You are on page 1of 18

Karakteristik Dakwah Qur'ani

kaping: 11/25/2012 10:50:00 AM

Al-Qur'an mere pituduh kana hal-hal anu praktis. Salawasna nekenkeun kana amal jeung
tingkah laku ti batan mere gagasan. Sakumaha pituduh pikeun manusa, al-Qur'an nyadiakeun
hiji dadasar anu kuat jeung teu bisa dirobah pikeun sakabeh prinsip-prinsip etik jeung moral
anu perelu dina kahirupan. Nabi henteu kagungan kakawasaan politik pikeun nyokong misi
kanabianana dina mangsa Makkah, sawatara di Madinah anjeunna minangka “kapala politik-
agama” saeutik oge henteu kungsi ngumumkeun sabage panguasa.

Anggapan urang pasti yen eusi Al Quran teh mere pituduh anu hade pikeun manusa, pituduh
nu mawa kana bebeneran jeung suasana kahirupan anu leuwih hade. Sanajan kecap “Allah”
aya leuwih ti 1500 kali kapanggih dina al-Qur'an di sagigireun kecap-kecap sejenna saperti
ar-Rabb (Maha Miara), jeung ar-Rahman (Maha Asih), ieu kitab suci utamana ditujukeun
pikeun manusa.

Kitu cek Muhammad Abduh sakumaha anu dicaritakeun ku Muhammad Rasyid Ridha,
ngeceskeun yen al-Qur'an mangrupa bukti anu kuat (hujjah) pikeun manusia nepi ka datangna
poe panganggeusan.

"Al-Qur'an mere pituduh kana hal-hal anu praktis. Salawasna nekenkeun kana amal jeung
tingkah laku ti batan mere gagasan." Dumasar kana ieu pamadegan, iman kakara ngabogaan
harti lamun dibarengan ku amal jeung kalakuan anu positif jeung konstruktif. Jadi bisa
kaharti lamun Iqbal mere kritikan kana teologi Islam skolastik anu karasa pisan kapangaruhan
ku pamikiran Yunani kuno. Sanajan hal ieu geus ngajembarkeun sawangan pamikiran sarjana
jeung teolog muslim, tapi sacara henteu langsung geus ngaleungitkeun visi ngeunaan al-
Qur'an. Ieu kitab suci kurang katarik kana pamikiran teologi murni jeung spekulatif, hiji
wilayah anu ngawasa loba pamikir jeung yuris muslim satungtung abad pertengahan.

Manifestasi Pamungkas
Sakumaha pituduh pikeun manusa, al-Qur'an nyadiakeun hiji dadasar anu kuat jeung teu bisa
dirobah pikeun sakabeh prinsip-prinsip etik jeung moral anu perelu dina ieu kahirupan.
Nurutkeun Muhammad Asad, al-Qur'an mere jawaban komprehensif pikeun pasualan tingkah
laku anu hade pikeun manusa boh sacara individu atawa sabage anggota masarakat
enggoning nyiptakeun kahirupan anu saimbang di dunya kalayan tujuan akhir kabagjaan di
akherat. Al-Qur'an ngajarkeun yen kahirupan anu hade di dunya mangrupa prasarat pikeun
kabagjaan hirup pikahareupeun. "Singsaha anu teu nenjo jalan di dunya bakal kitu engke di
akhir, malahan bakal leuwih sasab lumampahna (XVII:72)." Pikeun mukmin, al-Qur'an
mangrupa manifestasi pamungkas ti rahmat Allah keur manusa, di sagigireun jadi prinsip
kawijaksanaan anu panungtungan.

Saterusna al-Qur'an ngatur kahirupan manusa sagemblengna, unggal bagian tina kahirupan
salawasna diatur kalawan pituduh jeung parentah etik jeung moral anu sumberna tina wahyu.
Memang sawadina al-Qur'an ngajarkeun konsep kasatuan kahirupan anu padu tur logis.

Ku lantaran panulis ngan rek ngajentrekeun sangkan anu maca paham kana parentah-parentah
dasar moral pikeun cita-cita politik Islam nu bisa dicokot tina al-Qur'an nu geus
diterjemahkeun sacara nyata ku Nabi katut para sahabatna, aspek-aspek sejen kahirupan
manusa kayaning widang ekonomi, sosial jeung kultural, sanajan aya pakaitna sacara organik
jeung ajaran-ajaran al-Qur'an moal dibahas di dieu.

Sangkan analisis urang bisa hade, perlu pisan lamun nyawang asal-usul jeung wangenan
ngeunaan istilah “politik” jeung “nagara” dina pamakeanana kiwari. Nagara minangka hiji
masarakat politik geus lila pisan katangen dina sajarah manusa. Kecap “politik” asalna tina
basa Yunani “polis” anu hartina kota. Dina mangsa moderen, istilah politik ngandung harti
“seni atawa elmu ngeunaan pamarentahan, hiji elmu anu aya patula-patalina jeung prinsip
ngatur jeung ngawas rahayat nu aya dina hirup kumbuh”. Sedengkeun istilah "state" anu
hartina nagara, asalna tina basa Latin “status” (stato dina basa Itali, etat dina basa Perancis
jeung state dina basa Inggris).

Dina Webster's Dictionary kaungel yen nagara nyaeta “sakumpulan jalma nu nyicingan hiji
wewengkon sarta dipingpin ku pamarentah anu bebas ti pangaruh luar sarta boga kakawasaan
pikeun maksa demi mertahankeun masarakat anu teratur.” Wangenan sejen nyebutkeun yen
nagara teh hiji komunitas politik kalawan otoritas luhur nu nangtukeun sarta ngawasa aparat
pikeun maksakeun kahayangna.”

Pendekna nurutkeun Ziya Gokalp “nagara teh hiji otoritas publik nu boga kakawasaan keur
maksakeun aturan-aturan hukum pikeun individu-individu anu kasalametanana aya dina
panangtayunganana”. Jadi tujuan ngadegkeun nagara nya eta keur miara jeung maksakeun
hukum jeung katartiban di masarakat.

Pamadegan Marxis
Sedengkeun tina pamadegan Marxis sakumaha anu dirumuskeun ku Lenin, sabalikna
nyebutkeun yen “Nagara teh buah jeung manifestasi tina antagonisme kelas anu henteu bisa
damey”. Tokoh pendiri Rusia moderen ieu saterusna nyebutkeun yen “Nurutkeun Karl Marx,
nagara mangrupa organ pangawasaan kelas, hiji organ geusan meres ti hiji kelas ka kelas
sejen; tujuanana nya eta nyiptakeun ‘katartiban’ anu dianggap bener sacara hukum sarta tetep
lumangsungna meres kalawan nyiptakeun pertentangan antar kelas”. Ieu teori ngaleungitkeun
nagara borjuis jeung kapitalis anu meres kelas proletar.

Nyiptakeun nagara disawang tina jihad muslim bakal kagambarkeun yen tujuan nagara Islam
taya lian pikeun miara kaamanan jeung integritas, ngajaga hukum jeung katartiban, sarta
pikeun majukeun nagari nepi ka unggal individu bisa nembongkeun potensina, bari mere
sumbangan pikeun kasajahteraan. Beda jeung pandangan Marxis, di nagara Islam mah teori
antagonisme kelas, dominasi kelas, jeung teori ngeunaan eksploitasi hiji kelompok ku
kelompok sejen teh henteu aya lantaran bakal ngancurkeun prinsip-prinsip jeung parentah-
parentah moral al-Qur'an ngeunaan tata-tartib sosial dinamis anu etis. Sagala wujud
eksploitasi jeung dominasi, tina jihad al-Qur'an, lain wae henteu bisa dianggap bener sacara
etis, leuwihna ti eta kudu dikutuk kalawan keras sarta diancurkeun sacara radikal, sabab hal
eta lalawanan jeung prinsip mulya manusa.

Muhammad Lain Panguasa


Risalah al-Qur'an sakumaha geus kasebut samemehna nya eta pikeun mere pituduh ka
manusa. Manusa lain wae minangka mahluk sosial, tapi sacara alamiah minangka mahluk
politik, sakumaha geus dicaritakeun ku Aristoteles. Kusab kitu sangkan urang boga
pamahaman anu cukup ngeunaan kumaha pituduh al-Qur'an dilaksanakeun dina kanyataan
sajarah, sawadina nitenan kalawan gemet karir sajarah Nabi Muhammad boh dina mangsa
Makkah (610-622 M), kitu deui mangsa Madinah (622-632 M). Tina al-Qur'an urang bisa
nengetan yen periode ahir ngan mangrupa terusan jeung pamekaran tina periode awal. Lamun
katangen aya perbedaan, utamana tina kanyataan yen Nabi henteu kagungan kakawasaan
politik pikeun nyokong misi kanabianana dina mangsa Makkah, sawatara di Madinah
anjeunna minangka “kapala politik-agama” saeutik oge henteu kungsi ngumumkeun sabage
panguasa. Posisi Nabi nu sabenerna sakumaha nu kaungel dina al-Qur'an nyaeta : “Sabenerna
Allah parantos maparin karunia ka jalma mukmin ku jalan ngangkat diantara maranehna hiji
Rasul anu macakeun ayat-ayat-Na ka maranehna, nyucikeun maranehna, sarta mere
pangajaran ngeunaan Kitab Suci jeung kawijakan, sedengkeun samemehna maranehna aya
dina kapoekan anu nyata (III:164).” Posisina minangka Rasul Allah henteu robah dugi ka
pupusna taun 632 M. “Muhammad ngan saukur Rasul,” nurutkeun al-Qur'an (surah Ali
Imran: 144).

Naon anu disebutkeun di luhur sugan mere gambaran saeutik ngeunaan hubungan anu
sabenerna antara kanabian Muhammad jeung masalah politik. Beda jeung kalungguhan Nabi
Daud anu dina waktu sarua boga fungsi sabage raja, sedengkeun Nabi Muhammad sakumaha
anu disebut dihareup henteu kungsi ngaku sabage panguasa komo deui jadi raja. Dina
hubungan ieu, pamadegan Ibn Taimiyah bisa leuwih ngajentrekeun masalah kalungguhan
Nabi Muhammad dina hubunganana jeung kakawasaan. Sanggeus mere komentar ngeunaan
ayat al-Qur'an anu hartina: "Sabenerna Kami geus ngutus Rasul-Rasul anu dibarengan ku
wahyu, Kitab jeung tinimbangan, sangkan manusa milampah kaadilan, sarta Kami turunkeun
beusi, anu kuat tur hebat sarta mangpaatna pikeun manusa, jeung sangkan Allah uninga saha
anu nulung-Na jeung (nulung) Rasulna, anu ghaib (ti maranehna) (LVII:25),” Ibn Taimiyah
negeskeun yen agama anu bener wajib boga buku pituduh jeung pedang.

Palebah dieu Ibn Taimiyah nekenkeun yen kakawasaan politik anu make simbol pedang
mangrupa hiji hal anu esensial tur mutlak pikeun agama, tapi kakawasaan mah lain agama.
Dina harti sejen politik atawa nagara ngan sakadar alat pikeun agama, lain ekstensi ti agama.
Karir Nabi nguatkeun ieu tesis. Ku kituna pernyataan umum nu sok kadenge yen Islam teh
agama jeung nagara geus nyimpang tina hakekat sabenerna posisi kanabian Muhammad.
Malahan istilah daulah nu hartina Islam teh dien (Agama) jeung daulah (staat= nagara)
henteu kaungel dina al-Qur'an. Istilah daulah (al-Qur'an LIX:7) memang aya, tapi henteu
ngandung makna nagara, ieu istilah dipake sacara figuratif keur ngalukiskeun bagilirna
kakayaan.

Sairing jeung waktu, ieu makna harfiah geus robah jadi nerangkeun kakawasaan politik,
lantaran kakawasaan salawasna pindah-pindah. Lamun ngan sakadar wangenan jigana
pamahaman Muhammad Abduh ngeunaan Islam leuwih deukeut ka al-Qur'an waktu manehna
nyebutkeun yen Islam nyaeta agama jeung hukum syari'ah, asal ieu hukum salawasna bisa
dititenan, diomean, jrrd, di handapeun panangtayungan ajaran etik al-Qur'an. Panalungtikan
jeung ngarumuskeun deui sacara kritis mutlak diperlukeun lantaran leuwih ti 95 persen eusi
syari'ah mangrupa hasil rumusan manusiawi ngaliwatan ijtihad alatan nyumponan pameredih
zaman. Atawa nurutkeun panitenan Iqbal: ... the entire fabric of Islamic law...is really judge-
made law, so that the lawyer performs the lagislative function in the muslim constitution.
(...sakabeh pabrik hukum Islam ... sabenerna mah yurisprudensi, kukituna ahli hukum
ngalaksanakeun fungsi legislatif dina konstitusi Islam).

Al-Quran Pituduh nu Etis


Diskusi di luhur geus netelakeun yen dina Islam, nagara teh taya lian ti hiji alat anu
diperlukeun ku agama. Tapi nurutkeun teori-teori politik klasik atawa moderen, konsep
nagara mangrupa inti filsafat politik Islam. Ana kitu, kunaon al-Qur'an henteu ngabahas
ngeunaan pasualan anu penting kieu? Misilna, urang moal manggihan konsep ngeunaan
nagara boh diwincik atawa henteu dina al-Qur'an. Cek pamikiran sejen, al-Qur'an henteu
mere gambaran pasti ngeunaan pola kanagaraan anu bakal jadi panutan umat. Ieu alesan
henteu hese diteangan. Kahiji, al-Qur'an dina prinsipna jadi pituduh etik pikeun manusa, lain
kitab elmu politik. Kadua, geus jadi kanyataan yen institusi-institusi sosio-politik jeung
organisasi manusa mindeng robah ti waktu ka waktu. Atawa mun cek basa sejen mah
cicingna al-Qur'an dina ieu masalah hartina mere jaminan anu esensial jeung ngahaja pikeun
nembongkeun kakakuanana hukum dan sosial. Tujuan utamana sangkan ajen-inajen jeung
parentah etisna tetep dijungjung sarta ngabeungkeut kagiatan sosio-politik umat. Ajen-inajen
ieu aya pakaitna sacara organik jeung prinsip kaadilan, persamaan, jeung kamerdikaan anu
nempatan posisi sentral dina ajaran moral al-Qur'an. Tina ieu perspektif, hiji nagara bisa
disebut mibanda corak Islam lamun kaadilan jeung anu sejen-sejenna bener-bener
kawujudkeun dina kahirupan rahayat.

Pikeun nanjeurkeun kaadilan jeung miara perdameyan jeung katartiban, Islam merlukeun
organisasi politik. Tapi ieu organisasi lain ekstensi ti Islam. Tapi mangrupa mesin
kakawasaan anu efektif ku lantaran kitu perlu pisan jeung teu meunang henteu. “Lamun al-
Qur'an ngan nyaritakeun ngeunaan puasa dina hiji segmen,” Rahman nyimpulkeun, “ampir
sapertiluna tina eusi al-Qur'an diabdikeun pikeun bangunan hiji mesin kakawasaan geusan
nangtayungan kapentingan jeung teritorial ummat Islam...” Sedengkeun prosedur jeung
metoda pengorganisasian kakawasaan jeung gunana sacara efektif wijak tur wajar, al-Qur'an
nawarkeun prinsip syura anu hanjakal pisan henteu mekar kalawan pinuh harti dina sajarah
Islam sanggeus satengah abad kahiji, ku alatan saingan dinasti jeung mumusuhan diantara
panguasa, raja jeung para sultan di daerah kakawasan Islam.

Prinsip kaadilan sarta hubunganana jeung gagasan umum ngeunaan ngawangun dunya tur
nyegah korupsi diparentahkeun kalawan tegas dina al-Qur'an. Ieu prinsip perlu dijentrekeun
kalawan eces. Ngalaksanakeun jeung miara kaadilan di dunya mangrupa prasarat pikeun
kabagjaan manusa. Ku kituna gagasan ngeunaan kaadilan kuat pisan dina al-Qur'an, sarta
panitenan ieu Kitab Suci ka manusa jeung masarakat jero pisan. Panulis-panulis moderen boh
muslim atawa non-muslim sadar kana ieu pasualan.

“Kaadilan aya sumberna jeung dibenerkeun dina parentah Pangeran,” cek Erwin I.J.
Rosenthal. Mahmoud Syaltout negeskeun yen kaadilan mangrupa bagian anu penting pisan
dina sistem anu orientasina ka Pangeran. “Kaadilan nyaeta sistem Pangeran jeung
syari'ahna.” Kusab kitu pikeun ngawujudkeun sarta ngalaksanakeun cita-cita kaadilan di
dunya, Allah geus ngutus para Rasul-Na ka umat manusa.
Diserat Ku: Hj.Imas Kurniasih, M.Ag-MG

Harti Masjid Saenyana


kaping: 11/11/2012 11:40:00 PM

Upami simkuring tumaros ka salasaurang muslim “Naon ari masjid teh? Dina umumna
waleran anu bakal katampi kieu: “Masjid teh nyaeta tempat ibadah (solat) babakuna solat
Jumaah” Eta waleran kacida leresna, namung upami ditingal tina segi makna anu saleresna
eta waleran teh kirang leres. Atanapi langkung sae disebatkeun setengah leres, upami
pangajenna ati-ati pisan mah.

Ditingal tina harti harfiah masjid memang tempat sholat. Kecap MASJID asal tina masdar
basa Arab “Sujudan”. Fiil Madina “Sajada” (hartina: geus sujud) fiil sajada dibere
rarangken /mim/ ngalantarankeun parobahan wangun sajada jadi masjid (hartina: tempat
sujud).

Namung upami urang ngabahas masalah gedong nu diistilahkeun ku masjid dina addin Islam
harti “tempat solat” wungkul, henteu sadayana leres. Apan Gusti Allah parantos ngajadikeun
sakuliah jagat ieu teh masjid, tempat sujud, tempat hsolat? Naon atuh bedana satungkebing
bumi sabage masjid sareng wangunan/gedong sabage masjid? Upami Nabi Muhammad SAW
ngadawuhkeun: “Sakuliah jagat pikeun simkuring geus dijadikeun masjid (tempat sujud)”,
eta ngandung maksud yen sujud ka Gusti Alloh henteu kasengker ku tempat.

Sujud teh pangakuan ibadah, nya eta pernyataan kumawula lahir anu jero pisan. Saparantos
iman dipimilik ku jiwa, letah ngucapkeun ikrar kayakinan sabage pernyataan tina milik
rohaniah. Saparantos letah ngucapkeun kayakinan, jasmani nganyatakeun gerak kayakinan ku
jalan sujud dina waktu solat. Sujud mere makna yen naon-naon anu diucapkeun ku letah teh
sanes ucapan kosong wungkul.
Panyaksen atawa pangakuan letah tea diaku ku sakujur jasmani manusa dina wujud gerak
lahir, nyambung gerak batin nu ngaku sareng ngayakinkeun iman. Ngan ka Gusti Alloh hiji-
hijina, Muslim sujud, henteu ka nu sanes lian ti ka Mantenna. Sakumaha gagah perkosana
manusa, rosana tanaga, rasiahna kagaiban, salila manehna kumelendang di alam dunya,
manehna teh mahluk biasa. Sarta manusa teh lain sasaranna pikeun sujud. Hiji-hijina sasaran
sujud mah kapan Cholik. Sakumna mahluk wajib sujud ka Anjeunna. Anu henteu sujud ka
Anjeunna, ingkar ngaranna.
Waktu Rabi’ah bin Ka’ab nyuhunkeun ka Nabi: “Jisim abdi nyuhunkeun supados tiasa
nyarengan Bapa ka Sawarga”, Nabi ngawaler: ”Naha masih aya permohonan anjeun anu
sejenna?”
Waktu Rabi’ah ngawaler: “Mung sakitu”, Nabi sasauran: ”Lamun kitu tulungan kuring
pikeun kapentingan anjeun sorangan, ku jalan ngalobaan sujud!”
Kacindekan tina ieu hadis, nya eta samangsa-mangsa anu ngalobaan sujud teh asup ka
sawarga. Saha atuh eusi sawarga teh? Taya lian ti muslim sajati. Jadi muslim sajati kudu loba
ngalakukeun sujud.
Sakuliah jagat teh masjid pikeun muslim. Jadi satungkebing bumi teh tempat sujud ka
Pangeran. Sujud dina harti lahir sipatna gerak jasmani, sujud dina harti batin nya eta
kumawula ka Gusti Alloh.
Nabi ngadawuh, yen ngalaksanakeun kawajiban nyembah ka Pangeran pikeun muslim henteu
kasengker ku tempat. Di bumi, di kantor, di sawah, di leuweung, di gunung, di jomantara,
dina kendaraan, di sisi jalan, di mana bae oge eta teh mangrupa masjid pikeun muslim. Anas
bin Malik nerangkeun yen Rosululloh biasa solat di mana bae, lamun geus waktuna, sanajan
cek paribasana mah di kandang embe.
Pikeun hubungan sareng Alloh ku jalan solat, Pangeran henteu nyebutkeun tempat husus.
Tempat pikeun sambeang henteu perlu ditasbihkeun saperti tempat sambeangna Nasrani,
Yahudi, Hindu atanapi agama-agama sejenna. Ka Zabir bin Abdullah, Nabi nerangkeun: “Ieu
bumi pikeun kuring suci beresih jeung beunang dijadikeun tempat pikeun solat, ku lantaran
eta dimana bae urang aya, meunang solat lamun waktuna geus cunduk”.
Ieu teh hiji tina lima kaistimewaan nu henteu dipaparinkeun ku Alloh ka Nabi-nabi samemeh
Nabi Muhammad. Jadi pikeun nabi sanesna mah tempat sembahyang wajib diadegkeun husus
sarta ditasbihkeun atawa disucikeun heula.

Sanajan masjid nurutkeun anggapan muslim ilaharna dina waktu-waktu ieu, nya eta tempat
solat (sembahyang), nyatana mah henteu mutlak pikeun sembahyang. Sabage tempat
sembahyang mah tugas sekunder (kadua) eta gedong masjid teh, sabab jagat di luareun
masjid teh lega pisan anu fungsina kawas masjid, sarta henteu perlu diadegkeun heula saperti
wangunan masjid. Peristiwa ngadegkeun masjid nu muggaran, mere makna ka urang, naon
saenyana nu kawengku ku istilah masjid.
Saparantos kira-kira 12 taun ngajalankeun tugas karosulan di Mekkah, aya pameredih ka
Nabi Muhammad sangkan hijrah ka Madinah. Ditilik tina elmu perang, hijrah teh mangrupa
taktik, strategi Nabi pikeun ngembangkeun addin sareng ngislamkeun ummat.
Ieu taktik mimitina dijalankeun di Makkah. Tapi ampir taya kamajuan pisan, tangtangan ti
pihak musuh kacida kuatna sareng mingkin intensif. Nabi nukeur taktik ku jalan ngajadikeun
Madinah sabage markas besarna. Tur kanyataanana sukses.
Nya dina dinten Senen, tanggal 12 Rabiulawal (28 Juli 622 M) Nabi Muhammad
ngantunkeun Makkah ngajugjug ka Qubah, kiduleun Yatrib (anu saterusna dilandi
Madinahan Nabi). Nya ti harita ayana kalender Islam, nu ngandung hartos ngawitanana kurun
Islam dina sajarah umat manusa.
Naon anu mimiti pisan dilakukeun dina dinten kahiji kasumpingan Nabi sarta rombonganana
di Qubah? Anjeunna umajak ka kaom Muslimin nu aya sabudeureun pikeun ngadegkeun
masjid, tempat sujud. Tanah kebon tempat eta masjid diadegkeun teh milik Bani Nayar anu
nolak pembayaran ti Nabi nu satadina bade ngagaleuh eta kebon.

Nabi ku anjeun ngiring ngangkatan batu. Dina gotong royong henteu ngitung bayaran sareng
pangkat. Bari didaramel kaom Muslimin teh taretembangan. “Ya Allah, henteu aya deui
kasaean di dunya mung kaheman di akherat. Mangga barantu Anshar ti Madinah sareng para
Muhajirin ti Makkah.”
Kurun Madinah dina kamekaran Islam saparantos hijrah mangrupa kurun nu beda ti kurun
Makkah. Di Madinah panganut Islam gancang ngarekahan sanajan mendak halangan ti fihak
Yahudi, anu satadina mah miharep sangkan Nabi nulungan maranehna. Jigana bae, kitab
Taurat teh aya nu ngarobah. Sabab kitab Taurat nu asli mah ngajarkeun ka kaum Yahudi
pikeun ngaku Islam sareng Muhammad. Namung kitab suci nu parantos dirobah mah eusina
teh sawangsulna, dugi ka nimbulkeun perpecahan di golongan Yahudi.
Di sagigireun jalma nu asup Islam kalawan leres-leres yakin, aya oge golongan nu lebetna ku
alatan pertimbangan kauntungan sareng kapentingan dirina sorangan.
Ku mingkin seueurna panganut, Nabi mayunan suasana anyar. Upami di Makkah anjeunna
ngadugikeun ajaran kalawan sumanget, nyingsieunan sareng maparin harepan, ganjaran nu
hebat sareng kanikmatan, sajajar sareng wahyu nu diturunkeun. Tah, di Madinah mah
ajaranana ditujukeun pikeun nyusun masarakat Islam nu langkung jembar.

Surah-surah Makkiyah eusina anjuran sareng narik ka ummat pikeun jadi mukmin. Surah-
surah Madaniyah tujuanana ngatur jalma dina hiji susunan masarakat. Di Makkah mah
Muhammad sabage Rosul ku perantawisan wahyu nu disaurkeun ku Jibril ti Alloh. Anjeunna
babakuna mere kayakinan ka urang Makkah, supaya iman ka Alloh, ngemutan hirup
saparantos maot. Di Madinah kawajiban Nabi parantos langkung jembar, anjeunna sanes bae
sabage perantara manusa jeung Pangeran, namung jadi panguasa di luhureun masarakat
Muslim. Kakawasaanana ngatur, ngadamel undang-undang, marentah nurutkeun kapalay
Alloh.
Ti wangkid hijrah tumuwuh kakawasaan nagara, anu pucuk pingpinanana dikadalian ku Nabi
ku anjeun (biatil nuluki wal umaro). Nagara teh wujud nyata ti masarakat, sedengkeun
masarakat teh wadahna kabudayaan.
Ku margi kitu surah-surah anu turun di Madinah henteu ngagedur-gedur, nyerang sareng
narik, namung sifatna lemah lembut, mere panerangan sareng penjelasan kumaha Muslim
kedah hirup, kumaha kedahna laku lampah di masarakat, kumaha susunan masarakat,
singgetna mah kumaha cara hirup atawa “way of life”na hubungan antara sasama Muslim
atawa sareng sanes Muslim. Eta sadayana bakal ngalahirkeun kabudayaan nu Islami.
Kajadian nu aya dina kurun Madinah dimimitian ku ngadegkeun masjid Qubah. Harita turun
ayat nu unina:
“Saenya-enya masjid anu didadasaran ku takwa dina poe diadegkeunana, hade pisan maneh
ngadegkeun solat di jerona. Di jero eta masjid aya sawatara lalaki nu resep kana kaberesihan
dirina, sarta Allah mikaresep ka jalma anu beresih”. (QS al Baqarah:103)
Tina pedaran tadi aya sabaraha kacindekan:
1. Dina kaayaan darurat saparantos Nabi dugi ka tujuan akhir ngungsina, lain
ngawangun pertahanan pikeun nyanghareupan serangan musuh ti Makkah, namung
ngawangun masjid munggaran.
2. Kalender Islam dimimitian ku ngadegkeun masjid tanggal 12 Rabiul awal, ngawitan
taun Hijriah, saterasna dietang kaping 1 Muharram nu ragrag dina dinten Jumaah.
Dinten Jumaah dianggo ngaramekeun masjid sacara husus unggal 7 dinten sakali.
3. Islam dilahirkeun di Makkah. Ngarekahanana di Madinah. Dina kurun nu munggaran
Nabi ngajarkeun dasar-dasar agama, ari dina kurun kadua ngajarkeun dasar-dasar
kabudayaan. Dina wates antara dua kurun, Nabi ngadegkeun masjid. Jaman kurun
Makkah ayat-ayat nu turun ditujukeun ka manusa “Hai manusia….” Ayat-ayat
Makkiyah ngajak manusa kana ka-Tunggalan pangeran , ngajelaskeun yen teu aya
deui Pangeran iwal ti Alloh, mere nyaho yen aya ganjaran pikeun manusa nu hade
sareng siksaan ka manusa anu jahat, ngajarkeun kahirupan sabada maot, kahirupan
aherat. Beda ti ayat-ayat Makiyyah nyaeta ayat-ayat Madaniyah nu umumna panjang-
panjang. Pikeun nerangkeun diperlukeun pedaran-pedaran nu panjang. Mun ayat
Makiyyah pondok, tegas, ngajak, marentah, nyingsieunan, ngajangjikeun ganjaran
jeung siksaan. Ayat Madaniyah ditujukeun sanes ka manusa tapi ka mukmin, anu geus
iman. Al Makkiyah jumlah surahna 86, tujuan pokona melakkeun kaimanan sareng
tumuwuhna agama Islam. Dina kurun Madinah tujuan pokona stabilisasi jalma-jalma
nu parantos iman, ngawangun kesatuan sosial Islam nu ngandung harti ngawangun
kabudayaan Islam. Di makkah mah pancen Nabi sabage perantara antara manusa
sareng Pangeran. Di Madinah anjeunna nyusun, ngatur hubungan anatara manusa
jeung manusa, nyusun ngatur kabudayaan di sagigireun pancen mimiti. Ngadegna
masjid nu dipigawe ku Nabi antara kurun ajaran agama sareng kurun ajaran
kabudayan, tiasa dihartoskeun yen anjeunna ngadeg dina congo ajaran agama sareng
dina puhu ajaran kabudayaan.
4. Masjid ngudar Gemeinschaft Arab sareng ngawangun Geselschaft Islam nu
ngawengku ka jalma mukmin. (Kaum muhajirin sareng Ansor teh Geselschaft Islam).
5. Masjid diadegkeun ku para mukmin anu takwa.
6. Masjid diwangun sacara gotong royong jeung sambat-sinambat.
7. Masarakat Islam anu disanghareupan ku masjid Qubah (nu kahiji) asalna ti dua
golongan nyaeta anu mukmin sareng anu munafik. Anu munafik seueur anu nyamar
sabage mukmin.

Dina kacindekan di luhur tiasa kagambarkeun makna nu saleresna tina masjid. Upami dina
dinten kahiji Nabi sareng rombonganana nepi ka daerah Madinah dina raraga hijrah ti
Mekkah, ngahagal ngadegkeun masjid, tujuan Nabi kana eta gedong teh sanes sakadar pikeun
tempat sujud, tempat solat wungkul. Sacara logis atanapi harti injeuman wungkul parantos
tiasa dicandak kacindekan, yen Nabi dina dinten munggaran pisan sabada hijrah, moal
ngadegkeun masjid, upami henteu aya anggapan kana pentingna gedong masjid, babakuna
dina mayunan kurun Madinah.
Upami mung sakadar tempat solat mah, kapan sakuliah jagat ieu teh parantos dijadikeun ku
Pangeran pikeun masjid. Dina raraga ngajawab pertanyaan Abu Zar ngeunaan Masjidil
Haram sareng Masjidil Aqso, Rasulullah nyaurkeun: “Di mana bae maneh aya, lamun cunduk
waktu solat, prak pigawe, sabab di mana bae oge, masjid”. (Hadist Muslim: 315)

Upami ditaliti sajarah Islam bakal tiasa dicindekkeun yen kasampurnaan agama,
pangwangunan dunya jeung kabudayaan Islam, tiasa kapendak dasar-dasarna tina naon-naon
nu dilakukeun ku Nabi sabada hijrah.
Saleresna 10 taun panungtung tina nalika jumenengna Nabi ti saseret hijrah dugi ka pupusna,
nerapkeun fondamen pikeun dunya Islam. Upami Nabi dina dinten kahiji hijrah tea
ngadegkeun masjid, tiasa dicindekkeun yen eta gawe teh ngadegkeun fondamen utama dunya
Islam. Sabab tugas-tugas nu dipaparinkeun ku nabi ka masjid mangrupa binih nu dina
mekarna ngalahirkeun dunya Islam. Cindekna, tugas masjid teh sabage Pusat ibadah jeung
kabudayaan Islam.

Tina: Naskah Catetan “Masjid”. R. Soerjo Argawisastra

Fungsi Masjid
kaping: 11/11/2012 11:24:00 PM

Tugas atawa fungsi utama masjid nu kahiji nurutkeun hartos kecap, nyaeta tempat sujud.
Dina dinten kahiji hijrahna Nabi sumping ka Yatrib anjeunna ngadegkeun masjid di kampung
Qubah. Saparantosna eta masjid rampung, anjeunna solat disarengan ku golongan Muhajirin
sareng Anshor. “Wasjud waktarib!” Geura sujud ka Pangeran jeung ibadah. (Q.S. Al Alak:
19). Masjid teh tempat solat fardu jeung sunat, boh sacara munfarid atawa berjamaah.
Sakali dina unggal 7 dinten masjid dianggo pikeun solat Jumaah. Upami aya halangan (hujan,
jste) dina hari raya Islam (solat Idulfitri boh Iedul Adha) masjid oge dianggo pikeun solat.
Margi upami teu aya wagelan mah biasana solat Ied diayakeunana di lapang anu lega, teu
tebih ti masjid.
Dina unggal wengi sasih Siam urang ngalakukeun solat taraweh. Masjid oge mangrupa
tempat husus pikeun ngadu’a, itikaf (itikaf = tumetep di jero masjid sakedap atanapi lami
kalawan niat ibadah). Masjid tempat muslimin kumpul. Solat lima waktu sadinten sawengi
ngajadikeun masjid tempat kumpulna muslimin. Kitu deui solat Jumaah. 

Nabi sering nampi wahyu di jaman kurun Madinah sarta nerangkeun hukum-hukum Islam di
lebet masjid. Masjid oge jadi tempat pikeun ngumumkeun sawatara hal penting anu aya
hubunganana sareng kahirupan masarakat muslim. Suka duka sareng kajadian nu langsung
patali sareng kesatuan sosial di sabudeureun masjid diumumkeun di dinya keneh.
Sajabi ti tugas pendidikan sareng penerangan, masjid oge jadi tempat diajar pikeun umat nu
palay ngulik addin. Rohangan suffa (ngagaduhan hateup tapi bilikna muka) fungsina nya eta
asrama nu diadegkeun di kalereun masjid pikeun pamatuhan jalmi anu hayang diajar leuwih
taliti ngeunaan agama.
Waktos Nabi jumeneng keneh sagala elmu pangaweruh ngeunaan addin, kalebet masalah
hukum, tiasa ditaroskeun atanapi disuhunkeun jalan kaluarna ka Rosul ku anjeun. Harita teu
acan dipibutuh kapustakaan Islam. Dina waktos perkembangan Islam harita, fondamen addin
masih tacan lengkep diturunkeun. Jadi anjeunna teu acan tiasa nyusun kapustakaan ngeunaan
dasar-dasar jeung prinsip-prinsip Islam. Namung dina hakekatna Islam tos gaduh
kapustakaan mangrupi wahyu, ku turunna surah Al Alaq : “Baca ! Kalawan asma Alloh, ku
maneh, anu nyiptakeun sakumna. Anjeunna geus nyiptakeun manusa tina sagebleg getih.
Baca ! sarta Pangeran maraneh anu sifatna Maha Murah, anu ngajarkeun ku tulisan.
Ngajarkeun ka manusa naon-naon anu tacan kanyahoan”. 

Ayat di luhur ngandung dasar tempat nincakna kapustakaan, nya eta maca jeung nulis. Margi
tanpa nulis sareng maca, buku tinangtos teu aya. Jalmi buta huruf teu ngagaduhan
kapustakaan. Jadina sareng ngarekahanana elmu nya dadasarna teh kapustakaan.
Maca sareng nulis sabage unsur-unsur anu dikandung ku azas Islam ngalahirkeun
kapustakaan sabada Nabi pupus. Buku nu munggaran sareng utama kangge landasan sadaya
buku ngeunaan Islam nya eta Al Qur’an. Buku nu kadua nya eta Hadis. Buku-buku nu
sanesna mah ngan mibanda fungsi pikeun nerangkeun, ngajentrekeun, ngabahas, mere
tafsiran, mere ajen, ngamekarkeun tina Qur’an jeung Hadis. Sabada Nabi pupus masalah
kahirupan henteu liren, masalah unggal waktu sok aya bae, Qur’an jeung Hadis henteu
ngawengku sadaya pasualan. Nya para ahli agama Islam nu disebat kaom ulama, ngajawabna
teh ku jalan “ijtihad”. Hasil ijtihad sareng buku-buku ngeunaan addin, sacara teu langsung
ngawujudkeun kapustakaan nu predikatna Islam.
Kapustakaan Islam mangrupa sumber pikeun pendidikan, pangajaran jeung penerangan. Ku
margi pendidikan, pangajaran sareng penerangan teh tempatna di lebet masjid, nya di dinya
disusunna kapustakaan. Salasahiji rohangan tiasa disayagikeun kangge kamar perpustakaan.
Pikeun sing saha bae nu palay ngalegaan kauningana, nu palay ngajeroan atanapi halabhab
kana elmu pangaweruh kaislaman, masjid ngajawab ku rohangan perpustakaan. 

Boh nu ngajar atanapi anu diajar di masjid entong kaganggu ku lantaran kudu neangan nafkah
sapopoena. Nu ngajarkeun addin henteu kagungan tujuan pikeun kenging bayaran, nu diajar
oge teu ngarencanakeun pikeun meunang kauntungan material tina pangaweruhna. Supados
nu ngajar sareng diajar tiasa konsentrasi dina pancen sewang-sewangan, tanpa gangguan
kahirupan, masjid ngagaduhan barang-barang wakaf, anu hasilna diantarana digunakeun keur
guru anu maparin sareng murid anu narima pendidikan (kiai sareng santri). Sabagian tina
wakaf nu dibayarkeun di masjid ngarupakeun oge sumber kauangan pikeun ngongkosan
pangajaran sareng pendidikan. Pamakean zakat pikeun ieu hal, lebet kana kualifikasi jalan
Alloh fi sabilillah. Di masjid ditempatkeun baitul maal, kas nagara atawa kas masarakat
Muslim nu ngongkosan sagala rupa nu nyangkut kasejahteraan sosial muslim.
Nabi ngarengsekeun perkara-perkara jeung papaduan di jero masjid. (Hadis Buchori 8 : 44;
93: 16). Ku ngajadikeun masjid tempat nyidangkeun soal-soal hukum sareng peradilan, Nabi
maparin tugas ka masjid sabage tempat ngarengsekeun pasualan-pasualan masarakat sareng
nagara.
Di jaman khalifah Umar r.a. dua dewan anu dibentuk sarta tugasna maparin nasehat, jadi
sabangsa Dewan Pertimbangan Agung, ngalakukeun sidang-sidang di masjid. Khalifah
Abubakar r.a. ngarengsekeun administrasi pamarentahan di masjid. Dugi ka panampian
delegasi nagara sanes, boh Islam atanapi non muslim dilakukeunana dina jaman kurun Nabi
sareng sahabat-sahabatna di masjid. Dina raraga ieu Nabi kungsi nampi urang Habsy,
ngalakukeun pawai senjata (tombak sareng tameng) di lebet masjid (Buchori 8:69). 

Perang sabage alat atanapi lanjutan diplomasi oge aya patalina sareng masjid. Di jaman Nabi
sareng sahabat-sahabat, strategi sareng taktik perang direncanakeunana di masjid, dugi ka
masjid teh minangkana jadi markas besar tentara. Prajurit-prajurit anu raheut aya nu
direrebkeun di pakarangan masjid. Contona kajadian ngeunaan Saad ibnu Mu’ad. Hiji tatarub
dipasang di pakarangan masjid waktu Saad raheut parna dina perang parif (Buchori 8:77).
Maotna oge manehna teh di pakarangan eta keneh.
Panghulu atawa kadi mingpin upacara pernikahan di masjid. Di sagigireun eta, masjid
mangrupa tempat pangadilan pikeun pacogregan rumah tangga atanapi mahkamah perceraian.
Upami muslim maot samemeh dicandak ka makam, langkung ti payun layonna dicandak ka
masjid kanggo disolatkeun. Contona: waktos janazah Suhail bin Abaida nu disolatkeun ku
Nabi di masjid.
Sabage tempat sosial masjid oge fungsina saperti hotel pikeun musafir nu eukeur
nyanyabaan. Waktu hiji budak wanita dibebaskeun, manehna teu gaduheun tempat matuh
padumukan, Nabi masangkeun kemah di buruan masjid pikeun eta budak. 
Seueur fungsi masjid anu dicontokeun ku Nabi. Hassan ibnu Tsabit misilna dina
mertahankeun Nabi tina ejekan sareng pamoyokan lawanna, biasa ngadeklamasikeun sajak-
sajakna di jero masjid.
Di jero masjid urang ngaderes Al Quran dipirig ku ayunan lagu anu halimpu. Qasidahan
dihariringkeun di masjid. Dina sagala hal, fikiran muslim diarahkeun kana masjid sareng
sabudeureunana. Unggal lengkah nuju ka masjid diajen ku darajat kahadean (Muslim: 412).
Masjid diadegkeun babarengan, pikeun kapentingan babarengan. Sanaos diadegkeunana
sacara individu namung eta masjid teh tetep mibanda tujuan kolektif. “Sing saha ngadegkeun
masjid karena Alloh, keur manehna bakal dipangnyieunkeun imah di sawarga ku Alloh ”
(Muslim: 324).
Masjid pikeun tujuan individu ngadegkeunana, sipatna sanes karena Alloh. Efek perbuatan
takwa kedah kanggo masarakat, sipatna kolektif. Masjid mangrupa pangkal tolak tina unggal
kahirupan, nu nyangkut kasajahteraan babarengan. Masjid oge ngarupikeun tungtung segi
kahirupan. Ka’ab bin Malik ngawartoskeun: “Yen Rosululloh biasana sumping ti
perjalananana tengah dinten kinten tabuh dua. Upami sumping anjeunna ngawitan
nyumpingan masjid sareng solat 2 rokaat. Saparantosna, anjeunna teras reureuh di lebet
masjid”. (Muslim: 455). 

Saparantos ngalaksanakeun padamelan penting nu nyangkut masarakat muslim, urang kedah


angkat ka masjid, pikeun nganyatakeun yen eta padamelan teh alatan takwa. Waktos Zabir
bin Abdullah mulih ti hiji peperangan, anjeunna angkat ka masjid nepangan Rosululloh. Nabi
mariksa: “Anjeun kakara datang?” Jawabna: “Sumuhun!” Saur Nabi deui: “Antep heula onta
anjeun. Sok lebet ka masjid, solat 2 rokaat”. Teras Zabir lebet sarta solat, saparantos kitu
nembe mulih ka bumina. (Muslim: 454).
Masjid teh nya eta tempat diajar, dibentuk, dijadikeun sareng dimekarkeunana dunya fikir
sareng dunya rasa Islam. Samemeh lebet kana kahirupan sadidinten, muslim sok mios heula
ka masjid, nyuhunkeun rahmat Alloh. Ti masjid muslim nuju kana kahirupan kalawan
dibarengan panuhun ganjaran Pangeran. Ibnu Usaid ngawartoskeun: yen Rosululloh
nyaurkeun: upami salah sawios ti kalangan urang lebet ka masjid, kedahna manahna
ngucapkeun “Ya Alloh! Bukakeun kanggo sim abdi panto rahmat Anjeun”, sareng upami
manehna kaluar kedah ngucapkeun “Ya Alloh! Abdi neda ka Anjeun ganjaran”. (Muslim:
449).
Dina unggal kesatuan sosial umumna dipayunan masalah wates antawis hak sareng
kawajiban pikeun pria sareng wanita. Di masarakat nu tacan berkembang, umumna hak
sareng kawajiban lalaki salawasna kacida beuratna. Di masarakat modern aya gerakan
emansipasi, nu usaha sangkan ayana persamaan hak antara lalaki jeung wanita.
Kumaha ari di masarakat Islam? Ieu teh lebet oge kana fungsi masjid, maparin tinimbangan
antara hak sareng kawajiban lalaki sareng wanita teh. Naha kaom wanita kenging hadir,
didamel atanapi ngalakukeun kagiatan-kagiatan d lembaga kemasarakatan, ekonomi, politik,
elmu sareng teknik, kasenian, jrrd? Waleranana tiasa disimpulkeun tina fungsi masjid pikeun
kaom wanita. Naha kaom wanita ngaduhan hak hadir atanapi ngalakukeu kagiatan dina
lembaga addin Islam. Upami kenging, ngandung harti oge yen maranehna oge kenging hadir
sareng ngalakukeun kagiatan dina lembaga sejen dina widang kahirupan husus.
Hadis-hadis Buchori sareng Muslim ngawaler patarosan di luhur, nu netelakeun kengingna.
Mangga geura titenan faktana.
1. Dina hiji wengi Nabi elat sumping pikeun mingpin solat wengi. Waktos jalmi-jalmi
parantos karumpul di lebet masjid, anjeunna nembe sumping. Harita Umar r.a.
nyaurkeun: Wanita sareng murangkalih kedah calik di lebet. Hal ieu nuduhkeun
kahadiran wanita dugi ka wengi di masjid.
2. Aisyah ngawartoskeun yen kaom wanita biasa hadir dina solat Subuh di masjid.
Ngalakukeunana enjing-enjing pisan (rebun-rebun) dugi ka maranehna tiasa
warangsul waktu masih poek (Buchari: 8:13)
3. Istri-istri nu nyusuan keneh biasa darongkap ka masjid, Rosululloh biasa mondokeun
solatna upami anjeunna ngadangu orok ceurik, supaya ulah nyesahkeun indungna.
(Buchori: 10:65)
4. Nabi biasana calik sakedap saparantos sambeang sareng nembe ngadeg, upami para
wanita parantos ninggalkeun masjid (Buchori 10: 152)
5. Nabi kantos ngadawuh “Ulah dilarang abdi-abdi wanita Allah indit ka masjid Allah”
(Buchori 11 : 12). “Lamun pamajikan maneh menta idin indit ka masjid, ulah dilarang
(Buchori 10: 166). Abdullah bin Umar sasauran: “Simkuring nguping sabda
Raosulullah SAW ngadawuh: Maneh ulah ngalarang wanita berjamaah ka masjid,
lamun maranehna menta idin heula”. (Muslim: 270).
6. Di jero masjid kaum wanita henteu dipisahkeun ti kaom pria ku raam atawa pipinding,
ngan maranehna ngabaris di pengkereun lalaki (Buchori 13:15). Abu Hurairah
ngawartoskeun yen Nabi sasauran : ”Panghadena syaf lalaki nya eta nu panghareupna,
jeung panggorengna nya eta nu pangtukangna; sabalikna panghadena syaf wanita nya
eta pangtukangna jeung nu panggorengna nya eta nu panghareupna” (Muslim: 268).

Ibnu Umar ngawartoskeun, yen Rosul sasauran dina peperangan Chaibar “Sing saha nu
ngadahar ieu pepelakan (nu dimaksud bawang bodas), ulah datang ka masjid”. (Muslim 342).
Namung sawangsulna nu nganggo seuseungitan nu ngagaduh tujuan pikeun nimbulkeun hal-
hal nu sipatna negatif, saperti umumna dilakukeun ku wanita, oge dilarang. Zainab istri
Abdullah nyarioskeun yen Rosul sasauran : ”Lamun wanita rek ka masjid ulah make
seuseungitan”. (Muslim : 271).
Pangsae-saena masjid diadegkeun sacara gotong-royong sareng sambat sinambat. Gotong
royong teh nya eta sistem didamel masarakat anu sabilulungan, nu nyangkut kapentingan
umum, sarta sipatna sosialistis. Masjid anu diwujudkeun ku jalan kitu bakal leres-leres
dirasakeun ku masarakat sabage milik maranehna, pikeun maranehna, sareng tanggung
jawabna sacara babarengan. Ieu teh mangrupa tali pameungkeut unggal muslim nu datang ka
masjid.
Masjid tiasa diadegkeun sacara pribadi, ku harta kakayaan saurang. Namung eta pendirian teh
kudu mangrupi amalan, takwa. “Saenyana masjid nu didasaran ku takwa dina poe munggaran
ngadegna, pantes maneh kudu ngadegkeun solat di jerona”. Ku lantaran eta masjid nu geus
diadegkeun ku perseorangan teh teu meunang bersifat indvidualistis. Ku nu ngadegkeun kudu
dipasrahkeun ka masarakat nepi ka eta masjid teh sipatna gotong royong (kolektivis). 

Masjid nu diadegkeun samata-mata dumasar sekuler, misilna pikeun tujuan politik,


papalingpang sareng maksud pengertian masjid. Gusti Allah maparin paringetan tina ieu hal
dina Al Qur’an surah At Taubah ayat 107: “Jalma-jalma nu ngadegkeun masjid, ku lantaran
rek nimbulkeun bahaya, ku lantaran kakafiran, ku sabab rek mecah belah antara jalma nu
iman, jeung ku sabab rek ngahiap jalma nu ti baheulana geus merangan Allah jeung Rosulna,
anu saenyana maranehna geus sumpah: Kuring ngan mikahayang kahadean, sarta Pangeran
jadi saksi yen maranehna teh saenyana tukang bohong!”
Sajaba ti ngadegkeun masjid nu didadasaran takwa teh, ngadatanganana oge kudu lantaran
takwa. Upami henteu karana takwa, urang teu meunang datang ka masjid. Anu datang pikeun
tujuan politik, anu henteu museur dina takwa, tiasa disamikeun sareng golongan musyrik.
Maranehna henteu gaduh hak pikeun ngaramekeun masjid. 

“Jalma-jalma anu musyrik teh henteu boga hak ngaramekeun masjid-masjid Allah, padahal
maranehna geus ngaku yen maranehna sorangan teu iman, garawena kapiceun percumah bae,
sarta maranehna bakal tetep di naraka. Nu ngabogaan hak ngaramekeun masjid-masjid
Pangeran ngan jalma-jalma nu iman ka Allah jeung poe panganggeusan, sarta ngalakukeun
sambeang, mayar zakat, jeung henteu sieun ka saha bae iwal ti ka Allah, jeung mudah-
mudahan maranehna kaasup jalma-jalma nu nurut kana bebeneran (QS At Taubah: 17, 18). 

Saparantos masjid diadegkeun teras diramekeun. Nu dimaksud ku ngaramekeun nya eta


ngadatanganana, ibadah di jerona, ngawujudkeun tugas-tugas masjid, ngaalusan, ngajaga,
miara, ngarawat, ngamajukeun jeung ngarekahkeunana. Demi cara jeung bentuk
ngaramekeun teh bakal kanyahoan, naha eta masjid teh ngawujudkeun makna/pengertian
jeung fungsi-fungsina atawa henteu.
Poko-poko nu didadarkeun tadi nya eta tugas atawa katangtuan anu ditanjeurkeun ku Nabi ka
masjid dina mekarna addin. Namung kumaha saterasna eta tugas-tugas teh dina kamekaran
Islam saparantos Nabi pupus? Kumaha kadudukan masjid dina kamekaran antropologi Islam,
dina parobahan struktur masarakat muslim, dina kamajuan jeung kamekaran kabudayaan
Islam?
Dina perkembanganana Islam teh ibarat orok. Dina kamekaranana manehna jadi dewasa.
Naon-naon anu cocog waktu orok, jadi sereg waktu ngagedean, henteu cocog deui. Komo
deui upami parantos dewasa. Nya kitu deui tugas-tugas masjid. Kumaha fungsi sareng
kadudukan masjid dina kamekaran Islam? Ku margi ieu soal henteu diwaler dina Quran
sareng Hadis, nya ieu patarosan teh ditujukeun kana ijtihad. (Djodi Prihatna).

Disalin tina: Catetan poean “Fungsi Masjid”. R. Soerjo Argawisastra

Pupujian, Cermin Kearifan Orang Sunda


kaping: 7/19/2011 03:20:00 AM

Islam sebagai satu agama yang diyakini berasal dari Allah.Swt, sedangkan budaya lokal
(Sunda) berasal dari hasil olah karsa, karya, dan cipta manusia Sunda hasil dari dialektika
dengan realitas hidup.

Produk kebudayaan urang Sunda itu tidak sepenuhnya hasil murni kreativitas masyarakat
Sunda, tapi ada akulturasi ataupun hibridasi dengan kebudayaan yang dibawa orang-orang di
luar Sunda. Begitu juga antara Islam dan Sunda. Keduanya akan saling memengaruhi
sehingga melahirkan ritual keagamaan dalam bingkai budaya yang me-lokal.
Agama (Islam) di tatar Sunda akan bermetamorfosa ke dalam pelbagai bentuk, sebagai
“akibat samping” dari respon, kreasi atau reaksi para penyebar agama Islam dan kekukuhan
masyarakat Sunda memegang kebudayaannya ketika berdialektika dalam sebuah ruang-waktu
yang temporer.

Alhasil, dengan pertemuan antara Islam atau agama lain dengan realitas kultural masyarakat
etnik Sunda, lahirlah apa yang diistilahkan dengan kearifan lokal (local wisdom) dalam
beragama. Lantas, pertanyaan yang mesti kita kemukakan pada tulisan ini, adalah: bagaimana
posisi ajaran Islam ketika tersebar di wilayah tatar Sunda..? Apakah Islam mendapat
perlawanan sengit, penolakan halus, ataukah urang Sunda berkorvegensi dengan nilai-nilai
Islam dalam merancang bangunan kebudayaannya..?

Terakhir, apakah nilai-nilai Islam “meng-ada” di tatar Sunda hanyalah untuk menyingkirkan
nilai-nilai lokal yang sebetulnya memiliki derajat kebenaran ontologis yang sama dengan
nilai-nilai agama yang berkarakter universal, termasuk Islam..?

Akulturasi Islam dan Sunda Secara historik


Menurut Ayatrohaedi (1986), masuknya Islam ke tanah Sunda diperkirakan pada masa Prabu
Siliwangi dibawa oleh putra beliau, yaitu Prabu Ki Hyang Sancang / kian santang yang
sengaja mencari Islam (dari sejarah inilah muncul istilah "ki sunda nu neangan islam, lain
islam nu neangan" orang sunda yang mencari islam, bukan islam yang mencari orang
sunda), sebelum Sunan Gunung Djati menguasai Banten (1525) dan Sunda Kelapa (1527),
boleh dikatakan masyarakat Sunda secara kultural bercirikan keislaman.

Menurut Saini KM (1995), bisa diterimanya Islam dengan baik di tatar Sunda karena secara
kultural di antara keduanya (Islam dan Sunda) mempunyai persamaan paradigma yang
bercirikan platonik. Maka, tak mengherankan jika Sunda sebagai kebudaayaan, bisa
“bermanunggal ria” dengan Islam sebagai satu agama, yang diyakini oleh para penganutnya
memiliki kebenaran-kebenaran universal. Bahasa antropologi budayanya adalah akulturasi.

Akulturasi Islam dengan Sunda bisa dilihat dari seni yang berkembang sampai sekarang dan
masih dipraktikkan masyarakat Sunda pedesaan yang berasal dari muslim Sunda tradisional.
Misalnya seni arsitektur mesjid yang menyerupai tiga konsep tangga kehidupan umat Sunda
berbentuk “nyuncung” sehingga masjid dikenal dengan bale nyuncung.

Selain itu, ada naskah kitab berbahasa Sunda dengan menggunakan aksara pegon sebagai
proses kreatif masyarakat Muslim Sunda, yang dahulunya mungkin dikategorikan modern,
tapi sekarang – karena ada proses Indonesianisasi, Latinisasi dan Englanisasi – huruf pegon
sebagai hasil dari dialektika budaya Sunda dan Arab Islam, menjadi terkubur dan
menghilang; kecuali di pesantren-pesantren salaf tradisional masih ada santri yang ngalogat
dengan menggunakan aksara pegon.

Banyak ulama zaman bareto yang menyusun kitab berbahasa Sunda dengan menggunakan
aksara pegon ataupun aksara Latin, seperti yang terdapat di dalam tradisi pesantren
tradisional. Ulama atau ajeungan itu diantaranya: KH. Ahmad Sanusi, KH Ahmad Maki bin
KH Abdullah Mahfud, Rd. Ma’mun Nawawi bin Rd. Anwar, ‘Abdullah bin Nuh, dan masih
banyak lagi yang tak bisa saya sebutkan dalam tulisan ini.

“Pupujian”, cermin kearifan orang Sunda


Dalam seni suara pun, kita pasti pernah mendengar lantunan “pupujian” bertajuk “Anak
Adam” di mesjid-mesjid atau di tajug pada masyarakat agraris, sebagai berikut: 
“Anak Adam urang di dunya ngumbara
umur urang di dunya moal lila
anak adam umur urang teh ngurangan
saban poe saban peuting di kurangan.”
Kalimat “pupujian” atau “nadhoman” ini memiliki semangat profetik, yakni betapa tidak
hidup itu akan berakhir dan menyadarkan para pemuji dan pendengarnya untuk menunaikan
shalat ketika adzan telah dikumandangkan. Ini juga mengindikasikan urang Sunda memiliki
semangat egalitarianisme dalam berinteraksi dengan masyarakat lewat cara mengajak Sunda
Islam anu Eusleum secara lemah-lembut.

Mengapa “pupujian” dilakukan setelah selesai “ngong” adzan..? Sebab, inti hidup yang mesti
direfleksikan Muslim Sunda adalah membuat hidupnya lebih berarti dengan beribadah dan
mengabdi demi tegaknya nilai-nilai kemanusiaan melalui syair-syair yang mengingatkan
kepada kematian.

Dengan mengingat kematian, maka diharapkan Ki Sunda dapat menghidupkan kembali


sakralitas Tuhan dalam kehidupan dengan tidak melanggar tata-darigama yang sesuai dengan
ajaran Agama Islam yang bernilai universal dan bisa ditawar hingga terbeli oleh budaya
lokal. Yang terpenting, saat ini adalah memelihara agar aktivitas “pupujian” jangan
dipinggirkan dengan alasan tidak berdasarkan pada sunah Nabi.

Sebab, di dalam syair-syair pupujian tersebut kita akan menemukan bahwa kedamaian
menyebarkan ajaran Islam tidak harus dilakukan secara keras. Bahkan, ketika saya pulang
kampung ke daerah Garut, pun uwa Ajeungan Abbas Ase memberikan “pupujian” yang
menggedor hati, jiwa, rasa, dan jasad saya untuk terus beramal saleh. Kalau tidak salah, bunyi
pupujian itu sbb: 
“sanes bae yatim teh nu maot ramana
sanyatana yatim nu teu berelmu teu beramal
sanes kagindingan nu makean badan
saliim..saliim.."
Syair dalam versi terjemahan berbahasa Sunda ini, tanpa disertai syair berbahasa Arabnya
menyadarkan saya bahwa kemajuan peradaban ditentukan oleh ilmu dan amal. Tentunya,
apabila merujuk pada “pupujian” tersebut, selain ilmu dan amal, yang wajib dimiliki oleh
muslim Sunda, adalah: kedamaian menebarkan ajaran agama Islam.

Itulah yang saya namakan dengan Ki Sunda Islam anu sawawa! Oleh karena itu, untuk
konteks kekinian di kedalaman jati diri urang Sunda mestinya ditanamkan kearifan dalam
ngageum Agama Islam, guna menciptakan relasi social-keagamaan yang tidak meminggirkan
pemahaman keagamaan teurah Ki Sunda yang lainnya. Ingat, bahwa Ki Sunda pun dahulu
pernah jatuh hati pada agama Hindu dan Budha.

Maka, Ki Sunda hari ini dan masa depan harus mewujud dalam wujud manusia yang mampu
menafsirkan warisan kebudayaannya dan keberagamaannya secara arif dan bijaksana untuk
kepentingan Sunda kiwari dan seluruh umat manusia. Itulah sumbangan Sunda buat bangsa,
agama, dan Negara. Bahkan, buat dunia, lho! Wallahu a’lam..

diropea ti blog: kang Syukron


Agama jeung Kapercayaan Sunda Asli
kaping: 7/16/2011 08:10:00 PM

Nu ngagem kapercayaan Sunda buhun:


Urang Sunda Kanekes (ngaran topna: Baduy).
Kanekes teh ngaran hiji tempat di Banten.

Ngaran Agama & Kapercayaan:


Sunda Wiwitan. Wiwitan teh hartina mimiti, asal, poko, jati.
Ngaran sejen: Sunda Asli, Jatisunda (jati, sanes mahoni)

Ngaran Pangeran:
Sang Hiyang Keresa (Nu Maha Kuasa), Nu ngersakeun (Yang Maha Menghendaki).
Sebutan sejen:
Batara Tunggal (Tuhan Yang Maha Esa),
Batara Jagat (Tuhan Penguasa Alam)
Batara Seda Niskala (Tuhan Yang Maha Gaib)

Tempat Pangeran:
Buana Nyungcung, Kabeh dewa dina konsep agama Hindu (Brahmana, Syiwa, Wisnu, Indra,
Yama,jrrd) tunduk ka Batara Seda Niskala.

Konsep Alam ceuk mitologi atawa kosmologi urang Kanekes aya tilu:
1. Buana Nyungcung, tempat linggih Sang Hiyang Keresa, pangluhurna
2. Buana Panca Tengah, tempat jelema, sato, tatangkalan (kaasup tangkal jengkol jeung
peuteuy) jeung sadaya mahluk sejena (sireum, tongo, tumbila,jeung sajabana)
3. Buana Larang , naraka. Panghandapna.

Antara Buana Nyungcung jeung Buana Panca Tengah, aya 18 lapisan (langit tea meureun).
Lapisan pangluhurna, ngarana Buana Suci Alam Padang, nu ceuk koropak 630 (sigana nomer
lomari paranti nunda naskah kuno di Arsip Nasional Jakarta) disebut Alam Kahiyangan atawa
Mandala Hiyang atawa mun ceuk islamna mah Sidrotulmuntaha, tempat linggihna Nyi
Pohaci Sanghiyang Asri jeung Sunan Ambu. (Sunan Ambu ieu ayeuna dijadikeun ngaran
gedong teater di Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung (STSI) Buah Batu.

Sang Hiyang Keresa nurunkeun tujuh batara di Sasaka Pusaka Buana. Nu pangkolotna,
Batara Cikal, dianggap karuhun urang Kanekes (Baduy). Turunan batara sejenna marentah di
daerah Karang, Jampang, Sajra, Jasinga, Bongbang, Banten.

Kapangaruhan Hindu Saeutik Mun noong ngaran2 batara (utusan Sang Hiyang Keresa:
Wisawara, Wisnu, Brahma), tetela aya pangaruh ti Hindu kana ieu sistem kapercayaan urang
Kanekes. Tapi kapercayaan Urang Kanekes ieu lain Hindu.

Buana Panca Tengah:


Ieu wilayah jelema jeung mahluk sejenna, dibagi numutkeun tingkat kasucianana:
1. Sasaka Pusaka Buana, dianggap paling suci, ampir ngarendeng jeung Sasaka Domas
(atawa Salaka Domas). Ieu pusat dunya.
2. Kampung Jero, Pusat lingkungan Desa Kanekes
3. Kampung Luar/panamping/penyangga/bumper, Desa Kanekes, jadi pusat Banten
4. Banten, jadi pusat Sunda
5. Tanah Sunda
6. Luar Tanah Sunda

Aturan Hirup:
Titahan jeung Pamali (basa urang dinya, Buyut) ti karuhun. Kabuyutan, tempat nu ngandung
rupa-rupa pamali. (Teu meunang anu, teu meunang anu tea bisi anu)

Ritual/Upacara:
ngukus, muja, ngawalu, ngalaksa.

Muja
Muja diayakeun di Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas dina waktu nu beda. Di Sasaka
Pusaka Buana sataun sakali, lilana tilu poe, tiap tanggal 16, 17, 18 bulan Kawolu (bulan
kalima numutkeun sistim kalender Urang Kanekes. US boga sistem kalender sorangan tah!).
Muja dipingpin ku Puun (sigana sarupaning kepala adat) Cikeusik, jeung jalma2
kapercayaanana (baris kolot-sesepuh meureun). Poe kahiji, rombongan upacara angkat ka
ranggon (Talahab- saung). Ngendong di dinya. Isukna, mandi jeung karamas, terus angkat ka
ka Sasaka Pusaka Buana ti arah kaler. Upacara muja dilakukeun di undakan kahiji, ngadep ka
pasir/bukit SPB, nepi ka tengah poe. Terus mersihan salira, bari memeres palataran undakan.
Beres kitu, ngumbah leungeun jeung suku ti batu Sang Hiyang Pangumbahan. Terus naek ka
puncak pasir/bukit. Di dinya rombongan ngala lukut nu napel dina batu. Lukut (lumut) eta
disebut komala (permata), dibawa mulang jeung dipercaya bisa ngadatangkeun berkah jang
nu merlukeun.

Buyut/Pamali Aya dua jinis:


1. Buyut Adam Tunggal, pamali nalian urang Tangtu (warga kampung jero). Buyut ieu
pamali nu nalian hal poko jeung nu sejenna / rinci.
2. Buyut Nuhun, pamali nu berlaku jang orang Panamping jeung Dangka (warga
Kanekes Luar). Buyut ieu mah ngan jang nu poko. Jadi nu di Panamping atawa
Dangka kaci dilakukeun, tapi di daerah Tangtu/Kampung Jero mah teu kaci.

Pamali bin buyut ieu ngandung udagan:


1. melindungi kasucian jeung kamurnian suka manusa
2. melindungi kamurnian mandala/tempat cicing
3. melindungi tradisi

Buyut atawa pamali (tabu) diayakeun bisa jadi jang melindungi mandala Kanekes, karena ti
samet Karajaan Sunda ancur (1579 Masehi), teu aya deui karajaan nu ngalindungi. Malah sok
aya pertentangan kapentingan antara urang Kanekes jeung Kasultanan Banten oge
pamarentah kolonial. Tah, ceunah, cara jang melindungi diri sendiri teh make eta pamali
atawa buyut! Teu kawasa, ucapan nu kaluar mun kudu ngarempak buyut.

Hukuman atawa sanksi jang nu ngarempag buyut:


dikaluarkeun /dipiceun /ditamping ti lingkungan asal dina jangka waktu nu tangtu, biasana 40
poe. Upacara pelaksanaan hukuman disebut Panyapuan.

Konsep Daur Hirup:


Sukma atawa roh jelema asalna ti Kahiyangan, mun hirup di Buana Panca Tengah angges,
sukma balik deui ka Kahiyangan (ngahiyang tea meureun!).
Waktu sukma turun ti Kahiyangan ka Buana Panca Tengah, kondisina rahayu, alus, balik oge
kudu kitu. Mun henteu beresih tapi kotor alatan loba buyut/pamali nu dirempag, nya ka
naraka. Alus gorengna sukma waktu rek mulang gumantung kana amal perbuatan di Buana
Panca Tengah saluyu jeung tugas hidup masing2. Dina raraga mancen tugas, sukma
dibekelan 10 indra. Enyaan, sapuluh, lain salah nulis!

Catetan:
Meunang niron ti Edi S. Ekadjati, Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah), Pustaka
Jaya, 1995. (Bukuna meunang nginjem ti Arie Kusuma Argadipa, urut mahasiswa si kuring,
teu kaburu dibalikeun, da si eta na geus lulus manten, hehe)

You might also like