You are on page 1of 2

Taufik Rahmadiansyah | 180210220044

Résénsi Kembang Gadung Kumpulan Monolog Basa Sunda

Kembang Gadung Kumpulan Monolog Basa Sunda téh nyaéta hiji buku yasana mahasiswa,
dosén, ogé alumni ti Program Studi Sastra Sunda Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran.
Kembang Gadung dipilih janten judul ieu buku rupinamah dicandak tina judul salah sawios naskah
monolog anu aya dina ieu buku. Dina ieu buku anu jadi jejer utamana téh nyaéta kabudayaan.
Kabudayaan anu seueur diangkat ku para pangarang nyaéta kabudayaan mangsa ayeuna.

Naskah monolog anu munggaran ngangkat masalah krisis idéntitas anu atos janten masalah
saréréa. Masalah krisis idéntitas seueurna dialaman ku para nonoman sunda, tiasa ditinggal kumaha
aranjeunna leuwih mikalandep kana budaya deungeun-deungeun anu seuseueurna mah teu sajalan
sareng aturan agama katut garigama. Salian krisis identitas dina hal kasukuan, para nonoman sunda
ogé ngalaman krisis idéntitas dina hal jatidirina. Eta anu ngalantarankeun budaya hédonisme
populér di kalangan nonoman sunda, aranjeunna teu tiasa mikawanoh ogé ngukur kana kamampuh
dirina pribadi. Teu saeutik nonoman anu ti kalangan ekonomi handap anu gaya hirupna hayang
nurutan cara artis. Dina naskah anu munggaran ieu, anu judulna Balébat, pangarangna mepelingan
ka para nonoman sunda sangkan aranjeunna neuleuman deui ka dirina pribadi dugi ka tiasa
mikawanoh ka jatidirina séwang-séwangan.

Naskah anu judulna Kembang Gadung, anu dijantenkeun judul tina ieu buku, rada benten
tina naskah anu sanés kusabab naskah ieu mah nyandak latar waktuna téh basa jaman walanda.
Naskah ieu nyaritakeun sasakala tina hiji fénomena budaya anu aya di Subang, nyaéta ari di Subang
mah unggal pintonan naon waé ogé pasti dibuka ku lagu Kembang Gadung. Ari anu jadi panyababna,
numutkeun carita tina naskah ieu mah, baheula basa jaman walanda aya jalma anu jadi karaman
ngaranna Ki Lapidin. Ki Lapidin pagawéanna téh ngarampog ka jalma-jalma beunghar tuluy hasilna
dibagikeun ka jalma-jalma miskin, hal éta anu ngajadikeun anjeunna dipikacua ku pamaréntahan
walanda tepi ka anjeunna dipergasas ku pihak walanda. Ari Kembang Gadung téh nyaéta lagu anu
paling dipikaresep ku Ki Lapidin. Pikeun ngahargaan jasana Ki Lapidin, para seniman di Subang
ngabudayakeun ngawitan pintonana nganggo laku Kembang Gadung.

Naskah monolog anu judulna Si Konéng nyaritakeun hiji budak lalaki anu ceuk Bahasa
ayeuna mah disebutna téh broken home. Fénoména broken home atawa pancabagah téh tos jadi
masalah sosial anu umum karandapan. Dina carita ieu budak lalaki anu jadi korban tina pancabagah
téh néangan panglumpatan kana obat-obatan narkoba anu mangrupa pél anu warnana konéng.
Manéhna nyangka pél éta téh bakalan ngungkulan sagala masalah, kasusah, oge kabingung manéhna
tapi nyatana hal éta téh kadon nambahan masalah pikeun manéhna. Kulantaran nginum pél,
manéhna jadi hiji budak anu bantangul bangkarwarah, tegesna jadi budak anu bangor anu hayang
katangen ku batur katambah manéhna téh kurang meunang perhatian ti kolotna. Dina akhir carita,
buah tina sagala hal anu dilakonan ku budak ieu kaala, timimiti nginum narkoba, ngagelutan
babaturan, ogeh jinah. Naskah monolog ieu mepelingan ka sakum nonoman yén narkoba téh lain
ubar tina sagala masalah.
Taufik Rahmadiansyah | 180210220044

Naskah monolog anu judulna Ciibun Layung téh nyaéta hiji pangdeudeul ti Pak A.Y.
Hudayat. Naskah ieu eusina nyaritakeun panglamunan ti wanoja anu keur ngurus kembang
kanyaahna. Mangka disebut panglamunan wanoja jaman ayeuna téh kusabab anu jadi
panglamunanna téh ngeunaan kahirupan anu pangrasa manéhna kitu-kitu kénéh atawa
dibasakeunna téh flat cenah. Apan ari pamikiran anu kitu mah ayana téh di alam pipikiranna wanoja
jaman ayeuna da ari wanoja jaman baheula mah pamohalan asana téh lamun miboga pamikiran kitu.
Lian ti kitu, dina carita ieu wanoja ieu téh digambarkeun hiji jelema anu individualis, ukur
mentingkeun dirina pribadi, khas pisan wanoja jaman ayeuna. Buktina basa aya anu ménta kembang
ka manéhna, manéhna téh kacida itungan, lamun taya kauntungan keur manéhna mah manéhna
mumul méré. Wanoja dina carita ieu ogé digambarkeun ukur resep sukan-sukan, sok sanajan
manéhna ngarasa hirupna téh flat, tapi ari basa dibéré kagiatan kuliah mah mah manéhna téh
mumul, sok padahal kagiatan kuliah téh bagian tina dinamika hirup.

You might also like