You are on page 1of 5

PEMERINTAH KOTA BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SEKOLAH DASAR NEGERI 249 ASTANAANYAR
Jalan Liogenteng No. 27 Telp. 022-5228386 Bandung 40242
Email: sdn.astanaanyar@gmail.com

LEMBAR SOAL PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)


TAHUN PELAJARAN 2021 - 2022

Nama : No Absen :
Mata Pelajaran : Mulok Bahasa Sunda Hari/Tanggal :
Kelas : V (Lima) Waktu :
I. Cakraan (X) huruf A, B, C, atawa D dina jawaban nu bener!
Baca téks di handap pikeun ngajawab soal nomer 1-3!
Gogoréngan Ogé Henteu Goréng

Sanajan disebutkeun kadaharan leuwih hadé dipais, tapi lain hartina anu digoréng téh
salawasna goréng pikeun kaséhatan. Sakali-kali perlu ogé ngadahar kadaharan anu digoréng.
Kadaharan has Sunda anu digoréng ogé réa rupana, saperti comro, ciréng, batagor, bala-bala,
géhu, témpé goréng, jeung sajabana.
Bala-bala kaasup kadaharan anu tetep dipikalandep ti jaman ka jaman. Bahanna
ngagunakeun engkol, wortel, bawang daun anu digalokeun jeung adonan tarigu anu geus
ditinyuh jeung disamaraan. Sanggeus kitu, bala-bala siap digoréng. Biasana ukuranna
gumantung kana harga jualna. Nepi ka kiwari, bala-bala kaasup kadaharan Sunda anu murah
meriah tur dipikaresep ti mimiti ku budak nepi ka ku kolot.

1. Cara ngasakan bala-bala nyata ....


A. dipais
B. digoreng
C. dibeuleun
D. diseupan

2. Di handap lain bahan pikeun nyieun adonan bala-bala, ....


A. céngék
B. engkol
C. wortol
D. bawang daun

3. Bala-bala kaasup kadaharan anu tetep dipikalandep ti jaman ka jaman.


Kecap dipikalandep hartina ….
A. dipikameumeut
B. dipikagimir
C. dipikaserab
D. dipikasedep

4. Kadaharan has Sunda anu séhat bisa ditilik tina cara ….


A. ngasakanana
B. ngadaharna
C. meulina
D. ngajualna

Penilaian Akhir Tahun Kelas 5 2022 SD Negeri 249 Astanaanyar


5. Kadaharan anu dipais sasarina dibungkus ku ….
A. daun kalapa
B. daun taleus
C. daun cau
D. daun pulus

6. Kadaharan has Sunda anu séhat ngalantarankeun ….


A. awak gering
B. awak séhat
C. awak lintuh
D. awak bayuhyuh

7. Dina kadaharan has Sunda, leunca sok diasakan jadi ….


A. ulukutek leunca
B. tumis leunca
C. bubuy leunca
D. beuleum leunca

8. Di handap ieu mangrupa conto kalimah panyeluk anu merenah, nyaéta ….


A. Témpé dijieunna tina kacang kedelé.
B. Sabarahaan pisang téh, Mang?
C. Dimas, Aa pangmésérkeun bala-bala ka warung!
D. Pecel lélé téh di mana meulina?

9. ____ nu meunang hadiah kulkas teh, Ambu?


Kecap pananya nu bener pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaéta ....
A. Di mana
B. Kunaon
C. Iraha
D. Saha

10. Adi ______ ari manéh bet ceurik?


A. Di mana
B. Kunaon
C. Iraha
D. Saha

11. Ujang jeung lanceukna rek nguseup di Situ Bagendit. Kalimah nu saluyu jeung bener
ejahanana nyaéta ....
A. Ujang jeung lanceukna rek nguseup di Situ Bagendit
B. Ujang jeung lanceukna rek ngusep di situ bagendit
C. ujang jeung lanceukna rek nguseup di situ Bagendit
D. ujang jeung Lanceukna rek nguseup di Situ bagendit

12. Maén bal mah sa-timna téh aya _______ urang. Beda jeung Voli, ukur genep urang.
Kecap bilangan nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
A. genep
B. tujuh
C. sabelas
D. dua belas

13. Susi mah budakna bodo aléwoh.


Bodo aléwoh dina éta kalimah hartina nyaéta ....

2
Penilaian Akhir Tahun Kelas 5 2022 SD Negeri 249 Astanaanyar
A. daékan ngabaturan
B. daék tatanya ka nu leuwih nyaho
C. teu daék mikir
D. teu daék ngaku

14. Mirna, Ibu panggaleuhkeun minyak goreng. Meuli gula mah sakilo tapi minyak goréng mah
anu ....
A. salosin
B. sagros
C. saléter
D. sa ons

15. Ari sakodi eusina ....


A. sapuluh
B. dua belas
C. dua puluh
D. dua puluh opat

16. Lantaran hanaang Udin langsung wéh _____ nginum bangun nikmat pisan.
Kecap panganteur nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ….
A. am
B. jig
C. regot
D. gubrag

17. Gedebut Adrian _____ tina sapedaha.


Kecap pagawéan nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ….
A. gubrag
B. labuh
C. muntang
D. naék

18. Lamun urang nyieun surat keur ka babaturan kaasupna kana jenis surat ....
A. dines
B. niaga
C. pribadi
D. pos

19. Baca sempalan carpon di handap pikeun ngajawab soal nomer 19-20!
….
Wanci sareupna, Déwi kakara ngabales SMS. Tapi henteu nanaon, da geuning jawabanana
matak reureug. Tapi, kahariwang mah tetep teu ngurangan, hayang geura-geura nepi ka
Masawah. Lini jeung tsunami di sabudeureun Pangandaran, anu ngajurung kuring pikeun miang
ka Pangandaran, lembur matuhna Déwi. Mangkaning imah Déwi téh henteu pati jauh ti basisir.
Rupaning boa-boa ngalimpudan hate, sanajan rada kaubaran ku SMS anu kakara katarima.

Lokasi kajadian alam anu dicaritakeun dina éta carpon nyaéta ….


A. Pelabuhan Ratu
B. Pangandaran
C. Pangalengan
D. Parangtritis

20. Kajadian alam anu dicaritakan dina éta carpon nyaéta ….


A. angin puyuh
3
Penilaian Akhir Tahun Kelas 5 2022 SD Negeri 249 Astanaanyar
B. gunung bitu
C. caah
D. lini

21. Pakéan adat Sunda anu sok dipaké ku lalaki di antarana ….


A. Pantalon
B. Kabaya
C. pangsi
D. lurik

22. Anu kaasup kecap kaayaan nyaéta ….


A. kaulinan
B. lumpat
C. diajar
D. alus

23. Cai ngamalir ti ______ ka hilir.


A. wétan
B. lebak
C. girang
D. landeuh

24. Tempat kaluarna cinyusu disebutna ….


A. gedé hulu
B. hulu angen
C. parahulu
D. hulu cai

25. Sajaba ti dibaca, maca sajak perlu bari ….


A. dipoto
B. dilenyepan
C. maké gaya
D. ngahariring

26. Di sawah, patani téh melak ….


A. Jagong
B. Sampeu
C. Engkol
D. Paré

27. Dina danget ieu mah abdi teu tiasa ka bumi ibu.
Kecap danget hartina ........
A. surat
B. waktu
C. tulisan
D. banget

28. Ita mah kacida peditna, matak manehna mah disebut __________
Gaya basa lalandian nu saluyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....
A. Si cap Jahe
B. Si Jangkung
C. Si Arjuna
D. Si kerdil

4
Penilaian Akhir Tahun Kelas 5 2022 SD Negeri 249 Astanaanyar
29. Jang, omat ari jadi jalma mah ulah sok __________, bisi dipikangéwa!
Babasan nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta ….
A. atah anjang
B. kurung batok
C. amis budi
D. gedé hulu

30. Kalimah di handap nu ngandung babasan urang Sunda nyaéta ….


A. Kuring mah kajeun disebut kurung batok tibatan gaul jeung nu teu pararuguh mah.
B. Kanyaah kolot mah moal bisa digantian ku naon waé.
C. Jalma nu tara silaturahmi mah sok pareumeun obor.
D. Bapa nuju calik dina korsi di tepas.

II. Eusian titik-titik di handap!


31. Karak ogé cengkat geus gék deui ....

32. Jig geura . . . kadinya ulah cicing wae.

33. Budak téh teu lila ogé reup . . . meni tibra.

34. Dongéng nu nyaritakeun asal-usul hiji tempat disebutna dongéng ....

35. Dina ngaran patukangan nu sok ngajaga pabeasan dinu kariaan atawa hajat disebut ….

36. Enggal tuang heula bilih kabujeng tiis, da abdi mah nembé atos ….

37. Cik, pangnyandakkeun buku basa Sunda di luhur méja!


Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ….

38. Neng Tuti mah keur geulis daékan deuih.


Babasan pikeun kalimah di luhur nyaéta . . . birit.

39. Fabel nyaéta dongéng nu nyaritakeun kahirupan ….

40. Kecap momobilan, kukudaan, sasalaman, mangrupa conto kecap rajekan ….

5
Penilaian Akhir Tahun Kelas 5 2022 SD Negeri 249 Astanaanyar

You might also like