You are on page 1of 5

PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)

MA AN-NAJIYAH
TAHUN PELAJARAN 2020 / 2021

Mata Pelajaran : B. Sunda Hari/Tanggal : Senin/7 Juni 2021


Kelas : X Waktu : 60 Menit

Petunjuk Umum :
1. Isilah identitas diri dengan lengkap dan jelas pada lembar LJK
2. Pergunakan pinsil 2B untuk mengisi lembar jawaban
3. Apabila ada kekeliruan pengisian pilihan jawaban, perbaiki dengan cara menghapus dan
menggantinya dengan pilihan yang baru.
4. Dahulukan menjawab soal-soal yang anda anggap mudah
5. Awali dengan membaca Basmallah dan akhiri dengan Hamdalah

1. Wawancara nu dilakukeun ku saurang pananya ka saurang narasumber pikeun


maluruh hiji warta disebut…
a. Wawancara kelompok
b. Wawancara mandiri
c. Wawancara kauger
d. Wawancara bebas
e. Wawancara konferensi
2. Kalimah pananya dina wawancara biasana ngagunakeun kecap pananya 5W+1H
anu ditarjamahkeun kana basa sunda jadi kecap-kecap…
a. Saha, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, jeung keur saha
b. Saha, naon, mana, iraha, naon sababna, jeung kumaha
c. Saha, naon, iraha, dimana, naha, jeung kumaha
d. Naon, ku naon, saha, di mana, iraha, jeung kumaha
e. Mana, di mana, ka mana, iraha, ku naon, jeung kumaha
3. Wawancara anu ngalibetkeun sawatara narasumber disebut…
a. Wawancara mandiri
b. Wawancara kelompok
c. Wawancara bebas
d. Wawancara kauger
e. Wawancara konferensi
4. Dihandap ieu mangrupakeun tahapan-tahapan nu ilaharna kudu dilakukeun nalika
rek wawancara, iwal…
a. Nyusun laporan hasil wawancara
b. Nangtukeun jejer atawa topik wawancara
c. Nangtukeun tujuan jeung maksud wawancara
d. Nangtukeun narasumber nu rek di wawancara
e. Nyusun/ngarancang patalekan
5. Ieu dihandap nu teu kaasup kana struktur wawancara, nyaeta…
a. Salam
b. Bubuka
c. Pamungkas
d. Eusi
e. Pananya
6. Kalimah anu eusina nanyakeun hiji perkara ka jalma sejen sarta mihareup respon
nu nu mangrupa jawaban disebut…
a. Kalimah wawaran
b. Kalimah pananya
c. Kalimah panyeluk
d. Kalimah warta
e. Kalimah panitah
7. Tatakrama asal kecapna tina tata jeung krama tina bahasa…
a. Sangsakerta
b. Walanda
c. Kawi
d. Indonesia
e. Cina
8. Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS) ditetelakeun yen nu dimaksud carita
babad teh nyaeta…
a. Dongeng asal usul
b. Dongeng anu nyaritakeun kahirupan bangsa lelembutan
c. Dongeng pamuk
d. Dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma biasa
e. Dongeng anu ngandung unsur-unsur sajarah
9. Nu disebut sajarah lokal, nyaeta…
a. Sajarah anu aya patalina jeung tokoh masarakat
b. Sajarah anu aya patalina jeung wewengkon tempat dimana urang cicing
c. Sajarah indonesia
d. Sajarah anu aya patalina jeung mahluk lelembut
e. Sajarah anu aya patalina jeung kahirupan sato lokal
10. Carita babad teh kaasup jinis…
a. Mitos
b. Guguritan
c. Pedaran
d. Dongeng
e. Sasakala
11. Carita babad aya nu ditulis dina wangun…
a. Wawacan
b. Wawacan jeung lancaran
c. Lancaran
d. Prosa
e. Pedaran
12. Inti pikiran atawa puseur implengan anu aya dina carita disebut…
a. Latar
b. Tema/jejer
c. Galur
d. Amanat
e. Setting
13. Dina nangtukeun hiji tema, urang kudu…
a. Apal kacindekan caritana
b. Maca heula judul caritana
c. Maca heula carita sacara gembleng
d. Paham naon amanat caritana
e. Paham kana galurna
14. Carita babad kaasup kana jinis dongeng sabab…
a. Sabab caritana ngandung hal-hal anu pamohalan upamana dina galur, palaku,
atawa latarna
b. Disebarkeunana sacara langsung ngaliwatan media massa
c. Pangarangna jelas
d. Latarna sasuai jeung kahirupan nyata
e. Sabab eusi caritana fiksi
15. Runtuyan pirang-pirang kajadian nu ngawangun hiji carita dina babad disebut…
a. Latar
b. Galur
c. Tema/jejer
d. Amanat
e. Setting
16. Aksara swara jumlahna aya…
a. 5
b. 6
c. 7
d. 8
e. 9
17. Aksara ngalagena jumlahna aya…
a. 20
b. 21
c. 27
d. 26
e. 25
18. Anu bisa ngarobah, nambah, atawa miceun/ngaleungitkeun sora vokal tina sora
ngalagena disebut…
a. Pamaeh
b. Suffix
c. Imbuhan
d. Pananda
e. Rarangken
19. Rarangken paneleng ngarobah sora/a/ dina aksara ngalagena jadi…
a. /eu/
b. /e/
c. /a/
d. /u/
e. /i/
20. Rarangken panghulu ngarobah sora/a/ dina aksara ngalagena jadi…
a. /eu/
b. /e/
c. /a/
d. /i/
e. /u/
21. Rarangken penyecek teh … sora /ng/ di tungtung aksara ngalagena.
a. Nambahan
b. Ngurangan
c. Ngaleungitkeun
d. Ngarobah
e. Nyaruaan
22. Rarangken panolong teh ngarobah sora/a/ dina aksara ngalagena jadi…
a. /eu/
b. /o/
c. /a/
d. /i/
e. /u/
23. Indung atawa bapana minantu disebut…
a. Dahuan
b. Besan
c. Misan
d. Baraya
e. Babaturan
24. Adi salaki atawa pamajikan urang disebut…
a. Adi teges
b. Adi beuteung
c. Adi ti gigir
d. Adi batur
e. Adi
25. Anak adi disebut…
a. Alo
b. Suan
c. Incu
d. Nini
e. Adi
26. Anakna adi ti indung/bapa disebut…
a. Kapiadi
b. Emang
c. Bibi
d. Ceuceu
e. Teteh
27. Urutan pancakaki anu mapay ti handap ka luhur dihandap ieu nyaeta…
a. Indung (bapa), uyut, nini (aki), bao, udeg-udeg, janggawareng, jeung kait
siwur
b. Indung (bapa), bao, nini, udeg-udeg, janggawareng, jeung kait siwur
c. Indung (bapa), nini (aki), uyut, bao, janggawareng, udeg-udeg jeung kait
siwur
d. Anak, incu, uyut, nepi ka bao
e. Anak, incu, uyut, nepi ka kait siwur
28. Dihandap ieu mangrupakeun pancakaki anu mapay ti luhur ka handap, iwal…
a. Anak
b. Bao
c. Buyut
d. Incu
e. Mamang
29. Lamun akina zaid teh umar, berarti zaid teh…
a. Anakna
b. Incuna
c. Suan
d. Dulurna
e. Aki
30. Sakur anu aya pancakakina disebut…
a. Baraya
b. Besan
c. Misan
d. Dulur
e. Babaturan
31. Salahsahiji hasil karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi),
anu teu pati kauger ku patokan-patokan disebut…
a. Pupuh
b. Sajak
c. Guguritan
d. Paparikan
e. Sisindiran
32. Ieu dihandap diebrehkeun adegan batin sajak, iwal…
a. Jejer
b. Citraan
c. Amanat
d. Wirahma
e. Rasa
33. Wanda karangan anu rakitanana biasana pinuh ku wirahma, kauger ku wangun,
jeung ku diksina disebut…
a. Sajak
b. Puisi
c. Rarakitan
d. Mantra
e. Pupuh
34. Rasa nu diebrehkeun dina sajak “Do’a” nyaeta…
a. Kamelang
b. Katugenah
c. Kasedih
d. Kasono
e. Kakeuheul
35. Ngarobah sajak kana wangun basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapan
kekecapan, nepi ka sajak teh kaharti eusi jeung maksudna nyaeta…
a. Parafraseu
b. Deklamasi
c. Musikalisasi
d. Gending karesmen
e. Dramatisasi
36. Padeukeutna sora vokal boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara
kalimah disebut…
a. Gaya basa
b. Kecap nyata
c. Purwakanti
d. Wirahma
e. Wirasa
37. Maca sajak nu dipidangkeun kucara ditalar tanpa make naskah sarta sok dibarung
ku pasang peta jeung geurak nyaeta…
a. Impromptu
b. Ngapalkeun
c. Memoriter
d. Deklamasi
e. Ekstemporan
38. Seni ngebrehkeun atawa ngaekspresikeun hiji sajak ka paregep anu dibarengan
jeung gerak awak sarta pasemon disebut…
a. Dramatisasi sajak
b. Parafraseu
c. Deklamasi sajak
d. Ngarang sajak
e. Musikalisasi
39. Aksara sunda dibagi opat bagian nyaeta, iwal…
a. Aksara ngalagena
b. Aksara swara
c. Pangwilang
d. Pangwisad
e. Pananda sora
40. Wawancara dumasar kana sipatna aya dua rupa, nyaeta…
a. Kauger jeung bebas
b. Kauger jeung tertutup
c. Bebas jeung mandiri
d. Mandiri jeung kelompok
e. Tanya jawab langsung
41. Kagiatan ahir dina wawancara teh nyaeta nyusun laporan. Aya dua cara dina
nalika nyusun laporan wawancara teh, jentrekeun hiji-hijina!
42. Jieun conto daptar patalekan wawancara nu saluyu jeung prinsip 5W + 1H tina
tema seni jeung budaya sunda!
43. Sebutkeun ciri-ciri carita babad!
44. Salin paribasa ieu di handap make aksara sunda!
a. Dihin pinasti anyar pinanggih
b. Buruk-buruk papan jati
c. Jati kasilih ku junti
45. Naon bedana maca sajak jeung deklamasi sajak?

You might also like