You are on page 1of 4

PENILAIAN AKHIR TAHUN SD/MI

TAHUN PELAJARAN 2019 /2020

Kelas : V (Lima) Hari, Tanggal : Selasa, 17 September 2019


Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : 09.30 – 11.00

I. Tandaan ku cakra ( x ) dina aksara A , B , C atawa D di hareupeun jawaban nu bener !

1. Gambar di gigir mangrupa kaulinan sunda nu biasa di sebut . . . .


A. Congklak
B. Jajangkungan
C. Cingciripit
D. Sondah

Dina kawih cingciripit anu kacapit téh nyaéta . . . .


A. Curuk
B. Leungeun
C. Tulang bajing
D. Pa dalang nu mawa wayang

2. Congklak téh salah sahiji kaulinan sunda nu pakakas na ngagunakeun . . . .


A. talawéngkar
B. Awi panjang
C. Bola békel
D. Kai nu luhurna logak jeung kewuk

3. Dina kaulinan congklak unggal logak nu aya dina kai kudu di eusian ku . . . . kewuk
A. 7
B. 8
C. 9
D. 10

4. Dina kaulinan pérépét jéngkol suku téh kudu silih . . . . jeung suku babaturan
A. Tajong
B. Kait
C. Godér
D. Toél

5. Kaulinan nu bisa di lakukeun ku sorangan nyaéta . . . .


A. Engklé
B. Pérépét jéngkol
C. Oray – orayan
D. Jajangkungan

6. “Asih jeung Éma keur maén congklak “


Kalimah di luhur kaasup kana kalimah . . . .
A. Aktif
B. Pasif
C. Négatif
D. Positif
7. Dina kaulinan éngklé kudu ngagunakeun talawéngkar. Talawéngkar hartina . . . .
A. Bal leurik tina karét
B. Awi meunang motongan
C. Karet panjang nu di untun
D. Sesemplékan barang garabah samisal kenténg

8. Héi barudak kudu mikir ti leuleutik


Manéh kahutangan,
Ku kolot ti barang lahir,
Nepi ka ayeuna pisan.
Kudu hormat ka sepuh ka kulawargi
Ulah lalawora,
Lobakeun silaturahmi,
Ka batur reujeung baraya.

Pupuh di luhur kaasup kana pupuh . . . .


A. Mijil
B. Balakbak
C. Maskumambang
D. Hormat ka kolot

9. Pupuh dina no 8 téh . . . . urang sangkan hormat ka ibu bapa


A. Nyarékan
B. Mépélingan
C. Ngageuingkeun
D. Nyindiran

10. Wangun karangan nu nyritakeun lumangsungna hiji kajadian kalawan ngaruntuy, disebut. . . .
A. Déskripsi
B. Narasi
C. Arguméntasi
D. Asosiasi

11. “Di bumi Ika mah ayeuna téh nuju bingah margi badé sukuran, ari di kulawarga almarhum Pa
Tatang nuju sedih sabab dikantun maot”

Dina kalimah di luhur aya kecap bungah jeung sedih. Bungah jeung sedih kaasup kana sifat . . . .
A. Antonim
B. Sinonim
C. Pantomim
D. Akronim

12. Antonim téh ngandung harti . . . .


A. Gabungan kata
B. Kecap saharti
C. Lawan kata
D. Singkatan

13. Antonim tina kecap anyar nyaéta . . . .


A. Lila
B. Hebeul
C. Butut
D. Alus
14. ……………………………………………?
Kaayaan kulawargi Pa Tatang nuju sedih.
Kalimah pananya anu cocok jeung kalimah jawaban di handap nyaéta . . . .
A. Naon nu aya di imah Pa Tatang?
B. Kamana kulawargi Pa Tatang?
C. Kunaon kulawarga Pa Tatang téh?
D. Kumaha kaayaan kulawarga Pa Tatang?

15. Nu teu asup kana kecap pananya nyaéta . . . .


A. Iraha
B. Mana
C. Kumaha
D. Pek jieun

II. Eusian titik – titik di handap ku jawaban nu merenah !


16. Cingciripit tulang bajing kacapit. Kacapit ku . . . .
17. Kaulinan cingciripit cukup di ulinkeun ku tiluan atawa opatan tur carana gampang. Salasaurang
namprakeun leungeun, ari nu séjénna . . . . kana dampal leungeun nu ditamprakeun.
18. Pakakas nu di gunakeun dina kaulinan digigir nyaéta . . . .

19. Disebut kaulinan congklak téh lantaran pakakas nu

Dipakéna congklak. Ari congklak dijieunna tina . . . .

20. Tuluykeun kawih di handap!

Oray – orayan luar leor ka leuwi


entong ka leuwi di leuwi . . . .
21. Leuwi hartina . . . .

Baca potongan téks narasi ngenaan kahirupan di handap ieu pikeun ngajawab soal no 22 -24!

Bungah Jeung Sedih


Poé minggu isuk – isuk, Asih keur siap – siap rék indit ka bumi Ika. Poé éta Ika rék
ngayakeun sukuran milangkala. Sapatu anyar geus dikaluarkeun tina dus sarta geus diberesihan
mani herang ngagenclang. Warnana kayas make pita nu herang nu gugurilapan mun katojo ku
cahaya, éstu alus pisan. Asih keur jongjon nyisiran, waktu aya nu keketrok kana panto kamar.
Barang panto di buka the kasampak A Ganda ngajéga hareupeun panto kamar. Bapa sareng ibu
nembé mulih olahraga.
“eh geuning ganda, pan cenah moal mulang?” saur bapa
“muhun tadina mah, mung aya SMS tadi weungi ti pa pardi saran Pa Yayan ngantunkeun”
jawab Ganda.
“Pami diémut mah asa lalawanan nya pa, di bumi ika mah ayeunan téh nuju bungah margi badé
sukuran, ari kulawargi Pa yayan nuju sedih dikantun maot”
Sabada narik napa panjang Bapa nyarios,”puguh kitu ari hirup. Bagja, pati jeung cilaka anging
alloh nu uninga.”

22. Asih téh geus nyiapkeun sapatu anyar pikeun indit ka acara . . . .
23. A ganda ngadadak mulang ku sabab . . . .
24. Sabada narik napas panjang, Bapa nyarios . . . .
25. Karangan di luhur kaasup karangan narasi. Nu di maksud karangan narasi téh nyaéta . . . .

III. Jawab pananya di handap luyu jeung parentahna !

26. Jieun kalimah pasif nu aya kaitan na jeung kaulinan!


27. Tuliskeun kawih kaulinan pérépét jéngkol!

Baca pupuh di handap pikeun ngajawab soal no 28 – 30!

Sobat dalit
Urang kudu ngabogaan sobat dalit,
Keur silih tulungan
Silih titipkeun nya diri
Ngarah hirup henteu susah
Sobat dalit bisa sarua jeung wargi
Bisa duduluran
Silih bantu silih aping
Waktu susah reujeung senang

28. Naon nu dicaritakeun ku éta pupuh téh?


29. Kudu kumaha jadi jalma téh?
30. Naha kudu silih titipkeun nya diri?

You might also like