You are on page 1of 1

Assalamualaikum,WrWb

Bismillahirrohmanirrohim,
Innalhamdalillah wassolatu wassalu ala rosulillah,amma ba’du
Dina kasempetan ieu simkuring bade biantara ngabantun judul
UTAMAKEUN BAHASA INDONESIA,LESTARIKEUN BAHASA
DAERAH,KUASAI BAHASA ASING
Dewan juri anu ku simkuring dipihormat

Ngutamakeun bahasa Indonesia anu hartina  bahasa Indonesia geus
diteundeun ditingkat nu paling luhur , salajengna dituturkeun ku  basa daerah sarta
Bahasa séjéna.
Bahasa Indonesia mangrupa Bahasa pikeun ngaraketkeun silaturahmi di sawilayah
nusantara.
Kuayana Bahasa Indonesia urang bisa sauyunan ngabela bangsa.babarengan
ningkatkeun kamajuan nagara Indonesia.  Bahasa Indonésia
bisa ngahijikeun sadaya jalma ti sagala rupa daérah.
Dewan juri anu ku simkuring dipihormat
ngalestarikan basa daerah ogé mangrupa kawajiban urang
éta kedah janten kabiasaan masarakat lokal . bedana bahasa tiap daerah
ngahasilkeun kabiasaan anu beda,tina kabiasaan anu beda ngahasilkeun kagiatan
anu beda,tina kagiatan anu beda ngahasilkeun budaya anu beda .Anu ahirna nagara
jadi benghar ku budaya.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat
Mikaweruh Bahasa asing taya salahna malah diperlukeun.
Kusabab dunya leuwih
maju hubungan padamelan ti sababaraha tempat bakal langkung gampang upami 
masarakatna ngagaduhan kamampuan nyarios asing .
basa asing anu tiasa ngahijikeun antara nagara
Nanging ,  sok sanajan geus ngawasa kana basa ti asing , kawajiban
pikeun ngutamakeun kana bahasa Indonesia ngalestarikeun basa daerah ulah dugi
ka dipopohokeun . 
Janten kasadaran bahasa kedah dipimilik ku sadaya wargi Indonesia.
Anu intina,
nganggo basa wewengkon lamun urang aya di wilayah
urang , nganggo basa Indonesia lamun urang aya di nagara sorangan tur nganggo
Basa asing  nalika urang aya di luar nagara.
Mung sakitu biantara anu tiasa didugikeun
Ka Banten ka Tanjungsari
Aya puseur parapatan
Hapunten ka dewan juri
Aya seueur kalepatan

Wassalamualikum,Wrwb

You might also like