You are on page 1of 2

Asalamu’alaikum Wr. Wb.

Assholatu wassalamu ala


ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi
azma’in. Amma ba’du.
Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu ku sim kuring
dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku
simkuring dipikacinta. Langkung tipayun, hayu urang
panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT
kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya
tiasa ngumpul dina kasempetan ieu. Teu hilap,
sholawat sinareng salam mugia salamina
dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi
Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para
sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna
dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin. Dina
kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun
biantara singget ngeunaan “ Penyalahgunaan
narkotika dikalangan remaja“. Narkotika dina dunia
medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di
operasi, narkotika teh mangrupa zat aditif anu
ngabahayakeun jeung bisa nyieun kacanduan,sarta
karusakan otak jeung saraf motorik mun ku urang
dikonsumsi bisa nyabab keun kageloan, jeung anu
parahna kamatian, tapi lain hal na barudak ngora
jaman kiwari mah ngagunakeun narkotika keur nga-
gaya hungkul, bari jeung teu apal kana
pibahayaeunnana istilah bahasa deungena mah “
drug is purpose for freestyle” . Anu ngagunakeu jeung
ngedarkeun narkotika lamun kapanggih ku polisi mah
bisa penjara, teu lulus tes kasehatan, dipiasing ku
masyarakat, teu meunang pagawean jsb, numatak
tong hayang apal kana barang haram anu ngarana
narkotika, jeun zat aditif laina anu matak ngarusak
kahirupan urang ayeuna jeung anu bakal datang.
Mening ayeuna mah mempeung urang ngora keneh
urang eusian ku diajar anu soson-soson, guna
ngajungjung harkat jeun martabat bangsa indonesia,
sakali deui “ SAY NO TO DRUG, BUT IT’S SO SAD
FOR YOUR LIFE”. Mugi-mugi mangfaat keur
kahirupan urang sadayana, Sakitu anu tiasa
didugikeun ku sim kuring. Hapunten bilih aya
kalepatan sareng cariosan Nu teu merenah kanu
manah hatur nuhun kanu sadaya perhatosanana.
Akhirul kalam Wabillahitaufik walhidayah
Wassalamualaikum wr.wb

You might also like