You are on page 1of 1

Paré kaanginan ngagupayan

Nutupan galengan ngahalangan


Ngaléngkah teu genah
Paré dina tincakeun
Disingraykeun, disuaykeun

Manuk ngabubuhan dibobodo


Intip lalaunan jeung cingogo
Sing iceus rancingeus
Tuh manuk urang boro
Leumpang dongko ngadodoho

Manuk téh ku awas hiber jauh


Kabur bari reuwas semu rusuh
Ngahuleng, ngajanteng
Ngalamun bisa hiber
Rék diincer, rék diuber

You might also like