You are on page 1of 2

Hape ka Ulina Barudak Jaman Ayeuna

Ku Ali
Jaman kiwari jeung jaman baheula, bedana 360 derajat tawa leuwih mun bisa mah.
Ku naon? Pami di tilik ti zaman baheula mah barudak teh keur alus alusna ulin jeung alam.
Di luar jeung balareana harereuy, arulin, ngarojay, susumputan, ngaraji bareung bareung ka
tajug, ka sawah ngobor ngureuk ngaliwet, jeung sajabana.

Pek bandingkeun jeung jaman kiwari ayeunamah kabiasaan nu geus jadi turum
temurun ge jadi laleungit pan. Contona arulin di laluar jeung baladna. Ayeuna mah aya hape
aya teknologi nu menjarakeun barudak ti kahirupan sosial nana jadi caricingeun ayeunamah
teu kawas barudak jaman bareto nu cicingin teh aneh. Beda jaman kiwari ayeuna mah nu
cicingeun teh geus teu aneh. Puguh jaman kiwari mah mun aya budak na masih keneh kawas
baheula kaulinana di anggap teu gaul ceunah mah. Da puguh cenah ayeunamah zaman
milenial nu geus hese hirup mun teu bisa pisan kana hp teh. Kukitu na wae ayeunamah
barudak caricing di imah na individualiasme teh geus di pupuk ti leleutik keneh. Nu antukna
ke bakal mangaruhan kana kahirupan sosialnana mun geus gede teh.

Jaman baheula mah barudak teh karuat kadang kadang mah geus di ajar parkara jalma
gede. Kawas macul,ngarit,nganggon mun lalaki tea mah. Mun awewe mah ti leutik ge geus
bisa masak, apal urusan dapur di ajarkeun ku indungna kadang mah bisa nyuguhan bapana.
jadi budak teh bakti ka kolotna ayaan. Jaman kiwari mah hese neangan budak nu keur
nganggon macul ngarit nguli puguh tea da geus aya teknologi anu nyieun maranaehna t bisa
nanaon da puguh jaman ayeuna mah robot teh geus ngaganti pagawean jelema. Babari jaman
kiwari mah teu kawas bareto mun hayang nanaon teh kudu usaha heula. Jaman ayeuna mah t
cape cape teuing

Loba kasus barudak ayeuna mah garoreng akhlakna ngalawan ka kolot bangor. Da pas
di teangan usul namah da ku hape barudak teh ku globalisasi anu hese ka bendungna. Budaya
barat teh di tarurutan antuk namah poho wae ka budaya sorangan.tatakrama nu geus di teu
diturun keun ti jaman bareto geus ti di amalkeun bisa bisa wae barudak eweuh tatakrama
engke mah.

Urang emang moal bisa ngalawan jaman ayeuna nu geus sagala aya. Tapi kudu urang
ngalawan mah. kumaha carana? Nyaeta ngaggunakeun teknologi pikeun kamaslahatan.
Komo nu kacida mah barudak ayeuna nu kudu di perhatikeun dina ngome hp na. naon wae nu
geus di lakukeun ku manehna. meh kitu urang tiasa ngontrol hp maranehna meh dampak
negatifn ku urang bisa di saring.

You might also like