You are on page 1of 1

Sadaya puji mung hak Allah,anu mangeranan sadaya Alam,

Shawat serta salam mugia tetep di kocorkeun ka panutan urang sadaya kanjeng nabi Muhammad
saw,ka kulawarrgina ,para sohabatna oge ka urang sadaya selaku umatna,anu pamudah mudahan
urang jaga kenging syafaat ti mantena amin yaa robbal aalamiin.

Hiji-hijina jalan kangge ngahontal kabagjaan hirup di dunia oge jaga di akherat teu aya deui iwal ti
Taqwa ka Allah ,
Numawi kitu Allah marentahkeun ka urang sadaya sangkan urang salawasna kedah taqwa keur aya
dimana bae,jeung keur kaayaan kumaha bae oge .

Sakumaha Dawuhan Rasulallah saw dina salah sawis haditsna

“ Aranjeun kudu taqwa ka Allah keur kumaha bae jeung keur aya dimana bae,upama aranjeun
ngalakukeunkagorengan,buru buru tuturkeun ku kahadean supaya bisa nutupan kagorengan ,jeung
kudu hirup akur sauyunan jeung papada jalma kalawan lemah lembut.( HR.Ahmad ,tirmidi ti abi dzar)

You might also like