You are on page 1of 2

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Wr. Wb. “Wilujeung enjing, Salam sejahtera kanggo urang sadaya.”

Kalawan ngedalkeun syukur, Alhamdulillah, sami – sami hayu urang ucapkeun syukur ka─asih ka
pangerang anu suci tur maha kawasa, margi kalawan rahmat−Na urang sadaya tiasa patepang di ieu,
tempat dina kaayaan sehat wal’afiat (Amin). Luhur wasta kulawargi Uzumaki Gracia, simkuring
ngucapkeun hatur nuhun pisan ka saderek, rerencangan, sadaya anu atos cios ikhlas nyempatkeun
sumping kana acara Patepang Taun pun anak Gracia Karina Darmawan, anu ku simkuring pikanyaah.

Mugi – mugi saniskanten hiji hal anu atos urang usahakan ieu, tiasa meunang Pangestu sarta Pahala ti
Allah Swt. Amin yaa robbal ‘aalamin…

Saderek anu ku simkuring muliakeun, kanggo ngamangpaatkeun waktos, manga urang geura wae
bacakeun susunan acara Patepang Taun dina siang ieu. Susunan acarana nyaeta :

1. Bubuka

2. Sambutan – sambutan

3. Do’a

4. Nganyanyikeun lagu patepang taun

5. Niup lilin

6. Potong keuh sareng sakantenan nyanggakeun kue ka pun Bapa pun Ibu sareng tamu

7. Pamapag ti wawakil rerencangan Neng Gracia

Sakitu wae susunan acara Tepang Taun dina siang ieu, sateuacan urang neruskeun kana acara saterusna,
mangga urang buka tiheula acara ieu kanggo maca basmallah. (bareng bareng)
BISMILLAHIRRAHMANIRRAHIM

*(Membaca: Basmallah, dan dilanjutkan dengan memulai acara: Bubuka, Sambutan−sambuatan, Pesan
dan Kesan, Do’a, Menyanyikan lagu ulang tahun, Tiup lilin, Potong kue, Serta ramah tama).

─────────────────────────────────────────────────────────────────────────────────────

Acara anu salajengna sambutan ti pun Bapa Neng Gracia, kanggo pun Bapa Neng Gracia mangga
dihaturanan.

Hatur nuhun kanggo pun Bapa Neng Gracia anu parantos ngadugikeun sambutan. Acara anu salajengna
nyaeta Do’a anu bade didugikeun ku….. Kanggo ……. mangga dihaturanan.
Hatur nuhun kanggo …… anu parantos ngadugikeun Do’a kanggo Neng Gracia. Acara anu salajengna
mangga urang sadaya nyanyi lagu tepang taun.

Hatur nuhun ka sadayana anu parantos nyanyikeun lagu tepang taun. Acara anu salajengna niup lilin,
motong kueh, sareng sakantenan nyanggakeun kueh ulang taun ka pun Bapu pun Ibu Neng Gracia
sareng para tamu.

Hatur nuhun kanggo Neng Gracia anu parantos nyanggakeun kueh ka pun Bapa pun Ibu Neng Gracia
sareng para tamu. Acara anu salajengna bade didugikeun cariosan, pamapag ti wawakil rerencangan
sakolah Neng Gracia. Kanggo wawalil rerencangan sakola Neng Gracia mangga dihaturanan.

Hatur nuhun kanggo wawakil rerencangan Neng Gracia anu parantos ngadugikeun pamapag.

Hatur nuhun mugi─mugi acara Patepang Taun ieu, tiasa lancer sarta masihan mangpaat kanggo urang
sadayana, utamana kanggo pun anak Gracia Karina Darmawan. Ku kituna mugi─mugi panjang umur,
sarta seueur rezeki, amin yaa robbal ‘alamin.

Sakitu wae ti simkuring, nu kirang langkung menta hapunteun bilih aya kalepatan sarta kakirangan nana,
simkuring neda sihapunten ka para wargi sadaya dina mandu acara Patepang Taun ieu. Mudah mudahan
Allah SWT masihan kaberkahan kana sadaya permaksadan ieu. Amin ya robbal ‘alamin…

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

You might also like