You are on page 1of 35

Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

SAMBADA

Antologi Naskah Monolog


1
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Tim redaksi
Daftar isi
Penanggungjawab:
KATA PENGANTAR. ………………………….............................. 3
MUHAMAD MUNIF
SEKILAS SAMBADA.............................................................. 3
MONOLOG POé PANUNGTUNGAN ........................................ 4
editor:
Monolog haraga diri rakyat ...................................... 5
Tim infokom
Monolog bulan tumangal............................................. 7
IG:Sambadahimapensatrada
Monolog peurihna jadi guru ...................................... 9
CP:
Monolog Peunggas hareupan …………………..…………. 10
Munif 082321699980
Monolog Babaturan heubeul ……………………………… 11
Monolog BEDA ……………………………………………………..
14
Monolog kasedih ……………………………………………….. 16
Monolog jawaban anu sarua ………………………………. 19
Monolog duka ……………………………………………………. 21
MONOLOG GELO
…………………………………………………….. 23
MONOLOG kaayan …………………………………………………
25
Monolog DURIAT AING ………………………………………….
27
MONOLOG CEPOT GUGAT
………………………………………… 29
MONOLOG KRING…KRING
………………………………………. 31
MONOLOG SOBAT
………………………………………………….. 32
MONOLOG ELEGI BAHEULA
……………………………………… 34

2
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Haturan

Neda agung pangapunten neda jembar hampurana ka sadaya anggota sangar mahasiswa basa sunda. Saleresna antologi
monolog ieu diajeungkeun kanggo jalmi sawawa. Alesana nyaeta kahiji, pikeun arsip karya barudak , kadua pikeun motivasi
pikeun pangurusan salajengna. Upami sadaya alesan diluhur henteu cekap, simkuring ngahaturkeun ieu antologi pikeun di
bebenah di pengeurusan salajengna.

Muhamad Munif

SAMBADA
Ayeuna Urang Hudangkeun
Ayeuna Urang Hirupkeun
Urang Lalakonkeun Lampahna
Urang Pasinikeun Huripna
Salam Seni !
Salam Budaya!

3
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Poé Panungtungan

Ku Si Geuleuyeung

“ Hih, ari jaman ayeuna, abong-abong di kota harga-harga naraék, nu kieu patut gé dijual-beulikeun.
Padahal lamun di kampong mah nu kieu patut téh kari ngala. Ka pucuk-pucuk sampeu ogé kudu
ditukeurkeun ku duit. Piragé pangaji lima ratus pérak nya, padahal mah bikeun wé atuh. Jeung éta
deuih, ambuiiing, harga-harga béas mani ngajaul pisan. Teu nyahoeun kitu uing téh jeur lieur mikiran
keur dahar jeung keur nyakolakeun. Cik atuh, ari nu kitu-kitu waé mah da dahareun poko, ulah
dimahalkeun teuing. Sing karunya wé ka masarakat jiga uing.”

Ning ituh, matapoé ogé meni mentrang kitu, panas kabina-bina. Boa-boa muilu
mangambekeun ka nu dilaluhur. Nu dariuk dina korsi empuk. Heueuh meureun milu ambek da harga-
harga beuki ngajaul. Éta deuih cai beuki marudal nyapukeun imah-imah nu alagréng. Sarua meureun
nya, pada protés ka nu boga jabatan.

Kamari deuih, geus aya anu nagih hutang, heueuh mangkukna kuring nganjuk béas. Éh,
heuleut sapoé gé geus di tagih. Na ari jalma ayeuna meni ku teu sabaran.

Ari uing dahar jeung naon atuh poé ayeuna? Sangu teu boga, béas euweuh, komo deungeunna.
Néangan pagawéan teu meunang waé, anak ménta biaya keur sakola. Ah, cukup gusti. Atos atuh tong
maparin tunggara waé. Atos wareg, malah mah tos kamerekaan. Engké kedah disimpen di mana atuh
gusti? Ari teras dipasihan tunggara waé mah.

Hahaha… Aéh kétang, kawas jalma gélowaé ngomong sorangan. Apan ceuk si Mamih gé ari
hoyong lungsur-langsar sagalana mah, datang wéh ka imah Mamih, da lamun geus dangdan mah
geulis kénéh cenah. Aéh ketang, entong. Pan ceuk Pa Ustad ogé harita basa uing sok ngaji kénéh, lah
mira-kira keur kelas genep SD, entong milampah nirca sok sanajan kaayaan geus hésé ditarékahanna.
Kudu terus sdrah sumerah ka Gusti Rabbul Izzati sarta dibarung ku usaha, Insyaallah abakal lungsur-
langsar sagalana.

Tapi éta tiori, geuning kuring geus sakieu masakatna, malah masakat pisan, mana? Aya teu
Gusti nulungan?

(semu-semu ngadéngé sora halonna sora, sora istigfar) reuwas, pingsan, pingsan nepi ka
mangsa manusa dihudangkeun deui. 4
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

HARGA DIRI RAHAYAT


Agung Apryan a.k.a Samsul Bahri
(Sambada - Batara Gatra)

Kuring ukur patani, kuring teu boga imah, teu boga kebon, teu boga pakaya, teu boga tempat
jang ibadah, kuring jalma teu boga nanaon.

Kawas nu nyawang ka baheula

Baheula kuring saukur patani, cacah kuricakan. Tapi kuring boga harga diri sanajan ukur jadi
patani, ukur bulu taneuh, ukur apal yén aya wasiat karuhun nu kudu dicekel pageuh. Aya tatali
paranti nu kudu dipupusti. Aya ugeran sangkan teu ngaruksak alam wariskeuneun ka anak
incu.Kuring rumasa bodo, teu apal kumaha aturan nu ceuk pamaréntah bener. Tapi kuring salaku
rahayat boga aturan nu salila ieu jadi ugeran kahirupan. Aturan nu kuduna jadi dasar tinimbangan
pamaréntah saméméh ngalakukeun pagawéan nu ku maranéhna disebut pangwangunan!

Ngarahuh tuluy ngacungkeun peureup ka luhur.

Hirup kuring lain ukur lulucon atawa barang dagangan anu bisa di ulinkeun sangeunahna.
Lainna kawajiban nagara nyieun sangkan rahayatna ngarasa aman? Nulung kanu butuh, nalang kanu
susah, ngajait kanu leutik? Kuring teu boga nanaon, ukur modal tanaga jeung kebon anu sakitu-
sakituna. Imah leutik oge tapi warisan ti karuhun, tempat kuring di gubragkeun ka alam dunya,
tempat kuring ulin nepi ka kolotna ayeuna. Pamarentah bisi rek nyieun bandara, rel kareta atawa jalan
tol mah pek wae, da pangwangunan teh alus keur kapentingan nagara. Tapi, kudu ninggali ka jalma
leutik, perhatikeun kamanusaan. Kuring nenjo manusa tapi euweuh kamanusaanna. Ulah nepi
nyangsarakeun rahayat. Kudu aya kaadilan keur jalma leutik cara kuring, ulah hayoh ngaladenan nu
beunghar.

Leumpang bangun nu lungse, teu puguh rarasaan.nahan kanyeri dina ati, nahan amarah dina
manah.

Teu cara baheula menta dipilih basa pemilu. Teu sirikna datang ka lembur mere beas tilu leter,
mere kartu, mere karep nu ngaranna karaharjaan. Pang-inditan maranehna nu ayeuna di sebut wakil
rahayat teh naon?Saacan di-istrénan mah nepi ka kadenge ceuceuleuweungan “Aku akan membela
wong cilik-wong cilik”. Mana buktina? Ayeuna geus jadi ngadadak poho kanu leutik. Kabeh anggay-
anggayan sagala rupa teu anggeus sabab nu mariksana bangsat, nu dipariksana garong. Ukur mikiran
taman jeung bola sagede budak tina beton sisi jalan.

5
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Anak jeung pamajikan aing nepi perlaya ayeuna alatan gering ku pikir jeung kalaparan. Teu
wasa nahan di siksana. Teu rido aing dijejeléh cara kieu. Kedok siah agama teh! Ari igig-igig santri,
ari légég-légég pasantren, maca quran ti bubudak, maca hadis ti leuleutik, tapi hirup nipu rahayat
leutik, nu di hakan ladang basilat, ladang korupsi. Goblog! Munafik! Cing make polo, maraneh jadi
pajabat lima taun, paling lila sapuluh tapun. Tapi rahayat, langgeng. Pikiran nepi kadinya.

Mawa arit/bedog tuluy di acungkeun.

Naon deui nu rék ditandonkeun lian ti nyawa, kaayaan lembur aing geus diancurkeun! Padahal
salila ieu aing teu pernah ngarugikeun sasaha. Salila ieu aing taat ka pamaréntah. Kitu kieu kumaha
ceuk pamaréntah. Tapi ayeuna, naha nu asih dipulang sengit, sanggeus kahirupan aing diancurkeun,
naon deui nu kudu dibélaan ku aing lian ti kahormatan aing salaku manusa.

Gedepruk diuk nyuuh kana suku bari sila. Guk, ngagukguk ceurik.

Réngsé

6
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Bulan Tumanggal
Arifa R
(Sambada – Batara Gatra)

Langit lenglang badan taya aling-aling


Indung peuting nu ngadingding
Kasilir, kasilir angin
Nu nyaangan, nu nyaangan
Ukur bulan nu tumanggal
(Kawih Bulan Tumanggal)
Sinden model kula, nu kasohor dina mangsana. Ti leuleutik geus diajar ngawih ku pun biang.
Sumuhun, tos aya titis tinulis ti dituna kula aya dina gurat turunan kasenian hususna dina urusan
ngawih. Diajar ngawih najan harita ngalaman tepi ka peuyeuh sora saminggu. Najan kitu, sanggeusna
geuning sora teh beuki luhur bae, beuki halimpu, beuli ngeunaheun. Maju ka rumaja, kula beuki
kasohor ku ieu sora. Bisa kaciri gurat bagja dina raray pun biang. Anjeunna reueus neuteup darah
dagingna nu nurunkeun bakat hade ti anjeunna. Harita saur anjeunna, “eneng teh tuturus mamah. Bral
geura lajengkeun lalampahan.” Ti dinya kula diabur jadi juru kawih ti kota ka kota. Salian ti sora,
meureun nu meunang tina diri kula teh tina jirimna. Raray ceples pisan jiga pun biang. Kulit semu
koneng, irung bangir, awak ge teu leutik teu gede. Ngan meujeuh ari kasebut demplon mah.
Harita lalampahan ka Purwakarta. Cenah ceuk beja, rea sinden nu aralus diditu. Keun bae,
najan bakal loba saingan, kula niat rek diajar. Harita kula diondang jadi juru kawih dina kariaan
gegeden di Purwakarta. Geuning bener ceuk beja teh. Didinya kula ngan sakur kabagean ngawih
salagu. Jejerna Pager Baya. Aya sawatara sinden didinya, aralus pisan. Kabehanana ti Purwakarta.
Kula atoh saumpamana geus tepung jeung sinden deui. Harita, saurang sinden nu awakna lenjang
nyampeurkeun kula ngajakan wawanohan. Ngaranna Teh Asih. Ceuk batur mah anjeunna teh sinden
pangdipikaserabna. Enya bae, dina eta acara anjeunna ngawihkeun genep kawih. Geus beres acara, nu
boga hajat nyampeurkeun kula. Na aya naon? Dina manah rea patanyaan. Geuning eta gegeden nu
boga hajat hayang kula datang ka acarana nu sejen. Cenah mah ngan kula sinden nu diondang. Enya,
bungah pisan ieu hate.

7
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Kula keur dangdan di tempat nu geus disiapkeun harita. Dangdan nyiapkeun acara gegeden
Purwakarta nu basa eta ngondang. Padahal dina eta rohangan ngan sakur aya kula. Ngan reuwas,
geuning ti tukang aya Teh Asih. Pasemonna seuri marahmay ngan duka teuing kunaon asa beda
karasana. Teh Asih ngajak kaluar rohangan. Inget keneh, harita peuting-peuting. Teh Asih jol
ngajakan ngawih duaan didinya. Anjeunna nyuhunkeun kawih Bulan Tumanggal da cenah harita
bulan keur hade-hadena. Sorana nu halimpu, jeung sora kula nu ngahiji kadengena asa meupeus
peuting. Genah kadengena moal aya deui. Tapi ti dinya, Teh Asih ngaluarkeun balati. Kula nu teu
boga pipikiran goreng nanya naon maksudna ngaluarkeun balati. Anjeunna sasanggeman, cenah ieu
peuting bakal jadi peuting nu pamungkas pikeun kula. Kula ceurik sajadi-jadina nganaha-naha. Cenah
saur anjeunna, sabada kula nincak Purwakarta, kula teh jadi anceman pikeun Teh Asih. Ceb!
(Ngaragap dada) Eta balati nanceb pas dina jajantung ati! Getih baloboran, tetempoan geus teu
puguh, awak geus ngagoler dina taneuh. Karasa biwir Teh Asih nyium ieu damis. Ti dinya, sakabehna
poek.
Mamah, awak eneng aya keneh didieu tacan dikurebkeun sakumaha mistina. Eneng tos aya di
ieu tempat lami pisan, Mah. Eneng sieun cicing didieu, teu aya nu ngabaturan. Mamah, geura
sumping kadieu. Eneng nu didieu sok ngawih, Mah. Manusa ge sok ngadangu eneng ngawih. Eneng
hoyong uih, Mah! Eneng didieu ngan sakur tiasa ngawih sorangan, Mah. Tulungan eneng! (Ceurik)

Réngsé

8
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Peurihna jadi Guru

Artia Catur

(Sambada – Mulan Gantari)

Kuring apal tanggung jawab jadi Guru teh teu sagawayah , teu bisa heureuy mun urang boga
predikat "Guru" teh. Sanajan lain di sakola Kuring angger di sebutna Pa Guru, mun ka masjid, ku
tatangga angger we osok di sebut Pa Guru. Apal kuring ge yen guru teh Pahlawan cenah mah
"pahlawan tanpa tanda jasa",

Tapi naha ongkoh kuring teh Pahlawan, tapi da kanyeri jeung beban jadi Guru teh kacida
peurihna, kacida hesena. Komo di jaman kiwari mah, nyanghareupan budak ayeuna nu mental jeung
karakterna geus kabawakeun ku pangaruh "globalisasi" , geus luntur tah etika tatakrama anu di cenah
di jungjung luhur.

Budak ayeuna mah teu ngahargaan saeutik-saeutik acan ka Kuring . Didieu kuring mikir naha
emang salah kuring nu teu baleg ngajarna? Atawa emang budak-budakna anu geus teu apal naon nu
ngarana sopan santun teh? . Kuring geus neangan cara naon wae anu bisa dipake keur ngajar ngarah
budak teh bisa kana pangajarana, tapi naha geuning budak na mah kalah jongjon we nyoon hp,
ngobrol jeung babaturan, ngadengekeun lalaguan , ai waktuna ditanya ngaharuleng teu apal naon
naon acan nu geus di ajarkeun.

Kolotna protes ka kuring, pajar cenah kuring teu baleg ngajarna. Ieu teh heueuh kuring teu
baleg? Atawa budak manehna nu salah nu geus teu bisa ngahargaan guruna sorangan?! Ka kantor
pupuhu sakola ngadu , cenah kuring guru nu teu baleg.

Astagfirulloh haladzim.. Gusti nu maha uninga , Kudu kumaha kuring nyanghareupan nu kitu,
pantes kitu kuring teh di sebut pahlawan mun jiga kieu wae? iwal ti sabar jeung sabar nu bisa
nyemangatan diri ieu. Kuring ngarasa salah tapi kuring teh geus usaha ngarubah ngadidik barudak
yen bisa apal deui kanu ngarana etika. 9

Tapi untungna aya keneh hiji dua budak anu bisa jadi semanget kuring dina ngajar ieu budak
nu di didik ku kolotna, budak nu ngarti kana etika nu nyieun diri ieu semanget yen kuring teh kudu
bisa ngadidik nu lain meh hade kalakuanna jeung teu ninggalkeun sopan santun anu jadi pangaweruh
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Peunggas Harepan

Azi Sastrawan

(Sambada – Mulan Gantari)

Woy jam sabaraha ieu? Meni asa lila waktu téh ai keur di dagoan mah, béda ai keur dipaké
senang-senang waktu téh nyerélék gancangna. Woy jam sabara ieu? Aya jelema teu diluar? Tong api-
api teu ngadéngé éta jelema anu aya diluar,woyyy...woyyy..woyy jam sabaraha ieu? Harita kuring jol
kaimpleng kalakuan baréto anu ka karandapan ku kuring. Téu.. téu..téu.. lainnnnnn!!? Lain kuring
asana mah, kuring teu ngalakonan kagiatan anu sakitu bejadna.

Enya anu jadi imam dina kaluarga, bener eta manehna? Anu kuduna disebut bapak, mere
nafkah kanu jadi pamajikan jeung budak-budakna. Ieu mah lakah nyieun kalakuan anu hina keur anu
jadi budakna. Peuting tadi sosok anu jadi bapak bet robah jadi manusa anu kalintang ganasna, indung
aing anu teu puguh boga salah di kerid make peso raut tuluy diturih make jara anu kalintang nancleb
kana dadana. Harita kuring ambeuk teu sakara-kara. Dasar bapak bangsat!! Dasar bapak setan!!
Bapak teu boga ras-rasan!! Dasar teu boga ajen kamanusian!! Setaaaaan.

Kuring ambeuk kitu lakah percuma sabab anjeuna lakah malik ambeuk ka kuring. Manehna
rubah jadi siga sato anu teu miboga akal, kuring anu ngarasakeun. Peuting eta sagala anu dipiboga ku
kuring dicokot kabeh katut hiji barang anu kalintang bisa disebut intan dina diri kuring sirna di
rampas kunu jadi bapak. Ahhhhh......ahhhh..ahh.. kuring geus sakuat tanaga ngalawan. Lakah kasakit
anu ditarima. Sia dasar sato!! Dasar mahluk bejad!! Dasar sia gelooo!! Kalakuan sia meuni leuwih
tibatan sato!! Teu mikir yén aing anak maneh. Naha anjeun teu ngarti? Keur naon nyieun kuring atuh
ai rek dikieukeun mah!!!

Sanggeus kajadian eta kuring ngan bisa huleng jentul kudu kumaha nuluykeun kahiruoan anu 10
kalintang beuratna. Penggas hareupan kuring,kudu kumaha nuluykeun kahirupan,kamana kuring kudu
ngalengkah,kudu naon oge anu kudu dipilampah. Lamun kieu carana mah kuring aweh piiihan lain.
Hampura kuring ibuuu, geuning kieu nasib anu kaalaman ku kuring teh. Antosan kuring ibuu, ksuring
tek nyusul. Teu sakira-kira kuring nanjlebkeun jara pas kana dada. Clebbbb Ahhhhhhh.
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Babaturan Heubeul

Eva Dewi

(Sambada – Mulan Gantari)

Kadé upama manéh boga babaturan deukeut. Tong boro babaturan anyar, babaturan nu geus
lila bareng jeung manéh gé can tangtu satia satuhu jeung manéh. Benernya beuki dieu jaman téh geus
beuki gélo waé. Boro-boro batur, babaturan gé jarahat ayeuna mah. Boro-boro nu saliwat nu geus lila
gé waktuna nguciwakeun mah nya nguciwakeun wé. Malah dikuciwakeun ku anu geus lila
babarengan mah peurihna gé leuwih-leuwih digerih ku hinis. Peurih... pisan!

Ulah sok percaya teuing ah ka babaturan téh. Kudu boga saku dua. Ayeuna mah loba nu
ngabudi ucing, jelema munapék! Nu hareupeun haah heueuh siga nu béla, tukangeun mah ngabudah
ngomongkeun manéh. Nu ngakuna babaturan sapapait samamanis téh saukur ceuk sungut!
Kabuktianna mah teu, teu kitu gening manéh téh anu cenah ngaku babaturan! Padahal lain sapoé dua
poé manéh babarengan jeung urang. Geus leuwih ti sapuluh taun.

Inget teu baheula, basa urang diuk sabangku ti TK mula, anu mun sagala nu diajarkeun ku
guru TK harita kudu sarua ka kuring jeung manéh? Basa keur miminengna ceurik, di sakola SD?
Urang sok silih upahan, sok silih bélaan. Embung lamun salah sahiji ti urang aya nu ngaheureuyan.
Heueuh tapi manéh teh kungsi béla ka kuring. Kungsi embung nempo kuring ceurik. Keur di SMP
basa mimiti begér, sok silih dangdanan. Silih puji “Ani meni geulis ih manéh.” Ceuk urang ka
manéh. Kitu deui ceuk manéh ka kuring. basa SMA kitu deui, teu bosen kuring sabangku jeung Ani.
11
Asa geus jeung dulur saindung sabapa jeung manéh téh.

Ani téh babaturan kuring baheula mah. Budakna biasa waé, teu geulis henteu. Pédah wé Ani
mah babari akrab, éta meureun anu matak nyeiun manéhna mineng dideukeutan ku lalaki téh. Teu
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Ti saprak kuring tunangan jeung Iki, Ani mineng ngaleungit. Mun keur bareng jeung kuring, sok
mineng indit ti heula. Sieuneun ngaganggu kuring kitu? Atawa rék ngabiasakeun diri teu babarengan
teuing jeung kuring? Da puguh kuring mah genep bulan deui gé kawin jeung Iki. Heueuh
meureunnya. Mun keur bareng, babasaan ka kuring na mah, rék bébérés imah téa mah, rék nganteur
dulur téa mah, rék aya perlu téa mah, geus ku rupa-rupa. Baé! Kuring mah teu ngulah-ngulah. Ngan
asa teu biasana Ani mineng iinditan, ai lain jeung kuring mah. Geus rék dua minggu kitu na téh.

Sigana mah keur begér kitu Ani téh? Tapi kasaha, da teu nyarita gening ka kuring mah. Ke
peuting rék diéndongan ah! Sugan wé kuring apal saha lalaki anu bisa nyieun Ani daék bobogohan,
pikir kuring harita. Da salila bareng jeung kuring, Ani can pernah boga kabogoh. Nu deukeut gé
saukur nepi ka deukeut hungkul tara nepi bobogohan. Piraku wé ayeuna kuring teu nyaho Ani boga
kabogoh, da biasana mah aya nanaon gé pasti caritna téh ka kuring heula.

Peuting harita, kuring mondok diimah Ani. Salila di imah Ani, kuring teu tunya tanya
ngeunaan saha kabogoh Ani téa. Rék nanyakeun téh asa teu ngareunah haté, sieun Ani embungeun
nyarita. Tungtungna kuring teu jadi nanyakeun. Ké meureun mun geus waktuna mah bakal nyarita.
Basa kuring nginjeum hapé Ani, geus ilaharna sih sok silih injeumkeun.

“TING TENG!!! TING TENG” (sora BBM asup kana hp Ani). Teu kahaja kabaca ku kuring
aya BBM, ti Iki. Nanyakeun kuring kitu Iki téh? Geuwat ku kuring di buka BBM téh. Asa ku atoh,
gening Iki téh sok nanyakeun kuring ka Ani. Barang di buka. Ku kuring tuluy dibaca. 12

“Wilujeng wengi Ani, wilujeng istirahat. Punten wengi ieu Iki teu cios ngajak ameng Ani, da
saurna Ita badé mondok di Ani. Untung Iki teu acan mios, kabujeng Ita ngawartosan ka Iki. Keun
énjing deui wé nya, Ni.”
(Aya rasa kahariwang) Éh, ke heula kétang. Heureuy meureun Iki jeung Ani téh, pan biasana

Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Teungteuingeun manéh Ani!!! Salah naon kuring ka manéh, nepi ka manéh bisa téga
ka kuring? teu payu kalalaki manéh téh, nepi ka nyokot lalaki babaturan? Peurih Ani.... leuheung dicokot
ku batur, ieu mah ku babaturan.

Héyyy, maranéh nu boga babaturan!!!! Cing inget babaturan manéh talingakeun bisi ngabangsat
siga si Ani. Teu sudi aing boga babaturan siga kitu patut. Pupulasan!!! Hareupeun aing siga nu enya.
Gening tukangeun mah nganyerikeun aing!

RÉNGSÉ

13
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

BÉDA

Memed Munandar

(Sambada – Mulan Gantari)

Béda, aya nu béda pokonamah.

Enya katingali ku batur mah pasti sarua, siéta masih bias seuri gagalakgakan, masih bias
heureuy jeung urang, masih geulis, dangdan saayana tapi teu ngurangan kageulisana. Tapi kabéh éta
ngan saukur topéng. Lantaran urang apal, seurina béda jeung nu biasana.

Lamun apal éta poé terakhir manéhna bias babarengan, tangtu kuring moal masalahkeun
pagawéan kuring. Urang bakal ngabagjakeun manéhna satungtung poé éta. Nedunan kabéh
kahayangna ku urang usahakeun, sing cadu na ge! Tapi dasar da nu ngarana hanjakal, bet di tungtung
sateh!
14

Jeung urang gé ngartina teuing kunaon pas geus teu jeung manéhna. Pas geus meunang kabar
yén manéh téh boga panyakit kangker. Stadium akhir, geus teu bias ditulungan. Apal appal béjana
manéh geus béda alam.
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Geus sabulan leuwih urang nunggeulis euweuh manéh. Seuri nu ngan aya na diri Priya jadi impénan
dina lamunan. Ayeuna urang geus masrahkeun manéh. Da rék dikukumaha ogé wanci mah teu bias malik.
Urang embung jadi jalma nu ngabeuratkeun manéh di akherat. Ngan ieu urang haying merekeun cingcin nu
ngan saukur niatan urang, simbol kadeudeuh ka Priya. Jeung ieu aya strawberry karesep manéh. Meureun
lamun aya kénéh mah manéh geus seuri deui… duuhhhh.. sing bagja nya ayeuna mah di sisi pangéran. Da
saapal urang mah manéh téh awewe pangbageurna saalam dunya…

RÉNGSÉ

15
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

KASEDIH

Rusdi Fauzi

(Sambada – Mulan Gantari)

(Ucup, pamuda umur 22 taun, nyiar élmu ka kota. Saminggu katukang ditingalkeun maot ku
kabogohna)

Ucup ngahuleng tarik di kamar kost. Euweuh babaturan nu maturan, sabab babaturana 16
sibuk nguruskeun kasibukana séwang-séwangan. Ucup ngimpleng deui, nalika sorangan di kosanna.

Waktu nu sakitu teu karasana, 3 bulan katukang panggih jeung anjeunna. Enya, Santi anu jadi
kadeudeuh dina ieu ati. Nalika isuk-isuk manéhna nelpon haying ditéang sabab kuring kaparengan
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Nepi di hareup gang imahna, anjeunna ngajak asup heula ka imahna, tapi kuring teu nyapukan
lantaran harita sakeudeung deui magrib, sieun dicarékan ku indung kuring. Anu dipikabingung naha
anjeunna ngaharéwos “Nitip si mamah sareng si dede, nya” kitu pokna téh, kuring sakur bias
unggeuk tuluy muterkeun motor lantaran rék balik.

Poé senén na kuring balik deui ka kota jeung babaturan SMA nu saenyana babaturan
anjeunna ogé, salila dina motor kuring nyarita yén kuring embung kaleungitan manéhna. Kuring
17
nyaah, kuring cinta ka anjeunna. Manéhna sakur mere peupeujeuh yén jodo, pati, bagja, cilaka mah
saha nu apal.

Nalika poé nincak poé kemis kuring meunang kabar yén manéhna asup ka Rumah Sakit,
kontékan jeung anjeunna teu puguh, maksudna kadang aya kadang ngaleungit. Poé éta ogé kuring
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

mawa kuring kaimah Santi, ngobrol nyaritakeun kumaha kajadian saacan anjeunna tilar dunya.
Emh jungjunan, emang bener jodo pati bagja cilaka mah euweuh nu apal.

Sanajan raga paanggang jeung nyawa, kitu deui nyawa anggang jeung nyawa, natrat éta dina
dampalan, sajadah tawis asih ti pupundén ati. Tumratkeun guligahna didinya, awurkeun gerentesna 18
didinya, tug nepi jumerit jadi “tangis”, kocéak jadi cimata. Mo aya nu wasamungka, éstu Allah
marengan, sagedengeun bebendé nu seug jadi wawangi di sawargaloka, Amiin Ya Rabbal Alamiin.
Geuning maot ngadodoho, boro sok dipoho-poho, datingna teu mere nyaho, ngageretak taya
tempo.Karasa pisan yén raga atra paanggangna, tapi urang teu kudu ringrang. Kapan urang masih aya
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Jawaban Nu Sarua
19

Ryan RP

(Sambada – Sanghyang Lumayung)


Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

tibatan ngurus budakna sorangan. Lamun bisa ménta ka nu nyiptakeun, paménta


kuring ngan hiji. Lain tahta, lain ogé harta. Kuring hayang meuli waktu!. Waktu
pikeun nu jadi kolot bisa ngobrol jeung anakna sorangan.

Jam hiji waktu harita.

Sanggeus acara jeung para pajabat bérés. “Mah, Pa kadieu, tos lawas ti lawas Aa teu
calik jeung ngobrol jeung anjeun duaan. Tapi naon jawabanna? “ Aa, mamah tunduh
engké deui wé. Bapa ogé capé kudu istirahat soalna énjing aya rapat diluar kota”.
Geus sababaraha kali nanya, angger ninggang kana jawaban nu sarua nyaéta teu bisa.

Haté teu weleh galecok, raheut, peurih ku sagala rupa kapalsuan, hirup asa béak
léngkah jeung teu puguh tincakan, pangéran geus teu méré kakuatan pikeun sabar
nyanghareupan kalakuan kolot kuring.

Indung jeung bapa keur saré tibra, kuring asup ka kamarna mawa péstol.

Hampura anjeun duaan kudu palastra ayeuna!

(nembak bapana, indungna hudang tuluy ditembak) duanana tilar.

Nuhun kana sagalurapana.

NGALUARKEUN PESTOL NODONG SIRAHNA

Di kamar ieu kuring rék nyampeurkeun anjeun duaan, sugan dina kahirupan jeung
alam nu béda teu manggih jawaban nu sarua siga didunya.

(Némbak sirahna sorangan)

2 Desember 2017

20
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

DUKA
Triesnaldi
(Sambada – CandraBhama)

KAAYAAN POÉK MONGKLÉNG, SORA JANGKRIK PATUGRENG TUGRENG JEUNG


RECETNA SORA BEURIT NU TURUN UNGGAH TINA UNGGAL LIANG GOT HAREUPEUN
TOKO-TOKO DENGEUN ANU NGAJUNGKIRING PALUHUR-LUHUR NGAHONTAL
LANGIT. HIJI PAMUDA DIUK NANGKEUP TUUR BARI NYEUSEUP SÉSA BAKO TUKANG
PARKIR ANU DITEUNDEUN LUHUREUN PANTO SÉRÉLÉK TOKO MAKMUR JAYA.
Anu kieu disebut simpé téh ? Naha asa bet teu sageunah omongan Mang Guru. Kapan cenah
tiis ceuli hérang mata téh cukang lantaran tingtrim na diri. Atawa Aing salah reungeu? Ah maenya
kétang, da asa teu torék ceuli téh, malah kareungeu kénéh omongan salaki indung basing
omooong…… HAH, teu haying nginget-nginget deui !komo dipikiran mah ! matak katurih burih,
matak ginggiapeun.
Enya kapan Aing mah béda, teu siga lanceuk lanceuk aing anu dua. Si Dadang, anu nurut
dititah lés akademik keur nuluykeun S2, padahal aing ge apal, niley alus teh purah barang bere ka
dosen, sks mayar da eta keur gaganti absen anu marolongo, mun enya pinter mah meureun moal
ngilu pemutihan, dasar siah sarjana ka paksa ! Asup kelas les na ge belang-betong, malah sakali
mangsa mah katohyan keur ngarinumciu di tukangeun warung kopi deukeut gedong les na.
“Dang! Keurnaonsiah!?”
“Cicing sia ah tong loba ceta, meungeus indit ulin ka dituh !”
“Bejakeun siah kasi Mamah!”
“Bangkawarahsiah! Meungeus tong ngatur-ngatur siah kalanceuk teh! Buru balik!”
Kuring kapaksa indit da enya nitah balikna ge bari najong sagala. Sia nu bangkawarah mah
Dadaaangg!
Pangais bungsu, Si Ineu, parawan lenjang, nu remen diagul-agulkeun, pedah loba meunang
piala tina fashion show, jeung eta, remen mawa duit ka imah teh.
“Geus gede anak bapa, geus bias ngala duit sorangan”Ceuk Bapa Kuring.
Waduk !Unggal usik gunta-ganti lalaki, saminggu sakali dianteurkeun ku lalaki anu beda ka imah,
maruk aing teu nyaho hah? kapan nu nganteur teh kabeh fotografer maneh, malah kungsi sakali
mangsa mah dianteur make alphard kaimah teh, aing ge nyaho Ineu! Eta mah mobil produser
majalah dewasa!
21
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Aing…aing…(bari ngagurat-gurat taneuh) aing? Aing mah anak pang salahna! Euweuh nu bener dina
deudeuleuan salaki indung aing mah. Diteunggeul, dicabok, nepika disebut anjing, kahakanan aing
sapopoe. Anu ngayuga, tangkal darajat, contoeun anakna, euweuh! Naha pedah aing mah teu meunang
niley alus? Naha pedah aing mah teu bias merean duit ka kolot? Atawa pedah aing teh teu sagetih?
(segruk ceurik)
Emh, lamun seug diparengkeun bias lumpat Kamangsa bihari, maka rek menta salalawasna hirup jeung
bapa, malah mun bisa mah rek ngilu lunta ka alam bapa. Kuring sono pa, sono, sono dipikaheman ku nu
jadi bapa, sono dipikamelang ku nu jadi bapa, sono ulin mengbal di buruan, sono ngaeh ceurik haying
langlayangan, Sono dipangkon ka pangkeng barang kuring reup kasarean tengah imah. Teu jiga ayeuna,
burih katurih, angen nyelek, manah ka gebah. Emh bapa…
RENGSE

7 November 2019

22
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

GÉLO

An’nur Rifki aka Ahmad Bashir

(Sambada – Candra Bhama)

Di hiji peuting, tengah taman nu poék aya jalma gélo mawa kardus keur diuk di bangku
taman bari seuseurian sorangan, manéhna jiga nu keur mikirkeun naon nu kudu dipigawé saacan
saré di éta tempat.

Urang Iwan ceuk batur mah urang téh gélo, hihihihi benér gélo. Tapi aya nu leuwih gélo
tibatan urang, nyaéta pamaréntah.

Nahanya pamaréntah téh gélo? Teu asup akal, ma énya duit nagara dipaké poya-poya. Meuli
mobil, imah, jajan awéwé éhh, kapan pamaréntah gé boga istri, boga pamajikan di imah moal
mungkin jajan awéwé di luar mah, tapi saha nu apal kétangnya.

Bisa waé duit meunang kukumpul ti masarakat leutik dipaké jang jajan awéwé. Hayang mah
éta pamaréntah geura-geura di téwak ku pulisi geura di kalangkang wéh méh teu meakeun duit
nagara deui.

Iwan muka koran nu aya digigireunana tuluy dibaca

“Revisi RUU KUHP Melemahkan KPK” tuh tinggali benér ceuk urang gé naon, nu gélo téh
lain urang hungkul pamaréntah gé gélo. KPK dilemahkan, manéh geus mah korupsi tuluy hayang
hirup bébas ku cara ngalemahkeun KPK. Urang gé nu gélo masih bisa mikir yén éta téh salah cénah
pamaréntah téh kudu nulung kanu butuh nalang kanu susah.

Pa hirup masarakat téh lain barang dagangan anu bisa di ulinkeun sageunahna. Naha bapa teu
mikir népi kadinya? Baé jalma gélo siga urang mah ulah waka dipikirkeun, pikirkeun mah siga
23
tukang sasapu, tukang bécak, nu dagang asongan, patani, guru honorér jeung jalma-jalma nu hésé
néangan duit népi kudu ngajual barang-barang pribadina jang hirup sapopoé.
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Teu cara baheula ménta dipilih “Rakyat kecil akan hidup bahagia, jadi pilih saya” tapi mana
buktina pa ayeuna? Ku masarakat dibéré susu dipulang tai ku sia. Geus kapilih mah poho kanu leutik
ngan ukur mikiran beuteung sorangan teu nyadar awak geus badag siga buta, dijéro beuteung téh
duit-duit hasil korupsi? Atawa malingan duit rahayat?

Iwan ngamparkeun koran nu tadi dibaca jeung kardus-kardus nu dibawana tuluy ngagoler

Kuduna hirup didunya téh cacah jeung ménak sarua pada misuka, lain saria ménak tuluy bisa
meakeun duit jalma-jalma anu leutik hirup mewah, hirup bagja, ngagedékeun beuteung sorangan,
jeung urang cacah ngan bisa saukur neangan duit jang saria. Gélo-gélo pamaréntah téhnya

Iwan saré bari seuseurian.

Réngsé

24
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

KAAYAAN

Maulaa Nur Anshari


(Sambada – Candra Bhama)

HIJI JALMA NU KEUR CICING DINA ENGGON SARÉ. PANONNA NU BEUREUM


TAPAK CEURIK. NYEUNGCEURIKAN KAAYAAN ANU DISANGHAREUPAN
Peuting ieu, urang sorangan keur nyorang kaayaan anu tiiseun. (Ningali kana jandéla)
Sakapeung sok hayang jiga motor, bébas kamana jeung iraha waé gé. Kari nuturkeun kahayang si nu
numpakna, teu kudu mikiran. Naha kaayaan bet kawas kieu? Naon salah urang? Sataker polah
ngalakukeun sagalana pikeun nyenangkeun haté. Tapi naha kaayaan muter tilu ratus genep puluh
darajat? Urang capéééé!! (Ceurik seuseugrukan)

SORA NU NGETROK PANTO Saha? Henteu! Urang teu kunanaon (Nyusut cipanon) naon
deui? Dibéjaan teu kunanaon! Embung! Mangkat Manéh! Sok hayang pipilueun waé urusan batur,
urang hayang sorangan! Teu kudu dibaturan. Percuma manéh asup gé ngan ukur minuhan ieu kamar,
sugan méré dahar lauk mah. Alah naha ieu dada meuni nyeri kieu? Sugan asma urang jadi deui?
Ulah atuuuhhh! Keur teu boga duit téh aya waé cocobana téh Gusti (Nyekelan dada, sabari
nyarékeun manéhna).

Sok nineung baréto mah diubaran ku kolot mun geus kieu téh. Ayeuna mah bororaah, kudu
néang heula duit keur ngubaran téh. Euweuh nu jadi kolot deui. (Ngamimitian deui ceurik) Heueuh!
Urang nu salah! Urang geus doraka ka kolot. Mah, Pa, hapunten abdi. Abdi teu nurut kana cariosan
25
Mamah sareng Bapa (Ceurik tarik naker). SORA KEKETROK PANTO Naon ari Sia Kéhéd! Ti
ngadéngé ceuk Aing mantog, nya mantog! Sia teu ngahargaan babaturan pisan!

(Hudang dina enggon saré bari seuseurian teu puguh) Naha urang bet nyarékannya? Mun
dipikir-pikir mah manéhna nu ngajak urang cicing dikontrakan téh. Halah paduli teuing! Teu nyaho

Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

MAKÉ SAMPING PIKEUN NUTUPAN SIRAH MANÉHNA, SIGA ANU KASIEUNAN

Terus Urang ayeuna kudu kumaha? Urang geus teu diaku ku kulawarga sorangan. Cicing gé
ngadon di batur. Pagawéan teu boga. Komo duit mah. Euweuh cara deui, Urang kudu mangkat.
Mangkat néangan jelema burung nu geus wani ninggalkeun urang dina kaayaan kawas kieu.
Tungguan siah! Aing datang! Aing rék ménta kaayaan nu baheula! Kaayaan anu éndah tur bagja!

HUDANG TINA ENGGON RANJANG TULUY GURUNG GUSUH SATENGAH


LUMPAT BARI NYEKELAN BEUTEUNGNA NU GEDÉ REUNEUH

RÉNGSÉ

26
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

DURIAT AING

Ku Ferdina

HIJI LALAKI KEUR NGEKEWEUK NGUSAP NGAGUPAY HIJI POTRET AWEWE NU


DIPIKACINTANA BANGUN NU BINGUNG TULUY NGARENGHAP PANJANG

(Ngahuleng sakedapan tuluy ngusap potrét awéwé) Emh..Néng Yani, ieu Akang nu salila ieu
mikatresna salira.. Hmm najan enya akang teu boga nanaon tapi sing yakin Néng ! Akang boga rasa
nu teu biasa ka salira. Néng, ti poé ka poé beuki gedé kanyaah akang keur salira téh, enya najan
akang hirup sakasampeurna, rumasa jalma teu hadé rupa moal bisa meunangkeun awéwé ciga salira.
Ibaratna langit jeung bumi lalakon urang duaan téh, akang ukur bisa nyileungleuman kanyaah akang
ka salira. (Ngagidig leumpang ka pipir bari nineung nyapertikeun kajadian manéhna jeung Néng
Yani baheula) duh Néng asa inget harita basa salira datang ka tepas imah akang bangun nu ambek
risi ka akang pedah akang taya kawani pikeun ngedalkeun rasa keur salira. “Ang ari nyaah mah
kedalkeun ku diri nyalira, kedalkeun kecap cinta ka hareupeun abdi ari rumasa lalaki mah !.” ceuk
Néng Yani bari kerung “Muhun Néng..eu..eu..Sabenerna..eu..eu..” témbal akang “Naha jiga nu
panggih jeung jurig némbal téh Ang, pék gera balaka ayeuna kumaha sabenerna ulah ukur dina 27

tulisan nu nyastra !” Neng Yani bangun nu keheul. “Sanés kitu Néng, saleresna hoyong sabalakana
ngedalkeun rasa kanggo salira téh tapi...” akang némbal sabari menerkeun topi. “Tapi kumaha ? can
boga kawani ? ulah loba ceta ari enya ayana rasa mah pék geura balaka” Néng Yani motong
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

(Cicing tuluy bari mencrong ka hareup) Kami geus moal réa catur ka didinya. Intina jaga kanyaah
kami kitu deui pangnalingakeun. Ulah ka tepi aya béja nu teu genah kana manah. Lamun enya aya
béja nu teu genah kuring moal asa-asa ka salira sadérék Ujang. Hampura kuring moal aya deui dina
kahirupan maranéh najan ké bakal paamprok dina saban panglawungan. Raga kuring aya tapi jiwa
kuring lain didinya.

LALAKI TULUY NGALUARKEUN POTRET NENG YANI TULUY DI DIURUK KU


MANEHNA

“Duh, Duriat Aing !”

28
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

CEPOT GUGAT
Ku: Anying Edan

Heuhh pandawa (seuri koneng), naon hebatna pandawa (leumpang bulak balik legeg bari
udud) sok naon hebatna pandawa, (nyorowok tarik) naon ?, pandawa, pandawa hahahah
(ngagideugkeun hulu) , saria didieu ngagung-ngagung pandawa kabeh, rahyat sarua oge, kaasup
bapa Semar. Boga naon sia Pandawa, siamah saukur boga label jelmaan dewa hungkul, boga ganteng
hungkul, boga pangkat luhur hungkul. Ceuk batur mah, Pandawa teh gagah, hebat, jeung kawani na
gede, nyaduk anying nyadukkk, bobogaan namah leutik aing ge nyaho, da pernah no’ong hahahah.
(ngahuleng, bari bengeut keheul) Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, Sadewa hemmm … naon
alusna ? naon alusna ? naon alusna ? naon alusna ? naon alusna ? naon alusna ?... Naon Alusna
(ngajorowok). 29

Yudistira… bageur maneh teh, malah bageur teuing ceuk aing mah, malah tika bageurna, adi-
adina dilelewe, dipoyok, disusungkruk ku kurawa sia mah ukur ngajedog, ukur nyengir, ka’alem sia
hirup teh, geus nyaho adi-adi sia dikikitu mah cik atuh belaan.
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Pandawa geus poho kana tugasna, geus poho ka rahyat, geus poho ka anak pamajikanna,
jeung… geus poho ka Punakawan, ka aing, ka si Gareng, si Petruk, jeung bapa Semar. Cik pandawa,
aing rek nanya ka sia, naha bet bisa kitu ? Biasana maneh lamun ngalakukeun hiji hal pasti datang ka
bapa Semar, sasadu jeung menta pidoana, ayeuna… boroka kitu, sia kalakah nyieun Candi
Saptaarga, cenah mah jeung nghormatan sarta mere tawisnuhun ka akina Begawan Abiyasa, emang
aki sia boga peran naon di Pangwanguna Amarta ? eweuh!!! mun arek mere tawisnuhun, ka aing, ka
si Petruk, si Gareng jeung ka bapa Semar. Sia apal teu peran aing naon hahhh, aing nu masak keur
rahyat harita pas pangwangunan Karajaan Amarta, lamun eweuh aing kalaparan sia kabeh, Si
Gareng, aing nyaho si Gareng teu normal awakna, teu bisa gawe beurat, tapi, anu ngajagaan anak
saria saha hahh, si Gareng goblog, si gareng!!!, harita anak arjuna leutik keneh, si Abimnyu, lamun
30
eweuh si Gareng geus dihakan singa tah anak maneh di leweung, lamun dihakan singa, pasti si
Gareng anu disalahkeun, tuluy sia pasti galau, Si petruk, keur pangwangunan Karajaan Amarta, anu
ngala kayu jeung si Bima saha ? si Petruk hey, kayuna apal dijieun naon, dijiuen imah sia tah goblog.
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

Kring…kring…kring…!!!
Ku Capung

“Kring…kring…kring…!!!”
Sedang berada di mana? Apakah bisnis dua milyar kita bisa cair? Oke lah kalau begitu. Nanti saya
kirim file-nya.
“Kring…kring…kring…!!!”
Halo euuy? Keur di mana yeuh? Kumaha cageur? Biasa keur ngider wéh kuring mah. Cénah ayeuna
mah manéh téh ngampar? Geus teu ngider deui sugan? Oh… sukur atuh. Sok atuh geura benghar. 31

Hahaha…
Karasa ningan ayeuna mah yén nu kieu téh geus jadi kabutuhan. Nu tadina barang mahal,
ayeuna geus jadi barang anu ilahar. Hmm… tapi ilahar da ku ilaharna bari teu ngajamin kana
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

SOBAT
Adoel

Asa kamari ceuk rarasaan kami ulin ka imah Dia teh bray, asa ku teu percaya Dia anu biasana
katinggali tara aya beban, imut Dia ngaguratkeun kabagjaan anu saenyana. Inget kami basa harita dia
32
ngomong “Hirup mah ulah di bawa susah bray, keur mah sakeudeung tuluy loba ngeluh jeung
sedihna, asa mang lebarkeun mah, komo keur mah dunya teu kapulung alias malarat tuluy kudu loba
beban pikir jeung teu bahja mah, alah ieung meni eleh ku nu gelo anu ting cikikik wae he he. Dunya
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

nyuara dina sukma geus liwat tengah peuting ti sabada solat isa teh. Geus lila gening, tuh tangkal kalapa
gugupay jiga dia anu gugupay ka kami. Sono oge meren dia ka kami? Allahummagfirlahu warhamhu
waafihi wafuanhu. Ayeuna kami rek tuluy merjuangkeun naon anu ku dia sok di omongkeun, moal deui
kami ngeluh, kami yakin yen gusti maparin nikmat jeung naon nu di guratkeun ku gusti teh saenyana mah 33
jalan pangalusna pikeun hiruo urang. Wilujeng mulih, mugia dia aya dina katahayuan salalawasna.
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

ELEGI BAHEULA
34
Sandi Qming*

AWEWE TENGAH TUWUH LEUMPANG RUMANGGIEUNG. MAWA ITEUK, BUNTELAN


SARUNG, JEUNG BOTOL CAI. Asa geus jauh lunta di ieu dunya teh. Teu karasa umur beuki
Antologi Naskah Monolg Karya Barudak 2020

35

You might also like