You are on page 1of 2

ULANGAN BAHASA SUNDA

KA 1
Nama : Muhammad Rafi Pasya IX B
Hari/Tanggal : kamis,6 Agustus 2020

Mangga ilo wacana biantara dihandap ku hidep sateuacan hidep ngeusian pertarosan
dihandap.

Assalamu 'alaikum wr wb...

Bapa Kapala Sakola, Ibu Bapa Guru, Para Sepuh sareng tamu uleman anu hadir di ieu
tempat kango ngahadiran acara Paturay Tineung murangkalih kelas ...
Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Ilahi Robbi.
Kalayan Qodrat Mantena urang tiasa patepang dina ieu waktos kalayan sehat wal afiat.
Solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana
habiibanaa wa nabiyyanaa Muhammad Sollalloohu Alaihi wa Sallam. Atuh teu hilap oge
ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka para pengikutna
anu setia ngajalankeun sunnah anjeuna, kalebet urang.
Aamiin.:
Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat.
Teu karaos, sababaraha taun ka pengker abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu
kanggo daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos parantos bade ninggalkeun sakola ieu.
Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu
sanes karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing
kalayan tulus ku Bapa sareng Ibu Guru.
Hapunten Pa... Hapunten Bu...
Upami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu raos dina manah Ibu
sareng Bapa.
Bilih mah aya nu ka hinis ku raheutna ieu lisan, neda dihapunten kalayan peraosan anu
tulus. Mugia Ibu sareng Bapa tiasa ngahapunten kana sagala ka hilapan abdi
sadayana.
Dina dinten ieu abdi sareng rengrengan bade papisah ti Ibu sareng Bapa, ngalampah
kahirupan engal. Hatur nuhun kana elmu anu parantos diwariskeun, mudah-mudahan
janten elmu nu manfaat sareng janten amal soleh kanggo guru nu parantos ngadidik
abdi ku ka ikhlasan.
Pa... Bu...
Doakeun abdi supados janten jalmi anu berguna. Sok sanaos elmu ngan sakeupeul
peureup, namung abdi hoyong berusaha kanggo janten langkung sae ti ayeuna.
Sapertos papatah anu sering ku Ibu Bapa disebatkeun sok kakuping ku cepil sareng
nyerep dina hate ieu. Kirang langkung sapertos kieu: Jang... Nyi... Elmu mah moal
beurat dicacandak. Upami janten jalmi kedah nurut kana elmu pare, tambih eusina
tambih tungkul.
Papatah eta Insya Allah bade dijantenkeun semboyan hirup abdi pribadi umumna
panginten ku rengrengan nu sanesna.
Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku abdi salaku perwakilan ti kelas ... . Hatur nuhun
kana sagala perhatosanna.
Di tutup ku doa
Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa rabbayaani shogiiron. Robbanaa
aatinaa fiddunya hasanah wa fil-aakhirati hasanah, waqinaa adzaabannaar.
Wassalamu alaikum wr wb...

1) Naon anu jadi jejer tina biantara di luhur téh?

2) Rasa naon nu nyampak dina batin anu biantara harita?

3) Naon baé eusi biantara di luhur téh?

4) Tuliskeun bagian bubuka tina biantara di luhur?

5) Sebutkeun bagian panutupna!

6) Cing naon baé sistematika biantara téh?

Jawaban

1) Paturai tineung

2)

You might also like