You are on page 1of 2

NAMA : Adelia Rara Agustin

KELAS : XI MIPA 4

Nanjeurkeun Basa jeung Budaya Sunda

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Puji sareng syukur ti payun urang haturkeun ka hadirat Allah SWT. Anu parantos
maparin nikmatna ka urang sadayana, dugi ka tiasa urang ngariung dina tempat ieu
ngajian silaturahim. Solawat sareng salam mangga urang panjatkeun ka jungjunan
alam nabi panungtung anu parantos masihan cahya kaimanan ka para umatna, nyaeta
nabi panutan urang sadaya, habibana wanabiyana nabi Muhammad SAW.

Para hadirin anu ku Abdi dipikahormat, dina kasempatan ieu Abdi bade
ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya
bahasa sunda dikalangan remaja atawa budak ngora dijawa barat”. Nanging sateuacan
simabdi ngadugikeun ieu biantara, Abdi bade nyuhunkeun heula hapunten bilih engkina
aya cariosan ti Abdi anu mungkin kirang saluyu sareng harepan urang sadayana.

Para wargi anu ku Abdi di pikahormat, sakumaha anu kauninga ku urang


sadaya, dijaman sapertos ayeuna, dimana loba rupa-rupa budaya asing anu datangna
tiluar nu asup ka lingkungan masyarakat urang, ulah nyampe ngajadikeun budaya
sunda jadi semah di lemburna sorangan nyaeta di Jawa Barat.

Ku kituna urang sadayana utamina nu aya dijawa barat kanggo tiasa terus
ngalestarikeun budaya sunda khususna bahasa sundana. Urang kedah saluyu pikeun
mikadeudeuh kana budaya sunda, guyub akur sauyunan, ngahiji sapamadegan,
pikeun ngamumule budaya bahasa sunda. Tujuana tangtu wae supardos ngahontal hiji
tujuan, supardos budaya sunda teh ulah nyampe leungit, nah ku ie riungan mudah-
mudahan tiasa ngingetan urang sadaya pikeun nambah mikareseup kana budaya
sorangan numana ayena mulai dipopoho nyaeta kana bahasa sundana.

Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana.
Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di
wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an. Tarling
pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka
acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap
tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh
dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling
dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal
gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina
globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu
kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina
kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian
anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun
urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.

Janten eta pandangan teh kacida pisan salahna tur kudu dilelempeng ku para
seniman, pamarentah, tur masarakat urang sunda sorangan. Nah, para hadirin
hormateun simabdi mugia basa jeung budaya sunda titinggal karuhun urang teh, tiasa
Sirungan deui, tandang makalangan, nigelan jaman.

Sakitu wae ti sim kuring, urang cekapkeun biantarana. Haturnuhun ka sadaya


hadirin anu atos nyempetkeun waktosna kanggo ngaregepkeun biantara ti kuring,
hapunten bilih aya kalepatan.

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

You might also like