You are on page 1of 4

Assalamualaikum Wr. Wb.

Ibu-ibu, Bapa-bapa miwah para wargi sadayana hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku
urang sadayana. Alhamdulillah, calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping
ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismillah, purwa wiwitan minangka pamuka acara. Babasan pandika pagawean lamun nangtung
kajungjunan, sing lurus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen ti para wargi
sadayana, acara mapag calon panganten pameget seja dikawitan.
Mapag
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur menang ngunun dina
pingping haturan wilujeung sumpimg. Di tempat pangharepan sarakan keur kulawarga. Ka pihak
calon panganten istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon
panganten pameget miwah rombongan.
Ngalungkeun mangle
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna
kanyaah. Sumangga ka kersana ibu calon panganten istri kangge ngongkoyongkeun bunga
malati ka kersana calon panganten pameget.
(Salajengna teras salimcalon panganten pameget ka kersana ibu calon panganten istri, teras ka
apa, salajengna sumngga tiasa digendeng calon panganten pameget ku sepuhna calon
panganten istri, teras dicandak ka tempat anu parantos disayogikeun.)

Bismillahirrohmanirrohiim
Assalamulaikum Wr. Wb.

َ‫ َﻣﻦْ َﻳ ْﻬﺪِ ِﻩ ﻪﻠﻟﺍُ َﻓﻼ‬،‫ﺕ ﺃَﻋْ ﻤَﺎﻟِﻨَﺎ‬ ِ ‫ﺷﺮ ُْﻭ ِﺭ ﺃَ ْﻧ ُﻔﺴِﻨَﺎ َﻭ ِﻣﻦْ َﺳﻴِّﺌَﺎ‬ ُ ْ‫ﻪﻠﻟ ِﻣﻦ‬ ِ ‫ُﻮﺫ ِﺑﺎ‬ ُ ‫ﺇِﻥَّ ْﺍﻟﺤَﻤْﺪَ ﻪﻠِﻟ ِ َﻧﺤْﻤَﺪُﻩُ َﻭ َﻧﺴْﺘَ ِﻌﻴْﻨُ ُﻪ َﻭ َﻧﺴْﺘ َْﻐﻔِﺮُ ْﻩ َﻭ َﻧﻌ‬
‫ ﺃَ ْﺷ َﻬﺪُ ﺃَﻥَّ ﻻَ ﺇِﻟَ َﻪ ﺇِﻻَّ ﻪﻠﻟﺍ َﻭﺃَ ْﺷ َﻬﺪُ ﺃَﻥَّ ُﻣﺤَﻤَّﺪًﺍ َﻋﺒْﺪُﻩُ َﻭ َﺭ ُﺳﻮْﻟُ ُﻪ‬.ُ‫ِﻱ ﻟَﻪ‬ َ ‫ُﻣﻀِ َّﻞ ﻟَ ُﻪ َﻭ َﻣﻦْ ُﻳﻀْﻠِ ْﻞ َﻓﻼَ َﻫﺎﺩ‬
َ ِ‫َومِنْ ٰا ٰي ِت ٖ ٓه اَنْ َخلَ َق لَ ُك ْم مِّنْ اَ ْنفُ ِس ُك ْم اَ ْز َواجً ا لِّ َت ْس ُك ُن ْٓوا ِالَ ْي َه ا َو َج َع َل َب ْي َن ُك ْم م ََّو َّد ًة َّو َرحْ َم ًة ۗاِنَّ فِيْ ٰذل‬
ٍ ‫ك اَل ٰ ٰي‬
‫ت لِّ َق ْو ٍم‬
‫َّي َت َف َّكر ُْو َن‬
Amma ba’du
Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Alloh ‘azza wajalla, Sholawat
kalih kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan ‘Alam kanjeng Nabi anu linuhung tur
agung, habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Katut ka kulawargi, sahabat kalih ummatna
anu sapapaosna micinta tur miconto, muntang pageuh kana piwulang mantenna dugika
tuntung hurip hirupna zaman. Mugi urang sadaya kaangken ummatna kenging syafaat dina
waktosna. Amiin
Alhamdulillah, urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina kasehatan,
bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina dinten _______ kaping _______ . Dua insan
parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunnah Rosul, baris ngahiji ngadahupna neng
_____________ putri kadeudeuhna Bapak _______ kalih ibu _______ ka kersana kang
_____________ putra kadeduh Bapak _______ kalih ibu _______ namung sateuacanna
nepangkeung sim kuring _____, baris ngadugikeun runduyan acara nu baris di pedar
diantawisna :
Anu ka-1 nyaeta : Bubuka
Dilajeungkeun, Anu ka-2 : Lantunan kalam ilahi sinareung sholawat
Saterasna, Anu ka-3 nyaeta : Penyerahan srg panampian tidua belah pihak calon
panganten
Dilajeungkeun , anu ka-4 na : Simbolisasi seserahan
Anu ka-5 nyaeta : Acara akad pertikahandi rangkei ku adat, dipungkas ku do’a

Bapa-bapa, ibu-ibu sareung para wargi sadayana. Sumangga pikeun muka ieu acara urang
sasareungan maoskeun basmallah. Bismillahirrohmanisrrohiim…
Lantunan Kalam Ilahi
Para hadirin miwah miwah para tatamu sadayana acara salajeungna urang sami dangukeun
lantunan kalam ilahi sinareung sholawatna nu baris dilantunkeun ku kersana _______________
kamantena dihaturanan.
Galindengna kalam ilahi, mapaler hate anu cape, ngupahan manah anu susah, rembes nimbus
kana sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok
komo upami ngartos maknana, cacak dirarampa oge gening nikmaaat karaosna. Dedeul du’a
mugia ageung manfaatna khusus kanu ngosna, oge walatra ka urang sadayana. Aamiin
Panyerahan Ti Pihak Calon Panganten Pameget
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, khususn aka calon panganten pameget miwah
rombongan, pamali mun dilami-lami teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti
bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging
kanggo nyumponan tindak tanduk, tata titi, duduga peryoga, manusa pangeusi iyeu dunya anu
parantos di paparinan lisan, manah, dina saliring dumadi rupina teu cekap ku surti sareung
tekad wungkul, namung kedah disareungan ku ucap.
Kukituna sumangga ka Bapak ____________ wawakil ti calon panganten pameget dihturanan
kapayun kanggo ngadugikeun pamaksadannana.
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon
panganten pameget miwah rombongan. Sakeser daun satangkal, sabungkus bareung jeung
bungkusna. Seja masrahkeun calon panganten pameget miwah cacandakannana, diguar
paragat nemrak, sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, huayam kasintu, seja ngambil
tuang putra, purah nutu, purah nyangu, purah ngasakan balogo, purah calik dina lampit, purah
tunggu imah gede, kitu na teh bari nyekel tutungkusan.
Panampian Ti Pihak Calon Panganten Istri
Sim kuring mung saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna baris langsung di
dugikeun ku kersana bapak ____________, wawakil ti pihak calon panganten istri kamantenna
disumanggakeun.
Para wargi sadayana, bingah amawarta suta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar
cadas manggih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Batu turun gesik
naek, itu purun ieu daek. Iyeu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, iyeu haying itu
haying, hayangna kabina-bina, laksana nya pamaksadan.
Simbolisasi Seserahan
Salajeungna simbolisasi seserahan, sumanga ka ibu __________ ti pihak calon panganten
pameget kanggo masihkeun cacandakannana, ditampi ku ibu _________ ti pihak calon
panganten istri.
(sumangga ibu tiasa ngadeug heula sakedap kapalihan payun supados tiasa disokumentasikeun,
Alhamdulillah teras salim ibu, boleh cium pipi kanan/kiri. Cacandakan anu sns na tiasa
dipapaykeun ka palih lebeut)
Walimatul Urus/Akad
Para wargi sadayana.
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati linggar na ati, campaka mangkak na
dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakait tali ka asih, ngadahupna
neng _________ ka kang __________
jangji urang pastikeun supaya urang nyatakeun. Nu di seja neda panyaksen ti para wargi
sadayana, acara akad pertikahan seja di kawitan.
(Sumangga pangersa ka Bapa petugas ti Kantor Urusan Agama Kec. ________ kangge
ngalaksanakeun acara akad pertikahan, kamantenna disumanggakeun.)
Alhamdulillah wasyukurillah, kalawan Ridlo Gusti anu maha welas tur nu maha asih, oge pang
du’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancer. Mugi dua insan nu nmbe resmi
ngajadi, tiasa sarindeuk, saigel, sabobot, sapihanean, k acai jadi sa lewi, ka darat jadi salegok,
dina ngawangun Rumah Tangga anu Sakinah Mawaddah Warahmah. Amiin
Sungkem, Huap Lingkup, Bakakak Hayam & Sawer
Acara salajeunga diteraskeun kana sungkeman, kadua panganten sumangga sungkem
kasepuhna, nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga anu baris di bina.
(insyaalloh kangge sungkeman bade di pandu ku ____________)
Ibu-ibu, bapa-bapa, miwah para wargi hormateun simkuring, rupina runduyan acara ti
munggaran dugi ka akhir parantos rengse di pedar kalayan aya dina kalancaran. Mugi urang
sadayana aya dina panagtayungan gusti anu maha suci. Ku kituna kanggo panganteb kahoyong
urang sadaya dilajeungkeun kana doa. Kangge mingpin do’a manga ka pangersa _________ di
haturanan.
Sim kuring _____________ baris amit mundur amit mungkur, hapunteun anu kasuhun bilih aya
anu teu saluyu sareung undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes ahlina. Kanggo
nutup ieu acara sumangga urang pungkas iyeu acara ku maoskeun hamdallah sasareungan.
Alhamdulillahirobbil alamiin
Kanggo para tatamu aya hidangan alakadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga di
haturanan.

You might also like