You are on page 1of 6

Wasta: Endah Fauziah H

Kelas: XI MIPA 5

No. Absén: 07

STIGMA

Karya: Fauziah H

Manéhna nempo ka sakuriling. Aya nu ngobrol, aya nu lulumpatan sabari seuri, aya nu
guyon, ogé sajabana. Jelema di sakurilingna ngalakukeun interaksi, nanging henteu jeung
mojang éta. Euweuh nu hayang deukeut-deukeut ka manéhna. Padahal mojang éta gé sarua
jiga nu séjén, manusa anu boga hak asasina sorangan. Tapi kunaon jelema di sakurilingna
mandang mojang éta béda? Lainna tiap manusa téh pantes dipihormat sarta diperlakukeun
kalawan saé?

Mojang éta dijauhan lain kusabab manéhna boga rupa anu butut atawa bodo jiga dina
dongéng-dongéng. Mojang éta katingal imut sanajan kacamata minus ngahalangan socana.
Salian ti imut, mojang éta ogé kaasup murid pinter nu sok ngahontal réngking kahiji di
sakola, ogé manéhna ngarupakeun budak ti kulawarga nu beunghar. Manéhna dijauhan
kusabab “labél” nu dipasang ku jelema di sakurilingna ngeunaan statusna salaku budak ti…

“Tingal budak éta! Saran kuring tong deukeut-deukeut jeung budak éta! Manéhna…”
haréwos tarik hiji siswi ka babaturanna sawaktu mojang éta ngaliwat.
“Tapi katingalna bageur kitu.” Mojang imut éta seuri. Henteu sakali duakali jelema meunteun
manéhna kitu, tapi labél goréng nu napel di dirina teu pernah leungit, jiga biasana, di
panungtung kalimah sok aya kecap…

“Ulah katipu ku luarna!” Kecap éta sok aya di panungtung kalimah saha waé nu nyaho kana
kaayaan mojang éta ti luar. Manéhna tangtu ngadangu jelas tapi teu ngagubris naon nu
omongkeun ku batur, api-api teu ngadangu sakapeung leuwih alus tinimbang ngawalon,
sabab ngagubris nu kitu ngan bisa nganyenyeri haténa.

Mojang éta nangtung, ngaléngkahkeun sukuna ka kelas sabari ngadangukeun lagu tina
earphone. Manéhna kitu kusabab hayang ngahindar tina hinaan nu dilontarkeun jang
manéhna.

Léngkah sukuna meulah karaméan siswa, ngajieun mojang éta leumpang di tengah-tengah
siswa nu ayeuna pating haréwos. Naon deui nu dilakukeun ku jelema di sakurilingna salian ti
ngomongkeun manéhna? Mang puluh pasang panon nempo mojang éta kalayan geuleuh,
sieun, ogé paneuteup négatip séjénna.

***

11 MIPA 2

Ahirna mojang éta népi di tempat nu dituju, rohang kelas. Sarapih ngaliwatan paneuteup
négatip ti loba siswa, ayeuna manéhna bisa diuk tenang dina bangkuna sorangan, bangku
pojok pangtukangna di belah katuhu. Deukeut jeung jandela nu némbongkeun pamandangan
luar kelas nu matak reueus kanu nempo.

Mojang éta ngagolérkeun sirahna dina lipetan leungeun sabari nempo pamandangan luar
kalawan ngadangukeun lagu tina earphone.

Kadua panonna nutup, miharep tunduh datang nyampeur. Tapi, manéhna teu bisa tibra jiga nu
dipiharep. Aya nu ngaganggu pamikiranna, ditambah di hareupeunnana barudak kelas keur
ngobrolkeun manéhna sabari rarat rérét.

Barang nu bentukna panjang buleud mencét tonggong bodas nu kahalang ku saragam sakola.
Ngarasa aya nu mencét tonggongna, mojang éta beunta, menerkeun posisi diukna bari
ngaleupas earphone, tuluy ngalieuk ka tukang pikeun nyaho saha nu mencét tonggongna.
“Lusi! Bu Rétno nyauran,” saur budak nu rambutna di kepang dua, Lumina namina, KM di
kelas sakaligus jelema anu tadi mencét tonggong Lusi maké gagang sapu. Ngadangu béwara
ti Lumina, Lusi geura-geura ngaléngkah ka luar ti kelas.

Aya naon Bu Rétno nyauran? Batinna tatanya. Léngkahna beuki ditéréhkeun sabab ngarasa
panasaran. Teu lila, rohang Bimbingan Konseling katempo teu jauh ti tempat nangtungna
Lusi.

“Ibu nyauran abdi?” Taros Lusi, Bu Rétno seuri ningali Lusi datang ka rohanganna. “Kumaha
Lusi ahir-ahir ieu? Teu aya masalahkan?” Taros Bu Rétno ngajieun Lusi ngahuleng , ngan teu
lila Lusi langsung unggut. Keun wé lah. Méh téréh. Batinna nenangkeun.

“Barudak osok kénéh moyokan?” Tarosna deui, Lusi cicing. Émutanana muter ka kajadian nu
tadi lumangsung di kelas tapi geuwat-geuwat manéhna mohokeun éta kajadian sarta
ngabohong ku cara godeg.

Saanggeus ngadangu naon nu diobrolkeun jeung guru BK-na, Lusi balik ka kelasna.

“Kira-kirana naon nu bakal diomongkeun ku Bu Rétno ka budak éta?” Tanya hiji awéwé ka
babaturanna nu keur ngumpul ngariung di kelas. Pamandangan éta tangtu katempo ku Lusi nu
ngaléngkah asup ka jero kelas. Maranéhna ngobrol tarik mikir Lusi teu bisa ngadangu sabab
masang earphone, padahal Lusi teu ngadangu lagu nanaon.

“Kuring yakin pasti ngobrolkeun kapindahanana.”

“Kuring satuju!”

“Kuring ogé.”

“Barina ogé jang naon manéhna masih sakola didieu? Sanajan pinter tapi tetep wé manéhna
budak algojo nu bakal ngaruksak reputasi sakola,” kitu omongna. Ngadangu obrolan éta sirah
Lusi karasa panas, sirahna asa ngagolak siap ngajelegur. Tahan Lusi! Tahan! Manéhna
nenangkeun sorangan.

Lusi nyérét korsi, diuk, sabari aktip ngadangukeun obrolan babaturanna. Lusi, mojang imut
éta masih teu paham kana cara batur nempo manéhna. Napelkeun labél “keluarga algojo” ka
sakabéh kulawargana bari teu nyaho kana kajadian nu sabenerna. Tuluy muncul prasangka ti
hiji jelema nu saterusna ngembang jadi stéréotip.
Pamikiran Lusi ngalanglang buana ka kajadian 3 bulan katukang. Bapana dituduh ngabunuh
babaturan kantorna nu ahirna dibui. Can rapih kanalangsaan Lusi teu nepi dinya waé, Lusi
jeung kulawargana meunang béja yén bapana maot sabab serangan jantung pas keur di bui.
Batinna nalangsa ngadangu warta kitu, pun kulawargana nu sarua ngarasakeun kanyerian éta.
Ditambah, muncul labél ti jelema sakurilingna nu matak masalah kahirupanna beuki runyam.

“Kuring miharep kulawarga éta paéh kabéh”

“Naha?”

“Maranéhna bisa maéhan arurang iraha waé, maranéh teu sieun émangna?”

“Ah bener ogé, kuring satuju.”

Ngadéngé obrolan éta Lusi cengkat tina diukna bari ngeupeulkeun lengeun teu kuat nahan
émosi.

“Gandéng! Didinya teu nyaho nanaon! Didinya teu berhak ngomong sangeunahna jiga kitu.”
Gorowokna bari amarah.

Barudak nu ngumpul ngariung reuwas ngadangu Lusi ngagorowok. Sabab salila ieu, Lusi tara
ngabales omongan babaturanna nu moyok ogé ngagogoréng kulawargana, tapi ayeuna Lusi
ngagorowok tarik bari nahan émosi.

“Nyatana didinya émang budak algojo, sakabéh jelema nyaho pakta éta. Dimana letak kateu
yahoan kuring hah?” Gorowok salah sahiji budak nu ngumpul ngariung. Sakabéh murid nu di
kelas ogé nu di luar kelas nonton paséana dua budak awéwé.

“Bapa kuring lain algojo!” Teges Lusi.

“Euweuh bukti nu nunjukeun bapa didinya lain algojo!”

“Bukti? Kasusna can ditutup, bukti ogé can kakumpul kabéh. Didinya teu perlu nganilai
kulawarga kuring jiga kitu!”

“Lamun kabeh jelema ngalakukeun, naha kuring teu meunang?”

“Jalma gélo!” Lusi indit ti kelas, embung paséa leuwih lila sabab matak nganyenyeri haténa
ungkul. Kulawargana ogé geus ngawanti-wanti sangkan dirina bisa ngajaga émosi. Lain ku
sabab ngaenyakeun yén manéhna budak algojo ngan lamun emosina kaluar teu ka kontrol
manéhna sarta kulawargana bisa dihina leuwih-leuwih.
Lusi diuk di taman sakola. Asana dunya teung-teuingeun ka manéhna. Dunya jiga nu embung
ngabagjakeun Lusi barang sakeudeung. Gusti dipercaya ku manusa pikeun ngabulkeun doa-
doana, tapina naha nepi ka ayeuna doa Lusi teu dikabul? Lusi ngadoa sangkan ngaran
kulawargana beresih. Labél négatip nu napel dina dirina ogé kulawarana leungit, kahirupanna
balik jiga jaman baheula.

Ngarasa lega lantaran geus ngaleupas émosina ku cara ngaluarkeun cai panon, ayeuna Lusi
balik deui ka kelas. Milu gabung diajar nepi teu karasa méga geus ngagantung di langit.
Pangajaran rapih, ayeuna Lusi bisa mulang ka imahna.

***

“Abdi mulih,” saur Lusi sabari muka panto. Manéhna lebet, sababaraha jelema ngumpul di
rohang tamu. Lalaki baju hideung nu dirangkep ku jékét kulit nu warnana saluyu jeung baju.
Saurang deui, aya babaturanna nu maké kaos abu dirangkep jékét jeans. Dua lalaki éta teu
katempo ahéng pikeun Lusi. Duanana katempo jiga…

Detéktip nu ngurus kasus bapana Lusi. Énya. Dua lalaki éta ngarupakeun detéktip. Lusi
nyampeurkeun, milu ngariung dina obrolan nu sarius.

“Oh Lusi!” Bibina bagja sawaktu nempo Lusi datang. “Bibi, aya naon ieu?” Taros Lusi.

“Warta bagja! Bapa Lusi! Anjeunna… teu ngabunuh sasaha” Lusi nu ngadangu warta éta
langsung leules. Bagja sarta rasa sugema ngahujam haténa. Ahirna kabeneran ka ungkap.
Kajadian sakali saumur hirupna Lusi ngarasa beungbeurat dina taktakna leungit. Ayeuna,
Lusi moal meunang deui omongan nu matak nyeri haté.

“Naha bapa dituduh?” Tanya Lusi panasaran.

“Bapa Sahin nu mimiti mendakan mayitna,” jawab detéktip acuk hideung.

“Algojo nu saleresna… saha éta téh?” Lusi naros nu kadua kalian.

“Pihak kapolisian atos ngurus palakuna, Néng Lusi teu kedah hariwang kana masalah éta.”

“Mama kumaha, bi?” Lusi jangji ka dirina sorangan, ieu ngarupakeun kasempetan terahir
anjeunna naros. Bibi Lusi nunjuk kamber nu pantona warna bodas “Nuju istirahat saentos
nangis bagja tadi,” Lusi ngarénghap. Mamana henteu jadi setréss ku sabab ditinggal bapa.
Mamana kuat sarta mampu ngajalanan hirup saperti biasana sanajan lalaki nu dipikacintana
teu aya.
***

Panon poé mulai naék. Sapasang lakop panon kabuka lantaran mentrangna panon poé asup
nyalinap kana pori-pori hordéng kamber warna orén. Seuri imut kacipta dina biwir Lusi sarta
mampuh nyaingan haneutna panon poé senén isuk ieu. Sanajan loba panon nu natep dirina
héran ogé teu saeutik nu nganggap Lusi sinting, tapi Lusi teu paduli.

“Sadaya siswa tiasa kumpul di lapang saénggalna,” warta ti rohang TU kadangu jelas ka
kabéh kelas. Siswa pun mulai ngabaris di lapang upacara.

“Aya warta gumbira kanggo urang sadaya,” lapangan jadi gandéng sabab pasertana pating
haréwos, nanya warta bagja naon nu bakal didugikeun pupuhu sakolana itu.

“Bapa Lusi tos kabuktos teu lepat. Warta bagja ieu dugi ti kamari sonten saatos milarian
buktos salami 3 bulan. Nanging ayeuna, sadayana tos ka jawab. Bapa Lusi, Bapa Sahin
Prawira dinyatakeun teu lepat. Ku kituna teu aya alesan kanggo hidep sadaya pikeun
ngajauhan Lusi. Salajengna hayu urang sami-sami ngadoakeun Bapa Sahin Prawira supados
tenang kalayan bagja di alam barzah parantos ngadangu warta bagja ieu. Ngadoa dikawitan.”
Sakabeh jelema di lapang nundukeun sirahna, nepikeun doa pikeun bapana Lusi.

Lusi seuri bagja ngadangu warta ieu, manéhna bisa mastikeun sakabéh labél négatip bakal
leungit sarta dirina moal deui dijauhan ku babaturanna.

Sagala nu dipiharep Lusi jadi kanyataan. Babaturanna mulai ngadeukeutan deui jiga sabiasa,
saacan labél kulawarga algojo napel didirina.

Pa, kiwari carita anjeun sanes énigma nu taya tungtungna, batin Lusi bagja.

You might also like