You are on page 1of 3

PUPUH MAGATRU

Kuliner Tasik

Ngahariring nembangkeun pupuh magatru


Nataan kuliner Tasik
Pada terang tos kamasyhur
Katuangan nu tradisi
Raosna mah moal kawon
Singaparna moal bireuk kupat tahu
Goreng huripan aralit
Lauk gurame mah puguh
Nilem endogan di pais
Tos kajojo pada moro

Sekar tandak:
Beuleum ketan Sukaraja pelem hipu
Ti luarna tutung garing
Dodol ladu ti Salawu
Raginang opak jeung wajit
Oleh-oleh nu tos sohor
Langkung seueur kaolahan tina cau
Digoreng ipis gararing
Disale dipentrang tutung
Cakial amis tur legit
Sami sareng dodol geboy
Ngahariring nembangkeun pupuh magatru
Nataan kuliner Tasik
Pada terang tos kamasyhur
Katuangan nu tradisi
Raosna mah moal kawon
Singaparna moal bireuk kupat tahu
Goreng huripan aralit
Lauk gurame mah puguh
Nilem endogan di pais
Tos kajojo pada moro
PUPUH LAMBANG
Diajar
Lambang rek ngajak diajar
Pikeun nu leukeun jeung sabar
Ngalawan tunduh jeung lapar
Hayang sing apal katalar
Calakan pinter motekar
Tangtuna ladang diajar
Nu beunghar hartana ngampar
Tangtuna ladang ihtiar
Sekar tandak:
Lambang rek ngajak diajar
Pikeun nu leukeun jeung sabar
Ngalawan tunduh jeung lapar
Hayang sing apal katalar
Calakan pinter motekar
Tangtuna ladang diajar
Nu beunghar hartana ngampar
Tangtuna ladang ihtiar
Lambang rek ngajak diajar
Pikeun nu leukeun jeung sabar
Ngalawan tunduh jeung lapar
Hayang sing apal katalar
Calakan pinter motekar
Tangtuna ladang diajar
Nu beunghar hartana ngampar
Tangtuna ladang ihtiar
PUPUH LAMBANG
Ulin ka Kampung Naga
Rek ulin ka Kampung Naga
Nu jadi tempat wisata
Jeung babaturan sakola
Bapa Guru nu ngapingna
Abdi mah karek harita
Ngalaman ulin ka dinya
Horeng teh resep kacida
Matak betah cicing lila
Sekar tandak:
Kampung asli ti baheula
Henteu robah diropea
Katambah alamna endah
Pangeusina saromeah
Calakan pinter motekar
Tangtuna ladang diajar
Nu beunghar hartana ngampar
Tangtuna ladang ihtiar
Lambang rek ngajak diajar
Pikeun nu leukeun jeung sabar
Ngalawan tunduh jeung lapar
Hayang sing apal katalar
Calakan pinter motekar
Tangtuna ladang diajar
Nu beunghar hartana ngampar
Tangtuna ladang ihtiar

You might also like