You are on page 1of 2

PUPUJIAN

ELING-ELING DULUR KABEH

Eling-eling dulur kabeh

Ibadah ulah campoleh

Beurang peuting ulah welwh

Bisina kaburu paeh

Sabab urang bakal mati

Nyawa di pundut ku gusti

Najan raja nyakrawati

Teu bisa nyingkir keun pati

Karasana keur sakarat

Nyeurina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun solat

Kaduhung kaliwat langkung

Tara nyembah ka yang agung

Sakarat nyeri kalangkung

Jasadna teu beunang embung.

Jawab pananya di handap ieu sangkan hidep paham kana wangenan jeung isi pupujian!

1. Naon isi pupujian di luhur...


a. nitah solat berjamaah dimasjid
b. kudu eling ka pangeran
c. solawat ka kanjeng nabi
d. du’a ka gusti sangkan jauh tina seneu naraka
2. sabab urang bakal mati
nyawa di pundut ku gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkirkeun pati
kecap di pundut hartina sarua jeung...
a. di injeum c. Dicokot
b. dibeuli d. Dipanjangkeun
3. nurutkeun pupujian “Eling-eling dulur kabeh” kumaha karasana ku nu keur sakarat teh...
a. sieun pisan
b. kacida ni’mat na
c. nyeurina kaliwat-liwat
d. embung di cabut nyawa
4. jalma nu kumaha nu sakarat?dicabut nyawana bakal moal karasa nyeuri...
a. jalma tukang ibadah ka allah
b. jalma nu sok julid
c. jalma nu sok nunda solat
d. jalma nu tara puasa
5. kaduhung kaliwat kalangkung
tara nyembah ka yang agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu menang embung
sasaruan kecap kaduhung nyaeta...
a. bungah c.bagja
b. sedih d.nyesel
6. mana nu kaasup pupujian nu eusina sajarah nabi...
a. anak adam
b. kanjeung nabi
c. eling-eling dulur kabeh
d. yaa toybah
7. mana nu kaasup pupujian nu eusina pangelingan kana ibadah...
a. anak muhamad
b. anak adam
c. eling-eling dulur kabeh
d. kanjeung nabi
8. pupujian asalna tina kecap....
a. puja c. Pananya
b. puji d. Elingan
9. tara nyembah ka yang agung, “yang agung” artina
a. maha besar c. Raja
b. jalma alit d.ratu
10. campoleh artina...
a. lalawora c. Amal soleh
b. raga d. Sieun

seratkeun pupujian “eling-eling dulur kabeh”

You might also like