You are on page 1of 1

CARITA PONDOK SASATOAN

SIMEUT JEUNG SIREUM


Muhammad Azzam Fawwaza

Dina hiji mangsa, ayaa sakadang simeut keur nyanyi ngangge gitar dina handapeun
tangkal kacambah, teu pati lila aya sakumpulan sireum leumpang ngaliwat.

“Maraneh arek kamana, meni ngaleut bari baris tur rapih mawa pakakas?” Tumaros
simeut bari ngagonjeng keun gitar na.
“Neangan dahareun, kusabab teu pati lila deui rek usum hujan, engke hese
neangannana deui,” jawab pangawal anu jadi patugas kaamanan siremum.

Kagiatan etateh terus wae dilakonan ku sireum dugi ka pinuhna dahareun di imah
atawa guha sireum teh. Beurang jadi peuting tur sabalikna, nya eta wae usum hujan
teh kalakonan, sireum jeung gerombolan lainnya euweuh nu kaluar. Maranehna keur
leleson sangkan kacumponan sagalana.

Beda jeung simeut anu kalaparan, kusabab teu meunang dahareun. Rek meunang
kumaha dan hiber hese, tur leuer. Aya oge kereteg dina hatena, sangkan kudu
manggihan ka imah sireum, menta dahareun, tapi era.

Saking lapar eta, manehna maksakeun, “Tulung, urang lapar teuboga dahareun,
tulung!” gorowok simeut di hareupuen lawang imah sireum.

Kusabab lapar kacida, manehna teu kuat, tuluy wae pingsan, kasampak ku hiji siereum
nu manggihan manehna, tuluy wae digarotong kunu laina di bawa ka jero. Simeut di
tulungan, diubaran, dibere dahareun sangkan sehat deui teu kalaparan. 

You might also like