You are on page 1of 1

ULEMA

Manonjaya, 29 Juli 2022

Kahatur,

N Bapa/Ibu/Sdrk…………………………...
Di
Tempat

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Puji sinareng syukur mangga urang panjatkeun kahadirat Allah SWT kanggo rahmat sinareng
hidayah-Na nu parantos dipasihkeun ka urang sadaya, mugia urang sadaya salawasna aya dina
kaayaan séhat wal’afiat dina ngalakukeun sagala kagiatan sadidinten.

Sinareng nyuhunkeun sareng ridho ka Allah SWT, simkuring sakeluargi gaduh maksad ngulem
Bapa/Saudara tina raraga ngintunan do’a 40 dinten pupusna almarhum. “ TINI SUMARTINI
(DEDE)” Nu insya Allah badé dilaksanaken dina :

Dinten  : Ahad
Kaping  : 31 Juli 2022
Tabuh : 16.00 WIB (Ba’da Asyar)
Tempat  : Bumi Bpk. Eben (Alm)
Jalan Pasar Kaler No. 229 Manonjaya
Acara  : Do’a Yasin sareng Tahlil

Rupina cekap sakitu uleman anu tiasa simkuring dugikeun, kahampangan sareng kaikhlasan
lalampah bapa/saudara kanggo nungkulan ka uleman ieu, simkuring ucapkeun rewu hatur
nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

You might also like