You are on page 1of 4

ARTIKEL BASA SUNDA

Haranggota
Elsa TM
Fiana F
Zikri TF
Risty S
M Ihsan

SEPTEMBER 26, 2019


XI IPS 3
Tẽhnologi universal dibarengan ku ahlak keur budak
sakola
Pamahaman umum, kecap élmu loba pisan hartina, gumantung dina ngalarapkeunana,
utamana pikeun jalma, boh budak boh kolot nu miharep ngahontal sagala nu jadi udaganana.
Mun tani hayang mukti tangtuna maké élmu tani, mun dagang hayang untung tangtuna ku élmu
dagang, mun pajabat hayang adil tur amanah geus pasti maké élmu kapamimpinan, mun ahli
profési hayang leuwih nanjeur tur sohor éta ogé sarua maké élmu nu luyu jeung profésina, jeung
élmu lian-lianna. Singketna, élmu bakal mawa kalancaran dina ngudag tujuan.
Lian ti élmu, manusa ogé boga kayakinan nu teu bisa dimomorékeun keur dijadikeun
pituduh dina ngahontal cita citana, nyaéta wahyu/kitab suci pidawuh nu Maha Agung. Kaasup
oge nu diajarkeun di sakola
Anapon nu leuwih husus mah, élmu téh sok dihartikeun pangaweruh anu geus disusun
kalawan sistematis, nu bisa dilarapkeun kalawan universal, jeung bisa dipertanggungjawabkeun
sacara ilmiah/akademik. Kawengku ku aturan anu geus tangtu/metodologi, boh éta rumpun élmu
nu sosial atawa rumpun élmu nu fisik alamiah. Ku alatan élmuna, manusa jadi pamingpin di
alam dunya sangkan bisa ngokolakeun, ngatur, tur ngaraharjakeun umat lianna.
Saacan jadi pamingpin oge, pasti kabehana ge ngalaman jadi rumaja atawa budak sakola.
Lantaran ku eta, anu kudu diperhatikeun teh nyaeta pembentukan karakter jeung ahlak dina
timimitian tina hal leutik. Dina contona ngabiasakeun paripolah jujur jeung ngajunjung kana
etika dina kahirupan sapopoe. Da etateh nu bakal engke kabawakeun nepi ka kolot, da kulantaran
geus dibiasakeun. Di SMA 1 Ciamis gẻ geus loba acara nu ditujukeun ngadidik budak keur
urusan kaahẻratan nu makẻ tẻhnologi. Timimiti kurban,solat istisqo,hutbah dimasjid jeung
sajabana. Salian ti ẻta, loba pisan kamonésan jalma ku lantaran élmuna nu ngabuahkeun
téhnologi, boh dina widang sandang pangan tur papan, telekomunikasi, transfortasi, militér,
hiburan jeung pendidikan. Nepi ka lampah manusa bisa leuwih babari tur hampang dina hirupna.
Élmu anu ngawujud dina téhnologi boga tujuan keur ngaladénan ka manusia sangkan hirupna
genah tumaninah. Dina prak-prakanana, saperti élmu téhnologi geus ngabuahkeun kamajuan
keur kahirupan manusa di sisi séjén, tapi di sisi séjén deui élmu jeung téhnologi geus mawa
balukar kurang hadé. Da, mimitina mah téhnologi éstuning keur nyubadanan kahayang manusa,
tapi geuning lila-lila mah jalma geus ampir dikadalikeun ku élmu jeung téhnologi, malahan loba
pisan nu geus mawa masalah tur ngancam kana kahirupan rumaja budak sakola.
Sababaraha conto nu bisa dibandungan di antarana nyaẻta dipakẻ nempo pidio nu teu
pararuguh. Téhnologi komunikasi ogẻ geus ngabalukarkeun gampang asupna budaya luar anu
teu payus pikeun bangsana sorangan. Téhnologi transfortasi ogé ngabalukarkeun gancangna arus
lalu lintas internasional anu sok dipaké keur kapentingan golongan nu boga maksud hasud, jeung
sajabana. Pangna kitu, sangkan élmu jeung téhnologi henteu ngadatangkeun kamudorotan, atuh
manusa kudu mampuh ngungkulanana.
Élmu jeung téhnologi, saukur boga kakuatan keur nganalisis, cara mikir logis, hirup jadi
gampang tur praktis. Kitu deui élmu jeung téhnologi teu bisa nepungkeun hakékat kabungah,
tujuan hirup di dunya, aturan hirup kumbuh jeung papada, jeung hukum-hukum dina kasakralan
nu sifatna spiritual karohanian. Pangna kitu, nu bisa ngajawab pasualan ieu, iwal ti wahyu atawa
kitab suci téa. Ku pituduh wahyu, manusia jadi apal harti  jeung hakikat ‘kabungah’, kakuduan
hirup di dunya nu salamet, jeung apal kana perkara nu kudu, ulah, teu nanaon, leuwih hadé
dilaksanakeun, leuwih hadé ulah dilaksanakeun (wajib-waram-sunah-makruh-jeung mubah).
Kajinekan kitu, ngalantarankeun wahyu atawa kitab suci kudu diperankeun keur nungtun élmu
jeung téhnologi nu terus mekar kalawan napak dina kamaslahatan keur karaharjaan manusa.
Sedengkeun élmu dina harti husus nu ngabuahkeun téhnologi téh, sumber pengatahuan
nu dumasar kana hasil pangalaman panca indera kalawan dibantu ku analisis akal hasil ujicoba.
Élmu jeung téhnologi bisa kacangking ku saha baé asal daék diajarna tur katepi ku uteukna.
Anapon iber atawa béja tina wahyu/kitab suci perelu pamahaman jeung tafsiran nu taliti, sangkan
maksudna luyu jeung kaayaan jeung pangabutuh manusa dina jamanna. Lantaran kalimah-
kalimahna lian ti ku basa nu jelas ogé ngandung kalimah nu pinuh ku siloka/métaforis.
Ku lantaran kitu, rumaja sakola nu mampuh ngama’naan wahyu, kaasup nu bener-bener
nu masagi kanyahona tur boga ajén hirup jeung diajarna genah. Ku lantaran basa dina élmu
téhnologi leuwih gampang ngahartikeunana tinimbang dina wahyu, mangkana élmu jeung
téhnologi leuwih gancang majuna jeung gampang mekarna dina widang-widang nu luyu jeung
pangabutuh manusa. Kitu deui, hirup manusa moal bisa lepas tina rékayasa élmu jeung
téhnologi, anu sagemlengna geus mawa kana parobahan kahirupan manusa. Malah ku alatan
kamonésan élmu jeung téhnologi, hirup manusa lir nu gumantung jeung diatur ku téhnologi.
Élmu jeung téhnologi geus méré jalan kahirupan, jalan diajar nu merenah. tapi nu méré
jalan hirup kabagjaan mah jalan wahyu téa. Pangna kitu, sangkan hirup nu rancagé, mangka
wahyu jeung élmu tehnologi sawadina kudu diadumaniskeun, nyaéta wahyu keur nungtun élmu.
Laparna, antara wahyu jeung élmu téhnologi kudu ditempatkeun kalawan merenah. Wahyu kudu
mayungan, nungtun tur ngadalikeun kamotekaran jeung kamajuan élmu téhnologi. Lantaran
wahyu geus kauji ti jaman ka jaman mampuh nyalametkeun kahirupan jalma. Malahan wahyu nu
bisa méré harepan kabagjaan manusa ka hareupna. Sok sanajan élmu téhnologi bisa méré jalan
hirup jadi hampang, tapi mindeng ngabalukarkeun manusa jadi katalian hirupna, ngaruksak
tatanan kamanusaan, teu bisa méré kabungah, nu aya malahan jadi balukar pegatna harepan.
Margi kitu, salah sahiji cara sangkan hirup genah, merenah, tumaninah bari bungah, teu
aya deui iwal urang ngalarapkeun élmu téhnologi diluyukeun jeung papagon agama ti keur
budak sakola keneh. Hartina, wahyu jadikeun sumber keur ngamekarkeun élmu téhnologi. Sabab
geus jinek, yén sumanget jeung ciri diajar anu bener.

You might also like