You are on page 1of 5

Praktek Basa Sunda Kelas 7

 KD : Menelaah dan mengidentifikasi untuk memahami teks percakapan tentang


kehidupan sehari-hari berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan (KI-3)hari.
 Materi : Teks Percakapan
 Deskripsi : Siswa secara berpasangan (dua orang) untuk membaca dan mengekspresikan
percakapan bahasa sunda.
 Teks : Terlampir.
 Rubik penilaian : Terlampir.

Praktek Basa Sunda kelas 8

 KD : Menelaah, mengidentifikasi, dan memahami wacana kampung adat


berdasarkan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan
 Materi : Teks Deskripsi.
 Deskripsi : Siswa membaca dan mengekspresikan teks deskripsi mengenai kampung adat
 Teks : Terlampir.
 Rubik Penilaian : Terlampir.

Prakterk Basa Sunda kelas 9

 KD : Menelaah, mengidentifikasi, dan memahami rumpaka Mengidentifikasi,


memahami, dan menganalisis teks pidato sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
 Materi : Pidato.
 Deskripsi : Siswa membaca dan mengekspresikan teks pidato.
 Teks : Terlampir.
 Rubik Penilaian : Terlampir.
Lampiran Teks Percakapan

Doni: Ja, ari covid 19 téh naon?

Jaja: Covid téh ngaran virus anyar, wancahan tina COrona VIrus Disease. Bijilna taun 2019, jadi wé
dingaranan covid-19.

Doni: Bahaya pisan éta téh?

Jaja: Nya bahaya, tatalépana téréh pisan.

Doni: Ngaliwatan naon tépana?

Jaja: Ceuk nu apal mah ngaliwatan droplét, éta geuning lamun ngomong aya nu mecrot. Matak kudu
maké masker ogé.

Doni: Jadi ku masker kahalangan nya?

Jaja: Enya.

Doni: Naha urang kudu ngajaga jarak jeung remen ngumbah leungeun maké sabun?

Jaja: Mun cicing na pajauh mah droplét ti batur téh moal nepi ka urang. Ari kudu remen ngumbah
leungeun mah pan leungeun téh sok cugap cagap, bisi aya virus nu kacagap bakal paéh ku ci sabun.

Doni: Oh, enya. Kaharti ari kitu mah. Paingan anu sarakola jadi daring.

Jaja: Enya. Éta téh salah sahiji cara pikeun megatkeun ranté tatalepana virus. Di sakola mah pan hésé
ngajaga jarak téh.

Doni: Enya, geus kaharti. Tapi naha ari nu daragang teu dicarék?

Jaja: Éta mah patalina jeung kabutuhan hirup. Lamun jelema eureun usaha, rék ti mana dalaharna?
Ayeuna lamun ngandelkeun bantuan ti pamaréntah, moal mahi da rahayat Indonésia téh réa pisan.

Doni: Oh, heueuh ogé nya.


Teks Deskripsi Bahasa Sunda

Kaendahan Sakola Abdi

Sakola abdi ngabogaan lingkungan anu bersih sarta endah, salian eta hawana sejuk lantaran sakola abdi
ayana ditempat anu jauh tina polusi sapertos jalan raya sarta pabrik.
Sakola abdi ngabogaan halaman parkir sarta lapangan bola basket anu lumayan ageung dipayunen
sakolaan. Disisina sakola abdi dipelakan ku sagala rupa macem tatangkalan anu tiasa nenangkeun hate
pikeun saha wae anu ningalina.
Sakola abdi kaasup salah sahiji sakola favorit di kota bogor, sakola abdi tos menang gelar akreditasi A.
Sakola abdi ngabogaan 46 rohang kelas, ubin sareng sadaya rohangan dina sakola abdi sadayana atos
nganggoan keramik, jadi hawana tiis komo deui lamun ti enjing mah.
Salian eta, sakola abdi ngabogaan hiji musholah ageung anu tiasa dianggoan solat ku guru sareng para
siswana. Lain saukur dianggo kagiatan sholat hungkul, nanging musholah di sakolaan abdi oge kadang
dianggo kagiatan sanlat lamun bulan ramadhan, sareng dijadikeun rohang praktek pikeun pelajaran
agama, sapertos praktek sholat, maca alqur’an sareng liana.

Warna saragam olahraga beureum jeung hideung mangrupakeun ciri khas ti acuk sakolaan abdi. Sajaba
ti eta, waktos lebet sareng istirahat anu kalangkung tereh mangrupakeun salah sahiji ka unikan ti
sakolaan abdi.
Teks Pidato Bahasa Sunda

Bismillahirrahmaanirrahii

َ ‫ َو َم ْن يُضْ لِلْ فَاَل هَا ِد‬،ُ‫ض َّل لَه‬


‫ي‬ ِ ‫ َم ْن يَ ْه ِد ِه هللاُ فَاَل ُم‬،‫ت َأ ْع َمالِنَا‬
ِ ‫ُور َأ ْنفُ ِسنَا َو ِم ْن َسيَِّئا‬
ِ ‫ َونَعُو ُذ بِاهللِ ِم ْن ُشر‬،ُ‫الـح ْم َد هّلِل ِ نَـحْ َم ُدهُ َونَ ْست َِع ْينُهُ َونَ ْستَ ْغفِ ُره‬
َ ‫إن‬ َّ
ُ‫َر ْيكَ لَهُ َوَأ ْشهَ ُد َأ َّن ُمـ َح َّمداً َع ْب ُدهُ َو َرسُوله‬ َّ َ َّ ‫َأ‬
ِ ‫ َو شهَ ُد ن ال ِإلهَ ِإال هللا َوحْ َدهُ اَل ش‬،ُ‫له‬.ْ ‫َأ‬ َ

‫َأ َّما بَ ْع ُد‬

Para Hadirin anu dipihormat,

Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah nu maha suci, Anu
parantos maparin keun ka urang sadaya sagala kanikmatan, nyaeta nikmat sehat, sareng anu leuwih
utami nikmat iman sareng Islam kanggo urang sadaya.

Sholawat sinareng salam hayu urang salam sami-sami panjatkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi
Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para shohanatna, ka para tabiin sareng tabiat tur dugi ka urang
sadaya salaku umatna.

Hadirin rahimakumullah,

Dina denget ieu, urang sadaya aya dina raraga mieling Maulid Nabi Muhammad SAW 1443 hijriyah
atawa tahun 2021 Masehi.

Mieling Maulid Nabi ulah ngan saukur jadi kagiatan rutin taunan, tapi anu leuwih penting urang sadaya
kudu bisa menang hikmah, pelajaran tur jadi bagian kanggo introspeksi diri.

Momentum Maulid Nabi kudu jadi cambuk supaya urang bisa inget yen manusa anu sampurna anu bisa
dijadikeun idola, tauladan atawa tuntunan teh saukur hiji, nyaeta Nabi Muhammad SAW.

Parentah kanggo ngajadikeun Rasulullah SAW panutan parantos dijelaskeun ku Alloh dina Al Quran surat
Al Ahzab ayat 21.

۟ ‫لَّقَ ْد َكانَ لَ ُك ْم فِى َرسُو ِل ٱهَّلل ِ ُأس َْوةٌ َح َسنَةٌ لِّمن َكانَ يَرْ ج‬
‫ُوا ٱهَّلل َ َو ْٱليَوْ َم ٱلْ َءا ِخ َر َو َذك ََر ٱهَّلل َ َكثِيرًا‬ َ

Arab-Latin: Laqad kāna lakum fī rasụlillāhi uswatun ḥasanatul limang kāna yarjullāha wal-yaumal-ākhira
wa żakarallāha kaṡīrā

Hartina: Saéstuna, aya dina Rosululloh panutan anu saé pikeun anjeun (nyaéta) pikeun jalma-jalma anu
ngarep-ngarep (rahmat) Allah sareng (datangna) Poé kiamat sareng seeur nyebat nami Allah. (Q.S Al
Ahzab 21).
Maka, di raraga mieling Maulid Nabi Muhammad SAW ayeuna urang kudu bisa ngajadikeun Rasulullah
SAW panutan.
Kusabab ngajadikeun Rasulullah panutan teh mangrupakeun jalan ibadah ka Allah, tur jadi hiji jalan
supaya urang bisa hirup bagja di dunia oge di akherat.
Hapunten tina sagala kalepatan, wabillah taufiq wal hidayah,
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

You might also like