You are on page 1of 30

Ku DADAN SUTISNA

PELATIHAN GURU UTAMA REVITALISASI BAHASA DAERAH UNTUK TUNAS BAHASA IBU
JENJANG SD DI PROVINSI JAWA BARAT
SOREANG, 5—8 JULI 2022
Latihan

Ngeusian Kuis Maca: 15 Menit


Ngeusian Kuis Nulis: 15 Menit
Nyieun Kaligrafi Aksara Sunda tina ngaran
sorangan atawa naon baé.
Nulis catetan ngeunaan kagiatan Revitalisasi
Bahasa Daerah di Balai Bahasa Provinsi Jawa
Barat ku aksara Sunda
Nyalin catetan kana aksara Laten

Naon ancer-ancer matéri FTBI 2022 keur


Pasanggiri Maca jeung Nulis Aksara Sunda?
Ancer-ancer Matéri

A NYEUKEUTKEUN TUJUAN DATA


Revitalisasi
B SASAKALA AKSARA
Bahasa dan Sastra
C KAMEKARAN AKSARA SUNDA Daerah 2022
di Balai Bahasa
D PITUDUH KEUR FTBI 2022 Provinsi Jawa Barat

E PRAKTÉK: WAWANOHAN JEUNG AKSARA

F PRAKTÉK: MACA JEUNG NULIS

G ÉVALUASI
A NYEUKEUTKEUN TUJUAN

Keur naon diajar aksara Sunda? Asa Hésé


dilarapkeunana da, dina kahirupan sapopoé mah.
Idéntitas jeung jati diri urang Sunda.
Ngamumulé titinggal karuhun.
Némbongkeun kamekaran literasi urang Sunda.

Naha maksud jeung tujuan di luhur téh bakal payu


mun “didagangkeun” ka génerasi kiwari?
Perkara ieu mah perlu panalungtikan séjén, da lain sual
aksara wungkul, kaasup basa Sunda jeung budayana nu
leuwih jembar. Nu écés mah, ayeuna urang kudu wani
adu hareupan jeung réalita.
A NYEUKEUTKEUN TUJUAN

Kanyataan Kiwari
Urang aya dina alam nu babari pisan robah kabiasaanana ku
ayana téknologi.
Basa jeung aksara Sunda kaasup kana budaya nu teu katara.
Cék UNESCO, warisan budaya intangible mah babari
dipopohokeun upama teu dipaké.
Basa jeung aksara Sunda “can diaku” di tingkat
internasional, dalah di tingkat nasional jeung provinsi gé
sarua deuih—teu disebutkeun sacara éksplisit.
Lian ti éta, tangtu aya masalah-masalah séjénna, upamana
di dunya atikan.
A NYEUKEUTKEUN TUJUAN

Pikahareupeunana
Urang aya dina alam nu babari pisan robah kabiasaanana ku
ayana téknologi.
Basa jeung aksara Sunda kudu ngalarapkeun digital
humanities jeung digital heritage: pangalaman mangsa bihari
nu dipaké deui dina alam baring supagi.
Basa jeung aksara Sunda kudu ngindung ka waktu
(adaptasi), salah sahiji carana ku ngaraketan digitalisasi.
Tina akar kana jangkar: némbongkeun perkara nu geus rék
tilem ku rupaning karancagé (kréasi) jeung inovasi.
Ngawewegan dadasar hukum ngeunaan basa jeung aksara
Sunda.
A NYEUKEUTKEUN TUJUAN

Réngking basa dina Internét


Slovenia téh salah sahiji basa di
wewengkon Éropah, panyaturna
kira-kira 2,5 juta di saalam
dunya. Tapi naha bisa
makalangan dina internét?

Ari basa Sunda, kacaturkeun


panyaturna aya 30 jutaan
leuwih.
B SASAKALA AKSARA

Saméméh kadéséh ku aksara Latén, di Indonésia aya pirang-pirang aksara daérah. Bukti nu
pangkahotna téh kapanggih dina tujuh yupa (tihang tina batu paranti nyangcang sapi) nu sok
dipaké upacara jaman Mulawarmman, Raja Kutai di wewengkon Kalimantan. Éta tulisan dina
yupa téh dijieunna kira-kira abad ka-4, ditulis maké aksara Pallawa jeung basa Sansekerta. Ari
di alam dunya, zaman aksara téh geus aya ti 5.000 taun katukang.
B SASAKALA AKSARA

Silsilah Aksara Dunya


(Sumber: Starkey Comics)
B SASAKALA AKSARA
C KAMEKARAN AKSARA SUNDA

Kabudayaan Sunda téh geus lila umurna. Mun


nyukcruk kana sajarah, makalanganana geus leuwih
ti 16 abad katukang. Katiténan tina rupaning titinggal
kabudayaan, kayaning barang-barang tinulis saperti
prasasti, piagam, naskah kuno, jeung réa-réa deui.
Ti dinya baris katangén ayana kaparigelan urang
Sunda dina tulis-tinulis. Ieu gé minangka bukti deuih,
yén ti béh ditu geus aya kasadaran nu pohara dina
nepikeun wawasan, pikiran, gagasan jeung idé
ngaliwatan média basa jeung aksara.
Kaparigelan urang Sunda dina tulis-tinulis téh geus
kanyahoan ti sabudereun abad ka-5 Maséhi, jaman
Karajaan Tarumanagara. Bisa ditengetan tina pirang-
pirang prasasti dina éta jaman.
C KAMEKARAN AKSARA SUNDA

Dina jaman Karajaan Sunda, mangsa Pakuan


Pajajaran-Galuh antara abad ka-8 nepi ka abad ka-
Ajaran Sunan Gunung Jati (420)
16, kapanggih pirang-pirang titinggal dina wangun
prasati jeung piagam (Geger Hanjuang, Sanghyang
Tapak, Kawali, Batutulis, jeung Kebantenan).
Lian ti éta, aya deuih naskah nu ditulis dina lontar,
Silsilah Siliwangi, Ajicakra, Darmapamulih nipah, kalapa, jeung pasian awi. Jumlahna
kawilang réa, sumebar di wewengkon Tatar
Sunda. Éta naskah téh di antarana Carita
Parahyangan, Fragmen Carita Parahyangan, Carita
Jatiraga (422)
Ratu Pakuan, Lalampahan Bujangga Manik, Kisah
Sri Ajnyana, Kisah Purnawijaya, Sanghyang
Siksakanda Ng Karesian, Sanghyang Raga
Darmajati (423) Déwata, Sanghyang Hayu, Pantun Ramayana,
Serat Déwabuda, Serat Buwana Pitu, Serat Catur
Bumi, Séwaka Darma, Amanat Galunggung,
Darmajati, Jatiniskala, jeung Kawih Paningkes.
Bimasorga (623)
C KAMEKARAN AKSARA SUNDA

Dumasar kana data sajarah, masarakat Jawa Barat kungsi ngagunakeun 7


(tujuh) rupa aksara, nyaéta Pallawa, Pranagari, Sunda Kuno, Jawa (Carakan),
Arab (Pegon), Cacarakan, jeung Latén. Éta tujuh aksara téh dipaké ti abad ka-5
Maséhi nepi ka ayeuna, kalayan péréléanana:

Aksara Waktu Lilana

Pallawa jeung Pranagari abad ka-5 nepi ka abad ka-7 ~ 2 abad


Sunda Kuno abad ka-14 nepi ka abad ka-18 ~ 5 abad
Jawa/Carakan abad ka-11 jeung abad ka-17 ~ 4 abad
Pégon abad ka-17 nepi ka ayeuna ~ 4 abad
Cacarakan ka-19 nepi ka paro abad ka-20 ~ 2 abad
Latén abad ka-19 nepi ka ayeuna ~ 2 abad
C KAMEKARAN AKSARA SUNDA

Putusan Presiden Nomor 082/B taun 1991 ngeunaan Pedoman Penelitian Aksara Daerah.
Perda No. 6 taun 1996 ngeunaan Pelestarian Bahasa Sastra dan Aksara Sunda.
Keputusan Gubernur Jawa Barat No. 434/SK,614-Dis tanggal 16 Juni 1999 ngeunaan
Pembakuan Aksara Sunda.
Nyusun Buku Panduan Aksara Sunda.
Perda No. 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah.
Juni 2005: Font aksara Sunda basis Latén mimiti disebarkan sarta dipidangkeun dina
Kongrés Basa Sunda VIII taun 2005 di Subang.
Januari 2006: Korespondensi jeung M. Everson. Saméméhna M. Everson geus nyieun
rarancang slot Unicode keur aksara Sunda;
Juni 2006: Sabada yakin yén aksara Sunda masih kénéh “hirup”, M. Everson ngasupkeun
proposal slot aksara Sunda ka Unicode;
Agustus 2007: Aksara Sunda asup léve) standardisasi Unicode.
April 2008: Aksara Sunda resmi asup kana Unicode.
2008: tim Unicode Aksara Sunda nyusun driver keyboard aksara Sunda.
C KAMEKARAN AKSARA SUNDA

2009: Revisi fonta Sundanese Unicode.


Perda Nomor 14 taun 2014 ngeunaan Perubahan atas
Peraturan Daerah Provinsi Jawa Barat Nomor 5 taun 2003
tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah.
2021: Digitalisasi Aksara Sunda
2021: Didaftarkeun sangkan meunang sertifikasi SNI jeung
ISO.
C
Visi Penerapan Aksara Nusantara di Perangkat Digital
2 NOVEMBER 2021

Konsensus SNI

Unicode Aksara Pengajuan SNI Rapat Teknis SNI


Nusantara JUNI 2021 OKTOBER 2021

Jajak Pendapat SNI


NOVEMBER 2021

Penetapan SNI
DESEMBER 2021 Aksara Nusantara sebagai
Selebrasi Digitalisasi Alternatif Aksara Latin
Aksara Nusantara di Perangkat Digital
DESEMBER 2021

Rekomendasi Kemenko PMK Penetapan Regulasi SNI


dan Kemendikbud Ristek oleh Kemenkominfo
C KAMEKARAN AKSARA SUNDA

Teu perlu paur ku tumpur.


Tapi sangkan aksara Sunda AKSARA KEUR BARING SUPAGI
bisa makalangan, sawadina:
1. Bisa méré mangpaat ka
balaréa.
2. Bisa méré ajén ékonomi. ISO
UNICODE SNI ICANN
3. Bisa ngigelan jeung
ngigelkeun jaman.
4. Ngurangan polemik nu
taya tungtung. KAAMANAN
INDUSTRI DIGITAL
KOMPUTER
D PITUDUH TÉKNIS KEUR PASANGGIRI

25 x 2 x 10 = 500

Upamana, Pasanggiri Maca jeung Nulis Aksara Sunda di tingkat provinsi téh geus
diayakeun sapuluh kali. Sapuluh taun. Anggap baé nu ngirimkeun wawakil téh aya 25
kabupatén/kota, masing-masing ngirimkeun dua pamilon. Mun dijumlahkeun, kabéhna
geus aya 500 pamilon pinilih. Pertanyaanana:
1. Naha aya kénéh data-data ngeunaan éta pamilon, kaasup hasil karyana?
2. Naha ayeuna maranéhna aya kénéh kahéman kana aksara Sunda?
Tangtu ka hareupna mah, para pamilon téh henteu terus “diabur”, da apan éta téh
poténsi ka hareupna. Sabada lekasan pasanggiri, maranéhna kudu angger dihiap,
malah alusna aya tarékah séjén sangkan ngarasa yén ku jadi piunggul dina basa,
sastra jeung aksara Sunda téh aya mangpaat keur kahirupan maranéhna ka hareupna.
D PITUDUH TÉKNIS KEUR PASANGGIRI

Lomba Membaca dan Menulis Aksara Sunda

a. Durasi waktu menulis aksara Sunda 20 menit dan membaca 2 menit.


b. Setiap peserta harus menyelesaikan pekerjannya tidak melebihi waktu yang
disediakan.
c. Bentuk aksara Sunda yang dijadikan acuan untuk lomba ini adalah Akasa
Sunda Standar Unicode versi tahun 2013.
d. Materi lomba ditentukan oleh panitia pada saat pelaksanaan lomba.
e. Materi untuk “Maca Aksara Sunda” menggunakan media manual (print out).
f. Materi “ Nulis Aksara Sunda” mencakup hal-hal berikut:
1) Tulisan diterakan pada kertas polos putih dan bercap panitia.
2) Alat tulis menggunakan spidol yang disediakan oleh panitia dalam
bentuk standar dan tidak boleh diubah atau dimodifikasi.
D PITUDUH TÉKNIS KEUR PASANGGIRI

Conto Aksara Sunda vérsi Unicode


D PITUDUH TÉKNIS KEUR PASANGGIRI

Conto Hasil Pasanggiri ti Pamilon


D PITUDUH TÉKNIS KEUR PASANGGIRI

Conto Hasil Pasanggiri ti Pamilon


E PRAKTÉK: WAWANOHAN JEUNG AKSARA

F PRAKTÉK: MACA JEUNG NULIS

G ÉVALUASI
1. Buka peramban (browser) dina HP.

2. Asupkeun alamat di handap.

s.id/linuhung
06072022
bbpjb

Omat ulah dibéja-béja.


Mun geus aya tampilan siga kieu, hartina geus sayaga.

You might also like