You are on page 1of 5

Nama : Bobby Krisna

Kelas : XII-IPS
Artikel Basa Sunda

Mangpaat ngadengekeun musik nu umum urang rasakeun!

Urang pasti akrab jeung naon eta nu ngarana musik, biasana onggal isuk jalma-jalma reseup pisan
nyararetel ieu musik di imahna masing-masing. Nah, mungkin aya diantara anjeun salah sahijina. Tujuana,
tangtu wae ajang hiburan supaya urang bisa rada nyantaian saetik.

Dina kasempatan anu sae ieu, hayu urang lewih rinci deui ngabahas naon wae sih manfaat ngadengekeun
musik pikeun kasehatan anu biasana urang rasakeun? Saencana, lagu atawa musik anu ku urang dengekeun
tangtu wae kudu lagu anu ku urang pikareseup. Misalna lagu-lagu keroncong, band, jass, classic,
instrument, rock, atawa dangdut. Nah dihandap ieu ngarupakeun manfaat-manfaat ngadengekeun musik
pikeun urang nu umum urang bisa rasakeun. Sabab, musik bisa ngaruh kana suasana hate.

Conto sederhanan misalna urang arek olah raga, pasti lagu anu di setel nyaeta lagu anu rada ceria’an anu
nyien semanget atawa lagu dugem jadi laina lagu anu sedih. Sabab namun make lagu anu sedih lainna
hayang olah raga tapi malahan kalah hayang sare.

Manfaat ngadengekeun musik atawa lagu nu ku urang resep

 Tiasa nenangkeun hate arurang

Musik kareseup nu ku urang dengekeun tiasa karasa kana otak jeung hate. Eta sababna
basa urang keur ngadengekeun lagu urang kadang ngarasa reseup, bungah,
semanget, sedih, galau, atawa mungkin bisa nyieun urang ceurik. Salain eta, musik
oge tiasa ngalengitkeun rasa hariwang, stres atawa suntuk.

 Nyieun detak jantung stabil

Salain musik bisa nenangkeun hate, lagu-lagu karesep nu ku urang dengekeun oge tiasa
nga-renggangkeun urat atawa otot-otot anu tegang, rarasaaan eta tangtu wae nyieun
detak jantung urang bisa lewih stabil deui. Mangkana henteu jarang lamun urang ekeur
ngarasa tegang atau balik gawe, nyetel lagu bisa jadi solusi anu sae.

 Nyieun gampang sare

Nama : Irfan Rifa’i Abdullah


Kelas : XII-IPS
Artikel Basa Sunda

Antara Mitos Jeung Realitas

Kabudayaan sunda kaasup salah sahiji kabudayaan suku bangsa di Indonesia anu umurna
kolot. Kabudayaan sunda anu ideal oge saterusna mindeng dikaitkeun jadi kabudayaan raja-raja
sunda atawa inohong anu diidentikeun kalawan raja Sunda. Dina kaitan ieu maka aya sosok
Prabu Siliwangi dijadikeun minangka inohong panutan sarta kebanggaan jelema sunda alatan
dianggap minangka raja anu junun, sarta sanggup mikeun karaharjaan ka rahayatna.

Kabudayaan sunda kiwari loba meunang gugatan balik. Patarosan ngeunaan eksistensige
mindeng ngajaul ka permukaan. Naha kabudayaan sunda masih aya? Lamun masih aya, saha
tea nu bogana?. Ngeunaan hal kasebut, lamun dikaji kalawan tenang, sabenerna mangrupa
patarosan anu wajar-wajar wae. Naha kitu? Jawabanna basajan, alatan kabudayaan sunda dina
kanyataanana ayeuna memang kawas kaleungitan ruhna atawa sahenteuna henteu eces arah
sarta tujuanana. Daek dibawa kamana kabudayaan sunda kasebut?

Henteu matak olohok lamun beuki lila beuki loba unsure kabudayaan sunda anu tergilas ku
kabudayaan deungeun. Contona anu pangecesna nyaeta basa sunda anu mangrupa basa
komunitas urang sunda, kasampak sacara eksplisit beuki arang dipake ku nu bogana sorangan,
hususna para generasi ngora sunda.

Leuwih memprihatinkan deui, yen ngagunakeun basa sunda dina komunitasnya sapopoe
sakapeung diidentikan kalawan ”katerbelakangan” atawa “kampungan”, untung wae henteu
ngomong primitive. Balukarna, timbul rasa gengsi dina urang sunda pikeun ngagunakeun basa
sunda dina pergaulana sapopoe.

Komo rasa “gengsi” ieu sakapeung kapanggih oge dina maranehanana anu sabenerna
mangrupa pakar di widang basa sunda, kaasup pikeun saukur ngaku dirina nyaeta pakar atawa
berlatar tukang keahlian di widang basa sunda.

Pangabisa kabudayaan sunda pikeun ngalakonan mobilitas, boh vertikal boh horizontal, bisa
disebutkeun pohara lemah. Ku lantaran eta, tong boro di luar komunitas sunda, di jero komunitas
sorangan, kabudayaan sunda remen oge karasaeun deungeun. Sabab eta kabudayaan sunda
bisa disebutkeun pendek keneh ku kituna kabudayaan sunda henteu wae jalan di tempat tapi
oge leumpang mundur..

Patula-patali pageuh kalawan dua pangabisa tiheula, pangabisa tumuwuh sarta ngembang
kabudayaan sunda oge bisa disebutkeun nempokeun tampilan anu henteu eleh
memprihatinkeun. Tong boro nyarita paradigma-paradigma anyar, itikad pikeun ngalestarikeun
naon anu geus dipiboga wae bisa disebutkeun pohara lemah.

Sajaba ti eta, kabudayaan sunda oge kasampak kurang muka rohang pikeun lumangsungna
regenerasi. Budaya “Kumaha akang”, “teu langkung akang”, sarta “Mangga tipayun”, anu kitu
kentel dina kahirupan sapopoe urang sunda, bisa disebutkeun jadi salah sahiji cukang lantaran
mundurna budaya sunda dina proses regenerasi. Balukarna, jadi we budaya sunda arap-ap
eureup-eup kalawan regenerasi.

Nama : Abdul Yasin


Kelas : XII-IPS
Artikel Basa Sunda

Kasenian daerah pasundan

Indonesia teh kaasup nagri anu beunghar ku budaya, hususna budaya daerah. Saban seler
bangsa, anu nyicingan rebuan pulo di Indonesia, mibanda kabudayaan sewang-sewangan.
Diantarana, kasenian daerah.

Naon ari kasenian daerah teh? Tangtu bae kasenian anu lahir sarta hirup di daerah. Ieu
kasenian teh perlu diipuk jeung dimekarkeun lantaran mangrupa banda bangsa anu gede
ajenna. Kasenian daerah anu hirup, dipikawanoh, tur dipikaresep lain bae ku seler bangsa anu
nyiptakeunana disebut kasenian nasional. Jadi, kasenian daerah teh mangrupa unsur
pangwangun kasenian nasional.

Kasenian jaipong umpamana, ieu kasenian asal Jawa Barat teh geus jadi kasenian nasional.
Lain bae urang Sunda nu mikaresep jaipongan teh, tapi oge dipikaresep ku seler bangsa sejen.
Ambahan kamekaranana jelas leuwih lega, lain ngan di tatar Sunda wungkul. Malah, ceuk beja,
urang mancanagara oge loba nu mikaresep.

Lamun seug ditalungtik, kasenian Sunda teh pohara lobana. Ieu kasenian anu sakitu lobana teh
kiwari nungtut laleungitan. Malah boa hidep mah ngan saukur kungsi ngadenge ngaranna bae.
Ari pangna terus muguran teh lantaran taya generasi ngora anu neruskeunana. Kanyataan ieu
teh puguh matak pohara handeueulna. Pohara matak prihatinna. Enya, saha nu teu prihatin
kaleungitan kakayaan bangsa anu gede ajenna?

Urang salaku urang Sunda ulah tepi ka pareumeun obor, atuh saeutikna apal ngaran-ngaranna,
heunteu apal janggelekna oge. Ku sabab kitu, geura urang tataan, boh kasenian anu masih hirup
boh anu kungsi hirup.

Geura urang tataan, diantarana bae, wayang golek, jaipongan, cianjuran, angklung, calung,
kendang penca, beluk, kiliningan, ketuk tilu, kuda lumping, tarawangsa, sandiwara, reog,
longser, lais, debus, ubrug, ujungan, dombret, kawih, gending karesmen, bangbarongan, jeung
gondang. Eta teh karek sabagian leutik, dah ceuk beja kasenian Sunda anu kungsi hirup teh
leuwih ti tilu puluh rupana.

Moal boa, di seler bangsa sejen oge mibanda kasenian anu kawilang loba sarta geus loba deui
nu paehna. Lamun ti hiji seler bangsa, sebut bae, mibanda tilu puluh kasenian, pek kalikeun ku
hidep. Enya maksud teh, kalikeun jeung jumlah seler bangsa nu aya di Indonesia. Leuh, pohara
beungharna Indonesia teh.

Nama : Devranda
Kelas : XII-IPS
Artikel Basa Sunda

Kumaha carana jadi kaya pikeun cara islam?

Dina dunia islam teu dilarang jadi kaya.. Kos nu pernah diriwayatkeun, bahwa islam reseup kana
jalmi anu giat tina usaha, fikiranna atawa fisikna.
Nah dihandap ieu aya pedoman ajang urang pikeun neangan harta anu bener sesuai islam, jadi
supaya lewih berkah engkena. Amin!

1. Neangan rizki anu halal


Tentu wae ieu hal nu paling wajib nu kudu ku urang upayakeun pikeun neangan rizki teh kudu
anu halal beh berkah. Karena rizki nu berkah bisa nambah katentraman hate urang sadayana,
mudah-budahan berkah di dunya jeung diakherat oge, tapi ulah hilafnya sedekahkeun rizki urang
saetik pikeun jalma anu nagabutuhken samisalna ka fakir miskin, anak yatim, jeung sajabana.
Karena makin loba urang sedekah makin loba rizki nu bakal ku gusti allah pasihan engkena.

2. Ngajaga hubungan silahturahmi

loba anu ngomong bahwa loba babaturan loba rizki oge, nah ku sabab kitu urang teh teu
menang megatken jalur silatuhrahmi. Jadi ameng sasakali ka babaturan lila, dulur-dulur urang
arek kanu jauh atau oge nu deket, sami oge kudu terus dijaga salamina. Sabda ti rosullulloh
SAW: ” Barang saha anu reseup ngalapangkeun rizkina atau ditunda umurna, maka manehna
kudu ngajaga silaturahmi” (Muttafaqun ‘alaih).

3. Baranggawe mulai ti isuk keneh


Waktu nu paling alus neangan rizki nyaeta dina isuk-isuk keneh, atanapi saencan matahari terbit.
Nah mungkin eta ajaran ti kolot urang bahela nu kie yeh “ulah hudang berang bisi rizkina dipacok
hayam.” Jadi urang kudu hudang isuk-isuk. Tong poho solat subuh hela, karena isuk ngarupaken
waktu dimana loba malaikat nu ngado’a dilangit ka gusti allah pikeun saha wae jalmina anu
hudang subuh jeung ngalakukeun sholat subuh.

4. Tong dilobaken maksiat bisi cilaka


Maksiat bisa ngajauhkeun urang kana rizki, jadi ulah dilobakeun maksiat. Tobat mun bisa,
supaya rizki urang jadi lancar dei. Pokona jauhkeun kalakuan anu dilaknat ku gusti allah. Inget
ulah serakah, loba bersukur karena mun urang bersukur bisa nambah rizki jeng nikmat.

You might also like