You are on page 1of 2

PADIKA JEUNG GAYA BIANTARA

Disawang tina cara nepikeunana, biantara téh bisa dipasing-pasing kana opat padika, nyaéta (1)
dadakan, (2) catetan ringkes, (3) naskah, jeung (4) talaran.

a) Dadakan/Impromtu

Biantara nu ngadadak, henteu tatahar heula. Ku lantaran ngadadak, biantarana teu make naskah.
Nu biantara ditodong sangkan biantara harita keneh (improvisasi) ngandelkeun pangaweruh jeung
kanyaho biantara. Ku lantaran ngadadak, biantra sacara impromptu eusina pondok , jejerna bebas,
tur bisa krengse luyu jeung waktu anu geus ditetepkeun.Ngan aya kahengkeranana, eusi biantarana
kurang ngentep seureuh jeung bisa ngacacang kamana karep.

b) Catetan Ringkes (Ekstemporan)


Biantara kucara nempo runtuyan/catetan singget eusi biantara. Hal-hal pentingna wungkul dicatet.
Biantara Ekstemporan sok disebut oge biantara terpola, lantaran materi biantarana dicatetkeun
heula hal-hal anu pentingna wungkul. Ku lantaran kitu, eusina bisa ngentep seureuh luyu jeung jejer
kagiatan. Ngan bisa jadi nu biantara nempo wae catetan.

c) Naskah (Manuskrip)
Biantara ngagunakeun naskah atawa maca naskah. Biantara ieu sipatna resmi atawa formal. Ku
lantaran dijieun heula naskahna, tangtu we tujuanana pikeun ngurangan kasalahan. Biantara ieu
leuwih ngentep seureuh tur jentre (jelas) eusina. Ngan sakapeung sok matak bosen, lantaran nu
biantara sok bari maca naskah.

d) Talaran (Memoriter)
Biantara kucara ditalar atawa diapalkeun heula naskahna. Henteu maca naskah, tapi naskahna
disusun heula. Ku lantaran kitu, eusina bisa ngentep seureuh tur ngalatih daya ingetan. Ngan mun
nu biantara poho biasana sok kaciri, da tadina ngapalkeun tea.
GAYA/LAGAM DINA BIANTARA

1) LAGAM RELIGIUS
Lagam religius atawa gaya agamis nuduhkeun gaya biantara anu eusina ngeunaan
kaagamaan, upamana dina kagiatan ceramah, khutbah, atawa pangajian.

2) LAGAM AGIATOR
Lagam agiator nyaeta lagam biantara anu ditepikeun kalawan agresif jeung politis.
Biasana dina kampanye atawa kagiatan anu udaganana keur mangaruhan batur.

3) LAGAM KONVERSASI
Lagam konversasi atawa gaya guneman nyaeta gaya biantara anu ditepikeun kalayan
antaré, écés jéntré, tur ngentep seureuh. Biasana dilaksanakeun dina kagiatan-kagiatan
rapat, seminar, atawa riungan anu jumlahna kawatesanan.

4) LAGAM DIDAKTIK
Lagam didaktikk atawa gaya atikan, nyaeta gaya biantara anu eusina ngabejaan, ngajar,
atawa ngalatih. Biasana biantara anu ditepikeun ku saluhureun ka sahandapeun, atawa
ti guru ka muridna.

5) LAGAM SENTIMENTIL
Lagam sentimentil nyaeta gaya biantara anu eusina ngajen atawa meunteun kana
kaunggulan atawa kahengkeran hiji hal. Bisa oge eusina teh ngeunaan kabungah atawa
kasedih. Biantara dina kagiatan hajatan atawa kapapaténan bisa diasupkeun kana
wanda biantara sentimentil.

6) LAGAM TÉATER
Lagam téater nyaeta gaya biantara kalayan make pasemon jeung lentong anu
diluyukeun kana eusi biantara. Biasana djigunakeun ku artis jeung aktor dina kagiatan
pagelaran drama.

You might also like