You are on page 1of 6

WARTA

A. Wangenan Warta
Warta (Bs: Sangsekerta) téh ngandung harti béja, béwara, atawa informasi ngeunaan
hiji hal/kajadian anu ditepikeun keur balarea dumasar kana kanyataan atawa fakta.
Warta aya dina media citak ayana dina koran, tabloid, atawa majalah. Boh koran boh
tabloid atawa majalah sok disebut kalawarta. Kalawarta nya éta média cetak anu
terbitna maneuh/sacara berkala (saban poé, saminggu sakali, atawa sabulan sakali).
Warta dina média éléktronik ayana dina radio, televisi, atawa internét
Basa nu dipaké pikeun nepikeun warta aya nu ngagunakeun basa Sunda ragam loma,
ogé aya nu ngagunakeun ragam lemes.
B. Tujuan Warta
Tujuan nepikeun warta téh rupa-rupa, di antarana:
1. pikeun nepikeun béja;
2. pangajak;
3. propaganda atawa promosi, jeung sajabana.
C. Sarat Warta
Aya rupa-rupa sarat warta sangkan bisa dianggap hiji karya jurnalistik, nya éta:
1. Aktual, waktuna haneut / anyar kénéh.
2. Faktual, dumasar kana kaayaan anu aya:
a) kajadian anu sabenerna
b) pendapat (opini) narasumber
c) pernyataan sumber warta
d) Ngumpulkeun fakta ku cara observasi (paniten), wawancara jeung
dokumentasi/riset.
3. Objéktif, luyu jeung kanyataan teu ditambahan, jujur.
4. Saimbang, porsina sarua teu mihak kasasaha.
5. Akurat, tepat bener euweuh kasalahan.

Salian ti sarat-sarat di luhur, warta anu hadé ogé miboga unsur-unsur warta anu
ngawengku 5W + 1H.
1. Who (saha)
2. What (naon)
3. Why (ku naon)
4. Where (di mana)
5. When (iraha)
6. How (kumaha)
D. Léngkah-léngkah jeung Proses Nulis Warta
Léngkah-léngkah jeung prosés nulis warta ngawengku:
1. Fact Organizing, nya éta pengorganisasian / ngumpulkeun fakta ku réporter
(peliput). Aya tilu cara dina meunangkeun fakta nya eta, ku paniten
(observasi), wawancara, jeung riset media/dokumentasi. paniten maksudna
urang nitenan hiji kajadian atawa kaayaan. naon anu katempo, karasa,
kadenge, atawa kaalaman dina hiji kajadian. Wawancara maksudna
ngawawancara/nanyaan hiji jalma boh ahlina atawa jalma biasa nu dianggap
apal kana perkara nu rek diwartakeun. Riset media/ dokumentasi nyaeta
ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya, upamana tina
buku, majalah atawa sumber sejenna.
2. Lead Decission, nya éta nangtukeun keputusan anu pasti, cocok henteuna
warta eta pikeun dimuat.
3. Word selection, nya éta pinilih kecap anu ngarojong kana eusi warta.
Usahakeun alur warta runtut jeung ulah dicékclok anu ngabalukarkeun
ngaganggu mahamna anu maca warta jeung pamiarsa (penonton).
4. Start to write, nya éta méméh nulis warta kumpulkeun heula référénsi anu
ngarojong, konséntrasi supaya anu nulis warta teu salah.
E. Struktur Warta
1. Judul (headline), mangrupa titel, label atawa ngaran anu dilarapkeun kana
warta. Gunana pikeun ngahudang kapanasaran nu maca kana pasualan anu
ditepikeun dina warta. Sangkan batur langsung katarik pikeun maca warta nu
ditulis ku urang, usahakeun nyieun judul anu hade, eces, singget sarta luyu tur
nyuluran sagemblengna eusi warta.
2. Bubuka (lead, intro), mangrupa alinea awal nu aya handapeun judul. Nyieun
lead oge kudu hade deuih, lantaran dina lead teh kudu karangkum inti tina
sakabeh warta anu gembleng.
3. Waruga warta, mangrupa eusi tina warta. Eusi warta ilaharna mangrupa
jawaban kana pananya 5W+1H ngeunaan warta. dina waruga didadarkeun
kajadian, karakteristik kajadian, waktu jeung tempat kajadian, tur saha anu
kalibet dina kajadian nu diwartakeun.
4. Pamungkas (end), mangrupa alinea ahir minangka omongan pikeun mungkas
hiji warta.
F. Jenis – Jenis Warta
1. Dumasar kana wangunna
a) Warta lisan : warta nu aya dina TV, radio jeung média éléktronik séjénna.
b) Warta tinulis : warta nu aya dina koran, majalah, tabloid, jsb.
2. Dumasar kana témana
a) Warta langsung/sahinasna (staight news), nyaéta warta anu dipidangkeun
dumasar kajadian nu sabenerna, teu ditambahan atawa dikurangan kalawan
ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari kahartina ku nu narima.
Contona : Tanggara Pasundan di Bandung TV, Liputan 6 di SCTV, breaking
news, jsb.
b) Warta ngosok jero (depth news), nyaéta warta anu dipidangkeun sajaba ti
nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi séjénna
nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian.
Contona : Menyingkap Tabir di TV ONE, 86 di NET TV, jsb.
c) Warta hampang (soft news), mah teu ngutamakeun pentingna kajadian atawa
raména warta, tapi leuwih mentingkeun kana aspék kamanusaanana (human
interest).
Ari nu disebut human interest nya éta warta anu ngajak mikir, nalar, ngarasa,
atawa empati masarakat kana hiji peristiwa.
Contona : Cik Jang Stel di MQTV; CCTV jeung rédaksiana dina Trans 7, jsb.
d) Karangan nenggang (feature), nyaéta warta anu dilengkepan ku kasang
tukang hiji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya basa anu matak
nimbulkeun rupa-rupa rasa nu narima éta warta, upamana nimbulkeun rasa
kataji, sedih, gumbira, nambah luang, wawasan, jeung humor.
Contona : My Trip My Adventure di Trans TV, Orang Pinggiran di Trans 7, jsb.
e) Réportaseu (interpretative news), nya éta ngalaporkeun warta nu ditambahan
ku pamanggih panalungtik/pangamat jeung sumber tinulis sangkan nu
narima éta warta ngarasa sugema sabab meunang data, pakta, atawa
informasi nu leuwih munel tur lengkep. Jalma atawa patugas nu nepikeun
reportase sok disebut reporter.
Contona : Réportase Investigasi di Trans TV, jsb.
f) Warta pamanggih ahli (opinion news), nya éta warta nu dilengkepan ku
pamadegan nu nulis kana hiji peristiwa nu keur kajadian.
Contona : Ngawangkong jeung Ceu Popong dina Inews, ILC di TV one, jsb.
G. Padika/tatakrama dina Warta
1. Padika Maca Warta
a. Kudu bisa maca naskah warta. Aya hal anu katinggalina beda dina
ngalarapkeun tanda baca antara nulis warta keur diterbitkeun di surat kabar
jeung warta nu dibacakeun di media elektronik. pangpangna dina tanda baca
koma (,) jeung titik(.). Dina warta surat kabar citak, tanda koma jeung titik teh
ditulis biasa. Tapi tanda baca dina warta bacaeun penyiar mah koma teh
dicirian ku gurat condong hiji (/), titik ditandaan ku tanda gurat condong dua
(//).
b. Maca warta dina TV kudu alus peta jeung dangdanan. geus puguh ari sora mah
kudu halimpu, ngoncrang jeung bentes. Mun maca warta dina radio mah cukup
ku sora halimpu, ngoncrang jeung bentes wungkul.
c. Maca warta dina TV atawa radio kudu alus artikulasi, lentong, randegan
kalawan sora nu ngoncrang.
d. Aya sababaraha hal nu patalina jeung tehnis biasana ditangtukeun ku unggal
stasion TV/radio, upamana cara diuk, merenahkeun alat-alat elektronik (mik).
Tangtuna kudu aya latihan heula saacan tampil.
2. Padika Siaran Radio
a. Kudu nataharkeun/ nyiapkeun heula naskah keur siaran. Naskah kudu make
basa anu etis (sopan, bener tur merenah)
b. Kudu nyangking/ paham kana eusi naskah, sangkan waktu siaran henteu
kacaletot dina ngomong.
c. Kudu latihan sora (vokal), Lantaran jadi penyiar mah sorana kudu halimpu,
ngoncrang jeung bentes.
d. Salila siaran ulah nyigeung SARA, ulah ngeritik atawa nyawad bari jeung teu
puguh buktina.
e. Mun siaran langsung (interaktif) urang kudu bisa ngajawag unggal pananya ti
pamiarsa.

Conto nulis warta pikeun berita na televisi


Conto tulisan warta dina media citak
Ceuk Sekda Kota Bandung: Media Mibanda Peran
Penting Ngungkulan Pandemi Covid-19
Adar Mahdar, 22 September 2020
Bandung, bewarajabar.com — Sekretaris Daerah (Sekda) Kota Bandung, Ema Sumarna
nandeskeun media massa mibanda peran nu kalintang penting dina masa pandemi Covid-19
kiwari. Media massa mibanda peran vital pikeun ngabewarakeun program-program
ngungkulan Covid-19 nu dilaksanakeun ku Pemkot Bandung.

“Media nyebarkeun informasi penting ngeunaan saniskara hal ngeunaan Covid-19. Eta hal
bisa ngabantu Pemkot Bandung ngungkulan Covid-19,” ceuk Ema dina pembukaan UKW
(Uji Kompetensi Wartawan) Angkatan XXXVII nu dilaksanakeun ku PWI (Persatuan
Wartawan Indonesia) Kota Bandung di Courtyard Mariot Hotel, Salasa (15 September 2020).

Ema ngebrehkeun, arus kebijakan pamarentah kiwari nyaeta ngarengsekeun pandemi nu


kajadian di masarakat. Loba pisan sektor nu kapangaruhan balukar pandemi lain ngan
kasehatan tapi sektor sejenna saperti sektor ekonomi.

Media ngabogaan peran ngajaga kasaimbangan sangkan henteu kajadian gejolak sosial sarta
tetep nyiptakeun situasi nu kondusif. Ku kituna, Pemkot Bandung ngarojong kagiatan UKW,
lantaran Pemkot Bandung sarua ngabogaan kapentingan nu gede.

Mun seug awak media mibanda kamampuan, kompetensi, sarta profesionalisme dia ngalola
atawa nyieun konten, tangtuna bakal leuwih hade deui karya nu disajikeun. “Kiwari sakumaha
hadena kebijakan nu dijieun ku Pamarentah tanpa disebarluaskeun ku media tangtuna moal
maksimal. Ku kituna, diharepkeun UKW bisa nyiptakeun para awak media nu leuwih
professional tur kredibel sangkan bisa ngajalin kemitraan nu leuwih hade,” ceuk Ema.

Uji Kompetensi Wartawan lumangsung 15–16 September 2020 ieu ngalarapkeun protokol
kasehatan nu ketat. UKW diiluan ku 36 wartawan media onlilne, cetak, jeung elektronik.
Acara pembukaan diluuhan Ketua PWI Kota Bandung, Hardiansyah katut Ketua PWI Jawa
Barat, Hilman Hidayat.

Panitia UKW ngahadirkeun Kepala Bagian Humas Setda Kota Bandung, Sony Teguh
Prasatya salaku pembicara. Dina kasempetan eta, Sony ngajentrekeun ngeunaan tarekah
tarekah Pemkot Bandung ngungkulan Covid-19. Lian ti kitu, Sony ngajentrekeun ngeunaan
Perwal (Peraturan Walikota) Bandung Nomor 37 taun 2020 ngeunaan pedoman pelaksanaan
AKB dina raraga nyegah turta ngadalikeun Covid-19.

Sumber : http://bewarajabar.com/ceuk-sekda-kota-bandung-media-mibanda-peran-penting-
ngungkulan-pandemi-covid-19/

You might also like