You are on page 1of 1

Nama:Thitho.

AMS

Kelas:7D

NO:21

Ditilik tina wangun rumpakana aya dua rupa karya sastra dina wangun puisi, nyaeta
puisi anu kaiket ku aturan jeung puisi anu henteu kaiket ku aturan. Conto puisi Sunda
anu kaiket ku aturan nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Sedengkeun conto puisi
Sunda anu henteu kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak, mantra jeung pupujian.

Sajak teh karangan dina wangun basa ugeran (puisi). Ari dina jenisna(genrena) mah,
sarua jeung pupuh,pupujian,atawa mantra. Ngan ugeran dina sajak mah lain guru lagu
guru wilangan,atawa jumlah padalisan dina sapadana saperti dina pupuh. Memang
umumna sajak diwangun ku sababraha pada, saperti sajak di luhur. Tapi henteu
saeutik deuih sajak anu ditulisna ngaguluyur saperti tulisan wangun basa lancaran
(prosa), contona sababaraha sajak karangan Godi Suwarna.

Upama kitu naon atuh anu jadi ugeran dina sajak teh? Diantarana bae, sajak kauger
ku diksi (pilihan kecap), wirahma,,jeung purwa kanti. Dina sajak diksi the kacida
pentingn. Ku sabab wangunna pondok,kecap-kecap anu digunakeun dina sajak mah
estu meunang milihan. Panyajak kudu tapis milihan kecap anu marenah tur ngandung
perlambang (simbol), aya oge anu ngandung babandingan (metafor). Eta sababna
kecap-kecap anu dipake dina sajak sok loba anu ngandung harti injeuman (konotatif),
mangrupa perlambang kana hij-hiji hal atawa kajadian,sarta ngawangun wirahma anu
genah dibacana. Geura urang titenan ieu kalimah-kalimah di handap.

Kembang mangkok diburuan.


Kembang mangkok dina lamunan.

Hujan turun maseuhan bumi nu garing.


Hujan ngaruh nurunkeun dodoja.

You might also like