You are on page 1of 8

TUGAS PORTOFOLIO BASA SUNDA NGENAAN

PILEM SOEKARNO

Nama Kelompok :
1. Gina Oktaviani Subagya
2. Keysha Deema Albiana
3. Prabu Hanggara
4. Sam Miftah S
5. Tarisa Anggraena
6. Ulfatul Fitroh

XII MIPA 4

SMA NEGERI 3 CIKARANG UTARA


TAHUN AJARAN 2021/2022
Jl.Melati Raya Blok A Perum Bumi Citra Lestari Desa Waluya Kec. Cikarang Utara-Kab.
Bekasi 17530
MATERI RESENSI BAHASA SUNDA

1. PERKARA RESENSI
Nilik kana istilahna gé geus kaciri, istilah resensi lain pitu in tina basa Sunda Istilah
resensi, asalna tina basa Belanda resentie, serepan tina basa Latin recensio, recensere, jeung
revidere, nu hartina nepikeun (nyaritakeun) deui. Nilik kana harti kitu, nu disebut resènsi téh
nyaéta ngajén atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, pilem, atawa pintonan drama
jeung musik (konsér).
Resénsi buku eusina biasana mah nyaritakeun eusi buku boh kaunggulanana boh
kahéngkéranana sangkan jadi informasi keur nu maca. Ari resènsi pilem mah eusina
nyaritakeun ringke san (sinopsis) guluyuran carita pilem, kaunggulan jeung kahéng keranana,
sarta nétélakeun nu ngagarapna ti mimiti sutradara, produser, aktor, jeung aktrisna Kitu deui
resénsi kana pintonan drama atawa musik (konsér), eusina nyaritakeun ngeunaan panitén
kana pintonan, boh kaunggulan boh kahéngkéranana
Cindekna, resensi téh nyoko kana kagiatan meunteun ata wa ngajen hiji karya atawa
kagiatan pintonan seni nu tujuanana pikeun méré informasi jeung ngagambarkeun
kaunggulan jeung kahéngkéran karya keur nu maca atawa nu lalajo.

2. STRUKTUR RESENSI
Nilik kana wangunna, biasana resensi téh miboga opat struktur, Sangkan leuwih tétéla
baca pedaranana ieu di handap 1) Identitas Karya
Identitas karya biasana nataan identitas utama hiji karya. Dina resensi pilem, ditataan
judul pilem, sutradara, produser, taun dirilis, aktor/aktris, jsté. Anapon dina resensi buku, di
tataan judul buku, pangarang. pamedali (penerbit), taun medal, jumlah kaca, jsté. Bagian ieu
penting kacida, lantaran eusina in formatif pisan keur nu maca atawa nu lalajo, 2) Ringkesan
Carita (Sinopsis)
Dina resensi bulcu, ieu bagian eusina ngaguar ringkesan eusi buku. Biasana ditataan
unggal bab. Mun nu diresénsina buku novel, biasana diringkeskeun eusi caritana. Kitu deui
dina resèn si pilem, diguar kumaha ringkesan caritana. Cindekna, bagian ieu téh nembrakeun
eusi hiji karya 3) Tilikan Eusi
Eusina téh tilikan atawa sawangan kana eusi karya. Nu nu lis resensi kudu
ngagambarkeun kapunjulan atawa kaonjoyan tina eusi karya nu diresènsina. Tapi najan
sakumaha alusna hiji karya (buku atawa pilem), tetep we baris nyangkaruk kabéng kéranana.
Ku kituna, dina bagian ieu gé kudu dipedar ngeunaan kahéngkéran nu nyampak dina karya
anu diresensi 4) Panutup
Bagian ieu mah eusina téh kacindekan tina cusi resensi. Bia sana mah ditepikeun ogé
harepan-harepan nu nulis resénsi kana karya anu diresènsina, upamana ngajak ka masarakat
sangkat maca atawa lalajo pilem anu diresénsina.
3. LENGKAH-LENGKAH NGARÉSÉNSI BUKU
1) Milih buku nu rék dirésénsi, alusna mah buku anu loba dibaca (best seller).
2) Maca kalayan gemet tur imeut, buku nu rék dirésénsi. Carana bisa ku cara maca
sababaraha balikan.
3) Nyatetkeun hal-hal anu pikatajieun jeun anu kurang pikatajiuen tina eusi buku
4) Nyatetkeun pamanggih ataw sawangan hidep, naha éta buku téh payus tur gedé
mangpaatna atawa henteu keur bacaeun balaréa
5) Tuliskeun judul résénsi hidep ku cam nuliskeun idéntitas buku (judul, pangarang,
pamedal (penerbit), taun medal, kandel buku, warna jilid buku jeung jenis kertas).
6) Susunan raraga résénsi anu rék ditulis, upama kieu: a. Jenis buku anu dirésénsi, naha
fiksi atawa non-fiksi
a) Nuliskeun identitas buku
b) Medar ngeunaan eusi buku
c) Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku
d) Medar ngeunaan mangpaat nuku keur bacaeun balaréa
e) Ngajudulan résénsi

4. LENGKAH-LENGKAH NGARÉSENSI PILEM


1) Lalajo pilem anu nu rék dirésénsi sing daria. Alusna mah piem anyar anu dilalajoanan
ku hidep téh.
2) Nyatetkeun guluyuran carita (alur) atawa adegan-adegan penting anu matak
pikatajieun tin aéta pilem. Kitu deui caritakeun hal-hal anu kukrang pikaresepeunana
3) Nyatetkeun pamanggih atawa sawangan hidep, naha éta pilem téh payus atawgedé
mangpaatna pikeun dilalajoanan ku balaréa atawa henteu
4) Tulis judul resensi ku cara nluliskeun identitas pilem anu dirésénsina (judul. palaku
utama, sutradara, produser, rumah produksi nu ngaluarkeun éta pilem, nu nulis
naskah, lillana (durasi), jeng jenis pilemna naha kaasup horor, drama, actio, jsté).
5) Susun rangkay résénsi anu rék ditulis:
a) Jenis pilem anu rék dirésénsi
b) Nuliskeun identitras pilem
c) Medar ngeunaan carita dina pilem, ti mimiti galurna jeung tokoh
tokohna.
d) Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran pilem
e) Medar ngeunaan mangpaat pilemkeur lalajoancum balaréa
Ngajudulan résènsi
FILM SOEKARNO:
Tarékah Numuwuhkeun Sikep Nasionalismeu Kaom
Rumaja

IDÉNTITAS PILEM
Judul : SOEKARNO
Genre : Drama History
Sutradara : Hanung Bramantyo Produser:Raam Punjabi
Studio : Dapur Film
Distributor : MVP Picture, Mahaka Picture, jeung Dapur
Films
Durasi : 137 menit
Rilis : 11 Désémber 2013
Basa : Indonésia
Aktor/Aktris : Ario Bayu (salaku Soekarno); Lukman Sardi
(salaku Hatta); Tanta Ginting (salaku Sjahrir);
Tika Bravani (salaku Fatmawati); Maudy
Koesnaedi (salaku Inggit Garnasih)

RINGKESAN (SINOPSIS)

Mun lalajona di bioskop, méméh der pilem(pilem) dipu ter, nu lalajo diajak
nyanyikeun lagu kabangsaan "Indonésia Raya" bari ngadeg. Sanggeus nu lalajo dariuk
deui dina korsina séwang-séwangan, karék pilem diputer.
Dumasar kana sinopsis dina website resmi pilem Soekarno, dina lalakon pilem
"Soekarno: Indonésia Merdeka!", dicarita- keun yén saméméhna mah ngaran
Soekarno téh Kusno. Awakna begang jeung ririwit. Ku bapana, ngaran Kusno téh
diganti jadi Soekarno. Dina umur 24 taun, Sukarno bisa ngageunjleungkeun podium
ku ngagorowok: Kita Harus Merdeka Sekarang! Akibat na, Soekarno dibérok, kalayan
tuduhan ngahasut jeung ngaba runtak siga komunis. Tapi, kawani Soekarno henteu
pareum, kalah leuwih ngabebéla Soekarno wani ngagugat Plédoina anu kakoncara
nyaéta: Indonesia. Menggugat! Ku ayana peristiwa "In donesia Menggugat",
Soekarno diasingkeun ka Endé, sarta sa tuluyna dipindahkeun ka Bengkulu Di
Bengkulu, Sukarno reureuh saheulaanan tina pulitik. Dina mangsa harita, Soekarno
kagémbang ku wanoja ngora nu ngaranna Fatmawati (18 taun). Padahal harita
Soekarno status na masih kénéh salaki Inggit Garnasih; wanoja anu umurna leu wih
kolot ti Soekarno, nu salawasna sok ngabéla tur satia nga rojong kana perjoangan
Soekarno. Antukna, Inggit kudu iklas nangénan salakina kagembang deui ku wanoja
séjén.
Di satengahing konflik rumah tanggana, Jepang datang ngamimitian
peperangan Asia Timur Raya. Belanda taluk ku Jepang. Belanda anu saméméhna
dianggap ngawasa, antukna bobor karahayuan ku Jepang. Orokaya, ari Hatta jeung
Sjahrir, lawan pulitik Sukarno, ngingetan ka Soekarno yén Jepang téh euweuh bédana
jeung Belanda. Sarua rék meres jeung ngajajah.
Tapi, Soekarno mibanda cara nyawang nu béda. “Lamun urang calakan, urang
bisa ngamangpaatkeun Jepang pikeun narekahan kamerde kaan Indonesia." kitu ceuk
Sukarno Harita Hatta kapangaruhan, tapi Sjahrir mah henteu. Sabab, nurutkeun
Sjahrir, lamun daék ngaya keun rukun gawé jeung Jepang, hartina mosisikeun
Indonesia jadi bagian tina fasisme, balukarna baris dimusuhan ku Amérika-Inggris
Australia. Soekarno noyod, da ngarasa yakin Indonésia bisa merdé ka ku cara rukun
gawé jeung Jepang.
Soekarno babarengan jeung Hatta, narékahan cita-cita jeung perjoangan
sangkan Indonésia merdeka. Réa barudak ngora anu sapuk ka Sjahrir, nyebutkeun yén
Sukarno-Hatta miangka kolab orator, ngajual bangsa sorangan ka leungeun fasis. Tapi
sakali deui, Soekarno mibanda sawangan anu béda. Antukna, najan dina kaayaan
konflik kitu, ku lantaran ku perjoangan saréréa, an tukna Soekarno-Hatta
meroklamirkeun kamerdekaan Indonesia dina tanggal 17 Agustus 1945. Momentum
ieu pisan nu dianggaphasil tina perjoangan Soekarno jeung sobat-sobatna. Tina
runtuyan carita, dina pilem aya adegan Haji Cokroaminoto méré piwuruk ka
Soekarno, "Manusa mah sarua mistérina jeung alam, tapi mun anjeun bisa nalukkeun
hatena, maranelma bakal biluk."

KAPUNJULAN JEUNG KAHÉNGKÉRAN

Di antara pilem-pilem Indonséia anu dirilis dina taun. 2013, pilem Soekarno
téh kaasupna genre pilem drama-history. leu téh kaitung genre anu nenggang di antara
pilem-pilem di Indonésia. Apan geus pada maphum, pilem-pilem di Indonésia
karéréanana nyaritakeun perkara jurig. Hartina, pilem Soekarno saeutik loba na geus
hasil ngasongkeun perkara anyar dina kamekaran pilem Indonésia. Geura wé, latar
carita diwewegan ku properti anu nyurup kana kasang tukang taun 40-an, kayaning
mobil antik, motor antik, wangunan imah, tug nepi ka dangdanan tokoh-to kohna.
Kitu deui najan basa nu dipaké ku tokoh tokohna dina basa Indonesia, tapi katitén aya
usaha anu daria pikeun ngasup keun kosa kecap anu dipaké dina taun 40-an. Malah
dina sawata ra adegan direumbeuy ku basa Jawa, Walanda, jeung Jepang. Teu wudu
bisa ngawewegan kana karakter tokoh-tokohna.
Tapi najan kitu, sakumaha pilem-pilem Indonésia séjénna, pilem Soekarno
masih ngasongkeun galur carita anu gampang diteguh atawa babari kabadé ku nu
lalajo. Asa jauh kénéh jeung galur anu meulit tur ngarancabang kawas dina
pilempilem Holly wood. Kitu deui tokoh Soekarno, loba digambarkeun ngemu ka
bingung (gloomy). Katurug-turug éfék cahaya pilem anu kalolo banana poék lantaran
ngaluyukeun kana latar taun 40-an, kesan Soekarno ngemu kabingung leuwih katara.
Padahal harepan mah, ieu pilem téh bisa ngagambarkeun pamor jeung dangiang
Soekarno minangka pamingpin nu kaceluk orator ulung, gagah, jeung gedé komarana.
Najan sacara umum tokoh tokoh dina pilem geus ném bongkeun karakter anu kuat,
tapi aya sawatara adegan anu kurang keuna. Upamana adegan ayana konflik rumah
tangga antara Soekarno-Inggit Garnasih-Fatmawati, teu kudu diékspos kaleuleu wihi.
Atuh hubungan Soekarno jeung wanoja Walanda, ieu gé teu kudu diékspos. Cék
pangrasa, tokoh Soekarno kuduna digam barkeun minangka pamingpin anu mibanda
pamor jeung komara anu kungsi diajénan ku masarakat dunya. Cindekna, garapan
pilem Soekarno masih kénéh nulad kana konvensi pilem-pilem Indonésia nu geus aya,
jauh kénéh kana garapan apik kawas pilem-pilem Hollywood.
Luyu jeung genre drama-history, pilem Soekarno geus hasil ném bongkeun
fakta-fakta sajarah anu salila ieu can pati kaguar. Upama na dina pilem dicaritakeun
tokoh Riwu, anak kukut Soekarno jeung Inggit Garnasih. Sacara umum, pilem
Soekarno katitén digarap ka layan daria. Lian ti geus némbongkeun katapis sutradara
Hanung Bramantyo, ogésacara teu langsung geus hasil nepikeun ajén-inajen
kasajarahan bangsa Indonésia ka barudak rumajangaliwatan media pilem. Di
sagédéngeun kitu, bawirasa népakeun sikep nasionalis meka barudak rumaja di jaman
kiwari, leuwih keuna maké média pilem tinimbang ngajejelan buku-buku sajarah anu
kandelna kabi na-bina.
Latian
1. Naon jejer éta téks resénsi pilem téh? Tuliskeun dina sakalimah!
Jawaban: Pilem Soekarno: “Tarékah Numuwuhkeun Sikep Nasionalisme Kaom
Rumaja.”

2. Saha waé tokoh-tokohna nu aya dina pilem Soekarno téh? Saha tokoh anu béda
pamadegan jeung Soekarno?
Jawaban:
1) Ario Bayu ( Salaku Soekarno )
2) Lukman Sardi ( Salaku Hatta )
3) Tanta Ginting ( Salaku Sjahrir )
4) Tika Bravani ( Salaku Fatmawati )
5) Maudy Koesnaedi ( Salaku Inggit Ganarsih )
# Tokoh anu beda pamadegan jeung Soekarno nyaeta Sjahrir
3. Kumaha lalakon perjoangan Soekarno dina raraga ngamerdékakeun bangsa
Indonésia?
Jawaban: Jeung perjoangan sangkan Indonesia merdeka. Rea barudak ngora anu
sapuk ka Sjahrir, nyebutkeun yen Soekarno-Hatta minangka kolaborator, ngajual
bangsa sorangan ka leungeun fasis. Tapi sakali deui, Soekarno mibanda sawangan
anu beda. Antukna, najan dina kaayaan konflik kitu, ku lantaran ku perjoangan
sarerea, antukna Soekarno-Hatta meroklamirkan kemerdekaan Indonesia dina
tanggal 17 Agustus 1945.

4. Saha ari Inggit Garnasih téh? Kumaha patalina jeung tokoh Fatmawati?
Jawaban: Inggit Garnasih teh pamajikan kahiji Soekarno, di Bengkulu, Soekarno
kagémbang ku wanoja ngora nu ngaranna Fatmawati (18 taun). Antukna, Inggit
kudu iklas nangénan salakina kagembang deui ku wanoja séjén.

5. Naon anu disebut istilah pilem genre drama- history téh?


Jawaban: Pilem anu eusina nyaritakeun ngeunaan drama jeung history ( sajarah )
nu ngagarapna ti mimiti sutradara, produser, aktor, jeung aktrisna. Luyu jeung
genre drama-history, pilem Soekarno geus hasil ném bongkeun fakta-fakta sajarah
anu salila ieu can pati kaguar.

6. Naon kaunggulanana jeung kahéngkéranana pilem Soekarno téh?


Jawaban:
1) Kaunggulanana: caritana ( alur ) gampang diteguh/ babali kabadeku nu
balaju. Tiasa ngagambarkeun kana latar taun 40 an, kayaning mobil antik,
motor antik, wangunan imah, tug nepi ka dangdanan tokoh-tokohna.
pilem Soekarno saleutik lobana geus hasil ngasongkeun perkara anyar dina
kamekaran pilem Indonesia. Tokoh- tokoh dina pilem geus némbangkeun
karakter anu kuat.
2) Kahengkeranana: masih ngasongkeun galur carita anu gampang diregun
atawa babari kabadé ku nu lalajo, tokoh Soekarno loba digambarkeun
ngemu kabingung ( gloomy ). Katurug-turug efek cahaya pilem anu
kalolobana poek lanturan ngaluyukan kana latar tahun 40-an, kesan
Soekarno ngemu kabingung leuwih katara. Tapi aya sawetur adegan anu
kurang keuna.

7. Cék pamanggih hidep, naon maksudna piwuruk Haji Cokroaminoto ka Soekarno


téh?
Jawaban: Tina runtuyan carita, dina pilem aya adegan Haji Cokroaminoto mere
piwuruk ka Soekarno “ manusia mah sarua misterina jeung alam, tapi mun anjeun
bisa naklukeun hatena, maranehna bakal biluk”. Maksudna nyaéta mun arek
naklukeun manusa kudu ngarti haténa soalna haté manusa téh teu bisa ditebak
namun geus ditebak narénahna bakal biluk.

8. Naha hidep sapuk kana pamadegan yén népakeun sikep nasionalisme ka barudak
rumaja di jaman kiwari, leuwih keuna maké média pilem tinimbang ngajejelan
buku-buku sajarah?
Jawaban: Sabab jaman kiwari geus loba nu boga alat-alat digital, jadina nepakeun
sikep nasionalisme ka barudak rumaja di jaman kiwari leuwih keuna maké média
pilem, tinimbang ngajejelan buku-buku sajarah anu kandelna kabina-bina.

9. Tuliskeun kecap-kecap nu teu dipikaharti dina éta téks resénsi pilem!


Jawaban:
1) Séwang- séwangan (Sewa- sewa)
2) Begang (Tegang)
3) Kagémbang (Berkembang)
4) Wanoja (Wanita)
5) Ngarojong (Mendukung)
6) Bawirasa (Bawarasa)
7) Antukna (Akhirnya)
8) Noyod (Memetik)
9) Narékahan (Patah)
10) Sapuk (Setuju)
11) Miangka (Tinggalkan)
12) Komara (Wibawa)

You might also like