You are on page 1of 1

Assalamualaikum Wr. Wb.

Bapak Ibu anu ku simkuring di pihormat

Puji sinareng syukur urang panjatkeun kahadirat Allah Subhanahu Wa Ta’la, anu parantos
masihan nikmat iman, islam, sareng kasehatan.

Alhamdulillah dina dinten ieu urang sadayana tiasa kempel ngariung dina kaayaan sehat
wal'afiat.

Teu hilap shalawat miwah salam urang sami-sami haturkeun ka junjungan urang sadayana
nya eta kanjeng Nabi Muhammad Shalallahu Alaihi Wassalam.

Hadirin anu di muliakeun ku Allah Ta’ala

Teu karaos tos 2 taun ieu urang sadayana aya dina kondisi pandemi covid-19. Kondisi anu
ngarubah kana pola hirup urang sararea.

Nu tadina normal teu kudu kitu kieu, ayeuna mah weyahna urang teh kedah patuh kana
protokol kasehatan.

Ayeuna mah mun kaluar kudu ngangge masker, kudu jaga jarak sinareung ulah hilap kudu
wawasuh panangan.

Dua taun ieu ge janten taun kasedihan kanggo urang sadayana, dimana seeur kulawarga urang
anu akhirna teu tiasa dameul deui, bangkrut, malahan seueur oge anu tos dipunut ku Allah
kusabab virus Covid-19 ieu.

Bapak ibu anu ku dimuliakeun ku Alloh subhanahu wata'ala

Alhamdulillah saatos munculna varian covid omicron, akhirna tiasa urang lalui babarengan.
Ayeuna urang sararea tos leuwih kiat deui ngahadeupan ieu virus.
Istilah medis namah ayeuna teh imunitas arurang teh langkung kiat deui saacanna. Namung
ku kituna dina kasempetan ieu, simkuring bade terus ngingetan ka sadayana sapados urang
teh tetep ngajaga protokol kasehatan.

Nu teu acan vaksin mangga geura vaksin sinareung teuteup ulah hilap dianggo maskerna.
Mudah-mudahan urang sadayana teras dipasihan kasehatab istuning aya dina lindungan Allah
Subhanahu Wa Ta’ala.

Sakitu wae panginten anu tiasa didugikeun, hapunten bilih aya basa atanapi paripolah anu teu
merenah.

Wasaalamu'alaikum Wr. Wb.

You might also like