You are on page 1of 2

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

َ ‫ َن ِب ِّي َنا َو َح ِبي ِْب َنا م‬، ‫صاَل ةُ َوال َّساَل ُم َعلَى َأ ْش َرفِ اَأل ْن ِب َيا ِء َوالـمُرْ َسلِي َْن‬
‫ُـح َّم ٍد َو َعلَى آلِ ِه‬ َّ ‫ َوال‬، ‫العالَـ ِمي َْن‬ َ ِّ‫هلل َرب‬ ِ ‫الـحمْ ُد‬
َ
‫َأ‬
‫ مَّا َبعْ ُد‬، ‫ْن‬ ِ ‫ان ِإلَى َي ْو ِم ال ِّدي‬ ‫َأ‬
ٍ ‫ َت ِب َع ُه ْم بِِإحْ َس‬  ْ‫ َو َمن‬، ‫صحْ ِب ِه جْ ـ َم ِعي َْن‬
َ ‫َو‬

ِ ْ‫هللا الرَّ ح‬
‫من الرَّ ِحيْم‬ ِ ‫ ِبسْ ِم‬.‫ان الرَّ ِجي ِْم‬
ِ ‫ْط‬ ِ ‫ اَع ُْو ُذ ِبا‬.‫آن ْال َك ِري ِْم‬
َ ‫هلل م َِن ال َّشي‬ ِ ْ‫الى فِى ْالقُر‬
َ ‫َقا َل هللاُ َت َع‬

Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku hiji jalmi anu do’ifah, salian
ti manjatkeun puja ka dzat Allah anu Maha Kawasa.

Puji didugikeun ka dzat Allah anu Maha Suci, oge Syukur ka dzat Allah anu Maha Ghofur,
nyatana Allah ‘azza wa jalla anu ngagaduhan sifat kasampurnaan jeung bersih tina sifat
kakirangan.

Shalawat sinareng salam, mudah-mudahan dilimpah curahkeun ka buah manah Siti Aminah
penguasa Makkah pembuka syafa’ah, nyatana kengjeng nabi Muhammad saw, Oge henteu
hilap ka para kulawargina ka para sohabatna oge ka urang sadayana salaku umatna
mudah-mudahan kenging Syafa’atul’udzma ti mantenna. Alhamdulillah kalayan izin Allah
swt, dina tahun ieu urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah dina momentum
sasih Ramadhan.
Anu kudu disyukuri dina ieu waktu nyaeta urang masih dipaparin kasempetan ku Allah SWT
pikeun ngarasakeun ibadah di bulan suci Ramadhan.
Puasa di bulan Ramadhan lain ngan saukur nahan lapar jeung haus. Tapi leuwih jauh,
seueur pisan pelajaran sareng barokah tina puasa di sasih Ramadhan ieu. Ku kituna, hukum
puasa ieu wajib pikeun tiap muslim

Saperti dina QS. Al-Baqarah ayat 183

َ ‫ِين مِنْ َق ْبلِ ُك ْـم لَ َعلَّ ُك ْم َت َّت ُق‬


‫ون‬ َ ‫ِب َعلَى الَّذ‬
َ ‫ص َيا ُـم َك َما ُكت‬
ِّ ‫ِب َعلَ ْي ُك ُم ال‬ َ ‫َيا َأ ُّي َها الَّذ‬
َ ‫ِين آ َم ُنوا ُكت‬
anu hartosna: "Hé jalma-jalma anu iman, diwajibkeun ka anjeun puasa sakumaha anu
diwajibkeun ka jalma-jalma saacan anjeun, supados anjeun janten taqwa."

Tina ayat eta jelas yen parentah puasa teh wajib ka sakur muslim anu mampu.
Puasa anu dilakukeun ku dasar iman, bakal ngabentuk jalma anu sabar, bisa nahan emosi
jeung hawa nafsuna

Puasa ogé ningkatkeun simpati sareng empati urang ka batur.

Tiasa ngarasakeun kasangsaraan batur, dugi ka akhirna urang tiasa bersyukur kana naon
anu dipaparinkeun ku Gusti ka urang

Aya seueur versi kunaon bulan ieu disebut nami ramadhan téh. Sala sahijina nyaéta nu
nyatakeun yén bulan ieu disebut Ramadhan téh sabab biasana mah bulan ieu sok paampok
sareng musim panas di jazirah Arab harita mah
Salian éta, aya ogé anu miboga pamanggih lian, nyaéta sabab jalmi-jalmi nu shaum dibulan
puasa mah ngarasakeun panas sareng nahan lapar.

Sedengkeun sebutan bulan Ramadhan anu teu bireuk deui keur urang, di antarana: Kahiji,
syahrul quran.

Disebut kitu lantaran Al-Quran diturunkeuna dina bulan ieu. Kadua, syahrul maghfiroh,
sabab dosa-dosa urang tiasa dihampura dina bulan ieu.

Katilu, syahru shiyam, sabab urang émang diwajibkeun ngalakukeun ibadah saum dina bulan ieu.
Para hadirin. dina bulan anu pinuh barokah ieu, urang perlu leuwih loba ngalakonan muhasabatun
nafsi atawa instrospeksi diri, ngeunteungan sorangan. Utamana anu aya hubungan sareng
ningkatkeun kualitas sholat urang sadayana, khususna sadaya ibadah. Sabab gues sakuduna urang
salaku kaum muslimin kudu ningkatken kualitas diri jeng amaliyah, ibadah ka Allah SWT. Sakumaha
pidawuh jungjunan urang sadaya ”man kaana yaumuhu hoirun min amsihi pahua roobihun” anu
pihartoseunna saha wae jalma anu sae poe ayena leuwih hade tibatan kamari, tah eta jalma anu
untung, batian mun dina dagang mah. Kacida Cilakana jalma anu amal poe ayeuna lewih goreng
tibatan poe kamari, kacida rugi jalma anu amal poe ieu sarua jeung amal poe kamari. Hadirin anu
mulia... Sabab amal ibadah sholat eta tolok ukur identitas jalma islam, makana sagala upaya, tarekah
kango ngengengkeun sholat anu khusyu, ikhlas jeng makbul ka asup rangkaian ibadah. Sedengken
sholat khusyu, ikhlas jeng makbul eta moal bisa ngawujud  lamun henteu ditunjang ku elmu.

ِ‫ َﻭ َﻣﻦْ ﺃَ َﺭﺍﺩَ ُﻫﻤَﺎ َﻓ َﻌﻠَﻴْ ِﻪ ِﺑ ْﺎﻟﻌ ِْﻠﻢ‬،ِ‫ َﻭ َﻣﻦْ ﺃَ َﺭﺍﺩَ ﺍﻷَ ِﺧﺮَ َﺓ َﻓ َﻌﻠَﻴْ ِﻪ ِﺑ ْﺎﻟﻌ ِْﻠﻢ‬،ِ‫َﻣﻦْ ﺃَ َﺭﺍﺩَ ﺍﻟﺪُّ ْﻧﻴَﺎ َﻓ َﻌﻠَﻴْ ِﻪ ِﺑ ْﺎﻟﻌ ِْﻠﻢ‬

Saha jalma anu ngarep kana kabgjaan dunya maka eta bisa kulantaran elmuoge saha jalma
anungarep kana kabagjaan akhirat eta ku elmu jeung saha jalma anu anu ngarep ngarep kana
kabagjaan dunia akhirat maka eta ku elmu.

Rupina cekap sakitu waé anu tiasa ku simkuring kapihatur

Hapunten bilih aya basa nu kirang entep saureuhna atanapi kecap anu kirang merenah
larapna, mugi kersa dihapunten.

Hatur nuhun kana perhatosan nana

Wabillahi taufiq wal hidayah

Wassalamu’alaikum Wr. Wb

You might also like