You are on page 1of 2

Biantara wawakilan siswa Dina acara paturay Siswa kelas Salapan

Bismillahirohmanirrohim,

Bapa kpla sekaola haormaren sim kring,

Bapa pupuhu komite sakola hormaten sim kuring,

Ibu kalih bapa guru hormateun sim kuring,

Hadirin sareng para kanca sami hadir dia ieu acara

Assalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh,

Puji kalih sukur ka khdirat illahi Robbi, anu parantos ngalungsurkeun rohmat miwah karunia-Na ka urang
sadayana, dumugi ka tiasa ruing mungpulung dina kaayaan sehat tur krbrk ku kabingahan. Sholawat
sareng salam kasanggakeun ka jungjunan sadaya alam nyatana Kangjeng Nabi Muhammad saw, ka para
shohabat katut karabatna, sareng kasadaya umat anu tumut kana tungtunanan.Amin.

Denget ieu urang sami-sami kempel dina acara paturay tineung siswa kelas salapan. Aya dua rasa anu
gumulung dina kalbu,ngagalura jeroeun dada sim kuring. Eta dua rasa teh, nu kahuji rasa bingah nu
hinggana rehna sim kuring saparakanca parantos tiasa ngarengsekeun atikan kalayan hasil anu
nyugemakeun, salami tilu taun campleng, saur paribasa tea mah dibelan kuru cileuh kentel peujit,
nyuprihelmu di ieu sakola, ayeuna kantun metik hasil ngala buahna , sedengkeun anu kadua nyaeta rasa
ngangres jalaran nya ayeuna pisan ninggang mangsana urang baris paturay. Urang papada nyorang
jalan sewing-sewangan, ninggalkeun panineungan salami tilu taun babarengan, ngantunkeun ibu kalih
bapa guru anu parantos kalawan ikhlas ngatik ngadidik urang bari jeung pinuh ku rasa heman. Estu
matak abot liwat saking kanggo ngabangbalerkeunana. Namung, dalah dikumaha da tos janten hiji
kailaharkeun yen aya mangsana dating tangtos hiji wanci mah bakal aya mangsana miang.

Tilu taun kuring saparakanca nyuprih elmu di ieu sakola, estu seueur pisan kajantenan anu karandapan,
aya anu pikasediheun, aya nu pikakeuheuleun, naming seuseueurna mah anu pikabungaheun. Sadayana
awor janten hiji pangalaman anu kacida pisan ageing ajenna kanggo lalampahan dina mangsa nu bade
dongkap.

Sagala rupi pangaweruh anu parantos katampi ti bapa kalih Ibu Guru mangrupi bekel kanggo sim kuring
saparakanca dina ngambah sagara kahirupan pikahareupan, anu tangtosan bakal kacida mongklengna
saupami simkuring saparakanca henteu kenging palita panungtun ti Ibu kalih Bapa sadaya di ieu sakola.
Moal kareka ku basa , moal kangggit ku dangding, katumarimana sim kuring saparakanca, estu beurat
nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana sagala rupi jasa sareng kasaean Bapa Ibu Guru anu
parantos pinuh ku kasabaran sareng kaheman ngatik ngadidik sim kuring saparakanca. Aning Allah SWT.
Anu baris tiasa maparin walesanana.Mungguh sim kuring saparakanca mung ukur tiasa ngedalakeun
janji rehna sagala rupi elmu pangaweruh sareng sagala amanat ibu kalih bapa moal di simpen di handap-
handap ,estu disuhunna embun-embunan, di catet na ati sanubari ,anu saterasna bade dianggo tuduh
jalan dina raraga lumampah di alam pawenangan.

Salami ieu tangtos seurur pisan ucap,rengkak,sareng paripolah sim kiring saparakanca anu parantos
ngajaheutkeun kana manah ibu kalih bapa guru.ku kituna,dina danget ieu seja neda jembar
sihapunteuna.rumaos salami tilu taun aya dina pangkonan ibu sareng bapa the sim kuring saparakanca
sok remen bedang basangkal, sakali deui mugia heunteu janten kekelingati, rengat manah ibu sareng
Bapa.

Kaparakanca,poe ieu urang baris paturay, urang baris lumamapah dina bagja sewang-sewangan, anjeun
boa ka mana kuring ge biheung ka mendi. Tapi sing percaya kanca,yen sagala rupa anu geus karandapan
ku urang salila leumpang babarengan,baris jadi hiji panineungan anu bakal ngwarnaan kana kahirupan
urang dina mangsa nu bakal dating .Sarta sing yakin sanajan urang engke paturay,estu mungguh lahirna
wungkul, sedeng mungguh batin mah baris tetep cumantel. Ka mana bae urang lumampah panineungan
mangsa urang babarengan hamo bias ditinggalkeun.

Pamungkas ,simkuring saparakanca siswa kelas salapan SMP Guru Minda ,seja ngedalkeun

“ Gunung guntur gunung Guntur

Tumpak sado ka cantigi

Amit mundur amit mundur

Waktosna parantos dugi”

“sapu nyere pegat simpay

Paturay patepang deui”

Cag urang teundeun di handeleum hieum, tunda di hanjuang

Siang,paranti nyokot ninggalkeun, mangsa dating mugia patepang deui. Bobo sapanon,carang
sapakan,langkung saur,bahe carek neda jembar pangahampura.

Billahi taufiq wal hidayah, Wassalamualaikum warohmatullahi wabarokatuh.

You might also like