Professional Documents
Culture Documents
Karya Tulis Ilmia
Karya Tulis Ilmia
Disusun oleh :
SMAN 1 CIAMPEA
Jl. Raya Cibadak No.Km. 15, Cibadak, Kec. Ciampea, Bogor, Jawa
Barat 16620
1
ADAT BUDAYA KAWINAN URANG SUNDA
Urang Sunda mah tara poho kana adat kabiasaan kabudayaana. Tata-titi jeung paripolah teh
salawasna didasaran ku adat anu geus maneuh. Kapan aya paribasana, urang Sunda mah tara
lali ka purwadaksi, maksudna tara poho kana tali paranti atawa kabiasaan anu geus diwariskeun
ku karuhun.
Salah sahiji tradisi budaya anu dipiara tepi ka ayeuna nyaeta dina cara ngawinkeun. Upama
urang Sunda aya nu rek ngawinkeun anakna, tara padu gapruk kitu bae. Aya prak-prakanana
luyu jeung kailaharan. Jauh samemeh der upacara kawinan, sok aya acara ngalamar heula, ti
dinya tuluy seserahan, sarta dipungkas ku akad nikah.
Ngalamar nyaeta nanyaan awewe daek-henteuna dikawin ku lalaki nu mikarepna. Ilaharna pihak
lalaki anu ngalamar teh tara sorangan, tapi dibarengan ku kolot lalaki jeung kulawargana. Kitu
deui pihak awewe anu ditanyaan, rempeg jeung kulawargana. Dina acara ngalamar, sanggeus
paheut jinisna (awewena) daekeun, sok dituluykeun ku nangtukeun waktuna acara pernikahan,
poe naon, tanggal sabaraha, jsb.
Dina waktu anu geus paheut ditangtukeun tea, pihak kulawarga calon panganten lalaki datang
ka kulawarga calon panganten awewe. Datangna bari barangbawa, mawa barang keur
maskawin jeung pakean kayaning baju, samping, jsb. Keur calon panganten awewe.
Rengse seserahan, kakara calon panganten teh ditikahkeun ku kolotna calon panganten awewe
di hareupeun naib jeung para saksi. Ieu acara disebutna akad nikah.
Rengse akad nikah sok dituluykeun ku sungkem. Panganten duanana sungkem ka ibu ramana,
minangka tanda hormat ka indung bapa. Geus kitu panganten sok didiukkeun di panyaweran (di
buruan), tuluy disawer ku beas, koneng, jsb.
2
3