You are on page 1of 1

NASKAH SUNGKEM

Hidep anaking puputon jimat awaking, pek geura regepkeun ku hidep


sakabeh, jiad pangdu’a ti ibu bapa  guru hidep, nu dipalar hidep hirup
hurip ka hareup.

Pek geura patri dina acining padaringan ati sanubari. Cangreud


pageuh dina galeuh-galeuh manah anu maneuh. Tungkus dina tungtung
kalbu anu saestu.

Geura cangcang dina tulang-tulang kahayang nu bakal dating

Duh … Anaking, geulis jeung kasep,  wanci ieu harepan geus


narembongan, nu ngagupay ka hidep sarerea.
Bral geura miang tandang udag kahayang, bapa nyerangkeun ti
kaanggangan.
Diandung pangestu ti ibu dijajap pangdu’a ti bapa.
Bismillah tawakalna anu diseja
Pileuleuyan hidep pileuleuyan

TERIMA KASIH ATAS SEGALA PERHATIANNYA

KAMI TIM UPACARA ADAT SDN CIGADUNG 5 MOHON UNDUR DIRI

KURANG DAN LEBIHNYA MOHON MAAF

WASSALAMUALAIKUM, WR.WB

You might also like