You are on page 1of 1

Nama : Sahdan Maulana

NPM : 180210180022

Laporan Baca Buku Sérah

1. Abdi maca buku sérah 5 dinten


2. Tina 5 dinten éta abdi aya kan 3 kali balikan macana
3. Kumpulan sajak Sérah nyaritakeun resahna Eris Risnandar ngeunaan kaayaan alam di
Lemah Cai nu beuki lila beuki béak kulantaran sagala rupa pawangunan di Indonesia.
Kagambar dina lolobana sajak dina buku ieu sawah nu geus rata, loba gedong-gedong nu
ngadeg, bencana alam jsb. Teu ngan saukur éta, aya ogé sajak-sajak Eris nu eusina
ngeunaan rasa cintana jiga dina salah sahiji sajakna nu judulna “Bégalan Asih” nu
nyaritakeun implengan kasono Eris dina simpé.
4. Buku Sérah ieu luyu jeung kaayaan di Indonesia ayeuna. Loba pisan proyék pawangunan
nu matak sawah-sawah jadi jalan, kebon-kebon di aspal.jadi jalan tol, lapangan pikeun
barudak méng bal jadi komplék perumahan, cai kiruh kusabab kacampur jeung semén
proyék kereta cepat. Jiga “Bangkarak” nu nyaritakeun ngeunaan lembur-lembur anu
dijadikeun perumahan modern teras “Ukur Waktu” nu nyaritakeun sawah nu ayeuna jadi
jalan tol. Teu ngan saukur éta loba seratan Eris Risnandar ngeunaan kacinta,kasono,jeung
kaasihna kanu anjeuna pikacinta. Janten dina sagala kakeuheul, kaambek, kasedihna Eris
ningal nagara nu “jadi kieu”, inyana masih miboga kaasih atawa jalmi nu ku anjeuna
pikacunta jeung dibajoangkeun, sarua jeung kaayan jalma-jalma kiwari.

You might also like