You are on page 1of 2

Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuh.

Sampurasun!
Abdi badé nyobian ngadongéng anu jejerna "Legenda Gunung Tangkuban Parahu"
Wilujeng nyakséni
Derrr ahh!

Dina hiji mangsa, dicaritakeun aya sahiji putri raja di Jawa Barat ngaranna Dayang Sumbi.
Dayang Sumbi boga anak lalaki nu kasép ngaranna Sangkuriang. Sangkuriang karesepna
ngaburu sasatoan di leuweung. Sangkuriang dibaturan ku hiji anjing nu ngaranna Tumang,
anjing éta lain sawajar anjing, nu sabenerna anjing éta titisan dewa anu mangrupakeun
bapana Sangkuriang.
Tina hiji poé, Sangkuriang jeung Tumang mangkat ka hiji leuweung, naha kunaon pas
Sangkuriang nitah si Tumang ngudag buruan ka leuweung, si Tumang embungeun nuturkeun
kahayang Sangkuriang, nu akhirna si Tumang diusir ka jero leuweung ku Sangkuriang.
Saatos Sangkuriang balik deui ka istana, Sangkuriang nyaritakeun kajadian éta ka indungna
nyaéta Dayang Sumbi. Ngadéngé carita éta, Dayang Sumbi teras ambek kacida, teu sadar
akhirna Dayang Sumbi nakol sirahna Sangkuriang maké séndok sangu anu keur di cekelna
nepi ka aya urutna. Sangkuriang ambek, terus akhirna langsung mangkat ngembara
ninggalkeun istana karajaanna. Saprak kajadian éta Dayang Sumbi kaduhung ka anu tos
dilakukeunna ka Sangkuriang. Saatos kajadian éta, Dayang Sumbi terus ngado'a jeung tapa.
Tina hiji wangsa, dewa-dewa masihan hadiah ka Dayang Sumbi nyaéta rupa awét ngora
jeung kageulisan anu abadi.
Atos lami pisan Sangkuriang mangkat, akhirna Sangkuriang mutuskeun balik deui ka istana.
Saatos nepi ka istana, Sangkuriang ningali kerajaan éta téh tos béda pisan. Di dinya ogé,
Sangkuriang ningali aya hiji awéwé anu geulis kacida nu teu lain padahal mah indungna.
Ningali tina kageulisanna, akhirna Sangkuriang niat rék ngalamar. Sabalikna ogé,
Sangkuriang téh sosok jalmi anu kasép, nu mantak nyien Dayang Sumbi ogé resepeun ka
pamuda éta téh. Dina hiji poé, Sangkuriang caritana arék pamit ménta izin rék mudu ka
leuweung. Sangkuriang ménta Dayang Sumbi pangarapihankeun tali nu ditalian dina sirahna.
Dayang Sumbi reuwaseun pas ningali aya urut barèd dina sirah Sangkuriang nu rék jadi calon
salakina éta téh. Urut bared éta, persis pisan kawas anakna nu tos ngarantau baheula. Dayang
Sumbi terus wé merhatikeun, dipikir-pikir beungeutna ogé mirip pisan jeung anakna nu
mangkat harita. Dayang Sumbi mulai ngarasa curiga, akhirna Dayang Sumbi niat rék
ngagagalkeun perkawinan éta téh, Dayang Sumbi teras ngajukeun dua syarat ka pamuda éta,
nyaéta: Ka hiji, Dayang Sumbi hoyong pamuda éta téh ngabendung cai Citarum, kadua na,
Dayang Sumbi hayang hiji sampan parahu anu gede pikeun nyebrang cai Citarum. Kadua
syarat éta kudu tos dilakukeun saacan panon poé mulai bijil. Dina peuting éta kénéh,
Sangkuriang mimitian ngalakukeun dua syarat éta. Sangkuriang mimitian tapa jeung
ngarahkeun makhluk-makhluk gaib pikeun ngabantuan ngawujudkeun dua syarat éta.
Dayang Sumbi, lalaunan ningali pagawean Sangkuriang nu sabenerna ampir bérés
dilakukeun. Dina waktu éta kénéh, Dayang Sumbi ogé mulai maréntahkeun pasukannana
pikeun ngabentangkeun kaén sutra nu warna beureum ti sabeulah kota timur, saolah-olah
kawas panon poé nu karék bijil. Sangkuriang terus ningali warna bereum éta, jeung ngira
panon poé tos mulai bijil. Sangkuriang akhirna teu jadi neruskeun pagaweannana, ambek
lantaran nganggap teu bisa ngabulkeun dua syarat éta. Make kakuatanna, akhirna
Sangkuriang ngabobol bendungan anu tos dijieunna, teu lila jadi banjir gedé jeung najong
sampan parahu nu tos dijieunna. Sampan parahu éta ngalayang jeung akhirna ragrag dina hiji
gunung nu ayeuna disebut “Gunung Tangkuban Parahu.”

Réngsé…

Mung sakitu palawargi dongéng anu tiasa ku simkuring didugikeun.

Amis gula amis kécap


Lada céngék lada jinten
Lamun aya salah ucap
Abdi nyuhunkeun dihapunten

Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

You might also like