You are on page 1of 3

PANCEN 1!

1. Mangga hidep pilari salah sahiji judul carpon lajeng dibaca teras analisis unsur
– unsurna!
2. Mangga hidep ngadamel karangan carita pondok temana tangtoskeun nyalira
sateuacan ngadamel perhatoskeun tehnik nulis carita pondok!

JAWABAN
1.

GAGAK JADI HIDEUNG

Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong. Sungutna
ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh tambakan beulah
dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun goplak, goplak, goplak
dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat laukna sing kocopok loba.
Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug
corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu baradagnamah.

Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi


gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut bae diudag gagakteh.
Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da diberik wae sieunen
katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero
pijanaan. Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh
panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik
hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara,
“Engga, gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana
gaaa, gaaaak!
Analisis Unsur-unsur :

- Tema : Gagak Jadi Hideung

- Latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan

- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca

- Galur :

• Galur Maju : Kacaritakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu
balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh
tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun
goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong teh saat
laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah gagak teh buluna
bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan nepi beak lauk nu
baradagnamah.

• Galur Mundur : Ku oray sanca katempoen gagak maling lauk, geuwat


digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh oray ambek sebrut
bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot, gagak teh bingung da
diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur neleum, gebrus bae gagak
teh asup ka jero pijanaan.

• Galur Campuran : Atuh ari muncul deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca
teh panglingeun, da jadi hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik
hideung maneh nempo sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?

Gagak teh sorana digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara,
“Engga, gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana
gaaa, gaaaak!

- Perwatakan :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.

Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.

- Eusi/hikmah :

Ari jadi jalma the kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos
sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung gawe.

2.
Anggo Waktos Anjeun Pikeun Diajar

Peutingna cerah pisan, barudak ngora tangtos bakal nyéépkeun waktos kanggo
kaluar. Tapi henteu sareng Nana, anjeunna nyéépkeun dinten Minggu anu cerah
diajar, sabab énjingna aya UAS.

Teu kungsi lami telepon disada, tétéla ti Lina, anjeunna badé ngajak Nana ulin ka
luar. Nanging, Nana nolak diajakan, sabab anjeunna resep diajar di bumi.

Isukna Nana pendak sareng Lina di sakola. Lina nyarios yén Nana pasti bakal
hanjakal kusabab henteu sumping wengi ayeuna ningali konsér.

UAS dimimitian, nalika Nana antusias ngerjakeunana, Lina di juru bingung ningali
ka ditu ka dieu milari waleran. Kusabab anjeunna henteu diajar pisan.

You might also like