You are on page 1of 2

BIANTARA BAHASA SUNDA

Di susun oleh : Isna Nursholilah

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamualaikum Wr.Wb

Sateuacan na hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka gusti Allah SWT. anu atos
maparinkeun rahmatna ka urang sadayana dugi ka tiasa kumpul dina ieu tempat.

Teu hilap oge sholawat sinareung salam mudah-mudahan tetep di curah limpahkeun ka
jungjunan urang sadayana Nabi Muhammad SAW. teu hilap ka para kulawargana, para
sahabatna, para tabi'it tabi'in na dugi ka urang sadayana anu nurut nuktruk ka anjeuna ti awal
dunya dugikeun ka poe akhir.

Abdi Isna Nursholihah bade ngadugikeun biantara anu judul na "Tina Hasil Perjuangan Para
Pemimpin Sareung Rakyat"

Bismillah anu jadi pangiring catur sangkan janteun panggugah rasa, sarining kolbu tarate hate
malati ati anu janteun pangematna awor, tekad, ucap, sareung lampah ku pitulung Alloh anu
Maha Kawasa. Rakyat Indonesia parantos merdeka 77 taun. Alhamdulillah tina hartos merdeka
bebas tina penjajah, saur sepuh ka pungkur dijajah ku belanda dugi ka rakyat ngarasa sieun
dimana ngadugikeun ayat suci teu tiasa di masjid da sieun ku penjajah, ngaos teh dugikeun ka di
kolong.

Alhamdulillah ayeuna ngaraos aman sok sanajan seueur keneh jalma anu jajaluk, ku
perjuangan tokoh-tokoh sareung pamarentah oge rakyat sami-sami berjuang dugi ka
ngorbankeun harta, tanaga, oge nyawa. Mudah- mudahan ti taun ayeuna, taun 2022 rakyat
Indonesia makmur oge sejahtera dugi ka rakyat anu pangleutikna.Ku ayana bebas tina penjajah
sok sanaos masih keneh teu merdeka dugi ka lahir sareung batin magri masih keneh di jajah ku
hawa napsu setan. Terakhir urang ngadua ka Allah anu Maha Kawasa, para pamimpin anu
gaduh kakawasaan sing tiasa jujur kalayan istiqomah.

Indonesia parantos merdeka

Para piteran ngaraos sugema

Rakyat leutik asa nalangsa

Sabab narkoba jeung minuman keras dimana-mana


Tapi anu gaduh kakawasaan leha-leha

Diantep sakama-kama

Rupina sakitu nu tiasa ka pihatur ti simkuring hapunten bilih aya kakirangan. Mudah-mudahan
aya manfaat sareng faedahna kangge diri abdi umumna kanggo sadayana.

Wassalamu'alaikum Wr. Wb

You might also like