You are on page 1of 3

Diajar Keur Masa Pandemi

Assalamualiku wr.wb…
Sampurasun!!... dulur sadaya kumha daramang…? Syukur atuh pami daramangmah.
Nepangken simkuring wasta pun …………………….. Simkuring wawakil ti SDN
Kaliangsana Kecamatan Kalijati bade ngadongeng anu jeujeurna “Diajar Keur Masa
Pandemi”
Wilujeng ngabandungan..

Fanji Muhammad
(Syair pupujian nadoman : Virus corona Bahasa Sunda)

Gara-gara virus corona


Jelema teu puguh rasa
Siga anu teu percaya
Ka gusti allah ta’ala

Sieun ku virus corona


Sabab paeh akibatna
Nepi ka sagalarupa
Usaha keur mencegahna

Entong arindit sakola


Sanajan arek diajar
Dilarang ku pamarentah
Kudu diajar di imah

Beungeut kudu ditutupan


Sabab bisi katepaan
Malah ulah sasalaman
Sok sieun aya virusna

Dina waktos pandemi virus corona nu tos langkung sawarsih ieu, nyebar ka sadaya
daerah Indonesia, ayeuna diajar teh ngan di imah, hente di sakola. Pangalaman mimiti diajar
online di imah teh simkuring bisa rada santai jeung bisa rada bebas, ku sabab pancen sakola
dikintun guru tina aplikasi whatsapp. Jadi, simkuring bisa ngerjakeun na sabari ulin, bari
gogoleran, ngadengekeun musik jeung bisa dibantuan ku indung jeung bapak.

Tapi lalaunan diajar online di imah teh simkuring jadi nagrasa bosen jeung bingung.
Siga pas ngerjakeun pancen matematika, simkuring bingung pisan teu bisa ngerjakeun.
Simkuring teh nanyakeun weh ka Bapak :
Simkuring: “Pak, kumaha cara na ngerjakeun soal ieu?”
Bapak: “Soal naon eta neng?”
Simkuring: “Soal akar pangkat 3 pak, kumaha ngerjakeun na?”
Bapak: “Duh, Bapak ge poho deui. Kadieu coba, urang neangan ka youtube cara ngerjakeun
na”.
Ceuk bapak sabari nyandak HP.
Jadi, lamun teu kaharti teh simkuring sok milarian cara ngerjakeunna di youtube atawa
di google bari dibantuan ku Bapak atawa Indung. Beda pisan jeung disakola. Lamun aya nu
teu kaharti teh , babari nanyakeun na, boh ka guru atawa ka babaturan.
Duh…… simkuring jadi sono pisan sakola! Lamun geus sakola deui, pokokna mah
simkuring hoyong ulin jeung babaturan. Ulin di kelas, beberes kelas, dahar babarengan di
warung sakola, jeung olahraga di lapang sakola.

Iraha atuhnya bisa sakola deui ??


Simkuring hoyong enggal sakola deui!!

Tapi, urang sadayana kudu sabar. Da ieu mah kanggo kasaean urang sadayana, supaya
urang bisa ngajaga diri ulah keuna virus corona. Jadi, ka rerencangan nu sami sapertos
simkuring nuju diajar online di imah, lewih sae urang sabar jeung ngadoa supados pandemic
virus corona ieu geura rengse.
Sumanget di ajar di imah na!! Tong hilap cicing di imah, ngumbah leungeun, ngajaga jarak,
jeung pake masker na nya!!!!!

Pamiarsa sadaya, mung sakitu pedaran dongeng ti simkuring.


Simkuring amit mundur… amit mungkur
Haturnuhun Wassalamuliku Wr.wb.
NAMA : FARAH FAUZIYYAH SYAKIEB

KELAS : V (LIMA)

SEKOLAH : SDN KALIANGSANA

KECAMATAN : KALIJATI

JUDUL DONGENG : DIAJAR KEUR MASA PANDEMI

You might also like