You are on page 1of 4

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PAS)

TINGKAT SEKOLAH DASAR


TAHUN PELAJARAN 2019/2020
Muatan Pelajaran : Basa Sunda Nama :
Kelas : IV (Empat) Skor/Nilai Paraf
Waktu/Tanggal :
Waktu/Jam Ke : 90 Menit/1 (Satu) Guru Orang Tua

Baca ku hidep!

Tukang Mulung

Kamajuan bidang têhnologi têh makin moderen katut bidang ‘Minuman Kemasan’
atawa cai mineral nu make kemasan tinu palastik. Tinggal meuli, caina inum. Tah, ari
wadahna? Nya dipiceun waê kana wadah runtah. Jadi runtah.
Geura pêk ilikan di sisi jalan, terminal, setasion, atawa di tempat nu aya raramêan,
biasana sok loba runtah botol jeung gelas pelastik urut cai mineral. Matak sareukseuk,
balatak, campur jeung runtah liana.
Untung têh sok aya tukang mulung. Pelastik urut wadah cai mineral têh sok
diparulungan pikeun dijual ka bandarna. Tangtu waê pikeun manêhna mah êta jadi sumber
kahirupan. Sanajan sok aya nu nganggap hina. Padahal saenyana teu kitu. Ari pagawêan mah
kabêh gê mulya, asal dipilampah dina jalan bener, tur henteu ngarugikeun batur. Tukang
mulung anu hirupna korêh-korêh cok, ku urang kudu di ajênan, sabab aya mangpaatna pikeun
kahuripan balarêa.

Eusian pananya dihandap ku luyu jeung eusi bacaan diluhur!


1. Kumaha akibatna mun urang miceun wadah urut cai mineral ka jalan?
2. Naha urang nyebut untung ku ayana tukang mulung?
3. Naon sababna barang meunang mulung têh bisa dipakê sumber kahirupan?
4. Naon sababna pagawean tukang mulung ulah dianggap hina?
5. Anu kumaha ari pagawêan anu disebut mulya têh?
Pilih jawaban anu merenah ku cara nyakra (x) A,B,C,atawa D!
6. Kalimah pamênta nu sopan ditujukeun ka babaturan aya dina kalimah …
A. Uca, aing mênta hiji permên têh!
B. Apud kadieu sakedeng uing minjêm duit!
C. Cêp punten, manawi gaduh kêneh patlot, abdi nyuhunkeun hiji!
D. Ira, saenggeus balik ti Cica, ka imah uing heula nya!
7. Mira mênta dianteur ka sakola ku Aa Budi, lanceukna.
Kalimah pamenta anu sopan jeung cocok pikeun kalimah di luhur nyaêta …
A. Bud, anter abdi ka sakola!
B. Bud, anter atuh ka sakola!
C. A, abdi hoyong dianteur uih ka sakola!
D. A, abdi hiyoing dianteur ka sakola!
Baca kakawihan di handap, prak eusian no 8 jeung 9!
Nabi urang sarêrêa
Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurês nya bangsana
Ibuna Siti Aminah
Ramana Sayid Abdullah
Dibabarkeunna di Mekah
Wengi senêtaun taun Gajah

8. Jenengan ibuna Nabi Muhammad têh nyaêta …


A. Siti Aminah B. Siti Asiah C. Siti Aisyah D. Siti Khodijah
9. Kanjeng Nabi dibabarkeunna taun …
A. monyet B. singa C. gajah D. oray

Bacaan di handap eusian kanu nomer 10 jeung 11!

Ibuna Nina : “Hallo assalamu’alaikum, wilujeng sontên. Ieu sareng saha?”


Ai : “Wa’alaikumsalam. Dupi ieu bumi na Nina?”
Ibuna Nina : “Muhun, sarêng saha nya?”
Ai : “Abdi Ai, Bu. Rêrêncangan sakola Nina. Dupi Nina nuju aya?”
Ibuna Nina : “Ieu Ai? Kê antosan sakedap, disauran heula Nina na.”

10. Obrolan di luhur têh dinu….


A. telepon B. surat C. radio D. TV
11. Ngomong dina telepon alusna ngagunakeun kalimah nu …
A. panjang jeung lengkap C. panjang jeung jelas
B. singket, jelas, jeung sopan D. jelas jeung lengkap
12. Pa Asep Sunandar têh urang sunda yên dalang anu luar biasa. Disebatna têh dalang kahot,
pangalamanana tos ngadalang di daerah mana-mana.
Arti kecap kahot nyaêta …
A. anyar B. kolot C. hebat D. sohor
13. Sholat babarengan di masjid têh disebatna nyaeta sholat …
A. berjamaah B. sorangan C. wajib D. sholat di masjid
14. Kalimah anu cocok pikeun nyieun stiker tema hêmat listrik nyaêta …
A. piceun runtah dinu tempatna!
B. beurang-beurang lampu kudu di pareuman!
C. buka sandal di masjid mah!
D. Hurungkeun lampu beurang-beurang!
15. Curuk Edo getihan lantaran dibintih ku …
A. manuk B. bebek C. hayam D. soang
16. Gunana ênêrgi têh pikeun …
A. tanaga B. obat C. lampu D. mesin
17. Nepikeun kritikan kudu make basa …
A. gaul B. anu kaharti C. sopan jeung sikep hadê D. anu rendah
18. “Hapunten kalangkungan pak!” Saur Yana ka aki-aki nu bareng leumpang.
Kalimah pujian nu pantes kanggê Yana nyaêta …
A. sikep Yana tos lumrah.
B. hade pari polah Yana, kudu ditiru ku urang!
C. sikep Yana kaleuleuwihan
D. hayang kapuji
19. Ngagunakeun listrik têh kudu …
A. sapuasna B. saperluna C. boros D. pareuman
20. Manuk nu bisa diarah endogna nyaêta manuk …
A. japati B. soang C. puyuh D. hayam
21. Sarati nyaêta ahli nu sok ngalilindeuk sato …
A. gajah B. monyet C. maung D. oray
22. Ari tugasna Masinis têh nyaêta nu ngajalankeun …
A. Angkot B. kapal C. kareta api D. sado
23. Anu teu ka asup kecap nu make rarangkên hareup ka – nyaêta …
A. karasa B. kahayang C. kasampeur D. karunya
24. Nu kaasup kecap rajêkan dwirêka nyaêta …
A. Bulak-balik B. korsi-korsi C. sasapu D. sapeupeuting
25. Bari ngadagoan ustad Rahmat solat sunat, barudak ngapalkeun pupujian. Ustad nyaêta …
A. guru ngaji B. guru kelas C. imam D. ketua DKM
26. …. heula samemeh solat mah!
Kecap keur ngalengkeupan kalimah diluhur nyaêta …
A. mandi B. wudu C. dibaju D. ngosok gigi
27. Perhatikeun gambarna!
Nu dimaksud ngeunaan gambar poster têh nyaêta …
A. ngahemat listrik
B. ngahemat bbm
C. ngahemat cai
D. ngahemat energi

28. Sato nu biasana hirupna di sawah nyaeta …


A. hayam B. soang C. ucing D. manuk piit
29. Oray mah sok macok, lamun reungit sok …
A. nyoco B. ngegel C. matuk D. nyeureud
30. Nu sok ngomean motor atawa mobil nyaêta pagawê …
A. montir B. tukang ojeg C. tukang sol D. supir

Cik eusian kalimah di handap sing bener!


31. Rêk dimana waê urang kudu hade ahlak.
Ahlak nyaêta …
32. Wina mobilna mogok Mobil mogok lantaran beak …
33. Emak, mênta artos kangge buku nya!
Mênta basa lemesna …
34. Teu dihaja cangkir têh ragrag kadupak. Prê waê …
35. Pagawean anu sok ngabelaan terdakwa di pengadilan nyaêta …

Pigawe sakumaha anu diparentahkeun!


36. Jieun kalimah nu make kecap “Sodakoh” !
37. “Guru Tanpa Tanda Jasa” naon hartina kalimah têh!
38. Coba jieun kalimah lamun hidep rêk menta buah ka tatangga!
39. Sebutkan pagawêan atawa profêsi nu dibidang jasa!
40. Tuliskeun minimal 1 paragraf pupujian!

You might also like