You are on page 1of 3

YAYASAN LEMBAGA PENDIDIKAN IBAADURRAHMAN

SMK TERPADU IBAADURRAHMAN


TERAKREDITASI : A
Kampus YLPI Jl. KH.Acun Manshur Tegallega Kota Sukabumi 43169
Telp : (0266) 6247175 e-mail : smkti08@gmail.com

Soal Penilaian Tengah Semester Ganjil


Tahun Pelajaran 2022/2023

Nama Mata pelajaran : Bahasa Sunda


Kelas : X (Sepuluh)
Waktu : 60 Menit
Nama Siswa : ............................................
Komptensi Keahlian : ............................................

A. Pilih jawaban anu pang benerna !

Wacana pikeun no 1-3

BABAD SUMEDANG
Dina hiji waktu, Prabu Geusan Ulun nu kawéntar cerdas téh angkat ka Demak. Sauihna tolab élmu agama ti Demak.
Prabu Geusan Ulun teu langsung ka karajaan Sumedang larang, nanging sindang heula ka Cirebon, ngaluuhan
pangangki raja Cirebon. Maksad raja Cirebon mangkir Prabu Geusan Ulun seja ngaderes élmuning agama. Margi raja
Cirebon kataji ku kajembaran élmuning agama Prabu Geusan ulun.
Nalika prabu Geusan Ulun aya, di karajaan Cirebon, kaleresan patepang sareng permaisuri Raja Cirebon. Kalayan
parentah raja, permaisuri kedah ngawulaan prabu Geusan Ulun. Eta permaisuri téh teu kuhanteu bet aya pikir kadua
leutik ka prabu Geusan Ulun. Bakating ku kacida bogohna, éta permaisuri téh ngancam ka prabu Geusan Ulun.
Ningali galagat permaisuri kaya kitu téh teu pati diropéa mimitina mah. Dilayanan gé bakal moal pihadéeun, sarta
bakal ngadatangkeun bencana sarta aib karajaan. Ari permaisuri, ngarasa kapalayna diapilainkeun téh kalah ka malik
ngancam ka prabu Geusan ulun. Permaisuri rék nilasan pati dirina mun kapayna teu kabiruyungan.
1. Pamaksadan Raja Cirebon ngangkir Prabu Geusan Ulun téh nyaéta...
a. Sidang ka Cirebon c.Nepang permaisuri raja Cirebon e.Nyumponan pangulem raja Demak
b. Tolab élmu agama d.Ngaderes élmuning agama
2. Nalika kapalay permaisuri Raja Cirebon diapilainkeun ku Prabu Geusan Ulun, anjeuna milampah...
a. Ngancam badé nilasan pati Prabu Geusan Ulun d. Ngawulaan Prau Geusan Ulun
b. Ngancam badé nilasan pati dirina e. Nyebarkeun aib karajaan
c. Ngancam ka Prabu geusan Ulun
3. Nu teu kaasup kana latar tempat nu aya dina carita babad di luhur nyaeta...
a. Karajaan Demak c. Karajaan Siliwangi e. Karajaan Cirebon
b. Karajaan sumedang Larang d. Gerbang Karajaan Demak
4. Dongeng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan jeung tutuwuhan, disebut...
a. Farabél b, Fabél c. Legénda d. Mite e. Cerpén
5. Dongeng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, disebut...
a. Farabél b. Fabél c. Legénda d. Mite e. Cerpén
6. Dongeng anu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung sajarahna, disebut...
a. Farabél b. Fabél c. Legénda d. Mite e. Cerpén
7. Dongeng anu nyaritakeun mahluk ciptaan bangsaning jurig jeung siluman, disebut...
a. Farabél b. Fabél c. Legénda d. Mite e. Cerpén

Waktos anyaran kuring asup ka SMK kuring kemping di lapang deukeut pakampungan warga. Kabeneran
basa kakara datang ka lapang aya aleut-aleutan warga anu rek ngurebkeun mayit ka kuburan ngaliwat ka
lapang. Basa peuting kuring rek ka WC dianteur ku babaturan, kuring kacida ngagebegna waktu inget kajadian
beurang, jeung basa ngalieuk kana tatangkalan ningali nu ngabedega dina nu poek. Bakat ku ngarasa sieun,
kuring lumpat kana tenda dituturkeun ku babaturan nu nganteur kuring.

8. Pangalaman di luhur teh mangrupa conto pangalaman nu...


a. Pikaresepeun b. Pikaseurieun c. Pikasieuneun d. Pikasediheun e. Pikabungaheun
9. Dimana kajadian eta pangalaman teh...
a. Di apang deukeut Pakampungan Warga c. Di sakola e. Di imah
b. Di sawah d. di leuweung
10. Iraha waktos kajadian eta pangalaman teh...
a. Waktos SMP b. Waktos SMK c. Waktos SMA d. keur sakola e. Keur di imah
11. Kunaon dina eta pangalamanteh bet lumpat kana kemping...
a. Bakat ku ngarasa sieun c. Labuh ka sawah e. Ngarasa bungah
b. Panggih jeung jurig d. kababayan
12. Keur aya kajadian naon eta pangalaman teh...
a. Kémping b. Sakola c. Liburan d. Samen e. MOS
13. Kajadian anu geus kaalaman teh disebut...
a. Pangalaman b. Dongeng c, Pagueman d. Caritaan e. Cerpon
14. Tengetan ieu kalimmah !
“Bahwa sesuangguhnya kemerdekaan itu ialah hak segala bangsa”
Kalimah diluhur saumpama ditarjamahkeun kana basa sunda jadi...
a. Saéstuna éta kamerdékaan téh hak sakumna bangsa
b. Saenyana kamerdékaan téh hak sakumna bangsa
c. Saéstuna kamerdékaan téh hak sakumna bangsa
d. Ku kituna kamerdékaan téh hak sakabéh bangsa
e. Saenyana kamerdékaan téh hak sakabéh bangsa
15. Manuk titiran jeung nyiruan. ( pikeun nomer 2-4 )
Kacaturkeun di hiji leuweung.Poé keur meujeuhna morérét. Dangdaunan ogé lalayu, teu kuateun ku hawa
panas panonpoé nu sisinarieun harita mah kacida panasna. Kitu deui sasatoan, gawéna salasap-sulusup kana
rungkun, néangan tempat ngiuhan.
Teu jauh ti dinya aya nyiruan keur kalantang-kulinting néangan cai. Manéhna kacida ngarasa halabhabna,
sanggeus kukurilingan di jero leuweung ti isuk-isuk. Akhirna sakadang nyiruan téh manggih pancuran. Tuluy
baé dideukeutan’ arék nginum. Tapi karék gé eunteup, sakadang nyiruan téh tisorodot, terus ragrag kana cai.
“ Tulung...tulung!” Sakadang nyiruan jejeritan bari roroésan dina cai, ampir paéh. Kabeneran aya manuk
titiran keur ngiuhan dina dahan teu jauh ti dinya. Ngadéngé nu tulung-tulungan, geuwat titiran téh muru
datangna sora, rék nulungan. Enya baé, ku sakadang titiran katénjoeun nyiruan téh, geuwat metik dangdaunan,
tuluy cicing di luhurna. Bari rénghap ranjug sakadang nyiruan nganuhunkeun ka sakadang titiran nu geus
nyalametkeun nyawana.
Tina sempalan dongéng di luhur, bisa kapaluruh yén éta dongéng té ka asup kana wanda dongéng...
a. Fabél b. Parabél c. Sasakala d. Mite e. Sagé
16. Puseur sawangan(sudut pandang) dina éta dongéng diluhur nyaéta...
a. Palaku kahiji c. Palaku katilu e. Palaku kalima
b. Palaku Kadua d. Palaku kaopat
17. Dumasar kana sempalan dongéng diluhur, aya ajén(nilai) nu nyangkaruk di jerona nyaéta...
a. Ajén sosial lantaran manuk titiran nulungan nyiruan d. Ajén Kaagamaan
b. Ajén moral c. Ajén Politik e. Ajén Budaya
18. Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebut...
a. Carpon b. Dongéng c. Sketsa d. Biografi e. Fiksimini
19. Ieu dihandap anu henteu ka asup kana ciri-ciri dongéng nyaeta...
a. Sakabéh eusina bohong d. Ngandung unsur-unsur pamohalan
b. Teu jelas nu ngarangna (anonim) e. Awalna kagolong kana sartra lisan
c. Sumberna tatalépa sacara lisan
20. Lamun dipasing-pasing dongéng téh kabagi jadi babaraha bagian, salah sahijina nyaeta fabél anu eusi na
nyaritakeun...
a. Anu nyaritakeun sasatoan d. Anu nyaritakeun hiji kajadian
b. Anu nyaritakeun jalma biasa e. Nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal
c. Anu nyaritakeun pangalaman
Kolom Jabwaban

1. 2. 3. 4. 5. 6. 7. 8. 9. 10.

11. 12. 13. 14. 15. 16. 17. 18. 19. 20

B. Pilih pananya dihandap !


1. Naon ari nu di maksud dongéng téh?
2. Tuliskeun alur carita dongéng Sangkuriang kabeurangan nu ku hidep inget !
3. Sebutkeun struktur carita dina dongéng!
4. Tarjamahkeun ieu kalimah di handap kana basa sunda!
“Mengapa tak memberikan kabar terlebih dulu?” Aku memaksakan bertanya.
5. Tarjamahkeun ieu kalimah di handap kana bahasa Indonésia!
“Hayu urang babarengan sauyunan ngawangun kakuatan pikeun Indonésia anu adil”

You might also like