASEBROT KU PANONPOÉ ANU SONGHÉK, GEUS TEU BULEUD.

J U R I M B L A : (NYANYI)
Manusa jeung jelema, loba anu paraséa Isuk-isuk paséa, beurang-beurang paséa…Soré peuting paséa…
janari nepi ka subuh ogé teu weléh paraséa… paséa… paséa jeung paséa. Saban waktu
paaaraaaséaaaaaaa…!! Di wétan hog hag!... Di Kulon dur dor!...Di kalér tingjeledér! Di kidul
tingbeledug! Di handap tingbeledag! Di luhur tingjelegur! Pangeusi dunya kiwari tingal sauetik. Dunya
téh pajar geus opat belas kali kiamat. Kiamat nu mimiti ceunah mah taun dua ratus genep puluh hiji rébu
tujuh ratus sabelas maséhi. Tapi teuing enya henteuna mah, da eta ogé ceunah, ceuk batur. Ceuk para
élmuwan nu hirup di jaman baheula. Kiamat anu ka opat belas pajarkeun mah kajadianana, aya di taun
opat belas juta tilu ratus dua puluh rébu dalapan ratus dalapan belas maséhi. Enya henteuna mah duka
teuing…da éta gé ceunah, dongéng ceuk batur. Ceuk jalma-jalma purba anu hirup di jaman baréto.
(NAMATKEUN KAWIHNA) Pajar ceuk kalénder ayeuna téh ninggang di taun dua puluh opat juta tilu
ratus salapan puluh salapan rébu genep ratus salapan puluh tilu maséhi. Dunya ngolotan. Jangotna geus
manjangan. Harta dunya geus ngurangan. Dunya geus teu boga cai. Cilaut geus lila saat. Mun mandi ngan
ukur nyemprot awak maké “bodypray”. Cai jang nginum kudu nyiar ka planét Mauroxmoxdrosengtrox
nu jarakna ti dieu nyaéta genep ratus milyard taun kali kolébatna cahaya. Éta planét biasa disebut planét
Lébércai. Hiji-hijina pesawat nu bisa indit ka planét Lébércai nyaé pesawat nu dibéré ngaran
Legagodég ciciptaan Profesor Bincustol. Legagodég kaasup pesawat luar angkasa anu panggancang-
gancangna. Gancangna ngaleuwihan mangratus-ratus juta kali jorélatna cahaya. Lamun seug urang
numpak Lagagodég ka planét Lébércai, bisa méakeun waktu sataun satengah lilana. Bulak-balik jadi tilu
tauneun. Tilu taun nungguan cai datang ka ieu dunya. Unggal tilu taun sakali Legagodég ngangkut cai
jang nginum sakabéh mangkeluk pangeusi dunya nu réana kurang leuwih tujuh ratus lima puluh jelema.

JOL TUKANG CAI GOGOROWOKAN MAKÉ PENGERAS SUARA BARI NUMPAK


KENDARAAN MODÉL ALAM JAGA, KITU OGÉ MUN BOGAEUN KENDARAAN. TEU
BOGAEUN MAH SINA LEUMPANG WÉH. (LALAKON BISA DIMIMITIAN TI DIEU)

TUKANG CAI
Cai… caiii… caaaiiiii…. Bararadé caaiiii. Caiiiiii…! Cai raos, cai raos, oplosan Pak Su’éb Osmond.
Sumangga dipésér. Sumangga digaleuh. Caii.. caiiii… bararadé caiii. (CULANG-CILEUNG LAJU
TANGGAH NEMPO JURIMBLA NU CINDETEN DINA TANGKAL) Oma badé ngagaleuh cai, Oma?

JURIMBLA
Moal. Loba kénéh cai kami mah, cukup jang sapuluh tauneun deui. Kaleum wé da kami mah nginum ogé
ngan ukur sapoé sakeclak.

TUKANG CAI
Dupi Opa kamana Oma? Nuju jogging kitu?

JURIMBLA
Joging ti mana horéng. Hé’és kénéh si Opa mah. Tadi peuting geus Bagadang. Biasa tas ngadongéngkeun
jaman baheula ka barudak jaman kiwari. Dongéng mangjuta-juta taun ka tukang.

4
TUKANG CAI
Ari si Bohéng kamana deuih, Oma? Asa teu nempo.

JURIMBLA
Sarua si Bohéng ogé hé’és kénéh. Apan tadi peuting tas ngaasisténan si Opa bagadang.

TUKANG CAI
Har geuning? Kutan bonéka ogé osok saré?

JURIMBLA
Ngahaja dipareuman make rémot. Dihurungkeun waé mah ké bisi hambur batré. (PAUSE) Lain ari
tukang cai anu lian kamarana, Kunyang? Asa sosoranganan waé ilaing mah dagang cai téh, Kunyang.

TUKANG CAI :
Puguh anu séjén mah geus teu karuateun dagang cai, Oma. Nu daragangna harauseun. Caina
daganganana geus Béak diinuman ku sorangan, jalaran kiriman cai ti planét Mauroxmoxdrosengtrox nepi
kiwari can elol-elol baé. Untung kuring masih kuat kénéh dagang. Mun kuring teu dagang cai, rék ti mana
atuh manusa ngarinum ari lain nginum cipanon jeung lého sorangan? Kapanan ayeuna mah cai di jero
taneuh dunya geus béak, walungan garing, situ euweuh caian malahan mah cai laut ogé saat. (PAUSE)
Hayu atuh Oma, kuring rék nuluykeun lalampahan dagang cai. Cai… caiii… caaaiiiii…. Bararadé caaiiii.
Caiiiiii…! Cai raos, cai raos, oplosan Pak Su’éb Osmond. Sumangga dipésér. Sumangga digaleuh. Caii..
caiiii… bararadé caiii. (BARI INDIT NULUYKEUN LALAMPAHANANA)

J U R I M B L A (NULUYKEUN CUMARITA SORANGAN)


Ayeuna stok cai kiriman ti planét Lébércai kari saeutik. Éta ogé teu dipikaboga ku kabéh jelema. Ngan
ukur nu bareunghar nu boga kénéh stok cai paranti maranéhna nginum. Atuda ogé jalma anu beunghar
mah sok remen nimbun cai mangratus-ratus juta léter, cukup pikeun tujuh tauneun. Jalma basajan mah
tong boro jang nimbun cai, jang nginum soranganeun ogé kudu digawé heula adug lajer ngeprot-
ngeprotkeun kesang nyacapkeun tanaga jeung pikiran. Kudu meakeun heula kaambek jeung kasedih anu
pagaliwota dina jeroning haténa. (BIJIL NU GÉLO)

SI OWAH ( NYEMBAH KA TANGKAL)


Tangkal ménta caiiiii…! Ménta caiiiii tangkal…! Caiiiii tangkal ménta…! (INDIT BARI SEURI)

JURIMBLA
Jalma owah beuki loba. Sakabéh jelema jeung sakabéh sasatoan geus pada-pada halabhab. Malah geus
loba pisan jalma nu tilar dunya jeung sasatoan mu paraéh jalaran geus mangbulan-bulan teu nginum.
Deudeuh teuing. Sedengkeun ayeuna cai anu biasana jol tilu taun sakali téh, geus méh opat taun can jol-
jol kénéh waé ka dunya. Na pasualan naon anu matak jadi hambatanana. Moal kitu pesawatna mogok
atawa kalangsu, nyasab ka planét séjén. Atawa olina beku lantaran tiisna hawa luar angkasa. Éh tapi
kapan pesawat jaman ayeuna mah geus teu maké bensin jeung oli tapi maké batré jeung kuota tinu kartu.
(NYOKOT ROKO ÉLÉKTRIK TINA KANTONG NU NGANTÉL DINA SALAH SAHIJI DAHAN
TANGKAL. NGAROKO) Duh lumayan yeuh Likuid rasa tongséng kambing campur rasa ayam bawang.
(TOROJOL WANOJA NGAGANDONG JAJAKA NU NGULAMPRÉH DINA TONGGONGNA).

JAJAKA
Hadeuh teu kuat haduuuh…, hayang nginuuuuum…. (LEULEUS)

5
WANOJA
Sing sabar atuh tong gandéng jeung humarurung waé, bisi digubragkeun kéh. (TANGGAH
NINGALI JUMBRILA) Omaaaa…, teu ningali tukang cai ngaliwat kadieu?

JURIMBLA
Kunaon manéh téh Gambroti, gogorowokan bari ngagakod si Browsingkrix? Tukang cai mah cik
kénéh ngulon. Geus jauh tukang cai mah.

WANOJA
Si Browsingkrix leuleus Oma, haus naker ceunah can manggih nginum ti kamari ieu.

JURIMBLA
Deuh karunya teuing, bangun nu sakarat jelemana téh . (NYOKOT CAI SAPELÉS PALASTIK TINA JERO
KANTONG TERUS DIALUNGKEUN KA WANOJA) Tah sanggap. Sok geuwat béré nginum tah Si
Browsingkrix bisi kaburu paéh. (WANOJA NAMPANAN PÉLES) Heug nuhun ari geus dibéré téh!

WANOJA
Nuhun, Oma. (NGÉCAGKEUN HEULA JAJAKA) Yeuh geura inum. (MÉRÉ NGINUM)

JAJAKA
(NGINUM TERUS NGAGOROWOK) Waaaaah… Segeeer..!!! (JUJURALITAN BAKATING
ATOH))

JURIMBLA
Cikan Gambroti, béjaan kabogoh didinya téh, heug anggur mah ngucapkeun nuhun heula kanu
méré caina. Lain taudi ajrag-ajragan wéh.

JAJAKA
Haturnuhun, Oma. Aduh Oma téh meuni bageur. Téngkiyu Oma. (JUJURALITAN DEUI)

WANOJA
Tah ayeuna mah kakanda geus jagjag waringkas deui. Ayeuna bagéan adinda nu diakod ku
kakanda. (NUMPAK TONGGONG JAJAKA) Hus! Néngnong..! Hus! Hus! Néngnong! (INDIT)

JURIMBLA
Geus rék tilu taun maranéhna bobogohan, tapi cicing-cicing. Lantaran teu dipanujuan ku kolot-kolot
maranéhna. Jadi maranéhna téh backstreet minangkana mah. Bapa si Gambroti jeung bapana si
Browsingkrix téh musuh gerot ti leuleutik. Kitu ogé indungna si Browsingkrix jeung indung si Gambroti
musuh bubuyutan ti bubudak. Tangtu waé indung bapana teu rido mun anakna papacangan jeung anak
musuhna. Da lamun heug kapanggih jelema dua tadi ku kolotna geus teu antaparah deui pasti disiksa tah
barudak téh ku kolotna séwang-séwangan. (HEUAY) Aduh naha jadi tarunduh kieu. Keudeung ah rék
nginum heula cai tibra. (NYOKOT BOTOL TINA KANTONG. NGINUM. LANGSUNG TIBRA).

TINA DANGDAUNNAN HANDAPEUN TANGKAL AYA LEUNGEUN KUKULIATAN. KATÉMBONG


AKI TRAGIWUL . UMUR GEUS LEUWIH TI SARÉBU TAUN TAPI SIGA UMUR SARATUS TAUN. AWÉT
NGORA. MODÉL BUUK JEUNG BAJUNA MODIS PISAN . ÉTA AKI-AKI HUDANG. NINGALI JURIMBLA
NU KEUR SARÉ TIBRA, LAJU NGADEUKEUTAN TANGKAL; DIUK DINA AYUN-AYUNAN. MUSIK
AHÉNG . MANÉHNA NYANYI DINA GAYA REFF SIGA YOUNG LEX JAMAN NÉXT.

6
T R A G I W U L : (NYANYI)
Senén ka salasa, salasa ka rebo.. rebo ka kemis..Kemis ka jumaah, jumaah saptu minggu, taya bédana.
Hirup ngan kieu jeung kieu. Taya bédana.. taya bédana..Ngan kieu jeung kieu wéh… ngan kieu wéh jeung
kieu…. Dunya geus aki-aki, loba huisna, dunya rémpo, ompong huntuna. Dunya geus bulukan, loba
lukutan, dunya botak tapi kutuan. Beurang peuting sarua waé, isuk jeung sore nya kitu
kénéh..Whahahahahaaa… ehahahahahaa…. kuring hayang seuri, Bwhahahahahahahaha… wahahaa…
beuki hayang seuri….Si anying, si anying, si anyiiiiing, aslina kuring hayang seuri Waaaw…
wawawaaaw … kuring hayang ceurik…..Wawawawawawawaaaw.. waaaaaww.. beuki hayang ceurik… Si
ucing, si monyet, si babiiiii, daék medu kurang ceurik…Naha tadi manéh seuri? Nyengseurikeun dunya.
Dunya pikaseurieun.Naha bieu manéh ceurik? Nyeungceurikan dunya. Dunya pikaceurikeun .(GEUS TEU
NYANYI) Alam dunya, alam dunya. Anjeun beuki dieu beuki pikahariwangeun, beuki pikamelangeun.
Angin geus teu puguh arahna. Manusa geus teu puguhna léngkahna. Gila-gila pisan. Panon poé beuki
Dieu beuki songhék.Kajadiana mah mangrébu-rébu tahun ka tukang waktu manusa pangeusi dunya
jumlahna geus mangratus-ratus triliun. Harita panon poé bejad terus ngabeledag. Kabeneran
sesemplakanana ninggang ka dunya. Atuh dunya téh ajur. Anu nyésa ngan ukur daratan Sunda.
Penduduk daratan Sunda harita, jumlahna kurang leuwih dalapan belas triliun, éta ogé lolobana mah robot
jeung bonéka. Gila-gila pisan. Harrita jelema geus teu baroga gawé. Sakabéh pagawéan jelema geus
diganti ku robot atawa bonéka. Kabéh Kantor-kantor, pabrik-pabrik jeung toko-toko boh toko onlén atawa
toko biasa geus teu ngagunakeun tanaga jelema pikeun jadi karyawana. Malah ti mimiti tukang sapu tepi
ka diréktur utamana ogé robot. Panti pijet geus teu ngagunakeun jasa jelema, da pijetan robot leuwih
ngeunah rasana. Kitu ogé tempat lacur geus teu ngagunakeun jelema tapi ku bonéka. Leuwih pelem bin
lezat tur gurih ceunah. Gila-gila pisan boa édan. Atuh tante-tante leuwih ngandelkeun bonéka robot
pikeunjadi gigolona. Leuwih peungkeur jeung leuwih mgeunaheun pajar téh. Gilagila pisan boa édan.
Papamaréntah geus teu bisa ngirim tekawé ka luar negri lantaran sakabéh pagawéan tékawé geus diganti
ku mesin. Antukna ampir sakabéh jelema di dunya ngaranggur teu boga gawé. Malah loba pisan jelema
anu ngahaja dioperasi pelastik harayangeun jadi robot. Gila-gila pisan boa édan. Bakat ku canggih-
canggihna teknologi, geus teu bisa dibédakeun mana robot mana jelema. Sakapeung kuring ogé sok
bingung. Naha kuring téh jelema atawa robot? Ih gila-gila pisan boa édan. (KADENGE AYA NU
LEUMPANG) Tuh geuning aya bonéka robot ngaliwat. ( AYA ROBOT LEUMPANG TI KÉNCA KA KATUHU.
ROBOT NU KEUR LEUMPANG TÉH WUJUDNA GABUNGAN GATOT GACA, SPIDERMAN JEUNG
SUNGOKONG. Tah robot nu ieu mah ditanya ka kalér, jawabna ka kidul. (NANYA ROBOT) Kamana?

BONÉKA 1
Ka mana.

TRAGIWUL
Tuh pan, ditanya kamana jawab kamana. Dasar robot. Ka dieu.

BONÉKA 1
Ka ditu.

TRAGIWUL
Heheuy gombrang, aingah. Dititah kadieu ngadon kaditu. Haruuuh. Gila-gila pisan. Ka kalér?

BONÉKA 1
Ka kidul.

7
TRAGIWUL
Cekéng gééé… heuheuheu… ditanya ka kalér jawabna ka kidul heueheuuu. Nuhun ah, hiburan.

BONÉKA 1
Hayu ah, Opa. Dék mios heula nya. Dék pamit nyaaa. Dadaaah.

TRAGIWUL
Ka mana?

BONÉKA 1
Ka mana. (INDIT)

TRAGIWUL
Aduh dasar robot nu ieu mah rada cipeuw teu siga robot nu séjén. Paralinter. (JOL TUKANG
KORAN MAKÉ TUTUMPAKAN JAMAN NÉXT, NGALUNGKEUN KORAN KA HAREUPEUN
BEUNGEUTNA. TRAGIWUL LAJU MACA SURAT KABAR “MIKIRAN RAHAYAT”) Ieu téh hiji-hijina
surat kabar konvénsional nu aya di dunya. Dijieunna tina campuran pelastik jeung keretas daur ulang.
Surat kabar nu lian mah kabéhannana geus dina pormat digital sélulér. Ieu surat kabar ngarana “Mikiran
Rahayat” nanjer geus dua rébu tujuh ratus taun. (MACA HIJI BERITA) Baginda raja kota nganjurkeun ka
sakabéh warga ieu kota sangkat ulah ngahambur-hamburkeun cai, jalaran danget ieu cai keur langka
pisan. Mun bisa mah nginum cai téh saminggu sakeclak. Gila-gila pisan boa édan! Teu nginum sapoé waé
jelema loba nu modar, hayoh ieu ieu dititah nginum saminggu sakeclak. Gila-gila édan! (MACA BERITA
NU SÉJÉN) Geus gubrag ka alam dunya, orok kembar awéwé jeung lalaki, hasil tina hubungan antara
robot jeung jelema. Can bisa dipastikeun robot mana nu jadi bapa éta budak. Lantaran nu jadi indung
budak rumasa geus ngalakukeun hubungan jeung sabelas robot. Hasil tés DNA ogé moal bisa nangtukeun
saha bapa si budak. Lantaran sakabéh robot DNA-na sarua. Sakabéh robot séx geus disétting maraké
cimani imitasi jieunan Profesor Bincustol. Atuda jaman kiwari mah manusa téh geus model japati. Bisa
kawin jeung saha waé. Nangtukeun bapa budak ngan ukur ditingali tina hasil tés DNA. Poligami jeung
poliandri geus jadi kacapangan jelema jaman kiwari. (KADÉNGÉ DEUI AYA SORA NU LALEUMPANG.
JOL TI LEBAH KÉNCA BONÉKA 1 DATANG DEUI MAWA BATURNA. BABATURANANA MINANGKA
ROBOT ANU WUWUJUDANANA GABUNGAN ANTARA HANOMAN, NARUTO JEUNG DORA ÉMON).
Tuh si cipeuw datang deui mawa baturna. Tah robot nu ieu mah ngarana si Colécolé. Mun ngomong
sorana ngirung. Geura cuang sina cacarita. Kamana waé Colécolé asa kakara katémbong?

BONÉKA 2
Ah tara kamamana di bumi wéh ngadapang. Ieu ogé pami teu disampeur ku si
Akohpadamoh mah alim aangkatan . Tadi téh sabot jisim abdi nuju siduru dina hawu bari meuleum
spakbor tilas, torojol si Akohpadamoh ngajak ameng. Nya diajak ameng mah resep wéh da tos lami ieu
soca teu neuteup nu kilow-kilow. Uninga nu kilowkilow? Éta geuning nu méncrang-méncrang hérang bin
kinclong siga lampu néon paragi nyeuseuh soca.

TRAGIWUL
Oh nu kilow-kilow téh awéwé méncrangnya? Geuning robot oge beuki kanu méncrang?

BONÉKA 2
puguh wé sedep mah. Kapan kami mah disetingna ogé jadi robot Playboy.

8
T R A G I W U L : (NGADEUKEUTAN BONÉKA 1, LAJU NANYA)
Ka kulon?

BONÉKA 1
Ka wétan.

TRAGIWUL
Jig atuh geura arindit ari rék arulin mah. Bisi kaburu burit.

BONÉKA 2
Hayu atuh manga.

BONÉKA 1
Mangga atuh hayu.

TRAGIWUL
Ka mana.

BONÉKA 1
Ka mana. (INDIT DUAAN JEUNG BONÉKA 2)

TRAGIWUL NGADEUKEUTAN DEUI AYUN-AYUNAN. NINGALIKEUN HEULA JURIMBLA NU MASIH


KÉNÉH TIBRA, DIUK DEUI DINA KORSI AYUN-AYUNAN. TOROJOL PROFESOR BINCUSTOL MAKÉ
TUTUMPAKAN AHÉNG DIBATURAN KU PAMAJIKANANA NU BOGA NGARAN, MODARSILA. TAPI
MUN MARANÉHNA HORÉAMEUN MAKÉ TUTUMPAKAN MAH SINA LALEUMPANG WÉH. KACIRI
PROFESSOR BINCUSTOL MAWA KEKÉRAN LAJU NÉRÉKÉL KANA TIANG LISTRIK. NINGALI
PAMANDANGAN NGAGUNAKEUN KEKÉRAN. PAMAJIKANA NUNGGUAN DI HANDAP.

TRAGIWUL
Keur ningali naon professor?

BINCUSTOL
Nempo gunung mobil. Nu daratangna asa beuki nyaeutikan. Penduduk loba nu paéh.

MODARSILA
Teu maranggih cai atuda gé. Cikan Pap, tingali ka tempat séjén.

BINCUSTOL ( NEMPO KA TEMPAT SÉJÉN)


Deuleu itu loba mayit patumuk deukeut ruruntuk Monorél Cicadas Chicago.

MODARSILA
Paraéh kahausan. Cikan Pap ka tempat séjena deui.

BINCUSTOL (NEMPO KA SÉJÉN TEMPAT)


Tuh témpo nu rék zaliarah ka makam Dajjal mah teu weléh ngaleut. Jelema nu garableg cai wungkul. Na
bakal meunang nanahaon atuh maranéhna ti makam Dajjal téh? Naha bener kitu sok mareunang jimat?

9
MODARSILA
Hayu atuh Pap, mending ogé urang milu ziarah ka makam Dajal. Asa can pernah mamah diajak
ka dinya.

BINCUSTOL
Hayu atuh lah, cuang ka dinya ayeuna kénéh. (TURUN TI LUHUR TIHANG LISTRIK ANU. BISA
LUNCAT, BISA NÉCÉ, BISA NYOROSOD ATAWA BISA KUMAHA WAÉ. MA’LUM TIHANG
LISTRIK JAMAN NEXT. BINCUSTOL JEUNG MODARSILA NGALÉNGKAH INDIT).

TRAGIWUL
Rék kamana Prof?

BINCUSTOL
Rék ka kuburan Dajal. Susuganan enya bisa meunang jimat.

TRAGIWUL
Kéheula professor. Naha Legagodég nu ngangkut cai téh can jol kénéh waé geus méh opat taun
lilana? Moal kitu teu nepi mah Lagagodég téh ka planét Lébércai?

BINCUSTOL
Ih, ari nepi mah nepi. Tapi sanggeus ditalungtik maké radar portable, Tanaga lumpatna
ngurangan. Ma’lum geus kolot jadi lemot. Can bisa ditangtukeun iraha datangna. Kecepetanana henteu
stabil. Kudu nyieun pesawat anyar ieu mah.

TRAGIWUL
Nyieun wéh atuh Legagodég dua, prof.

BINCUSTOL
Ke heula soal ngaran mah. Nu penting mah pamaréntah kudu Sagancangna néangan waragad sangkan
kuring gancang meunang bahan jang nyiptakeun pesawat anyar.

MODARSILA
Hayu atuh Pap!

BINCUSTOL
Hayu. (DUANANA INDIT)

TRAGIWUL
Paingan can datang-datang waé si Lagagodég horéng tanagana ngurangan. Beurateun sigana
mah balas ngangkutan waé cai. Panya téh rék naon tétérékélan kana tiang listrik téh. Horéng ngan ukur
ngécéng gunung mobil make kékeran. Gunung mobil téh mangrupakeun tumpukan mangjuta-juta mobil
anu ditaringalkeun ku supir jeung nu narumpakna jalaran jalan geus pohara macétna. Macét total kacida.
Pamaréntah saban waktu ngangkutan mobil make helikopter nu naragen di jalan euweuh jelemaan.
Borolo mobil téh ditambrukeun di tempat pamicenan. Nya tempat pamiceunnan mobil tangtuna. Teupi ka
mobil téh numpuk jadi gunung. Ayeuna manusa geus teu maraké mobil tapi maraké katél udara pikeun
iinditan jauh. Tuh geuning di langit tinggarerung katél udara. Langit beuki dieu beuki macét ku
kandaraan. Kelaksona tingtaridid. Nu ngadon balap waé aya. Tuh ilikan géng katél geus geus karonvoy di

10
luhureun gunung mobil. Ambuing Géng katél udara ogé ngaleut geuning tuh. Matak geunjleung lamum
maranéhna geus tawuran jeung géng kapal selam.

KATÉL UDARA PAGALIWOTA DI AWAN. DUA PILOT KATÉL NKASAMPAK KEUR PASÉA DI LUHUR.

PILOT 1 (NGAGOROWOK DI LANGIT)


Sing ati-ati atuh nyupiran katék téh! Katél silaing ampir rék nubruk katél déwék bieu. Mun seug nabrak
tepi ka kentob naha sanggup silaing ngagantian?

PILOT 2
Alah siah kakara boga katél mérek Barongsai ogé geus olo-olo kitu. Barina ogé ilaing nu balangah
ngajalankeun katél kupat-kepot naker. Untung uing supir cekatan. Mun uing teu cekatan geus katénggor
tah katél si barongsai téh. Uing téa murid Christian Mahmud.

TRAGIWUL
Unggal poé teu weléh aya jelema nu paraséa di langit. (TOROJOL DEUI TUKANG CAI).

TUKANG CAI
Cai… caiii… caaaiiiii…. Bararadé caaiiii. Caiiiiii…! Cai raos, cai raos, oplosan Pak Su’éb
Osmond. Sumangga dipésér. Sumangga dipésér. Caii.. caiiii… bararadé caiii. (NGADEUKEUTAN
TRAGIWUL ) Opa badé ngagaleuh cai, Opa?

TRAGIWUL
Loba kénéh cai mah.

TUKANG CAI
Har itu si Oma kalahka saré. Tadi mah ngobrol kénéh didieu basa Opa can hudang.

TRAGIWUL
Keun montong diganggu. Sina tibra.

TUKANG CAI
Ari si Bohéng can nyaring kénéh wayah kieu?

T R A G I W U L : (NINGALI JAM TANGAN)


Geus hudang sigana wayah kieu mah, ngan keur ulin kénéh di rohangan handapeun taneuh. Biasa sok
ngaheureuyan ga’ang.

TUKANG CAI
Aya ku anéh-anéh baé bonéka téh. Make jeung ngaheureuyan ga’ang sagala.

TRAGIWUL
Apan ngarana ogé Bohéng. Bonéka Ahéng.

TUKANG CAI
Tuh geuning loba jelema ngaleut belah wétan sigana nu rék jarah ka kuburan ceulina Si Dontram. Ah
mening ogé sampeurkeun. Susuganan barutuheun cai.

11
TRAGIWUL
Meuning di kuburan beuheungna tuh béh kiduleun Gunung Mobil. Jelemana leuwih Loba.

TUKANG CAI
Jauh teuing ka kuburan beuheungna mah. Meuning sakalian wéh ka kuburan huluna Si Dontram
béh kuloneun makam Dajal. Sakalian ménta kode buntut.

TRAGIWUL
Taun sabaraha ayeuna téh cuy maké percaya kénéh kana tahayul.

TUKANG CAI
Ngarana ogé susuganan. Naha atuhnya Si Dondram bangsa Amerika téh mah awakna téh paburincay
dikubur di mana-mana.

TRAGIWUL
Kapan si Dontram mah baheula téh paéhna téh dimutilasi ku sakabéh umat. Sesemplékan awakna dikubur
di unggal nagara. Baheula mah nagara loba kénéh teu cara ayeuna ngan ukur hiji. Nagara urang wungkul.

TUKANG CAI
Hayu atuh Opa, kuring mah rék dagang cai deui. Cai… caiii… Bararadé caaiiii. Caiiiiii…! Cai raos, cai
raos, oplosan Pak Su’éb Osmond. Sumangga dipésér. (TUKANG CAI INDIT, JOL SI OWAH).

SI OWAH ( NYEMBAH KA TANGKAL)


Tangkal ménta caiiiii…! Ménta caiiiii tangkal…! Ménta caiiiii tangkal…! (INDIT BARI SEURI)

TRAGIWUL
Bohééng…! Bohééng…! Na kamana si Bohéng téh tara-tara tisasari. Biasana wayah kieu téh geus
ngacapruk didieu. Najan umur si Bohéng geus rék saribu taun tapi onerdilna mulus kénéh. Bener-bener
bonéka ahéng si bohéng téh. Disebut lalaki bisa, di sebut awéwé ogé bisa. Lantaran si bohéng mah
ngabogaan dua bobogaan. Di handapeun Siritna aya kémém. (MENCÉT RÉMOT) Hudang Bohéng!

JOL DOKTER BRASTEUAS DIBARENGAN SUSTER. NGADEUKEUTAN TIHANG LISTRIK.

BRASTEUAS
Sok mam, geura infuse tah tiang listrik téh.

DEMPULKACA
Palih mana nu diinfusena pap?

BRASTEUAS
Palih mana wéh kumaha mamah. (DEMPULKACA MASANG INFUSAN DINA TIANG LISTRIK).

TRAGIWUL
Naha tihang listrik diinpus, dokter? Gila-gila temen.

BRASTEUAS
Ari eunggeus ngainfus naon deui? Jelema geus teu barutuh dokter. Geus barisa nyieun obat sorangan.

12
Bisa nyaruntik sorangan. Baroga bonéka dokter séwang-séwangan. Geus wéh ku dék mah tiang listrik
diinfus. Sugan geus diinfus mah jadi ajeg ieu tihang téh.

DEMPULKACA
Tragiwul, nempo anak kuring teu si Gambroti? Geus tilu poé can balik. Sok Inggis paduduaan deui jeung
anak si Bincustol wé ingah.

BRASTEUAS
Heu-euh Tragiwul, mun seug didinya manggihan si Gambroti jeung si Browsingkrix keur paduduaan,
geuwat kontak kami maké masangger. Baredegong pisan barudak téh. Teu beunang dicaram. Komo tah
mun geus neuleu rurupaan si Browsingkrix meuni hayang nyacagan beungeutna.

DEMPULKACA
Sarua kuring ogé hayang mékprék huluna.

B O H É N G (SORANA WUNGKUL)
Tong sok cucag-cacaaaag! Tong sok pukprak-pékprééék! Komo deui anu dicacag jeung dipékprékna
jelema. Iiiih pidorakaeun.

BRASTEUAS
Saha éta nu nyarita?

TRAGIWUL
Éta mah sora si Bohéng robot kami.

DEMPULKACA
Ti belah mana ngomongna?

J U R I M B L A (HUDANG BARI KUKULATAN)


Ti jero taneuh. Si Bohéng keur aya di rohangan taneuh. Imah kuring.

TRAGIWUL
Imah kuring.

JURIMBLA
Heu-euh. Imah urang duaan.

B O H É N G (SORANA WUNGKUL)
Imah urang tiluan.

J U R I W U L (JURIMBLA & TRAGIWUL)


Heu-euh imah urang tiluan.

AYA SORA (SORANA WUNGKUL)


Imah urang opatan.

TRAGIWUL
Sora saha éta?

13
B O H É N G (SORANA WUNGKUL)
Sora caciing…!

JURIMBLA
Déngé tah cacing tangkakeun ka hayang diaku.

TRAGIWUL
Lain cacing éta mah sora si Bohéng kénéh, ngabobodo. Gila-gila cacing.

JURIMBLA
Heu-euh nyaho atuh. Sora si Bohéng. Mémangna ieu téh sandiwara absurd atawa suréalis, aya
bulan bisa ngomong? Aya bulan bobogohan jeung kurupuk? Ieu mah réalis.

TRAGIWUL
Tapi piraku drama réalis loba beubeungeutan model karitu (NUNJUK KA TILU ROBOT NU KAKARA
DATANG, NYAÉTA BONÉKA 1, BONÉKA 2, DIBAREUNGAN BONÉKA 3 NU SIGA BUTA WAYANG ).

BONÉKA 3
Walah gagabah. Aya jalma ngabala ka sayah. Aya ngabala jalma ka sayah. Jalma ngabala ka sayah, aya!

TRAGIWUL
Ngomong naon tatéh?

BONÉKA 2
Keun sawios urang tarjamahkeun ku jisim abdi.

BONÉKA 1
Sok translate ku sia!

BONÉKA 2
Ih meuni kasar!

BONÉKA 1
Ih meuni lemes.

BONÉKA 2
Sawios cuang tarjamahkeun. Cobi sakali deui nyarios naon tadi?

BONÉKA 3
Walah gagabah. Aya jalma ngabala ka sayah. Aya ngabala jalma ka sayah. Jalma ngabala ka
sayah, aya!

BONÉKA 2
Kieu sangemna. Walah gagabih. Aya jalmi ngabuli ka abdi. Aya ngabuli jalmi ka abdi. Jalmi
ngabuli ka abdi, aya! Tah kitu saurna.

DEMPULKACA
Maké aya gagabih sagala.

14
BRASTEUAS
Ngomong lemes tidituna mah.

TRAGIWUL
Naha ngabuli naon kuring ka didinya?

BONÉKA 3
Walah sakata tada ngabala manah ta ngaka! Dasar jalma haram jadah. Yay manahna ta ramasa!
Manahna yay ta ramasa. Ta ramasa manahna yay.

TRAGIWUL
Ngomong naon deui ceunah?

JURIMBLA
Beuki teu pikahartieun ngomong téh.

BONÉKA 2
Sawios cuang tarjamahkerun deui ku jisim abdi. Cumaarios naon tadi téh cobi sakali deui.

BONÉKA 1
Buru ngomong deui!

BONÉKA 3
Walah sakata tada ngabala ta manah ngaka! Dasar jalma haram jadah. Yay manahna ta ramasa!
Manahna yay ta ramasa. Ta ramasa manahna yay.

BONÉKA 2
Kieu saurna téh. Walah sakitu tadi ngabuli salira teu ngangkeun. Dasar jalmi haram jadih.

DEMPULKACA
Haram jadih?

BRASTEUAS
Lemes.

BONÉKA 2
Lajeng nyarios kieu deui anjeuna téh. Yéy anjeuna teu rumaos. Anjeuna yéy teu rumaos. Teu rumaos
anjeuna yéy.

DEMPULKACA
Hayu béb ah urang indit. Matak jangar cicing waé didieu mah.

BRASTEUAS
Enya hayu. Tapi ké heula. Tragiwulm Jurimbla mun arilaing manggih si Gambroti geuwat
kontak selulér ka nomer kami.

JURIWUL
Heug!

15
BONÉKA 3
Hay arak kamarana? Arak ka marana hay? Ka arak hay marana?

DEMPULKACA
Hayu ah kuring rék balik. Rék balik ah kuring Hayu. Ah hayu kuringbalik rék. (INDIT).

TRAGIWUL
Geus teu baralég babasaan jaman ayeuna.

TILU ROBOT NGADEUKEUTAN LAWANG PANTO KA ROHANGAN HANDAPEUN TANEUH.

BONÉKA 2
Bohéng hayu urang ameng.

BONÉKA 1
Bohéng urang ulin yu.

BONÉKA 3
Bahang arang alan. Arang alan bahang. Alan bahang arang.

B O H É N G (MUCUNGHUL TINA LAWANG JERO TANEUH).


Rék arulin ka mana Brur?

BONÉKA 3
Arang nyamparan rabat-rabat.

BONÉKA 1
Heu-euh Bohéng urang nyampeuran robot-robot. Urang kumpulkeun.

BONÉKA 2
Leres Bohéng, saéba urang kempelkeun sadaya robot, lajeng urangngadambel GRM.

BOHÉNG
GRM téh naon brur?

BONÉKA 3
Gang Rabat Matakar.

BONÉKA 2
Tah leres éta. Géng Robot Motékar.

TOROJOL JAJAKA NGAGANDONG WANOJA ANU NGULAMPRÉH DINA TONGGONGNA.

WANOJA
Hadeuh teu kuat haduuuh…, hayang nginuuuuum…. (LEULEUS)

JAJAKA
Sing sabar atuh tong gandéng jeung humarurung waé, bisi digubragkeun kéh. (TANGGAH
NINGALI JUMBRILA) Omaaaa…, teu ningali tukang cai ngaliwat kadieu?

16
JURIMBLA
Har? Jadi manéh nu ngulampréh geuning Gambroti?

WANOJA
Leuleus Oma, haus naker. Hayang nginum.

JURIMBLA :
(NYOKOT DEUI CAI SAPELÉS PALASTIK DIALUNGKEUN KA JAJAKA) Tah sanggap
Browsingkrix. Sok geuwat béré nginum tah Si Gambroti bisi kaburu paéh. (WANOJA NAMPANAN
PÉLES NU DIALUNGKEUN KU JULIMBRA) Heug nuhun ari geus dibéré téh!

JAJAKA
Nuhun, Oma. (NGECAGKEUN HEULA WANOJA) Yeuh geura inum. (MÉRÉ NGINUM)

WANOJA
(NGALEGUK CAI TINA PELÉS TERUS NGOMONG HARUS NAKER SEMU
NGAGOROWOK TANAGAAN) Waaaaah… Segeeer..!!! Haturnuhun, Oma. Aduh Oma téh meuni
bageur tos keresa maparin cai ka abdi. Téngkiyu Oma. (AKROBAT, JUJURALITAN, JUJUNGKIRAN,
TUR JOGÉD)

JAJAKA
Tah ayeuna mah dinda geus jagjag waringkas deui. Ayeuna bagéan Kakanda deui nu
diakod ku adinda. (INDIT BARI NUMPAKAN TONGGONG WANOJA) Hus! Néngnong..! Hus! Hus!

BONÉKA 3
Karanya nya?

BONÉKA 1
Enya nya karunya.

BONÉKA 2
Sumuhun hawatos.

T R A G I W U L (NYAMPEURKEUN BONÉKA 1)
Ka kidul?

BONÉKA 1
Ka kalér.

BOHÉNG
Tong boro jelema, apanan urang ogé salaku bonéka butuh cai jang niiskeun radiator.
Euweuh cai mah urang ogé bakal paéh.

BONÉKA 3
Banar cak parabasa. Man awah ca’a ma’al aya ca’a.

TRAGIWUL
Naon ceunah?

17
BONÉKA 2
Bener ceuk paribasa. Mun euweuh cai moal aya cau.

BOHÉNG
Cai kacida penting. Euweuh cai euweuh hirup. Ngan anéh ku ieu tangkal sagalawarna. Eeweuh cai tapi
hirup. Sigana mah aya cai di handap tangkal téh. Ngan teu katémbong ku urang. Sakabéh jalma nu luhur
pangarti geus ngabuktikein ku paranglat modern yén taneuh di dunya garing euweuh caian. Lila-lila
planét Lébércai ogé bakal saat caina balas diakutan waé ku jelema. Bohéng salaku robotahéng boga
kacindekan di deukeut tangkal sagalawarna ieu aya acai nu teu témbong.

BONÉKA 2
Énggal atuh Bohéng, henam cuang ngempelkeun réréncangan téa kanggé ngadambel RBM.

BOHÉNG
Ké lanan, kéhéd! Bohéng kudu ukeun widi heula ka dunungan-dunungan Bohéng.

TRAGIWUL
Ngomong lemes jeung kasar ngahiji si éta mah. Jig waé Bohéng rék indit mah. Ngan alusna mah
arilaing nyieun géng téh lain jang nyieun kaributan tapi kudu nyieun kahadaéan.

BOHÉNG
Tangtuna Géng Robot Motékar mah sanés géngster anu bakal nyieun kakacowan bin karusuhan tapi rek
nyieun komunitas anu baris ngamumulé kahirupan , kamanusaan jeung karobotan.

TRAGIWUL
Alus! Jug geura lakonan.

J U R I M B L A (TURUN TINA TANGKAL)


Ké heula Bohéng. Alusna mah ayeuna Tutur si Brosingkrix jeung si Gambroti. Bisi maraéhan manéh
nelasan patina sorangan balas cintana teu dipanuju ku kolot-kolot maranéhna.

BOHÉNG
Kawin waé duanana ku Bohéng. Bohéng mah bisa awéwé bisa lalaki. Boga ieu jeung ieu.
(NYAGAP).

BONÉKA 2
Meuning ogé ngempelkeun heula réréncangan lajeng nuturkeun dua sajoli anu bobogoham tadi.

BONÉKA 3
Sataja.

BONÉKA 2
Satuju, saurna téh.

BONÉKA 1
Nya hayu atuh urang der!

18
TRAGIWUL
Ka mana?

BONÉKA 1
Ah ka mana wéh kuma déwék, tatanya teuing.

TRAGIWUL
Ka kidul?

BONÉKA 1
Ka kidul ngétan saeutik. Tah éra ngarana timur laut. Hayu ah!

BONÉKA 2
Hayu. (BOHÉNG JEUNG BONÉKA-BONÉKA RÉK ARINDIT)

BONÉKA 3
Mararangga sadayana.

JURIMBLA
Mangga. Teu kudu dibarekelan ieu téh?

BONÉKA 3
Cing hok mana? (BARI NAMPANKEUN LEUNGEUN)

TRAGIWUL
Éta geuning bisa ngomong cing hok?

BONÉKA 3
Ngan sacinghok-cinghokna. Mararanggaaaa….!

(BOHÉNG JEUNG BONÉKA-BONÉKA INDIT. NINI & AKI DIUK HANDAPEUN TANGKAL).

TRAGIWUL
Barudak urang aya di mana ayeuna? Boga budak mangratus-ratus tapi euweuh hiji ogé nu inget.

JURIMBLA
Ah keun wé meureun keur aranteng. Urang do’akeun wé sing saréhat tur baragja.

TRAGIWUL
Naha nya umur urang bet panjang-panjang teuing?

JURIMBLA
Dupi anjeun lali. Kapan urang kungsi ngadahar pél Awét ngora jeung pél panjang umur.

TRAGIWUL
Aéh heu-euh nya. Terus ngadahar kapsul cangker jeung kaplét capétang ongkoh.

JURIMBLA
Kapan urang mah dahar ogé teu sangu teu jagong. Tapi ukur dahar pél wareg tujuh bulaneun.

19
TRAGIWUL
Hayu ah Jurimbla urang ngaliang ka jero taneuh.

JURIMBLA
Geus teu kuat haying bétel nyah?

TRAGIWUL
Heu-euh hayu. Ulah poho konci pantona bisi diintip ku si Bohéng. ( DUANANA NGALÉNGKAH
NGADEUkEUTAN LAWANG PANTO PARANTI ASUP KA JERO TANEUH. LAMPU BABAK I PAREUM/).

BABAK II

ADEGAN 1
(DIKAWITAN KU KOOR CAI) MASIH DI TEMPAT TADI TAPI KAYAANANA TENGAH PEUTING.
DATANG SI OWAH, NAÉK KANA TANGKAL, CLÉ DINA DAHAN PANGLUHURNA. JADI TEU KACIRI
KU SASAHA. ROMBONGAN RAHAYAT DATANG NGURILINGAN TANGKAL BARI UPACARA RITUAL.
TULUY SARILA HANDAPEUN TANGKAL. PIMPINAN RAHAYAT MIMPIN DU’A)

PIMPINAN
Wahai Déwa Sagalawarna…

RAHAYAT
Wahaaaaaai……

PIMPINAN c
Tedunan paménta kuring…

RAHAYAT
Tedunaaaaan……

SI OWAH (SORA WUNGKUL)


Whuahahaa Naon paménta aranjeun?

PIMPINAN (CULANG CILEUNG BARI NGADÉGDÉG)


Déwa ngomong…? Déwa ngomong!

RAHAYAT (CULANG CILEUNG BARI NGADARÉGDÉG)


Déwa ngomong…? Déwa ngomong..!

PIMPINAN
Wahai Déwa Sagalawarna kuring ménta cai sing lobaaaa.

RAHAYAT
Méntaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaa……!

SI OWAH (SORA WUNGKUL)


Heug. Ke tilu poé deui dibéré cai nu loba ku kami. Ayeuna mah jig geura baralik. Montong ngaganggu kami. Kami
keur rinéh. Geura nyingkah! Nyingkaaaaah…! (RAHAYAT INDIT BARI LALUMPATAN. SI OWAH TURUN

20
BARI SEUSEURIAN. LAJU NYEMBAH KA TANGKAL) Tangkal ménta caiiiii…! Ménta caiiiii tangkal…!
Ménta caiiiii tangkal…! (INDIT BARI SEURI)

KADÉNGÉ SORA MUSIK. JOL JAJAKA NGAGEROAN KABOGOH BARI DIHALEUANGKEUN. TOROJOL
WANOJA NGAHALEUANG OGÉ NGAJAWAB HALEUANG JAJAKA. LAJU NYANYI DUAAN SILIH
TÉMBALAN, SAKAPENG BABARENGAN DUA SORA. BARI JAROGÉD. SYAIR JEUNG LAGUNA MAH
KUMAHA NU NGAGARAP LALAKON IEU. PÉK RÉK DIKUMAHAKEUN. BOHÉNG CS ALIAS GÉNG
ROBOT MOTÉKAR DATANG OGÉ KA ÉTA TEMPAT LAJU JAROGÉD JADI PENARI LATAR. SABOT
KEUR ANTENG JOGÉD, BOHÉNG NINGALI BAPA JEUNG INDUNGNA GAMBROTI DATANG MAWA
PARA BODYGUARD TI KAJAUHAN. GÉNG MOTÉKAR NYARUMPUT DI NU BUNI.

BRASTEUAS
Gambroti! Balik!

WANOJA
Alim pah, Gambroti mah alim uih. Gambroti palay didieu paduduaan sareng Ayang
Browsingkrix.

DEMPULKACA
Ulah sok bedegong ka kolot téh Gambroti! Gancang geura balik!

BRASTEUAS
Kudu sabarahakali bapa ngomong ka manéh téh Gambroti. Montong ngadeukeutan si
Browsingkrix. Bapa teu panuju ilaing kawin ka jalma éta. Silaing deih Browsingkrix. Geus sabaraha kali
aing ngomong ka sia! Montong ngadeukeutan anak aing!

DEMPULKACA
Manéh teu pantes hubungan jeung jalma kitu patut Gambroti. Mamah mah kajen teuing ngawinkeun
manéh ka bangsa robot tibatan kudu ngawinkeun manéh ka anak si Modarsila! Mamah ijij ka indungna!

BRASTEUAS
Sarua bapa oge ngéwa tah Si Bincustol bapa si wewelek!

JOL BINCUSTOL JEUNG MODARSILA DIBARENGAN KU PARA ALGOJONA.

MODARSILA
Tah geuning budak téh kanyahoan keur papacangan jeung anak si ontohod!

BINCUSTOL
Browsingkrix putra abah, geura uih, kasep. Hidep teu payus gaul jeung budakna si Brasteuas.

BRASTEUAS
Sarua anak aing ogé teu payus gaul jeung sia, Bincustol!

JAJAKA
Alim Abah, Browsingkrix mah alim uih. Browsingkrix palay didieu paduduaan sareng bébéb Gambroti.

21
MODARSILA
Teu kenging, kasép. Seueur kénéh istri anu langkung geulis alah batan si Gambroti. Mamih
mah ngéwa ti bubudak kénéh ka si Dempulkaca indung si Gambroti.

DEMPULKACA
Sarua aing gé geuleuh ti oorok ka manéh téh Modarsila!

BRASTEUAS : (KA PARA BODDYGUARD)


Tong caricing waé! Geura ringkus Si Gambroti! Bawa ka imah! Kerem di kamarna!

BINCUSTOL (KA PARA ALGOJO)


Montong ngajedog waé! Geura talian Si Browsingkrix! Bawa ka imah! Kurung di kamar babu!

PARA BODDYGARD NGARINGKUS GAMBROTI. KITU DEUI PARA ALGOJO NALIAN BROWSINKRIX.
MODARSILA TERUS PASÉA JEUNG DEMPULKACA. BINCUSTOL TERUS HOGHAG JEUNG
BRASTEUAS. KALIMAH PASÉANA SUMANGGA KUMA ANU NGAGARAP IEU LALAKON. GAMBROTI
NGALAWAN SATAKERKEBEK KA PARA BODDYGUARD TAPI TUNTUNGNA MAH ANGGER
KARINGKUS. BROWSONKRIX NGALAWAN BÉBÉAKAN KA PARA ALGOJO TAPI KEUKEUH
TUNTUNGNA MAH KATALIAN KÉNÉH. SANGGEUS GAMBROTI DIRINGKUS JEUNG SANGGEUS
BROWSINGKRIX DITALIAN. MODARSILA, DEMPULKACA, BICUSTOL LAN BRASTEUAS BALIK KA
IMAHNA BARI SUNGUTNA TEU WELÉH KUKULUTUS. BAHASA KUKULUTUSNA SUMANGGA
NYANGGAKEUN KA SUTRADARA. GÉNG ROBOT MOTÉKAR KALUAR TI PANYUMPUTAN.

BOHÉNG
Dulur-dulur GRM. Bohéng teu téga ningali nasib wanoja jeung jajaka anu dipisahkeun tali
asihna ku kolot-kolotna. Hayu ayeuna kénéh urang salametkeun nasib éta wanoja jeung jajaka. Sawaréh
nyalametkeun wanoja, sawaréh deui nyalametkeun jajaka.

PARA ROBOT
Hayuuuuuuu…..! (BOHÉNG NGATUR STRAREGI. GRM DIBAGI DUA. SAWARÉH INDIT KATUHU
SAWARÉH KÉNCA)

ADEGAN 2.
DI HIJI TEMPAT JAJAKA KEUR PADUDUAAN JEUNG WANOJA BARI LEUNGEUN DITARALIAN
KÉNÉH. MARANÉHNA DITUTURKEUN KU GÉNG ROBOT MOTÉKAR KAASUP SI BOHÉNG. SALAH
SAHIJI ROBOT MUKAKEUN BEUNGKEUTAN ANU NGARINGKUS GAMBROTI ALIAS WANOJA.
SALAH SAHIJI ROBOT NU SÉJÉNNA MANGMUKAKEUN TALI ANU NALIAN BROWSINGKRIX.

JAJAKA
Nuhun robot. Aranjeun geus mantuan kuring pikeun bias nepungan deui Gambroti.

WANOJA
Kuring ogé nuhun bonéka. Aranjeun boga andil anu kalintang gedéna. Aranjeun geus nepungkeun deui
kuring jeung Ayang Browsingkrix.

BOHÉNG
Ayeuna mah sok sing jarongjon bobogohan di tempat ieu. Kolot aranjeun moal bisa manggihan tempat
ieu. Bisi anjeun rék karabur ke ku Bohéng jeung cé-és-cé-és Bohéng rék dikirim katél udara ka dieu.
Ayeuna GRM Badé pamit heula. Permios. Hayu!

22
PARA ROBOT : Hayu! ( INDIT NINGALKEUN WANOJA JEUNG JAJAKA).

WANOJA
Bener. Sigana urang téh kudu kabur. Mun teu kitu, nepi la iraha ogé urang mo bisa ngahiji. Pasti
diuudag ku kolot-kolot urang.

JAJAKA
Kanda nyaah pisan ka dinda. Kanda kajen teuing paéh ti batan papisah jeung dinda. Anjeun kumaha
Gambroti. Dinda réla ogé paéh demi cinta? Hayu Gambroti urang paéh babareungan.

WANOJA
Paéh babarengan? Siga Si Romi jeung Si Yuli? Teu sararudi teuing. Yeuh ayeuna mah lain jamana Romi
jeung Yuli. Tapi jaman Gambroti jeung Browsinkrix. Urang tong nurutan Romi jeung Yuli nu téga pati
lantaran cintana teu dipanujuan ku kolot-kolotna. Romi jeung Yuli réla paéh demi cinta. Tapi Gambroti
jeung Browsingkrix réla maténi indung bapana ku alatan cinta.

JAJAKA
Pamikiran hadé naker, Dinda Gambroti.

BOHÉNG
Hayu!

PARA ROBOT
Hayu!

WANOJA
GRM geus daratang deui.
GÉNG ROBOT MOTÉKAR DARATANG DEUI BARI MAWA KATÉL UDARA. INGET: KATÉL UDARA
TÉH MANGRUPA KANDARAAN JAMAN ENGKÉ. KAMONÉSAN JEUNG KAAJAIBAN TINA IEU
PESAWAT, SAKAPEUNG SOK KACIRI WUJUDNA SAKAPEUNG SOK TEU KACIRI KU SASAHA
MALAHAN KU ANU NUMPAKNA OGÉ TEU KACIRIEUN. GUMANTUNG SUTRADARA RÉK ANU
KACIRI ATAWA ANU HENTEU.

BOHÉNG
Tah kasep, geulis. Ieu katél udara sumangga tumpakan! Jig geura miang nyiar kabagjaan.

JAJAKA
Hayu?

WANOJA
Hayu! (JAJAKA JEUNG WANOJA NUMPAK ÉTA KATÉL).

JAJAKA
Saha nu jadi pilotna?

WANOJA
Kakanda heula wéh. Ké pami kakanda capé, gentos ku adinda!

JAJAKA
Hayu?

WANOJA
Hayu!

23
PARA ROBOT
Pung geura ngapung. Geura manggih rasa asih anu luhung.

WA J A K A
Dadaaah Bohéng. Dadah Géng Robot Motékar.

PARA ROBOT
Dadah deui Gambroti. Dadah deui Browsingkrix. Wilujeng dugi ka tujuan. (KATÉL NGAPUNG).

BOHÉNG : Hayu! (ROBOT ARINDIT)

ADEGAN 3
Loba katél ngarapung di awang-awang. Pabuis pagaliwota di luhureun mega. Jajaka jeung wanoja
numpak katél ngalalana.m,Rék néangan kaasih jeung katrésna nu sainyana. Numpak katél, numpak
katél, narumpak katél tél tél tél… tél tél…tél. Numpak katél, numpak katél, katél katél tél tél..tél tél…

JAJAKA
Baruk geuning loba pisan nu naraék katél téh. Panya téh urang wungkul.

WANOJA
Ulah luhur teuing kakanda paur labuh. Cikan rada handapeun. Ari itu naon di handap? Oooh
ruruntuk menara eifel sigana tah. Tuh itu naon nu ngadungkuk. Cikan deukeutan, kanda.

JAJAKA
Hulu Liberty éta mah. Nyangsang dina gawir cadas.

TUKANG CAI (NUMPAK KATÉL)


Cai… caiii… caaaiiiii…. Bararadé caaiiii. Caiiiiii…! Cai raos, cai raos, oplosan Pak Su’éb Osmond.
Sumangga dipésér. Sumangga dipésér. Caii.. caiiii… bararadé caiii.

WANOJA
Aya tukang cai sagala di awamg-awang téh.

TUKANG CAI : (NUMPAK KATÉL)


Badé mésér cai? (NGAGOROWOK)

WANOJA :
Moal. Teu haus. (NGAGOROWOK)

TUKANG BOM : (NUMPAK KATÉL)


Badé ngagaleuh Bom? Bilih peryogi manawi? (NGAGOROWOK)

JAJAKA
Alim. Sieun ngabeledag. (NGAGOROWOK)

TK BALON
Badé mésér balon? (NGAGOROWOK)

WANOJA
Punten, sanés murangkalih. (NGAGOROWOK)

24
TK BEDIL
Badé ngagaleuh bedil? (NGAGOROWOK)

JAJAKA
Tah bedil mah peryogi. Sabarahaan bedil téh? (NGAGOROWOK)

TK BEDIL
Hijina tilu milyard. (NGAGOROWOK)

WANOJA
Mésér dua. (NGAGOROWOK)

TK BEDIL
Sareng pélorna? (NGAGOROWOK)

JAJAKA
Pélor sabarahaan? (NGAGOROWOK)

TK BEDIL
Hijina tujuh puluh lima juta. (NGAGOROWOK)

WANOJA
Mésér tujuh puluh. (NGAGOROWOK)

TK BEDIL
Mayarna kana mbanking waé. Pami tos ditransfer barangna disanggakeun.
(NGAGOROWOK)

LAJU MARANÉHNA NGALAKUKEUN TRANSAKSI JUAL BEULI BEDIL. SANGGEUS DITRANSFER,


TUKANG BEDIL MIKEUN DUA BEDIL JEUNG PÉLORNA, DITAMPANAN KU GAMBROTI. KATÉL NU
DITUMPAKAN KU TUKANG BEDIL MESAT NINGALKEUN KATEL NU DITUMPAKAN WANOJA JEUNG
JAJAKA ANU KEUR NUMPAK KATÉL SABARI NYORÉN BEDIL.

ADEGAN 4 .
(DIKAWITAN KU KOOR CAI) JUMBRILA KEUR AYA DI NU AAYUNAN. TRAGIWUL AYA DI NA
DAHAN TANGKAL. HANDAPEUN TANGKAL GEUS NYAMPAK AYA MIMBAR PARANTI PIDATO
BAGINDA RAJA KOTA. KORSI TAMU GEUS NGAJÉJÉR BÉH DI TEMPAT NU RADA LUHUR.

JURIMBLA
Geura turun Tragiwul, ulah dina tangkal waé bisi kaburu datang Baginda Raja Kota nu rék milu
pidato.

TRAGIWUL
Lila kénéh ka waktuna. Saparapat jam deui.

JURIMBLA
Saparapat jam téh lain waktu anu lila. Samporét. Hayoh geura turun sakeudeung deui rahayat
daratang.

25
TOROJOL GÉNG ROBOT MOTÉKAR DARATANG KA TEMPAT ÉTA LAJU NARANGTUNG NA
HANDAPEUN TIHANG LISTRIK ANU DÉNGDÉK KA KÉNCA TÉA.

BOHÉNG
Jam sabaraha pidato bulananna Baginda Raja Kota téh, dunungan?

JURIMBLA
Sakeudeung deui Bohéng. Sok geura tatan-tatan pikeun narima tamu. Géng Robot Motékar anu
bikang arilaing kudu jadi pager ayu. Hayu? ( GRM AWÉWÉ BARIS JADI PAGER AYU)

JURIMBLA
Géng Robot Motékar jalu arilaing kudu jadi pager bagus. Hayu ? (GRM LALAKI JADI PAGER
BAGUS)

JUL JOL RAHAYAT TI DITU TI DIEU. NGAHAJA DATANG KA ÉTA TEMPAT LANTARAN NGADÉNGÉ
BÉWARA RÉH NA BAGINDA RAJA KOTA RÉK DATANG. RAHAYAT TINGBARACÉO TEU SABAR
HAYANG NGADÉNGÉ BAGINDA RAJA KOTA PIDATO. RAHAYAT NARANGTUNG TUKANGEUN
DÉRÉTAN KORSI. TI KAJAUHAN GEUS KADÉNGÉ SORA DRUM BAND KEUR BARIS.

TRAGIWUL
Tah geuning geus kadéngé sora drumband. Sakeudeung deui Baginda Raja Kota datang. (TURUN)

GEGEDÉN DARATANG DISAMBUT KU GRM. DARIUK DINA KORSI NU GEUS DISADIAKEUN. PARA
GEGEDÉN AWAKNA DÉNGDÉK KÉNCA. ROMBONGAN DRUMBAND GEUS NEPI KA DINYA. OMAT!
IEU MAH DRUMBAND JAMAN NEXT. TATABEUHANA BISA TINA NAON WAÉ, MALAH BISA WAÉ
NGAN UKUR SORA SUNGUT. ROMBONGAN DRUMBAND OGÉ AWAKNA DÉNGDÉK KA KÉNCA.
TAPI MAYORÉTNA MAH AJEG. DRUMBAND BISA NGAN UKUR MAYORÉTNA. MARAOT.

TRAGIWUL
Naha mu nabeuh drambén téh ngan limaan? Drambén minimalis kitu?

MAYORÉT
Nu sanésna maraot Opa. Teu mendak eu-eut mangbulan-bulan. Nu lima gé tos leuleus tuh.

KADÉNGÉ SIRINE PULISI. SINGHORÉNG PULISI ROBOT ANU DINA HULUNA AYA LAMPU SIGA
AMBULANCE. JOL BAGINDA RAJA KOTA; AWAKNA DÉNGDÉK KA KÉNCA. DITUTURKEUN KU
AJUDAN JEUNG PARA PANGAWA; SARUA DÉNGDÉK KA KÉNCA. NU HADIR NARANGTUNG BARIS.
NU NGATUR UPACARA (NUNGARA) NANGTUNG SISIEUN PODIUM.

NUNGARA
Upacara bandéra tanggal 17 Agustus taun dua puluh opat juta tilu ratus salapan puluh salapan rébu
genep ratus salapan puluh tilu, baris dikawitan. Kumandan upacara baris ka lapang upacara. Hayu?

KUMANDRA : Hayuuu!

NUNGARA : Sok geura lumpat, bro!

KUMANDAN UPACARA (KUMANDRA) LUMPAT KA TENGAHING LAPANGAN UPACARA

26
NUNGARA
Kumandan upacara ngabariskeun rombongan upacara!

KUMANDRA
Pikeun sakabéh nu upacara. Siaaaaap! Hayu!

ROMBOCARA : Hayuuu!

NUNGARA
Pikeun Pasukan Bandéra Saptawarna sumangga nyaketan tihang bandéra. Dilajengkeun ku
masang bandéra. (PASBRA BARIS KA HAREUPEUN TIHANG BANDÉRA).

NUNGARA
Pikeun Pasukan Bandéra Saptawarna. Sumangga nalikeun bandéra. PASBRA NALIKEUN
BANDÉRA.

NUNGARA
Naekeun Bandéra Saptawarna dibarengan ku nyanyi lagu kabangsaan “Nagara Sundaséta Oyeh”.

KUMANDRA : Pikeun sakabéh nu upacara. Hormaaaaat! Hayu!

ROMBOCARA : Hayuuu!

NYANYI LAGU SUNDASÉTA OYEH. SYAIRNA DIPASRAHKEUN KA NU NGAGARAP NASKAH IEU.

KUMANDRA
Pikeun sakabéh nu upacara. Siaaaaap! Hayu!

ROMBOCARA
Hayuuu!

NUNGARA
Pikeun Inspektur Upacara. Sumangga naék kana mimbar upacara.Waktos sinareng tempat
parantos disayogikeun, bro!

BAGINDA RAJA KOTA (BARATA) NAÉK KANA MIMBAR UPACARA. LAJU PIDATO. CARA
NGOMONGNA HALIMPU PERSIS KARAKTER BATARA GURU DI ALAM PAWAYANGAN.

BARATA : Viva Sundaséta.

ROMBOCARA : Bravo!

BARATA
Di tempat ieu, aya hiji tangkal nyaéta tangkal sagalawarna, hiji-hijina tangkal nu aya di ieu dunya. Di
tempat ieu kénéh aya tihang listrik hiji-hijina nu aya di luhureun taneuh. Tihang-tihang listrik nu séjén
mah nanjeurna dina jero taneuh. Sim kuring unggal bulan ngayakeun upacara bandera di tempat ieu,
lantaran ieu tempat kalintang gedé sajarahna. Di ieu tempat aya aki-aki jeung nini-nini anu pangkolotna
saalam dunya, réhna Aki Tragiwul jeung Nini Jurimbla. (HADIRIN KEPROK) Aki jeung nini anu loba
pangarti tur luhur pangaweruh. (HADIRIN KEPROK) Aki Tragiwul lan Nini Jurimbla remen

27
ngadongéngkeun kajadian ti mangsa baheula tepi ka kiwari anu teu kacatet ku sajarah. Aki Tragiwul lan
Nini Jurimbla minangka aki jeung nini urang saréréa. (HADIRIN KEPROK) Aki Tragiwul jeung Nini
Kurimbla kungsi ngabéajan yén tihang listrik baheula mah reuteum ku kabel matak nyangsangkeun
langlayangan. Béda jeung tihang ayeuna nu teu maké kabel saménél-ménél acan. (NGALIEUK KA
TIHANG LISTRIK) Tapi naha geuning tihang listrik téh bet déngdék? Teu ngeunah diténjona.

T R A G I W U L : (NGAHARÉWOS KA JURIMBLA) Lain awak manéhna gé déngdék?

J U R I M B L A : (NGAHARÉWOS) Pamingpin téa sok tara ngaca ka diri sorangan.

BARATA
Para rahayat cikan ayeuna pangajegkeun heula éta tihang listrik ku saréréa. Sareuseuk nénjona.

RAHAYAT
Hayu batur-batur urang ajeugkeun tihang listrik éta.

ROMBOCARA
Hayuuu! (LALUMPAT NGADEUKEUTAN TIHANG LISTRIK LAJU DIAJEGKEUN) Ji wa lu pat… ji wa lu
pat… ajeg ajeg ajeg ajeg! Ji wa lu pat… ji wa lu pat… ajeg ajeg ajeg ajeg! Ji wa lu pat… ji wa lu pat…
ajeg ajeg ajeg ajeg! (TIHANG LISTRIK AJEG) Horééééé….!

BARATA
Taaah apan merenah ari ajeg mah. Ajegna jalma mah kumaha tihangna. Lamun tihangna
déngdék tangtu lalampahana ogé déngdék. (NINGALI) Har? Geuning éta tangkal téh déngdék ogé?

T R A G I W U L : (NGAHARÉWOS)
Naha kakara nyaho kitu? Kapan unggal bulan manéhna pidato didieu.

J U R I M B L A : (NGAHARÉWOS)
Pamingpin téa sok araranéh. Hésé dipiharti ku rahayat. Ogé tara hésé ka rahayat.

BARATA
Para rahayat. Cikan ayeuna mah pangajegkeun éta tangkal sagalawarna. Sabab ajeugna kahirupan
dumasar kana kajegan tangkalna. Geuwat geura ajegkeun! Sareuseuk nénjona.

SAKABÉH RAHAYAT NGAJEGKEUN TANGKAL TAPI TEU HASIL. BATAN TANGKAL AJEG MAKAH
MARANÉHNA NAMBRU JEUNG NYALERIEUN CANGKÉNG.

RAHAYAT : Taluuuk baginda…! Teu kiaaaaat…!

RAHAYAT : Nyeri cangkééééng, baginda.

RAHAYAT : Ampun baginda. Tangkalna teuas.

RAHAYAT : Aduuuuh baginda, tangkalna gila-gila acan!

RAHAYAT : Aaaaaah jadi awak kuring nu déngdék.

RAHAYAT : (……………………………………………..)

28
RAHAYAT : (……………………………………………..)

TRAGIWUL
Pangapunten baginda. Jalaran pangawakan salira ogé déngdék,. kumaha pami ayeuna awak salora
diajegkeun ku sadaya rahayat. Margi ajegna rahayat dumasar kana kaajegan pamingpina.

RAHAYAT : Akuuuur….! RAHAYAT NGAJEGKEUN AWAK BARATA TAPI KALEUWIHAN.

J U R I M B L A : Stop! Stop! Kaleuwihan!

BARATA
Heup! Heup! Manggeus! Tadi awak kuring déngdék ka kénca, ayeuna déngdék ka katuhu. Keun
baé. Leuwih hadé déngdék ka katuhu ti batan ka kénca.

SAKABÉH NU AWAKNA DÉNGDÉK KA KÉNCA AYEUNA DÉNGDÉK KA KATUHU.

T R A G I W U L : Deuleu itu. Kabéhanana jadi milu déngdék ka katuhu.

JURIMBLA
Bawahan mah gumantung ka pingpinana. Pamingpin déngdék ka kénca milu ka kénca.
Pamingpin déngdék ka katuhu, milu ka katuhu.

TRAGIWUL
Tapi naha geuning Si Enéng mayorét ieu mah ti tatadi awakna ajeg.

MAYORÉT
Is da kami mah tara kabawa ku sakaba-kaba.

NGADANGU OMONGAN MAYORÉT SAKABÉH JALMA NU ASALNA DÉNGDÉK KAASUP TUKANG


DRUMBAND JADI AJEG. IWAL TI BAGINDA RAJA KOTA.

T R A G I W U L : Naha kabéh jadi milu arajeg?

TK DRUMBAND : Kami ogé embung kabawa ku sakaba-kaba.

TK DRUMBAND : Kami ogé

TK DRUMBAND : Kami ogé

TK DRUMBAND : Ogé kami.

BARATA :
Jadi tinggal kuring anu déngdek nyorangan? Horéam teuing déngdék teu dibaturan. Ari kitu mah kuring
ogé rék milu ajeg. Phuaaah! Ajeg! Ajeeeg!!! (MANÉHNA AJEG. HADIRIN KEPROK)

SABOT KITU TI KÉNCA KATUHU DATANG INDUNG BAPA JAJAKA JEUNG INDUNG BAPA
WANOJA. HAHAOK BARI SESENTAK NYARÉKAN AKI TRAGIWUL JEUNG NINI JURIMBLA.

29
B R A S T O L : (BRASTEUAS/BINCUSTOL)
Tragiwul! Jurimbla! Disumputkeun di mana anak déwék? Geus sabulan can balik-balik kénéh, Jawab
Jurimbla! Tragiwul! Di kamanakeun anak déwéééék!

JURIWUL
Har? Nya duka teuing atuh! Éta arilaing neundena di mana? Sarua kuring ogé geus sataun teu
panggoh jeung anak maranéh.

DEMPULSILA (DEMPULKACA/MODARSILA)
Alah tong api-api manéh Tragiwul! Jumbrila! Apan maranéh nyaho kuring teu panuju anak kuring
bobogohan jeung anakna si atah adol. Tapi ku maranéh ngadon dipupujukeun dititah kawin lari! Naon sih
kahayang maranéh téh Jurimbla? Tragiwul? Béjakeun di mana anak kami?

JURIWUL
Ih? Nya duka teuing atuh. Euweuh urusan kami mah.

BRASTEUAS
(BUNGAH NINGALI TIHANG LISTRIK AJEG) Horéééé..! Hasil! Hasil euy hasil! Ku kuring diinfusan
unggal minggu éta tihang listrik jadi ajeg.

DEMPULSILA
Horééé Papap hébaaaaat. (MILU BUNGAH AJRAG-AJRAGAN)

SAKABÉH JALMA BARENGONG NINGALIKEUN KALAKUAN BRASTEUAS JEUNG DEMPULSILA. TI


LUHUR TOROJOL KATÉL ANU DITUMPAKAN KU GAMBROTI JEUNG BROWSINGKRIX ANU . BEDIL
DITÉMBAKKEUN KA KOLOT-KOLOTNA MODARSILA, BINCUSTOL, DEMPULSILA JEUNG
BRASTEUAS NGAGALOLÉR GEUS TEU NYAWAAN. KABÉH JALMA TINGJALERIT. LAJU GAMBROTI
JEUNG BROWSINGKRIX NGOMONG BARENG MAKÉ PENGERAS SUARA.

WAJAKA
Kuring lain geus maéhan indung bapa kuring. Tapi kuring geus maténi jalma-jalma anu salila
ieu geus ngahalang-haling cinta kuring. Kasatiaan kuring mo bisa dihalang-haling ku naon baé. Kuring
lain Romeo jeung Yuliet anu réla maténi diri ku alatan cintana teu dipanujuan ku kolot-kolotna. Kuring
Gambroti jeung Browsingkrix anu téga maténi kolot-kolotna lantaran cintana, kameumeutna, kaasihna
embung dihalang-haling ku saha baé.

WANOJA : Viva cintaaaa…!

JAJAKA : Bravooooo….! (NGALESATKEUN DEUI KATÉLNA. INDIT JAUH)

NU UPACARA BENGONG NYAKSÉNI OPAT LAYON NGAGALOLÉR. JOL SI OWAH.

SI OWAH ( NYEMBAH KA TANGKAL)


Tangkal ménta caiiiii…! Ménta caiiiii tangkal…! Ménta caiiiii tangkal…! (TANGKAL OYAG).

RAHAYAT
Tangkal oyaaaag…! Taneuh ogé oyaaag!!

30
RAHAYAT
Liniiiii….! Aya Liniiiii! (TINA PORI-PORI TANGKAL BIJIL CAI)

SI OWAH
Caiiiiii….! Aya Caiiiii….! Caiiiii bijil tina tangkal. Tina tangkal cai bijil. Bijil tina tangkal cai…!

RAHAYAT
Heu-euh itu cai bijil tina tangkal. (TANGKAL NGALUARKEUN CAI)

JURIMBLA
Montong wara ngurus cai. Ieu layon rék dikarumahakeun?

BATARA
Anéh nya aya cai turun ti langit. Boa rék kiamat. (HUJAN TURUN)

TRAGIWUL
Gila-gila kiamat. Nu kitu téh ngarana hujan. Dasar Saumur-umur kakara manggih.

JURIMBLA
Banjiiiir.

RAHAYAT
Cai beuki ngalobaan. Asiiik. Hayu urang daragang cai.

RAHAYAT :
Asiiiiik

JURIMBLA
Lain asik asik. Ieu téh picilakaeun.

CAI NGALONTOR SIGA CURUG TEMPAT ETA JADI WALUNGAN. RAHAYAT TINGJALERIT.

TRAGIWU
Matak kudu barisa ngojay.

CAI BANJIR NGEUEUM KOTA. HUJAN BEUKI GÉDE. KOTA JADI KUBURAN CAI. KOTA TRAGIWUL
JEUNG JURIMBLA NGANGKLEUNG DINA BAN MOBIL SÉWANG-SÉWANGAN .

JURIMBLA
Naha nya umur urang bet panjang-panjang teuing?

TRAGIWUL
Dupi anjeun lali. Kapan urang kungsi ngadahar pél Awét ngora jeung pél panjang umur.

JURIMBLA
Aéh heu-euh nya. Terus ngadahar kapsul cangker ongkoh

TRAGIWUL
Kapan urang mah dahar ogé teu sangu teu jagong. Tapi ukur dahar pél wareg tujuh bulaneun.

31
JURIMBLA : (………………………) (LALAKON BISA TAMAT DI DIEU)

ADEGAN 5

SEMAR
Aduh aya anaaak. Lalakon nanahaon ieu téh. Assalamualaikum Cuu. Wilujeng tepang jeung uwa.
Aringet kénéh ka Uwa? Uwa semar. Uwa téh ujug-ujug aya wéh dina lalakon ieu. Lalakon ngeunaan cai.
Malahan asalna mah naskah ieu téh judulna cai. Tapi kulantaran geus loba pangarang séjén nu judulna
ngan sakecap model Wanci, Tarung, Odeu aya deui nu ngan dua kecap model Néang Sarakan. Ringkang
Peteng. Tah nu ieu mah tilu kecap Babad ALam Jaga. (SIMPÉ) Hurip jelema dumasar kana cai. Awak
urang pinuh ku cai. Cai dipikabutuh ku hirup. Jelema sok dagang cai bari butuh ku cai. Cai mah
kahirupan. Uwa moal lila-lia cumarita. Uwa datang ka dieu ngan ukur rék ngelingan ka anu ngarang ieu
lalakon. Tong tarik teuing ngahayal téh. Maké jeung ngadongéngkeun kaayaan mangréwu-réwu taun ka
hareup. Mana boa isuk géto gé dunya kiamat. Ancur lebur ajur teu nyésa saeutik-eutik acan. (SIMPÉ)
Jaman beuki pihariwangeun éta bener. Butuh kakuatan méntal reujeung kaimanan urang saréréa. Alus
henteuna nasib urang di alam jaga gumantung lalampahan urang di poé kiwari. Hayu ayeuna mah urang
babareungan milampah kahadéan di dunya pikeun kasalametan urang di alam jaga. (SIMPÉ) Cai bisa
jadi sobat urang, cai ogé bisa jadi musuh anu urang. Ayeuna cai lébér, cai caah, isuk géto bisa saat
deui. (LALAKON BISA TAMAT DI DIEU)

ADEGAN 6

BOHÉNG
Cai can datang kénéh waé. Telat di jalan. Karunya jelema, hayang nginum, hayang mandi, hayang
ngisang euweuh cai. Caiiiiii….!! Di mana anjeun caiiiiiii….?

TRAGIWUL
Éta bonéka bacéo kénéh wayah kiwari.

JURIMBLA
Pareuman geura ngarah teu gandéng waé!

TRAGIWUL
Heug.

BOHÉNG
Caiiiiiiiiii…..! Caiiiiiii…..!! (PAREUM) (LALAKON BISA TAMAT DI DIEU)

ADEGAN 7

ADEGAN BALIK DEUI KA MIMITI TAPI TÉMPONA GANCANG SIGA FILEM DICEPETKEUN.

TUKANG CAI
Cai… caiii… caaaiiiii…. Bararadé caaiiii.

TUKANG CAI
Cai hébring! Cai hébring! Sumangga digaraleuh cai hébringna. Haneut kénéh pisan. Didambel dadakan.

32
TUKANG CAI
Moal kaduhung, moal kaduhung. Cai jaman next, cai jaman next. Racikan Ultramén. Pangaos mirah
rasana édun. Moal kaduhung.

SI OWAH
Ménta caiiiii…! (CEURIK) Ménta caiiiii…! (AMBEK) Ménta caiiiii…! (CEURIK)

WANOJA
Aya cai nu mirah bro?

TUKANG CAI
Anu bungkusan, anu dikapsul, anu léteran?

TUKANG CAI
Tong mésér cai di si éta, akang, tétéh. Pésér mah cai di abdi. Tiasa pesen tina onlén
TUKANG CAI
Anu bungkusan, anu dikapsul, anu leteran?

WANOJA
Salegukna sabaraha?

TUKANG CAI
Sajuta satengah Néng.

WANOJA
Unch! Geuning awis? Wadaw!

JAJAKA
Geus naék deui harga cai ? Kamari ngan sajuta saleguk. Bisa ditawar teu? Sajuta wé nya?

TUKANG CAI
Teu tiasa. Harga pas.

TUKANG CAI
Tong mésér cai di si éta, akang, tétéh. Pésér mah cai di abdi. Cai abdi mah lian ti sareungit, rasana gé
pédo tur odép deuih. Tiasa dipesen onlén.

TUKANG CAI
Jadi ilaing nya tukang cai onlén téh? Kaperego siah ku uing! Ilaing geus nyapluk rejeki kuring
jeung batur-batur kuring tukang cai konvénsional. Batur-batuuur ieu aya tukang cai onlén, hayu urang
gulung ku saréréaaa….
ÉTA JELEMA DIREMPUG. TUKANG CAI ONLÉN DARATANG NGABÉLA BABATURANA LAJU
TAWURAN JEUNG TUKANG CAI KONVÉNSIONAL. MARAWA PAKARANG. ADEGAN SLOW MOTION.
LAMPU PAREUM. KADÉNGÉ SORA KOOR NYANYI SAYAIRNA UKUR CAI JEUNG CAI.

KOOR
Caiiiii….., caiiiii…., caiiiiii…., Caiiiii….., caiiiii…., caiiiiii…., (LALAKON BISA TAMAT DIDIEU)

33
ADEGAN 8
J U R I M B L A : (NYANYI)
Manusa jeung jelema, loba anu paraséa Isuk-isuk paséa, beurang-beurang paséa…Soré peuting paséa…
janari nepi ka subuh ogé teu weléh paraséA, paséa, paséa jeung paséa. Saban waktu paraséaaaa…!!
(JURIMBLA GEUS NAMATKEUN KAWIHNA) Pajar ceuk kalénder ayeuna téh ninggang di taun opat
puluh dua juta lima ratus dalapan puluh dalapan rébu tilu ratus salapan puluh genep maséhi.

(DITUNGTUNGAN KU KOOR CAI)

LAYAR NUTUP

Yusef Muldiyana Subandi

Bandung 24 Desember 2017

34
35
36
37
38
39
40
41

You might also like