You are on page 1of 1

Dongeng Sasakala Situ Bagendit

Jaman baheula, aya awéwé anu kacida bengharna. Rajakayana bru di juru bro di panto,
ngalayah ditengah imah. Hanjakal meditna teu katulungan. Ku urang lembur, éta awéwé téh
katelah nyi Endit, ku medit-meditna.
Pagawéan Nyi Endit téh sapopoéna ngitung-ngitung rajakaya bisi aya anu cocéng atawa
leungit. Rajakayana unggul waktu nambahan jeung beuki ngagunung, da puguh tara pisan di
paké. Ari sababna, sagala lébar, sagala nyaah. Tong boro dipaké tutulung ka batur, dalah dipaké
ku dirisorangan gé kahayangnamah ulah.
Hiji mangsa, datang aki-aki anu siga langlayeuseun. Eta aki-aki téh pok nyarita ka Nyi
Endit, “Nyai, nyuhunkeun sih piwelas. Aki geus sababaraha poé geus teu kararaban sangu”.
Ngadéngé lumengisna aki-aki, keur Nyi Endit mah lain matak timbul rasa karunya, tapi kalah
malik ambék. Aki-aki téh diusir sapajodogan.
Isukna, éta aki-aki téh geus jol deui, bari ngélingan Nyi Endit sangkan daék tutulung ka
nu butuh, tatalang ka nu susah. Tapi haté Nyi Endit angger ngabatu. Sakali deui éta aki-aki nu
pikarunyaeun téh diusir sapajodogan.
Katilu kalina, aki-aki datang deui. Ayeuna mah ku Nyi Endit téh teu ditungguan lila-lila
aya diburuan imahna, langsung diusir. Aki-aki téh carindakdak bakat ku nalangsa. Ceb nanceb
iteukna diburuan imah Nyi Endit, tuluy ngaléos indit teuing ka mana.
Boro-boro jalmana, dalah iteukna gé keur Nyi Endit mah matak ngaganggu. Ngan ceg
baé éta iteuk téh dicekel tuluy dicabut. Tapi kacida ngarénjagna manéhna, basa ningali tina urut
iteuk nanceb téh ngaburial cai gedé pisan. Nyi Endit undur-unduran.
Beuki lila cai nu ngaburial téh beuki ngagulidag sarta beuki gedé. Malah antukna
ngeueum sakur nu aya didinya. Mimitina semet mumuncangan, naék kana tuur, ngeueum dada,
sarta tuluy laput sirah. Nyi Endit teu sempet nyalametkeun dirina jeung rajakayana anu
ngagunung. Kabéh kakeueum, sarta urutna jadi situ anu kacida legana. Eta situkatelah jadi Situ
Bagendit, dicokot tina ngaran Nyi Endit.
Béjana aki-aki anu pikarunyaeun téh malaikat anu nyamur. 

You might also like