You are on page 1of 1

Assalamualaikum wr.

wb

Kalayan nyebat asma ning Allah, nu maha heman tur nu maha asih, dina mangsa langit bersih, lenglang,
angina nebak na tutugan rasa kaheman, kiwari wanci geus jadi saksi, mangsa jadi tunggara, nya dina
wanci iyeu pisan acara adat paturay tineung jeung seren siswa baris dikawitan ku acara adat sunda.

Heheheh….. sampurasun, sampurasun, sampurasun, kumpul batur kumpul , hehehehhe hohoho (batuk)
mangkelana cu… ulah gurung gusuh ahhhh aki the kapapancenan, pikeun kelas 9, rehna aranjeun rek
ninggalkeun gentra winaya pendidikan sangkan bias neruskeun sakola kanu leuwih luhur. Malar hidep
sarerea aya dina mulus rahayu berkah slamet sadaya, urang doakeun ku urg sarerea, muga muga
salilana aya dina rahmat Allaah Aamiin.

Cu….., ke, ke keke, jep.

Jarempe heula, aki arek jiad

Duá menekung ka yang agung

Rajah kidung

Anu sifat rohman rohim

Rohman anu sifat wales

Rohim anu sifat asih

Nu ngawasa bumi alam

Nyangking langit sapangesi

Dina mangsa akhir taun

Hidep bakal ngalih wanci

Ninggalkeun iyeu sakola

Nyuprih elmu nu sajati

Gesan tandang makalangan

Mugi aya rahmat gusti

Hehehehhe kitu cu,,, prak geura sayaga ayeuna mah. Pinilih baris diangkir papasrahan dek kasorang. Yap
.. hiyap kadieu anaking jungjungan ati, heureut bae mikadeudeuh anaking di anti anti. Yu ah… para
primado. Para gulang gulang sareng para dayang urang lajengkeun deui.

You might also like