You are on page 1of 2

Taufik Rahmadiansyah 180210220044

Rusdi Jeung Misnem: Nyawang Kahirupan Barudak Jaman Kolonial

Judul: Rusdi jeung Misnem Jilid Kahiji


Pangarang: A.C. Deenik, R. Djajadiredja
Medal: -

Saupama urang ngabandingkeun kahirupan barudak jaman ayeuna


jeung barudak jaman baheula utamana barudak jaman kolonial tangtu wae
beda, lir ibarat tanah ka langit. Bedana teh bisa ditingali tina kadaharan,
kaulinan, pakean, paripolah jeung sajabana. Anu jadi panyababna teh rupa
rupa, nanging anu jadi panyabab utamana mah nyaeta di jaman kiwari mah
pangaruh kabudayaan luar teh kacida kuatna mangaruhan kabudayaan
urang. Beda deui jeung jaman kolonial, sok sanajan bangsa urang dijajah ku
bangsa sejen tapi pangaruh kabudayaan luar ka kabudayaan urang teh
henteu kuat teuing cara ayeuna.

Salah sahiji cara pikeun nyawang kahirupan barudak di jaman kolonial


nyaeta ngaliwatan buku Rusdi jeung Misnem anu ditulis ku A.C. Deenik katut
R. Djajadiredja. Buku ieu teh nyaritakeun ngeunaan dua budak leutik nyaeta
Rusdi katut Misnem. Rusdi teh nyaeta hiji budak leutik anu keur meujeuhna
resep ulin. Ari pangawakanna gembru da resep barang dahar, ceuk emana
mah dadaharanna unggal poe beak dua kati. Ari Misnem nyaeta adina Rusdi,
sok sanajan kitu pangawakanna beda jeung Rusdi. Ieu mah rada kuru
meueusan kusabab barang daharna teu pati gembul, teu kawas Rusdi. Ceuk
emana barang daharna dina sapoe ukur beak saboboko. Tapi ari kanu ulinna
mah estuning sarua wae kawas Rusdi.

Dina buku Rusdi jeung Misnem kagambarkeun kumaha kahirupan


barudak jaman kolonial, anu kahirupanna teh deukeut keneh jeung alam.
Pangulinana teh tara jauh tina susukan, sawah, kebon, sisi walungan jeung
sajabana. Saperti anu kacaritakeun dina salah sahiji bagean anu judulna
"Titimplukan". Carita ieu teh ngeunaan hiji kaulinan anu ngaranna
titimplukan anu dipaenkeunna di sisi walungan, cara maenkeunna teh
nyaeta nyieun dua gugunungan tina keusik anu pahareup-hareup oge nyieun
bobolaan tina keusik, tuluy bola eta teh digorolongkeun ti luhur gugunungan
sangkan dua bola eta teh paadu, saha anu bolana peuray eta anu eleh.

Anu jadi kakurangan ti barudak jaman kolonial salah sahiji nyaeta


pengetahuan umumna kurang, maklum da ari jaman sakitu mah can aya
Taufik Rahmadiansyah 180210220044

internet. Dina bagean anu judulna "Buhaya", didieu kagambarkeun kumaha


kurangna pengetahuan umun ti Rusdi jeun Misnem tepi ka teu apal kumaha
rupa ti buhaya. Rusdi nanyakeun ka emangna kumaha ari rupa buhaya, bari
ngira-ngira ngabayangkeun yen rupa buhaya teh jiga gurame cecepetan. Kitu
teh pangna di jaman sakitu mah sumber inpormasi teh ukur dua nyaeta ku
cara ningali langsung atawa numutkeun beja ti batur.

Salian ti kaulinan, anu jadi pangaresep barudak jaman kolonial teh


nyaeta kariaan. Kariaan biasana diayakeunna teh ku menak pikeun ngareah-
reah acara-acara khusus saperti nyepitan putrana. Dina carita anu judulna
"Pesta" digambarkeun kumaha jalanna kariaan di jaman eta. Kacaritakeun
yen kariaan teh dimimitian kira dina wanci pasosore ku kembang api anu
dituluykeun ku acara tayub dugi ka subuh anu diiluan ku menak-menak
jeung tamu-tamu ondangan anu sejen. Ari kabeurangnakeun, saperti anu
dicaritakeun di "Pesta Ti Beurang", kariaan teh diramekeun ku acara naek
tangkal jambe, balap jajangkungan, ogel, badud jeung buncis oge aya lais.

Buku carita "Rusdi jeung Misnem" ku pangarangna ditujukeun pikeun


bacaan budak leutik. Tapi taya salahna lamun dibaca oge ku rumaja atawa
dewasa sabab loba pangajaran oge wawasan anu bisa dipulung tina ieu
buku. Ku sabab asalna ieu buku asalna ditujukeun pikeun budak leutik atuh
basa jeung alurna oge basajan sangkan gampang dipikaharti ku budak leutik.
Bisa jadi pikeun pamaca anu leuwih kolot mah buku ieu teh pikaboseneun
atawa kurang menarik. Tapi sok sanajan kitu henteu ngurangan pangaken
tina buku ieu, buku ieu kaasup kana karya sastra sunda anu munggaran jadi
layak pikeun dibaca.

You might also like