You are on page 1of 7

LAPORAN KAGIATAN BAHASA SUNDA

KADAHARAN HAS SUNDA


KATIMUS

Kelompok 3 (Tilu)
Disusun ku :
1. Pika
2. Alia
3. Rani
4. Dina Septiani
5. Lutfiah Mutmainah
6. Padlan
7. Hadi Hudaya
8. M. Maftuh Arifin

SMA NEGERI 1 TEGALWARU


TAUN AJARAN 2022-2023

1
KECAP PANGANTEUR

Assalamu'alaikum wr. wb. Langkung tipayun urang sanggakeun puji sareng


syukur ka Alloh SWT. Kalayan berkah sareng karunia-Na, simkuring
saparakanca tiasa ngarengsekeun laporan anu judulna "Laporan Kegiatan
Basa Sunda Kadaharan Has Sunda, katimus" dina waktos na.
Laporan ieu disusun ku cara kitu kalawan tujuan pikeun dijadikeun bahan
laporan kagiatan basa Sunda "kadaharan has Sunda" anu jadi salah sahiji
bahan dina mata pelajaran basa Sunda.
Kami sadar pisan kana kakurangan dina laporan ieu. Ku sabab kitu,
simkuring ngarasa perlu asupan sangkan bisa terus ngaronjatkeun
kakirangan anu ayeuna aya. Hatur nuhun pisan ka sadaya pihak anu
parantos ngabantosan kagiatan urang. Tungtungna, hatur nuhun.
Wasalamualaikum wr.wb.

Purwakarta,18 September 2022

Penyusun

2
DAFTAR ISI

KECAP PANGANTEUR .................................................................................. ii


DAFTAR ISI ........................................................................................................ iii
BAB 1 MIMITIAN ............................................................................................. 4
A. Latar Belakang............................................................................................. 4
B. Mangfaat........................................................................................................ 4

BAB 2 PEMBAHASAN .................................................................................... 5


A. Ngaran Kadaharan....................................................................................... 5
B. Pakakas & Bahan.......................................................................................... 5
C. Lengkah.......................................................................................................... 6

BAB 3 PANUTUP ............................................................................................... 7

3
BAB 1
MIMITIAN
A. Latar Belakang
Kadaharan has mangrupa idéntitas wewengkon anu bisa
ngabédakeun ayana jeung wewengkon séjén. Kitu deui ayana
kadaharan Sunda anu béda jeung kadaharan has ti wewengkon
séjén di Indonésia. Kabeungharan masakan Sunda diwariskeun
turun-tumurun ngan ukur ku lisan, ku kituna hese dipastikeun
iraha ayana katuangan husus ieu di suku Sunda, salah sahijina
nyaeta katimus

B. Mangfaat
1. Dina raraga ngawanohkeun kadaharan Sunda
2. Nambahan pangaweruh umum
3. Leuwih ngahargaan jeung ngalestarikeun budaya

4
BAB 2
PEMBAHASAN

A. Ngaran Kadaharan

Katimus nyaéta jajanan has Sunda anu dijieun tina campuran


singkong parut, kalapa parut jeung gula beureum (gula aren atawa
gula kalapa) dibungkus ku daun cau sarta diseupan.Kadaharan ieu
biasana disuguhkeun dina tahlilan, mauludan jeung sajabana.

B. Pakakas & Bahan


Pakakas :
1. Peso
2. Baskom
3. Parudan
4. Panci
5. Sendok
Bahan :
1. Sampeu
2. Gula beureum
3. 1 Kapala parud
4. 1 sdt uyah
5. Daun cau

5
C. Cara Nyieunna

1. peusek jeung bersihkeun sampeu tuluy parut. Keureutan gula


beureum,jeng parud kalapa
2. masak kalapa parud Jeung gula beureum anu ges di keureutan
nepi ka tercampur rata terus lamun geus tercampur simpen dina
wadah
3. Dina hiji baskom campur, sampeu parut Jeung Uyah aduk nepi ka
rata
4. Nyokot daun cau. anu tos disayagikeun.candak adonan kira-kira
dua sendok simpen gula jeng kalapa nu tadi di jeuro adonan
sampeuna, bungkus ku daun cau.ulang deui nepi ka adonan seep
5. Salajengna, susun adonan anu dibungkus kana panci.seupan salila
20 meni, sarta katimus asak

6
BAB 3
PANUTUP

Dipiharep dina kagiatan nyieun kadaharan Sunda bisa ngangkat ngaran


kadaharan has daerah sangkan bisa dipikawanoh ku masarakat umum
Sakitu laporan kagiatan ano dihaturkeun mugia tina ieu kagiatan aya
manfaatna kanggo sadaya.

You might also like