You are on page 1of 1

MATERI UJIAN PRAKTEK BIANTARA ( PIDATO )

BIDANG STUDI BAHASA SUNDA KELAS 6

Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh.


Sampurasun
Bapak miwah ibu guru SDN Anyelir hiji anu ku simkuring dipihormat, ogé
réréncangan simkuring anu dipikareueus.
Dina danget ieu simkuring badé medar perkawis "Kadaharan Sehat jeung Bergizi".
Kadaharan anu séhat téh nyaéta kadaharan anu beresih sarta ngandung karbohidrat,
protein jeung vitamin.
Beresih tina kotoran, kuman jeung bibit panyakit.
Kadaharan anu ngandung karbohidrat contona sangu, hui, jeung roti.
Lamun lauk, daging, jeung tempe ngandung protein.
Vitamin biasana lobana dina bungbuahan saperti jeruk, cau, jeung apel.
Alusna mah kadaharan diasakan heula saméméh didahar.
Lamun atahan saperti lalab jeung bungbuahan, kudu dikumbah heula ku cai
beresih.
Kadaharan anu sehat bisa ngajadikeun awak jagjag jeung jauh tina sagala panyakit.
Mung sakitu waé biantara ti simkuring dina waktos ieu, neda hapunten bilih aya
cariosan anu kirang larapna sareng kirang éntép seureuhna.
Hatur nuhun Wassalamu'alaikum.

You might also like