You are on page 1of 3

Bhsa sunda kelas XII

Pilih salah sahiji jawaban anu ku hidep dianggap bener!

1. Titénan warta-warta di handap !


(1) Nuturkeun katerangan gubernur, Jawa barat ka hareupna bakal boga gedung kesenian
nu representative
(2) Pi dua poéeun deui ka lebaran, mac’et total
(3) Di piala dunia 2022, Indonesia bisa asup ka semi final, saméméhna di piala dunia 2018
mah ngan nepi ka perempat final
(4) Sok sanajan maéna hadé, tapi persib teu bisa ngélehkeun Barcelona
(5) Ryan maténi sarta ngamutilasi Ricky di Amerika taun 1998 nu jumlahna korban aya 14
urang
Nu kaasup warta dumasar hasil observasi nyaéta…
a. 1 jeung 3
b. 1 jeung 4
c. 2 jeung 5
d. 2 jeung 4
e. 3 jeung 5
2. Gambara kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipake ngajawab
pananya…
a. Naon, kunaon, tina naon, ku saha, tis aha, ka saha
b. Saha, naon iraha, dimana, naha, kumaha
c. Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
d. Naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana
3. Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana
kanyataan, disebut…
a. Bewara
b. Iklan
c. Medsos
d. Warta
e. Amanat
4. Anu di sebut head dina warta nyaeta…
a. Bubuka
b. Judul
c. Waruga
d. Pamungkas warta
e. Nu nulis warta
5. Pikeun nanyakeun ‘tempat’ ilaharna digunakeun kecap pananya…
a. Naon
b. Mana
c. Kumaha
d. Di mana
e. Naon sabab
6. Ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur-insur nu di kandung ajen warta, nya eta…
a. Waktu
b. Aya patalina jeung kahirupan
c. Aneh
d. Konflik
e. Pawarta
7. Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio, nyaeta kudu…
a. Nataharkeun heula naskah keur siaran, ulah nyinggeung SARA
b. Paham kana eusi naskah
c. Latihan sora (vokal)
d. Make basa anu etis sopan, bener tur mernah
e. Make baju anu alus tur serasi
8. Istilah carpon téh asalna tina basa inggris, nyaeta…
a. Plash ction
b. Short ction
c. Short story
d. Long short story
e. Story telling
9. Dina sajarhna carpon sunda téh pangaruh ti eropa, anu ka urangna dibawa ku…
a. Prancis
b. Walanda
c. Jerman
d. Itali
e. Portugal
10. Konflik dina carpon mah basajan atawa henteu pati ngarancabang, biasana mangrupa…
a. Dua atawa tilu babak
b. Dua atawa tilu adegan
c. Peristiwa gedé
d. Skétsa
e. épisode
11. Lantaran pondok, ukuran lobana kecap dina karangan carpon téh ngawengku…
a. 10000 -20000 kecap
b. 1000 – 1.500 kecap
c. 500 – 1000 kecap
d. 5000 – 10000 kecap
e. 1000 – 2000 kecap
12. Carpon jeung dongéng téh pada-pada prosa anu pondok, tapi aya ciri utama anu
ngabédakeun carpon jeung dongéng, nyaeta carpon mah realis sedengkeun carita dongéng
mah umumna…
a. Pamohalan
b. Wangunna tulisan
c. Nyaritakeun sasatoan
d. Komunikatif
e. ekspresif
13. Kadieunakeun muncul karangan carpon anu leuwih pondok, anu sok disebut fiksi mini sarta
panjangna henteu leuwih ti…
a. 150 kecap
b. 30 kecap
c. 1000 kecap
d. 500 kecap
e. 50 kecap
14. Umumna fiksimini mah sumebar ngaliwatan media…
a. Buku
b. Koran jeung majalah
c. Digital
d. Audio visual
e. Internet
15. Lahirna fiksimini téh dipangaruhan pisan ku sipat jalma ayena anu…
a. Sarwa rusuh jeung sarwa gancang
b. Nyalsé lantaran loba waktu
c. Dipangaruhan ku teknologi internet
d. Teu boga pikiran anu logis
e. Ngalaman peristiwa arahéng

Jawab pananya-pananya di handap !

1. Naon sebutkeun pikeun jalma anu tugasna ngalaporkeun hiji kajadian ti hiji tempat
sacara langsung?
2. Sebutkeun perkara anu kudu diperhatikeun nalika maca warta!
3. Naon prinsip anu jadi patokan dina nulis warta?
4. Kumaha sumebarna carpon dina sastra sunda sabada merdeka?
5. Naon bedana carpon jeung dongéng?

You might also like